Jumat, 23 Oktober 2009

Washiyat Sayyidina Umar bin Khoththob ra.

Sayyidina Umar Bin Khothob kholifah kadua saparantos Abu Bakar, parantos sasauran sakumaha nu kacutat Dina kitab “Natsrud Durr” Karangan Abu Sa’id Manshur Ibnul Husain Al-Abi, anjeunna ngauningakeunn dina khothbah-na ngeunaan gambaran kaayaan dunya. “Yén dunya téh wungkul angen-angen, harepan atawa cita-cita semu nu bakal ilang, dunya téh tempat ngurangan-na umur, jeung nu utamanamah dunya téh mangrupakeun jalan pikeun nuju ka alam akhérat, anu bakal dihalaran heula ku lalampahan maot. Ku kituna, kacida bagja jeung untung, pikeun jalma-jalma nu salalawasna nimbang-nimbang amal nu dipilampah-na, salalawasna nyadarkeun diri, bari ngalakukeun muroqobah atawa nancebkeun rasa dina dirina yén salawasna Alloh ningali, bari ditungtungan ku menta dihampura tina sagala dosa nu geus jeung arek dipilampah”.
Sayyidina Umar tos masihan tilu isyarat ka urang sadayana, ngeunaan gambaran kaayaan alam dunya. Nu kahiji anjeunna ngagambarkeun alam dunya téh ukur angen-angen, wungkul harepan atawa cita-cita semu nu bakal ilang sirna, Sabab, dunya sareng kaéndahan nu aya dijerona, wungkul kaéndahan anu semu, kaéndahan anu nipu, sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an:
.... أَلدُّنْيَا مَتَاعُ اْلغُرُوْر
“... Ari Dunya téh, nyaéta papaés anu semu papaés nu nipu”
Maksudna, yén cita-cita, harepan, kahayang, jeung sajabana. Anu aya dina diri manusa jeung makhluk nu ngisian ieu alam dunya, kabéh ogé kapangaruhan ku sifat alam dunya, nyatana alam dunya téh boga sifat ‘fana’ atawa ‘rusak’. Jadi, Moal aya nu lana salilana, kabéh ogé ka keunaan ku rusak. Mémang sagala rencana, sagala cita-cita di alam dunya, mungguh syaré'atmah saban jalma bisa ngahontal kana cita-citana, tapi hakékatnamah éta cita-cita téh ukur pangbubungah, ukur fatamorgana, nu hiji waktu bakal ilang sirna, sabab moal salalawasna hiji jalma ngalungguhan kana cita-cita nu dipikahayangna. Sabab, bakal dipungkas ku hiji mangsa, yén manusa téh kudu pisah jeung dunya-na, kudu pisah jeung cita-citana, kudu pisah jeung nu dipikameumeutna, nya maot pingaraneuna-na. Tapi didieu, sanés hartosna urang sadaya dilarang mibanda cita-cita atawa harepan, cita-cita jeung harepan wajib dipiboga, komo miharep kana rahmat sareng ridho Alloh-mah fardhu ayana. Sabab ka asup dosa lamun hiji jalma peunggas harepan/putus asa. Sakumaha dawuhan Alloh:
قُلْ يَا عِبَادِيَ الَّذِينَ أَسْرَفُوا عَلَى أَنفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوا مِن رَّحْمَةِ اللَّهِ إِنَّ اللَّهَ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ جَمِيعاً إِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيمُ (ألزمر:53)
“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad): “Yeuh Hamba-hamba Kami nu geus kaleuleuwihi tur ngarugikeun disi sorangan. Tong peunggas harepan tina rohmat Alloh. Saéstuna Alloh Maha Lautan Hampura kana sagala dosa, tur Manten-Na Maha Ngahampura tur Maha Héman”. (Al-Qur’an Surat Az-Zumar: 53).
Nu kadua, isyarat nu diuningakeun ku Sayyidina Umar ngeunaan dunya, nyaéta yén dunya téh tempat ngurangan-na umur. Hal ieu téh dumasar kana Dawuhan Alloh swt. dina surat Yaasin ayat 68:
وَمَنْ نُعَمِّرْهُ نُنَكِّسْهُ فِى اْلخَلْقِ أَفَلاَ يَعْقِلُوْنَ (يس:68)
“Jeung saha-saha nu ku Kami (saur Alloh) dipanjangkeun umurna, tanwande maranéhna ku Kami bakal dibalikkan ka saasal (pikun cara barudak) tapi naha maranéh teu malikir"
Sareng dawuhan Alloh nu sanésna:
وَلِكُلِّ أُمَّةٍ أَجَلُّ فَإِذَا جَآءَ أَجَلُهُمْ لاَ يَسْتَأْخِرُوْنَ سَآعَة ًوَلاَ يَسْتَقْدِمُوْنَ
“Jeung tiap-tiap umat mibanda bates waktu, maka nalika geus cunduk kana bates waktuna maranéhna hamo bisa ngundurkeun najan sakeudeung jeung hamo bisa dipajukeun”.
Didieu tos jelas, yén dunya téh mangrupakeun tempat ngurangan-na umur, mungguh syaré'atmah ti taun ka taun umur téh nambah, tapi mungguhing hakékatmah umur urang téh ngurangan. Malihan lain umur wungkul nu ngurangan téh, coba lamun ditafakuranmah nu umurna geus 40 ka luhur, kakutan ogé geus mulai di kurangan, ti mimiti buuk nu hideung robah warna adi bodas, kulit kenceng robah jadi karijut, kakuatan pikiran geus mulai kaeunteupan panyakit poho, paningal geus kudu dibantuan ku alat, awak nu tadina kuat jadi rarempo lemah, pangadangu jadi saliwang, huntu geus mulai caroplok-kan, jeung sajabana ti éta. Jadi jelas, dunya jeung pangeusina téh, kalebet urang sadayana aya ukuran waktu-waktuna. Anu éta ukuran waktu téh mangrupakeun bates katangtuan Alloh swt. anu hamo bisa diganggu gugat. Lamun geus nepi kana waktu nu ditangtukeun, taya pajabat taya rahayat, taya konglomerat taya nu malarat, saupamina ajal tos sumping, hamo bisa di embung-embung, hamo bisa di engke-engke, hamo bisa ditahan-tahan, sadayana bakal ngajolor ngabanusan, nya mayyit pingaraneunana. Kukituna gunakeun kasempétan hirup ieu kalayan sakumaha mistina, tur kudu saluyu reujeung kahoyong nu maparin kahirupan nyatana Alloh. urang kedah ngudag Dawuhan Rosululloh saw.:
“Khoerun-Naas Man Thoola Umuruhu Wa Hasuna‘Amaluhu”. “Panghadé-hadéna Manusa nyaéta nu dipaparin panjang umur ku Alloh bari hadé dina laku lampah-na”, Salajengna Isyarat nu katilu, nyatana sayyidina Umar ngauningakeun nu utama, yén dunya téh mangrupakeun jalan pikeun nuju ka alam akhérat, anu bakal dihalaran heula ku lalampahan maot, saluyu sareng Dawuhan Rosululloh saw.:
“Dunya téh pepelakan-na akhérat”.
Hartosna, dunya téh sawahna, dunya téh kebonna, kahadéaan nu dipelak di dunya, maka jaga dipanen-na di akhérat, tegesna, dunya tempat kukumpul, akhérat tempat metik hasilna. Tinggal milih sawah nu kumaha, kebon nu mana nu rek digarap, naha sawah kamaksiatan, atawa sawah kata’atan ? lamun sawah kata’atan geura pupuk jeung digemuk ku kaimanan jeung amal ka-sholéhan. Ngarah jaga di akhérat dina metik hasil ngala buah téh mucekil tur nyugemakéun. Kitu ge sabalikna lamun milihna sawah kajahatan atawa kamaksiyatan, maka geura pupuk jeung gemuk ku hal-hal nu matak alloh bendu. Da lamun dipikir-pikirmah gampang hirup mah, tinggal pilih antara dua jalan, naha rek jalan salamet ? atawa jalan nu matak cilaka ?. Pan tos jelas dina diri manusa ogé geus dibere ku Alloh dua potensi:
Potensi nu kahiji nyéta Fujuur, hartosna jahat, nu kadua potensi kataqwaan tegesna potensi kahadéaan, tinggal pilih nu mana nu rek diturutan, naha potensi fujuur atawa jahat nu temahna matak cilaka nu ku urang diturut ?. Atawa kataqwaan nu akhirna bakal mawa kana kabagjaan jeung kasalamétan nu ku urang di pibanda. Kukituna Sayyidina umar dina akhir khutbahna ditungtungan ku Washiyat, yén “Kacida bagja jeung untung, pikeun jalma-jalma nu salalawasna nimbang-nimbang amal nu dipilampah-na, salalawasna nyadarkeun diri, bari ngalakukeun muroqobah atawa nancebkeun rasa dina dirina yén salawasna Alloh ningali, bari ditungtungan ku menta dihampura tina sagala dosa nu geus jeung arek dipilampah” .
Jadi, mangga ti ayeuna kénéh urang sadayana nimbang-nimbang amal, ngayakeun evaluasi, muhasabah diri sangkan salawasna diri urang aya dina ka sadaran yén diri urang téh lemah, diri urang taya tangan pangawasa, sagala nu aya, sagala nu dipibanda, urang teu boga hak pikeun ngaku komo bari umaku, étamah sadayana hak milik Alloh swt. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu dipikaridho ku Alloh ku sabab wasilahna urang sadaya jadi jalma nu Muslim bari ngalaksanakeun ajaran ka islaman, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
Wallohu A’lam Bish-Showab

Tidak ada komentar: