Jumat, 23 Oktober 2009

Leungitna Gaya Hirup Islami

مَنْ تَشَبَّهَ بِقَوْمٍ فَهُوَ مِنْهُمْ. (رواه أبو داود وأحمد عن ابن عباس).
“Sing saha jalamana nu nyarupaan (tasyabuh) hiji kaum, maka manéhna geus kagolong kana kaum éta” (HR. Abu Dawud dan Ahmad, ti Ibnu Abbas Radhiallaahu Anhu).
Aya dua hal nu disuprih ku manusa dina kahirupan di alam dunya ieu. Nu kahiji, kahadéan (al-khair), jeung nu kadua kabagjaan (as-sa’adah). Nu jadi ngabedakeun téh, nyatea dina masalah ngamaknaan ngeunaan hakékat tina dua perkara éta. Nu hal ieu téh jadi ksang tukang tumuwuhna mangurang-pirang gaya hirup manusa. Dina islam gaya hirup digolongkeun kana dua bentuk: 1) gaya hirup Islami, jeung 2) gaya hirup jahiliyah. Gaya hirup Islami mibanda dadasar nu mutlak jeung kuat, nyaéta Tauhid. Ikuatna tauhid minangka dadasar gaya hirup pikeun jalma-jalma nu airman. Anapon gaya hirup jahiliyah, dadasarna nayéta mibanda sifat nu relative jeung koropos, gampangan, tegesna teu mibanda kaistiqomahan. Diantarana nyaéta matrealistis, hedonisme, mumusuhan jeung nu kacida parahna ayana sifat syirik/musyrik. Ieu kabéh téh biasana ngancik di jalma-jalma kafir.
Satiap Muslim geus sakuduna malah wajib hukumna pikeun milih gaya hirup Islami dina ngajalankeun jeung ngeusian kahirupan di alam dunya ieu. Sakumaha dawuhan Alloh swt. dina Q.S. Yusuf ayat 108:
“Pok ucapkeun (Muhammad): “Ieu jalan (agama) kami, kami jeung jalma-jalma nu milu nurut-tumut kana ajakan kami jeung ngajak (maranéh) ka Alloh kalayan hujjah nu nyata, Maha Suci Alloh , jeung kami teu ka asup ka golongan jalma-jalma musyrik”. (QS. Yusuf: 108).
Dumasar ayat di luhur, jelas yén gaya hirup Islami hukumna wajib pikeun satiap Muslim, jeung gaya hirup jahiliyah haram hukumna pikeun manéhna. Naming, nu jadi permasalahan zaman kiwari ku ningali kanyataan nu lumangsung, justru ngajadikeun urang kacida prihatin jeung manghanjalkeun, sabab justru gaya hirup jahiliyah (nu diharamkeun) éta malah ngalimpudan sabagian gede kahirupan umat Islam. Gambaran ieu persis saperti nu pernah diinformasikeun ku Rosululloh Shallallaahu alaihi wa Salam . ngalangkungan dawuhanana nu sumberna ti Imam Abu Hurairoh r.a diriwayatkeun ku Imam bukhari:
“Moal bakal datang kiamat, samemeh umat kami milu biluk kana tapak lacak umat sababaraha abad samemehna, sajengkal demi sajengkal jeung sa-asta demi sa-asta”. Aya shohabat naros:, “Ya Rasululloh, (nu dimaksad téh) milu biluk ka ura Persia jeung Romawi?” Anjeunna Ngawaler: “Saha deui lamun lain maranéhna?” (HR. Al-Bukhari ti Abu Hurairah ra. shahih).
Sareng riwayat nu sanés: “Saéstuna maranéh bakal milu biluk kana tapak lacak jalma-jalma samemeh maranéh, sajeungkal demi sajeungkal jeung sa-asta demi sa-asta, sahingga najan maranéhna asup kana liang bayawak ge, tanwande maranéh bakal tetep milu”. Kami (para shahabat) tumaros: ”Ya Rasululloh, (naha nu dimaksud téh) urang Yahudi jeung Nasrani?” waler Anjeunna:, “saha deui (lamun lain maranéhnamah) ?” (HR. Al-Bukhari ti Abu Sa’id Al-Khudri z, shahih).
Hadits nu munggaran ngagambarkeun hiji zaman di mana sabagian gede umat Islam geus kaleungitan kapribadian islamna, ku sabab jiwa maranéhna geus kapangaruhan ku kapribadian nu lian. Maranéhna kaleungitan gaya hirup nu hakiki, sabab geus miconto gaya hirup modél séjén. Kirana teu aya kaleungitn nu pantes jadi kahariwang jeung kawatir, salian ti kaleungitan kapribadian jeung gaya hirup Islami. Sabab naon hartina ngaku Islam, lamun gaya hirup geus teu Islami? Lamun ha lieu geus lumangsung maka bisa disebut musibah gede .
Rasululloh Shallallaahu alaihi wa Salam ngadawuh: “Sing saha jalamana nu nyarupaan (tasyabuh) hiji kaum, maka manéhna geus kagolong kana kaum éta” (HR. Abu Dawud dan Ahmad, dari Ibnu Abbas Radhiallaahu anhu hasan).
Miturut hadits di luhur, jalma nu gaya hirupna geus nyarupaan umat nu séjén (tasyabbuh) maka hakékatna geus jadi maranéhna. Tuluy dina hal naon atuh apakah tasyabbuh éta téh ? Al-Munawi ngajelaskeun: “Tasyabuh (nyarupaan/niru-niru) hiji kaum, hartina niru sacara lahir boh dina pakean, tingkah laku, ogé adat istiadat tur budaya maranéhna”
Hiji di antarana tina mangpirang-pirang bentuk tasyabbuh nu geus ngabudaya jeung ngakar di masyarakat urang sadayana nyaéta pakean Muslimah. Mungkin ayeuna bisa kasebat bungah haté, urang sadayana ngarasa reueus, nalika ningali ku meuweuhna aneka modé busana Muslimah nu bisa disebut pikeun nyaingan modé-modé busana jahiliyah. Namung, sering urang ningali masih aya kénéh busana Muslimah nu teu nyumponan standar ukuran syari’at Islam. Kabuktian ku masih aya kénéh busana-busana Muslimah nu niru modé ningalikeun aurat ‘ ku heureutna bahan pakean, sahingga najan pakean éta nutupan sakujur badan/aurat tapi tetep bentuk badan masih katingali ku merecetna pakean nu dipake. Hal ieu téh nandakeun bukti najan modélna haying disebut busana muslimah, tapi ari tetep ningalikeun kandahan awakmah kaasup kénéh kana kajahiliyahan. Acan deui ku ningalikeun tingkah laku nu teu beda jeung zaman jahiliyah. Na’udzubillahi min dzalik. Ku hal sakitu, hayu urang nancebkeun rasa kasieun kana sagala ancaman Alloh nu bakal ditibankeun di akherat jaga. Tinangtu urang sadayana teu mikahayang diri urang pribadi katut kulawarga jadi ahli naraka . sing émut kana dawuhan Rasululloh Shallallaahu alaihi wa Salam: “Dua golongan ahli Naraka nu kami teu acan ningali maranéhna (di zaman kami) nyaéta hiji kaum nu mamawa cameti/pecut saperti buntut sapi, maranéhna neunggeulan/mecutan ku camet éta ka nu liana. (Nu kadua) nyaéta kaum wanoja nu maké busana (tapi kanyataan-na) taranjang (sabab ningalikeun aurat), leumpangna digutak-gitek (panampilana matak ngagoda), sirah maranéhna siga punduk onta (digoyang-goyang) . Maranéhna moal bakal asup ka sawarga, malah moal ngambeu bau seungit-seungit acan (éta sawarga), padahal bauna Sawarga éta bakal kaambeu tina jarak nu sakitu jauhna.”. (HR. Muslim, dari Abu Hurairah ra, shahih).
Lamun tasyabbuh tina aspék busana muslimah wungkul geus ngahancurkeun kapribadian umat, maka hamo aya alesan keur urang pikeun nagntep kitu baé. Sabab mun dititenan, ampir sakabéh aspék kahirupan umat Islam ayeuna geus tasyabbuh ka jalma-jalama kafir nu jelas-jelas gaya kahirupana gaya kahirupan jahiliyah. Minangka panutup dina tulisan ieu, simkuring ngajak khususna ka pribadi umumna ka sakabéh umat islam .
Wallohu A’lam Bish-Showab

Tidak ada komentar: