Jumat, 23 Oktober 2009

Syahadat Muhammad Rosululloh saw. Makna jeung Konskwensina

Satiap Muslim pasti mere kasaksian, ngaku yén satemenna Kanjeng Nabi Muhammad SAW. téh hamba jeung utusan Alloh SWT., tapi teu sakabéh umat nu ngaku Islam jeung nu ngaku iman paham tur ngarti kana hakékat nu bener tur ngeuna kana makna syahadat Muhammad Rosululloh, jeung ogé teu sakabéh umat isalm paham kana tuntutan jeung konsekuensi atanapi resiko jeung tanggungjwab nu kudu dilaksanakeun sanggeus ngikrarkeun syahadat éta. Dumasar kana hal éta pisan maka dina leresana ieu mangga urang guar deui makna nu bener tina syahadat Muhammad Rosululloh saw. jeung konsekuensina atanapi resiko jeung tanggungjwab nu kudu dilaksanakeun sanggeus ngikrarkeun syahadat éta.
Makna tina syahadat Muhammad Rosululloh saw., teu aya sanés minangka pangakuan lahir batin ti saurang jalma nu ngaku Islam jeung nu ngaku iman, tegesna nu Muslim jeung Mu’min. Yén satemenna Kanjeng Nabi Muhammad SAW. éta téh hamba jeung utusan Alloh , Abdullah wa Rasuluhu nu diutus pikeun sakabéh manusa di ieu alam dunya. Nu anjeunna téh minangka panutup para rasul-rasul samemehna.
Didieu urang bisa nyokot kacindekkan yén nu kacida penting tina syahadat Muhammad Rosululloh saw. aya dua hal, nu kahiji yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. Téh abdullah (hamba Alloh ) jeung nu kadua yén Mantenna téh Rosululloh tegesna utusan Alloh swt nu nyandak risalah nu kudu disebarkeun ka manusa nu aya di ieu alam dunya. Dua hal ieu mangrupakeun rukun syahadat Muhammad Rosululloh saw.
قُلْ إِنَّمَا أَنَا بَشَرٌ مِّثْلُكُمْ يُوحَى إِلَيَّ ... (ألكهف:110)
“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad): "Saéstuna Kami téh saukur manusa biasa saperti maranéh, (ukur nu jadi beda anatara maranéh jeung kami téh) kami dibere wahyu ......” (Al-Kahfi: 110).
Syaikh Muhammad bin Shalih Al-Utsaimin ngajelaskeun: yén dina ayat nu munggaran, Alloh maréntahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw. pikeun ngabéwarakeun ka manusa kalebet urang sadayana yén mantena nyalira téh saurang hamba sami reujeung urang sadayana, sanés Rabb atanapi Pangéran.
إِنَّمَا أَنَا عَبْدٌ فَقُوْلُوْا عَبْدُ اللهِ وَرَسُوْلُهُ.
“Kami téh ngan saukur hamba sarua reujeung maranéh sakabéh, maka pok ucapkeun ku maranéh sakabéh yén kami téh hamba Alloh jeung Rasul-Na”. (HR. Al-Bukhari dan Muslim).
Makna ‘Abdulloh’ didieu yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. Teu boga hak dina urusan rububiyah (Kapangéranan) jeung dina hal-hal nu jadi kaistiméwaan Alloh . Kayakinan yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. hamba Alloh nuntut ka urang sadayana pikeun nempatkeun Mantenna dina tempat nu samistina, teu ngaleuwihkeun-leuwihkeun Mantena ku darajat nu teu sakuduna, sabab mantenna ngan saukur hamba Alloh nu teu mungkin naek darajatna jadi Rabb atanapi Pangéran. Kalebet ajaran nu kacida sasarna lamun aya kayakinan yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. bisa ngadatangkeun manfaat tur nolak mudharat sabab hal étamah hak mutlak Alloh salaku Rabb.
قُلْ إِنِّي لَا أَمْلِكُ لَكُمْ ضَرّاً وَلَا رَشَداً
"Pok Ucapkeun ku Anjeun Muhammad: "satemenna Kami teu kuasa ngadatangkeun kamudharatan ka arajeun sakabéh ogé teu bisa mere kemanfaatan". (Al-Jin; 21).
Tapi didieu aya sapalih ulama nu nyarios kalayan boga pamadeggan yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. minangka wasilah atanapi cukang dina nalika urang ngajengkeun do’a ka Alloh swt. Tuluy Kecap “Muhammadur-Rosululloh” nuntut ka urangs sadayanakita pikeun percaya sagemblengna kana risalah nu di dugikeun ku mantenna, ngalaksanakeun ibadah kalayan syare’at nu dicandak ku mantenna, teu ngabohongkeun, teu nolak kana naon-naon nu ku mantenna dicarioskeun ogé nu dilakukan.
Saurang Muslim nu iman atanapi percaya yén Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh hamba sareng utusan Alloh , dituntut pikeun ngawujudkeuun sababaraha hal minangka bukti tina kaimanannana. Anapon Hal-hal nu wajib diwujudkeun nu minangka konsekuensi syahadat Muhammad Rosululloh dinatarana baé:
Nu kahiji, Ngabenerkeun tur narima kana sagala cariosan khabar nu sumpingna ti Rosululloh saw.
Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh Rosululloh utusan Alloh nu diistiméwakeun ti manusa séjénna kalayan wahyu, maka nalika Mantenna masihan béja nu katukang ogé nu bakal datang, maka béja éta téh sumberna tina wahyu Alloh swt nu kabenerannana teu meunang diragukeun deui. Ari béja-béja nu sumpingna ti Rosululloh saw. Nu wajib ku urang ditarima terima téh diantarana baé: béja ngeunaan tanda-tanda datangna poé kiamat, saperti bijilna dajjal, turunna Nabi Isa, sumiratna panon poé ti beulah kulon, béja ngeunaan patarosan di alam kubur; Adzab jeung nikmat kubur, pon kitu kénéh béja ngeunaan datangna malaikat maut dina bentuk manusa ka Nabi Musa as. pikeun nyabut nyawana tuluy ku Kanjeng Nabi Musa ditampiling sahingga rusak salah sahiji matana.
Sadayana béja nu munggaran téh ogé béja-béja nu séjén nu nyoko ngamuara tina hadits-hadits shahih, urang sadayana wajib percaya. Ulah sakali-kali urang sadayana ngabohongkeun ku alesan yén béja éta téh teu asup kana akal séhat atanapi teu luyu reujeung kaayaan zaman ayeuna.
Nu kadua, nurut tumut ka Rosululloh saw.
Saurang muslim wajib taat ka Rosululloh saw. minangka perwujudan sikap tina pangakuan kana karasulan mantenna.
مَّنْ يُطِعِ الرَّسُولَ فَقَدْ أَطَاعَ اللّهَ وَمَن تَوَلَّى فَمَا أَرْسَلْنَاكَ عَلَيْهِمْ حَفِيظاً
“Sing saha jalmana nu taat, turut tumut ka Rasul, satemenna manéhna geus taat ka Alloh ”. (Al-Nisaa’; 80)
Syaikh Abdur Rahman Nasir As Sa'ady cumarios: satiap jalma nu taat ka Rosululloh Shallallaahu alaihi wasallam dina paréntah-paréntahna jeung nebihan sagala nu dilarang ku Mantenna. Maka manéhna geus kaasup taat ka Alloh swt, sabab Rosululloh saw teu maréntahkeun jeung ngalarang kacuali kalayan paréntah, syare’at jeung wahyu ti Alloh swt
Syaikh As-Sa'dy cumarios: “Alloh sumpah kalayan ku dirina nyalira nu mulia, yén teu asup iman sahingga maranéhna ngajadikeun Rasul-Na salaku hakim dina masalah-masalah nu dipersulayakan diantara maranéhna”. Salajengna Syaikh As-Sa'dy cumarios deui: “Jeung maké hukum (ngajadikeun hakim diri Rosululloh saw) ieu teu acan cukup, sahingga maranéhna narima hukumna kalayan pinuh ku kataatan jeung kaikhlasan”.
Kedah janten émutan yén sikep panolakan kana hukum Rosululloh saw. dina masalah-masalah ikhtilaf persulayan éta kaasup sifat kaum munafikin
وَإِذَا قِيلَ لَهُمْ تَعَالَوْاْ إِلَى مَا أَنزَلَ اللّهُ وَإِلَى الرَّسُولِ رَأَيْتَ الْمُنَافِقِينَ يَصُدُّونَ عَنكَ صُدُوداً
“Dimana dicaritakeun ka maranéhna: "hayu maranéh nurut kana hukum nu Alloh geus nurunkeun ogé kana hukum- hukum nu geus ditetepkeun ku Rasul-Na", maka maranéh bakal ningali jalma-jalma munafik nu ngahalangan, nu ngantégan ka maranéh kalayan sakuat-kuatna”. (An Nisaa'; 61).
Ibnu Abbas Cumarios: “Hampir baé Alloh ngahujanan maranéh kabéh ku batu-batu ti langit; Rosululloh saw. parantos ngadawuh kieu., sedengkeun aranjeun nyarita Tapi Abu Bakar jeung Umar cumarios kieu”. As-Syaikh Al-Utsaimin nyarios: “Lamun salah saurang ngagunakeun ucapan sayyidina Abu Bakar ra. sareng sayyidina Umar ra. pikeun nolak atawa nangtang kana dawuhan Rosululloh saw bisa nyababkeun turunna siksa; hujan batu, maka kumaha kaayaanna lamun urang nu nangtang jeung nolak kana dawuhan Rosululloh saw. Nu darajatna sahandapeun marantenna” Wallohu A’lam Bish-Showab.

1 komentar:

Anonim mengatakan...

kunaon teuaya deui tulisan anu enggal diantos pisan margi seureur pisan manfaatna mangga diantos pisan