Jumat, 23 Oktober 2009

Ciri-Ciri Lalaki Sholeh

Dina al-Qur'an, dicutat yén lalaki téh “ar-Rijalu qauwamuna 'alan Nisa'“, pamingpin kaum awéwé. Jeung dina status kahirupan, lalaki ayakalana jadi bapak, batur hirup sarta salaku dulur kaum awéwé. Dina lebah dieu pisan, maka bisa diyakinkeun, yén awéwé lain pamingpin pikeun lalaki, ogé lain lawan, musuh atawa sainganana. Hal ieu mangrupakeun fitrah jeung katangtuan nu datang tina kawijaksanaan Alloh Malikurrahman. Ku sabab kitu, lalaki hamo sarua jeung awéwé. Salilana lalaki hamo rubah jadi awéwé, ogé sabalikna, awéwé mustahil bisa rubah jadi lalaki, sok sanajan hal éta téh kacida dibutuhkeunana. Ieu hal téh tos jadi sunatulloh nu teu bisa diganggu gugat. Sok sanajan kitu, tetep kadua jenis insan ieu mibanda martabat nu sarua di payuneun Alloh. Tapi tetep, dina hal tanggung jawab, hak jeung tugas nu ditibankeun ka maranéhna, aya sarua jeung ogé aya nu béda luyu reujeung kafitrahanana, ciri sarta sifatna masing-masing.
Ayana kasaruaan dina sababaraha pasualan nu geus ditetepkeun ku Alloh ka dua insan éta, teu bisa dijadikeun dalil jeung alesan pikeun nungtut kasaruaan mutlak pikeun duanana. Kaasup ogé perbédaan, kaistiméwaan jeung kakurangan nu geus aya di antara maranéhna, teu bisa dijadikeun hujjah pikeun ngaragragkeun tuduhan, yén Alloh geus ngalakukeun kateu-adil-an ka para makhluk-Na. nu satuluyna nungtut supaya perbédaan éta diteuayakeun jeung kasaruaan wajib diayakeun. Sikep samodél kitu mangrupakeun hiji kadzoliman jeung kaasup kana kakafiran dina mikir. Ku sabab kitu pasualan ieu geus sakuduna dihartikeun nepi ka paham kalayan bener ku kaum muslimin, supaya maranéhna teu ka golong kana golongan jalma-jalma nu baringung, ogé teu golong kana jalma nu ka ombang-ambing kana kakafiran dina malikir, kalayan nungtut kabébasan jeung kasaruaan hak nu teu proporsional, antara lalaki reujeung awéwé. Sakirana nu nungtut kabébasan jeung kasaruaan hak dina sagala hal, antara lalaki jeung awéwé, téh bijilna ti kalangan jalma-jalma nu teu boga agama, tingtu hal ieu moal matak jadi héran. Sabab bisa jadi maranéhna ngalakukeun hal modél kitu téh dilantarankeun ku kabodoanana, atawa ku kakafiran nu jadi margalantaran tumuwuhna pamikiran samodél kitu.
Tapi, lamun nu ngalakukeun aksi émansipasi éta kaum muslimah, nu nyandang status sarjana, milu ilubiung dina nungtut ka-sétara-an (kasaruaan) jeung kabébasan kalayan alesan pikeun ngaleungitkeun diskriminasi géndér. Ieu hal téh kaasup salah sahiji musibah gedé nu mangaruhan kaum awéwé di zaman modéren ieu. Dina pedaran ieu bakal diancokeun kana bahasan ngeunaan figur lalaki sholéh nu mibanda spésifikasi sakumaha nu kacutat dina al-Qur'an surat al-Maidah, 5 ayat 54 nyaéta maranéhna jalma-jalma nu mikacinta Alloh jeung Alloh mikacinta maranéhna, mibanda sikep ruhama (mikahéman, mikaasih) ka sasama mu’min, keras ka jalma kafir, jihad di jalan Alloh jeung teu sieun teu gimir kana hinaan jalma nu resep ngahina ka batur. Tah nu munggaran téh mangrupakeun ciri-ciri figur idéal ahlul jannah, nu jadi harepan satiap insan nu miharep karidhoan Alloh Swt. Tapi, éstu figur nu kasebut di luhur téh hamo bisa dipikawéruh atawa dikenal kalayan bener jeung sampurna, kajaba ku maranéhna nu ngalaksanakeun éta kabéh dina hirup dijero kasholéhan.
Kitu deui masalah Jihad fie Sabilillah. Sanajan salah saurang misalna mampuh nyusun kitab tafsir nu aya hubungan reujeung masalah Jihad. Ngan manéhna teu bisa neuleuman jeung ngarasakeun kaayaan sarta nikmat hirup dina Jihad nu sabenerna. Béda halna reujeung para mujahid (jalma nu jihad), nu geus ngarélakeun harta jeung nyawana pikeun ngahontal tujuan éta. Mungkin baé élmuna teu cukup luhur, jeung manéhna lain saurang faqih (ahli fikih), tapi Jihad ngarupakeun jalan hirupna, tanwandé paham jeung pangaweruhna ngeunaan Jihad fie Sabilillah bakal leuwih afdhal (utama) jeung leuwih konpréhénsif tibatan ulama nu wungkul bisa nyarita atawa nulis di tukangeun mé.
Sabab paham ngeunaan jihad geus jadi élmu nu hirup pikeun manéhna. Saurang mujahid pasti paham bener, yén di médan jihad sagala perkara nu sacara téori atawa dina kondisi normal ditingali minangka hiji hal nu teu logis (teu asup akal) bakal katingali logis (asup akal), jeung perkara nu wajar-wajar baé lamun aya di médan perang Conto misalna di hiji mangsa, pernah kajadian dina perang
Afghanistan ngalawan pasukan Rusia. kandaraan Tank bisa diancurkeun wungkul ku awuran batu atawa keusik ku para mujahid. Pernah dipanggihan saurang syahid nu geus maot, masih tetep nyekel péstolna saperti jalma nu masih hirup. Aya kajadian, dimana getih syuhada' ngagurat kalimah syahadah dina kaén kafanna.
Dina séjén mangsa, aya kajadian nu kacida matak hémengna, nyaéta aya sakantong daging di luhur salju dipanggihan ku sagolongan mujahidin nu teu dahar salila sababaraha poé. Padahal éta sakantong daging téh teu aya tapak jalma nu mawana. Alhamdulillah, daging éta bisa jadi bekel pikeun 14 urang mujahid salila 3 poé. Éta kajadian téh lumangsung di médan perang Afghanistan dina nalika nyanghareupan kaum mulhid Rusia, nu dialaman ku para mujahid mu keur perang nanjeurkeun kalimatullah jeung ngusir musuh-musuh Alloh. Ngabuktikeun benerna ayat-ayat Alloh ngaliwatan prakték Jihad samodél kitu, éstu kacida jero maknana. Sahingga nalika para mujahid éta nyanghareupan ayat-ayat Alloh nu ngeunaan masalah ujian, bala', kasumpek, karerepet, kasulit, kasusauh, kasangsaraan, jeung sajabana. Maka bakal mingkin mantep, ogé bakal tambahna kaimanan reujeung kayakinanana.
Dihandap ieu aya Dua ayat minangka conto jeung bukti:
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ حَتَّى نَعْلَمَ الْمُجَاهِدِينَ مِنكُمْ وَالصَّابِرِينَ وَنَبْلُوَ أَخْبَارَكُمْ (محمد:31)
"Jeung saéstuna Kami bener-bener bakal nguji maranéh supaya Kami nyaho saha jalma nu jadi Mujahid jeung nu sabar di antara maranéh, jeung supaya Kami maparin gambaran hadé jeung goréngna ngeunaan kayaan maranéh".(Qs. Muham-mad, 47:31).
Jeung surat Al-Baqarah, 2: 155:
وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوفْ وَالْجُوعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الأَمَوَالِ وَالأنفُسِ وَالثَّمَرَاتِ وَبَشِّرِ الصَّابِرِينَ(ألبقرة:155)
"Jeung saéstuna Kami bakal maparin cobaan ka maranéh kalayan saeutik rasa kasieun, kalaparan, kakurangan harta, jiwa jeung buah-buahan. Jeung paparin kabar gumbira ka jalma-jalma nu sabar".(Qs. al-Baqarah, 2:155).
Kadua ayat di luhur, pikeun para mu’min mujahid, lain sakadar téori atawa fiksi, tapi ngarupakeun prakték jeung réalistik. Satemenna naon nu diterangkeun dina ayat éta, nyata bener jeung teu nyimpang sautik ogé. Yén maranéhna (para mujahidin) geus kadidik méntalna, ngaliwatan prakték langsung ku ngarasakeun kalaparan, kakurangan dahareun, kakhawatiran dina nyanghareupan serangan musuh nu datang kalayan ngadadak ti arah jeung waktu nu teu diduga-duga. Satiap poé maranéhna nyanghareupan ancaman maut, yuqtal au yaghlib (maténi atawa dipaténi). Kacida jauh perbédaanana reujeung jalma-jalma nu salawasna hirup di jero kantor méwah, mobilna maké -AC atawa naék kapal pasawat kalayan dahareun nu teratur, satiap waktu bisa ganti ménu dahareun. Rék kumaha maranéhna bisa ngarasakeun benerna ayat-ayat Alloh dina kahirupan nyata? Lamun kahirupanana samodél kitu baé salilana. Jalma-jalma nu sholé jeung mibanda pangaweruh nu keur aya di médan jihad, aya nu nyarita kieu: ”Yén di médan jihad, satiap bakal dikanyahokeun kalemahan jeung kakuranganna, boh hadé atawa goréngna, ikhlas jeung henteuna, wani jeung boranganana, sabar jeung aralna, ati-ati, jujur jeung munafiqna”.
Walhasil, manusa di Médan jihad bakal ditaranjangan ku Alloh sahingga jelas sifat aslina, jeung kabuktian ayat-ayat-Na: "Sahingga Kami (Alloh ) nyaho ka jalma-jalma nu sabar, jeung supaya Kami (Alloh ) méré iber hadé jeung goréngna ngeunaan kaayaan anjeun".
Tina pedaran ieu, maka yakin, yén kumaha baé carana dina raraga medar makna kecap 'Shalihin' (jalma-jalma nu shalih), maka hamo bisa ngahontal kana maknana nu saéstu).
Kukituna éstu bener naon nu tos dicarioskeun ku As-Syahid Sayid Qutb: "Saéstuna Al-Qur'an éta hamo bisa diteuleuman ku jalma-jalma nu kalakuanna ngan ukur nagkeup harigu, diuk anjeucleu wungkul".
Ku hal sakitu, dina tulisan ieu ukur ngabahas sacara garis badagna wungkul, ngeunaan ciri-ciri jeung sifat-sifat Rajulun Shalihun, jeung hal ieu mangrupakeun sabagian leutikna wungkul, sajauh kamampuan nu dipibanda dumasar kana ayat-ayat Alloh swt. reujeung Hadits Rosululloh saw. sarta tapak lacak para salafus shalih. Sedengkeun nu leuwih jelasnamah wungkul Alloh Nu Maha Uninga, sabab pasualan ieu hubunganna reujeung masalah bathin, nyéta i'tiqad reujeung kayakinan.
Wallohu A’lam Bish-Showab


Tidak ada komentar: