Jumat, 23 Oktober 2009

Kautamaan Maca Sholawat

إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيما ً(الأحزاب:56)
”Saéstuna Alloh katut malaikat-malaikat-Na ngucapkeun sholawat pikeun Nabi. Yeuh jalma-jalma nu ariman ! arucapkeun sholawat ka maranéhna, jeung ucapkeun salam kahurmatan kalawan saéstuna”. (QS. Al-Ahzab, 33: 56)
Sholawat ti Alloh ka hamba-hamba-Na ngandung harti pujian ti Alloh ka maranéhna (para nabi) di payuneun malail'ala. Dihandap ieu dawuhan-dawuhan Rosululloh saw. Ngeunaan kautaman sholawat ka Rosululloh saw., diantarna nyaéta:
Rasululloh shallAlloh u 'alaihi wasallam ngadawuh: ”Nalika aranjeun ngadéngé adzan, maka jawab saperti naon nu diucapkeun ku muadzdzin, tuluy ucapkeun sholawat ka kami. Sabab, sing saha jalmana nu ngucapkeun sholawat sakali, maka Alloh bakal males ku kahadéan sapuluh kali, tuluy nyuhunkeun ka Alloh pikeun kami wasilah, sabab wasilah nyaéta kalungguhan di sawarga nu teu pantes iwal pikeun jalma diantara hamba-hamba-Na jeung kami éstu miharep jadi jalma nu bisa nempatan éta kalungguhan. Jeung sing saha jalma nu menta wasilah maka manéhna bakal meunang syafaat ti kami.” (HR. Muslim).
Ogé dina dawuhan Rosululloh saw. Hadits nu sanésna: ”Saéstuna tina poé-poé anjeun nu paling utama nyaéta poé juma’ah., dina poé éta Adam 'alaihis salam diciptakeun, jeung dina poé éta anjeunna pupus, dina poé éta ditiupna sangkakala (tiupan kahiji nu dina poé ditiupna éta sangkakala alam dunya ancur lebur), dina poé éta lumangsung binasana sakabéh makhluq ( kajaba nu dikersakeun ku Alloh ), ku sabab kitu, lobakeun ngucapkeun sholawat pikeun kami dina poé éta, sabab sholawat anjeun bakal ditingalikeun ka kami. Para shohabat naros : ”Ya Rosulululloh ! kumaha ditingalikeun ka salira ucapan sholawat abdi-abdi sadaya, sedengkeun salira tos ancur lebur? maka Rosululloh shallAlloh u 'alaihi wasallam ngadawuh: Saéstuna Alloh ngaharamkeun bumi pikeun ngahancurkeun jasad para Nabi. (HR. Abu Daud, sareng parantos dishahihkeun ku Imam An-Nawawi dina kitab Riyadhus shalihin, ogé ku Syaikh Albani dina kitabna shahihil Jami'. 2212)
Sareng dina dawuhanana deui:“Ulah ngajadikeun imah-imah anjeun saperti kuburan (teu dibacakeun Al-Qur’an, teu dilaksanakeun di jero imah éta sholat jeung ibadah lianna) ogé poma ulah ngajadikeun kuburan kami hiji tempat nu salawasna jadi tempat nu dixziarahan kalayang tuluy-tuluy. Ucapkeun sholawat pikeun kami, sabab shoalwat anjeun bakal nepi ka kami dimana baé anjeun ayana.” (H. R. Abu Daud jeung dishahihkeunn ku Imam An-Nawawi ogé ku imam Albani dina kitab shahih al-Jami' 7226)
Ogé dina Dawuhan Rosululloh nu sanés:”Teu aya salah saurang diantara anjeun dimana ngucapkeun sholawat jeung salam ka kami, anging Alloh mulangkeun roh kami kana jasad kami sahingga bisa males kana sholawat jeung salam ti hamba kami tadi” (HR. Abu Daud sareng tos dishahihkan ku Imam An-Nawawi ogé Imam Albani dina kitab shahih al-Jami' 5679).
Cilaka pikeun jalma nu nalika aran kami disebut, tuluy manéhna teu ngucapkeun sholawat ka kami (HR. Tirmidzi sareng dishahihkeun ku Imam Albani dina kitab shahih Al-Jami' 3510)
Rosululloh shallAlloh u 'alaihi wasallam ngagaduhan hak nu kudu ditedunan ku ummatna, diantara hak nu kasebut nyaéta kawajiban mikacintana, jeung tina kacintaan éta nyaéta ku ngalobakeun maca sholawat ka anjeunna dina saban waktu, sareng Alloh tos maréntahkeun kaum mu'minin pikeun ngalakukeun hal éta tur ngajangjikeun ka maranéhna nu rajin maca sholawat ku ganjaran nu agung, sareng Rasululloh shallAlloh u 'alaihi wasallam maparin peringétan ka sing saha baé jalmana nalika asma anjeunna di sebat tuluy manéhna teu ngucapkeun sholawat, maka pikeun manéhna kahinaan jeung kacilakaan. Malihan disebut jalmi nu korét.
Sedengkeun hikmah nu tiasa dicandak dina pedaran munggara téh nyaéta: Diparéntahkeunna ngucapkeun sholawat pikeun Kanjeng Nabi shallAlloh u 'alaihi wasallam . sareng disunnahkeunnna ngalobakeun ngucapkeun sholawat ka Nabi shallAlloh u 'alaihi wasallam khususna dina poé Juma'at. Balesan nu agung pikeun maranéhna nu ngucapkeun sholawat ka kanjeng Nabi shallAlloh u 'alaihi wasallam.
Wallohu a’lam bish-showab.

Tidak ada komentar: