Jumat, 23 Oktober 2009

Makna ‘Abdiyyah jeung Isti’anah

Dawuhan Alloh swt. dina Al-Qur’an Surat Adz-Dzariyat ayat 56, Manten-Na ngauningakeun ngeunaan tujuan manusa jeung jin diciptakeun. Yén diciptakeunna manusa jeung jin téh, taya kajaba wungkul keur ibadah. Cindekna, Lamun manusa tugasna wungkul pikeun ibadah, maka manusa disebut ‘abid nu hartosna bujang, ari bujang tugasna pikeun ngalaksanakeun naon nu diparéntah, ogé ninggalkeun sagala hal nu dilarang ku dunungan. Tah didieu, nu jadi dunungan manusa jeung jin téh, taya lian nyaéta sang Kholik, tegesna nu nyiptakeun. Saha ? Alloh Robbul Alamin.
Jadi, manusa téh abid, manusa téh bujang, tugas bujang nurut ka dunungan, saha nu jadi dunungan manusa ? Alloh swt. disebut wéh manusa téh mibanda sifat ‘Abdiyyah, hartosna boga sifat penghambaan. Sumujud, pasrah sumembah ti mimiti ucap, manah, lampah, léngkah sareng paripolah di sanggakeun ka nu jadi dunungan, nyatana Alloh swt. Tah éta posisi atanapi kadudukan sareng tugas hirup manusa di alam dunya téh, dina raraga ngeusian hirup sareng kahirupanana, supaya di isian tur di pinuhan waktu-waktuna ku jalan ibadah ka Alloh Robbul ‘Alamin.
Salajengna dina raraga nohonan tugas sareng kawajiban salaku abid. Alloh swt. ngagaduhan tujuan-tujuan nu tos diguratkeun, luyu jeung kafitrahan manusa. Ari fitrah manusa téh pan suci tur mulya, mulyana dimulyakeun ku Alloh وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِى آدَمَ ... (Bener-bener kami geus ngamulyakeun turunan anak adam ...). Timbul pertarosan.
Naon anu jadi ciri nu mandiri yén manusa téh mulya ?
Nu jadi sabab manusa téh mulya tur dimulyakeun ku Alloh swt. taya lian yén manusa téh di paparin ‘akal pikiran nu makhluk séjénmah teu bogaeun. Ku sabab kitu, Alloh maparin tugas ka manusa pikeun mulasara, miara ngamumulé, ngajaga, ngariksa ngadama-dama, béh dieuna, tur ngamanfaatkeun bari syukur béh dituna.
Naon nu kudu di pulasara, dipiara, dijaga diraksa, bari dimanfaatkeun téh ?. jawabanana: ‘Alam Dunya katut eusina’. Dumasar kana éta hal, maka Alloh swt. maparin gelar jeung tugas pikeun manusa. خَلِيْفَةُ فِى ْالأَرْضِ (Pamingpin di ieu alam dunya) Sakumaha dawuhan Alloh swt dina Al-Qur’an Surat Al-Baqarah Ayat 30:
وَإِذْقَالَ رَبُّكَ لِلْمَلآئِكَةِ إِنِّيْ جَاعِلٌ فِى اْلأَرْضِ خَِليْفَةَ....(ألبقرة:30)
"Jeung nalika Pangéran anjeun (Muhammad) ngadawuh ka para Malaikat: ‘Saéstuna kami arék ngajadikeun (ngangkat) khalifah (pamingpin) di bumi’ …"
Langkung atra pertélamah ngeunaan tugas manusa dijadikeun khalifah di alam dunya. Mangga titénan dina Qur’an Surat Yunus ayat 14 sareng Qur’an Surat Shaad ayat 26. Jadi, salian manusa diwajibkeun pikeun ibadah téh manusa ogé ngabogaan tugas nu séjén nyaéta jadi خَلِيْفَةُ فِى ْالأَرْضِ tegesna, jadi ‘pamingpin di alam dunya’.
Malihan ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. Ditegeskeun:
كُلُّكُمْ رَاعٍ , وَكُلُّكُمْ مَسْئُوْلٌ عَنْ رَاعِيَتِهِ .....الحديث
“Satiap anjeun téh pamingpin, jeung bakal ditanya, bakal dipénta pertanggungjawaban ngeunaan naon nu dipimpinna…” (Al-Hadits).
Dina raraga nohonan tugas salaku khalifah, Alloh swt teu ngantep kitu baé, ngarah dina ngalaksanakeun tugasna teu sagawayah, teu sambarangan, maka didieu Alloh swt. maparin élmuna, maparin patokan- patokan, maparin aturan, nyatana Agama. Agama didieu, tangtuna baé agama Islam, Agama nu dipikaridho ku Alloh swt. ngalangkungan risalah nu diamanatkeun ka Rosululloh Muhammad saw. (ِانَّ الدِّيْنَ عِنْدَاللهِ اْلإِسْلاَم ).
Ari tujuan agama dilungsurkeun, taya kajaba supaya manusa dina ngalaksanakeun tugas sareng kawajiban téh teu sagawayah. Sabab wungkul ku agama nu bisa nyalsékeun sagala masalah nu lumangsung di alam dunya. Disebut wéh, yén agama téh mangrupakeun pituduh, kalayan di beungkeut tur di cutat sagalana dina eusining kitab-kitab Alloh diantawisna Al-Qur’an. Tah dina kitab suci Al-Qur’an ngandung mangpirang-pirang patokan kahirupan, turta upamana baé, mun Al-Qur’an nu ngandung mangpirang-pirang patokan kahirupan téh dilaksanakeun atawa diamalkeun sakumaha mistina, maka tanwandé bakal ngawujud dina diri abid téh, hiji wujud tangtungan anu sampurna, nya nu disebut Insan Kamil téa.
Kukituna didieu Jelas, yén manusa hirup kudu jadi ‘Abid’ tur gaduh kalungguhan salaku kholifah di ieu alam dunya. Ku sabab éta manusa boga sifat ‘Abdiyyah, bujang, nu tugasna kudu tumut turut ka sang dunungan nyatana Alloh swt. sareng ngamumulé, ngaraksa ngariksa tur ngamanfa’atkeun naon-naon nu aya di ieu alam dunya.
Salajengna dina ngalaksanakeun kafitrahan salaku ‘abid ogé salaku kholifah. Urang dituntut ku Alloh Robbul ‘Alamin. Supaya ngabuktikeun bakti diri, séba raga téh kudu sabener-benerna,. Ngeunaan ha lieu pisan urang sadayana diajarkeun ku Al-Qur’an Dawuhan Alloh swt. dina surat Al-Fatihah anu sering ku urang di baca, khususna dina sholat, aya kalimat ayat nu unggelna kieu: ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (Wungkul ka anjeun jisim abdi ibadah sumembah, sareng wungkul ka anjeun gusti jisim abdi nyuhunkeun pitulung).
Kecapاِيَّاكَ dina ieu ayat, sapalih ahli tafsir ngajelaskeun:
أَْلفَاتِحَةُ سِرُّاْلقُرْآن, وَسِرُّهَاهَذِهِ اْلكَلِمَةِ
“Yén Al-Fatihah téh minangka rusiahna Al-Qur’an, tur rusiahna aya dina kalimat ieu, (nyatana kecap ‘Iyyaka).
Dina ayat ieu, kecap اِيَّاكَ dibulak-balik dua kali, hal ieu nandakeun yén aya dua rusiah, mun dibuka maknana maka kacida jembar hartina. Tegesna, yén dina dua kecap ieu aya dua kecap nu nuturkeunana, nyaéta nu ka hiji اِيَّاكَ نَعْبُدُ (wungkul ka anjeun gusti jisim abdi ibadah sumembah), nu ngandung harti, yén urang téh nauhidkeun ka Alloh swt. umaku bari ngaberesihkeun bathiniyah sareng lahiriyah khusuna patékadan urang tina hal-hal kamusyrikan. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi bukti pernyataan, tina pangakuan urang kana kalimat tauhid ) لاَإِلَهَ إِلاَّاللهTaya deui Pangéran nu wajib di ibadahan anging Alloh)
Ari harti kecap َنعْبُدُ , nyaéta "Kami atanapi abdi-abdi sadaya sumembah ibadah", aya ogé nu ngahartoskeun “Kata’atan abdi-abdi sadaya". Sabab, harti ibadah miturut bahasa, nyaéta kata’atan jeung ngaréndahkeun diri (depe-depe handap asor atanapi tawadhu’). Sedengkeun Mungguh syara,’ yén ibadah téh satiap ucapan, patékadan reujeung tingkah paripolah nu dilakukan kalayan ngudag kasampurnaan rasa mahabbah atanapi rasa cinta, tawadhu (depe-depe handap asor), rasa sieun, nu ditungtungan pikeun miharep ridho Alloh swt. Kecap َنعْبُدُ ogé tiasa disebat kecap nu mangrupakeun netepkeunnana hiji hamba kana sifat Rububiyyah atanapi rasa pangakuan dina mangeran-an Alloh swt.
Pangna jadi sabab kecap َنعْبُدُ ditiheulakeun, ieu nuduhkeun kana harti jeung maksud, yén ayana sifat ‘Abdiyyah atanapi penghambaan nu ngawéngku kana sifat hamba nu sumembah, hamo lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, seja sumembah wungkul ka Alloh swt. salian éta, kecap َنعْبُدُ ngandung makna, yén ibadah téh mangrupakeun tujuan, nu jadi wasilah atanapi marga lantaran turunna pitulung Alloh swt. Ku sabab kitu, maka ibadah kagolong hal anu utama tur nu kudu diutamakéun. Tegesna, upamana hiji hamba nu ngakhususkeun, atanapi nu ngautamakéun kana ibadah, maka tanwandé Alloh bakal maparin pitulung, pangraksa jeung pangriksa ka si éta hamba.
Salajengna nu kadua, nyaéta kalimat: ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (Wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi nyuhunkeun pitulung). kalimat ieu ngarupakeun pangakuan, rasa karumasaan, yén taya daya sareng upaya ogé kakuatan, anging kalayan pitulung Alloh swt. Sarta kapasrahan total ka Alloh swt. kalayan nyuhunkeun pitulungna. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi bukti pernyataan kana pangakuan urang kana kalimat:
لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم
(Taya daya, upaya reujeung kakuatan anging kalayan izin Alloh Dzat Nu Maha Luhur tur Nu Maha Agung).
Tegesna, dina palebah dieu pisan si hamba munajat, yén wungkul ka Alloh nyuhunkeun pitulung pikeun ta’at, tur nyuhunkeun dipaparin pitulung pikeun nyalsékeun ogé nghabebenah sagala pasualan-pasualan nu aya patula-patalina reujeung duniawiyah pikeun ngahontal mardhotillah. Tegesna, dina ucapan ieu bakal ngalahirkeun sikep nu jauh tina ujub, riya jeung takabur dina ngajalankeun ibadah ka Alloh swt. sabab, sagala nu di lakukeun ku hiji hamba nu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. ieu kabéh téh anging kalayan ridho sareng inayah ilahiyyah tegesna pitulung ti Alloh swt. Dumasar kana katerangan ieu, maka ngandung harti, yén dina katerangan ieu kudu ayana sifat ‘Isti’anah atanapi kapasrahan total ka Alloh dina raraga nyuhunkeun pitulung, pangraksa, pangriksa reujeung panyalindungan ka Mantenna.
Jadi luyu rejeung katerangan nu munggaran diuningakeun, nuduhkeun, yén nalika hiji hamba maca dawuhan Alloh swt. Surat Al-fatihah palebah ayat nu ka-5 nyaeta : ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ saolah-olah hiji hamba munajat ka Alloh swt ku caritaan:
“Duh Gusti nu Maha Suci, Dzat nu mibanda sifat-sifat kaagungan ogé kasampurnaan, nu mibanda pujian ogé nu hak dipuji, nu mibanda sifat Rohman sareng Rohim, tur pangawasa nu ngarajaan dina dintenan wawales ditibankeun ka abdi-abdi sadaya. Duh gusti pangéran Abdi nu sahiji, jisim abdi hamo badé sumembah kanu lian, anging wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi hamo neneda pitulung ka nu lian, anging wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi nyanggakeun sadaya-daya kata’atan, kakhusyu’an, nu ditujukeun wungkul ka anjeun Gusti, sabab, hamo aya nu bisa lumpat tina maksiyat sareng fitnah, iwal ti pangraksa anjeun gusti, tur hamo aya kakuatan pikeun ngalakukeun kata’atan sareng kakhusyu’an, anging kalayan taufik pitulung anjeun gusti, duh gusti tampi ieu ibadah jisim abdi, bukakeun pangraksa, bukakeun lawang pitulung anjeun gusti…”.
Mudah-mudahan urang sadaya kalebet golongan hamba-hamba Alloh swt. nu salamina ngutamakéun ibadah. Nyatana ‘abid nu ngaéstokeun sifat ‘abdiyyah-na pikeun ningkatkeun ‘ubudiyyah ka Alloh swt. tegesna para ahli ibadah. turta jadi jalma anu ngalaksanakeun ka-khalifahan-nana, luyu reujeung kahoyong nu maparin éta kalungguhan, nyatana Alloh swt.. Amin ya Alloh ya Robbal ‘Alamiin.
Wallohu A’lam.

Tidak ada komentar: