Jumat, 23 Oktober 2009

Cara Nangkis Godaan Syétan

Imam Al-Ghazali nyarios: “Nganyahokeun tipu muslihat syétan hukumna fardhu 'ain pikeun setiap muslim”. Tapi, kalolobaana manusa leuwih resep kana pangaweruh nu justru ngagampangkeun jalan asupna syétan pikeun mangatuhan haté jeung pikiran. Misalna, maca carita-carita porno, ningali situs-situs jeung gambar-gambar porno, ogé ningali film-film porno. Na'uzhubillahi min dzalik. Komo di zaman ayeuna, ti mimiti hudang sare nepi ka sare deui urang dhareupkeun ku mangpirang-pirang godaan nu bisa nurunkeun kaimanan. Satiap kali leumpang, di hareupeun urang katingal baliho-baliho iklan nu mintonkeun gambar-gambar nu teu pantes ditingalina. Atawa majalah-majalah porno nu dijual di sisi-sisi jalan pileumpangeun. Ieu téh tipu daya syétan.
Sering hawa nafsu ngadorong urang pikeun ningali nu leuwih jelas. Tapi, urang kadang arang langka ngotektak pikeun neuleuman elmu-elmu nu aya hubunganna jeung godaan syétan ogé tipu dayana. Padahal, syétan ngagoda manusa 24 jam pinuh. Maka, teu mungkin jalma bisa salamet tinai godaan syétan, kajabana manéhna nyaho kana elmuna.
Al-Hasan pernah ditaros: "Naha syétan téh sok sare?" bari mesem anjeunna ngawaler: "lamun syétan sare, urang bisa istirahat."
Miturut Imam Al-Ghazali, pagsaeutik-eutikna aya genep cara nu bisa digunakeun pikeun nagkis tipu daya syétan.
Nu kahiji, supaya syétan kuru maka kudu ngalobakeun dzikir. Rosululloh Saw. Ngadawuh: "Saéstuna jalma mukmin éta bisa ngajadikeun syétan jadi begang, sakumaha salah saurang ngajadikeun begang dina lalampahan” Ruang gerak syétan bakal mingkin heureut jeung hamo aya kasempétan pikeun ngagoda manusaa, nalika manéhna salawasna dzikir, émut ka Alloh , boh dia kaayaan nangtung, diuk ogé bari ngagoler.
Nu Kadua, teu ngadeukeutan tempat maksiat jeung teu maturan ka jalma-jalma nu loba ngieun dosa.
Nu Katilu, salalawasna inget yén syétan bakal ngagebruskeun jeung nyasarkeun manusa.
Nu Kaopat, salawasna waspada yén syétan bakal miluruh batur pikeun jadi ahli neraka Sa'ir Kalima, ngosongkeun beuteung (puasa).
Nu Kagenep, iman jeung tawakkal ka Alloh .
Wallohu A’lam Bish-Showab.

Tidak ada komentar: