Sabtu, 24 Oktober 2009

Yaumil Mizan (Poé Timbangan/Balitungan)

قَالَ اللهُ تَعَالَى: يُؤْتىَ بِحَسَنَاتِ اْلعَبْدِ وَسَيِّئَاتِهِ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ فَيُقْتَصُّ بَعْضُهَابِبَعْضٍ فَإِنْ بَقِيَتْ حَسَنَةٌ وَاحِدَةٌ أُدْخِلَ الْجَنَّةَ (رَوَاهُ أَلطَّبْرَانِى)
Alloh swt. Ngadawuh: “Jaga dina poé kiyamat bakal didatangkeun (disanghareupkeun) ka hiji hamba ngeunaan amal kahadéan jeung amal kajahatan (dosa) maranéhna. Tuluy dibandingkeun (ditimbang) antara amal kahadéan jeung kajahatan éta. Lamun aya sésa hiji amal kahadéan, maka si éta hamba bakal diasupkeun kana jero sawarga”. (H.R. Imam Ath-Thobrony).
Hadits Qudsy di luhur ngajelaskeun, yén Alloh swt. maparin informasi ka urang, yén jaga dina poé kiyamah bakal diayakan panimbangan sagala amal nu disebut ‘Yaumil Mizan’. Sagala amal manusa ditimbang kalayan timbangan nu adil saadil-adilna, timbangan nu Maha agung, timbangan nu teu ponténg ka nu konéng teu cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na nilas sa-plas-na. Sahingga ku timbangan éta bakal katingali mana timbangan nu leuwih beurat, naha timbangan kahadéan atawa timbangan kajahatan (dosa). Bakal natrat rasa kabungah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kahadéan, sabab bakal meunang kabagjaan tur sawarga nu bakal jadi buruhna ogé bakal jadi tempat padumukan nu teu aya tungtungna. Sabalikna, bakal natrat kasedih, kaduhung pinuh kabingung, nyampakna rasa kasusah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kajahatan (dosa), sabab jelas lawang picilakaeun geus nyampak tur naraka jadi buruhna tempat padumukan pikeun manéhna.
Dina Hadits Qudsy di luhur, ngajelaskeun yén nalika lumangsungna panimbangan amal ieu, Alloh swt
Nganiléi, ngayakeun pamariksaan sakabéh amalna hiji jalma, sabaraha amal kahadéan jeung sabaraha amal kajahatana si éta jalma. Nu satuluyna éta kajahatan bakal digugurkeun ku amal kahadéan, tinggal nu nyésa nu mana, naha amal kahadéan atawa amal kajahatan. Lamun nu nyésa amal kahadéan, maka bakal diasupkeun ka sawarga. Tegesna, yén kahadéan téh bakal ngaleburkeun, bakal ngaleungitkeun amal kajahatan (dosa). Lamun amal kahadéan éta aya sésana sanggeusna ngagugurkeun amal kajahatan (dosa), maka jalma nu mibanda amal éta diparéntahkeun ku Alloh pikeun asup ka sawarga. Sabalikna, lamun dosana jeung kahadéanana ditimbang tuluy nu nyésa amal kajahatanana maka ku Alloh diparéntahkeun ka si éta jalma pikeun asup kana naraka. Tah kumaha lamun saimbang ? hartina, sarua timbanganana antara amal kahadéan jeung amal kajahatanana ?. Maka, sapalih katerangan nyebatkeun, yén lamun saimbang antara timbangan kahadéan jeung kajahatan, maka ieu jalma bakaldigolongkeun kana ‘Ashabul ‘A’raf’ (golongan jalma-jalma nu ditunda pikeun asup kana sawarga dilelepkeun heula dina naraka pikeun ngabersihkeun heula dosa-dosana).
Dina raraga ieu pisan, urang kudu waspada, waspaos, kudu aya rasa kahariwang, kudu ngayakeun muhasabah (évaluasi) diri, ngitung-ngitung amal urang ti ayeuna kénéh. Inggis ku bisi rémpan ku kaayaan urang kagolong kana golongan jalma nu nalika ditimbang beuratna téh kana amal kajahatan (dosa). Na’udzu billahi min dzaalik.
Poé kiamat téh hiji kaayaan nu kacida rongkahna, kaasup kaayaan nu ngabentuk hiji siksaan pikeun jalma nu salilana ngalanggar, salilana nukang nonggong ka Alloh swt. tur ngalakukeun aniaya ka sasama. Tapi, kaasup hiji kaayaan nu ngabentuk kabungah pikeun jalma nu salilana milampah amal sholéh, rajin ogé taat ibadah ka Alloh swt. Tah, ngeunaan gambaran kaayan di padang mahsyar saba’dana ancurna alam dunya, aya katerangan ngajelaskeun, yén kantos aya shohabat naros ka Kanjeung Nabi saw. ngeunaan hal ieu, nyaéta nalika manusa ti mimiti umatna Kanjeng Nabi Adam as. Nepi ka Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. dikumpulkeun. Nya nu disebut ‘Yaumil Mahsyar’.
Kanjeng Nabi saw. Ngawaler ku Dawuhanana: “Poé éta téh nyaéta: hiji poé dimana jalma-jalma narangtung dipayuneun Robbul ‘Alamin salila satengah poé. Nu ukuran sapoé (dina poé harita) téh nyaéta lima puluh rébu taun (ukuran poé dunya). Tapi (Hal kitu téh) pikeun jalma nu Mu’min-mah bakal karasana sakeudeung, saperti jarak waktu isedna panon poé nepika surupna”. (H.R. Abu Ya’la & Ibnu Hibban nu sumberna ieu Hadits ti Abu Huraéroh r.a.).
Dina riwayat séjén dijelaskeun, yén aya shohabat nu nyarios: “Duh kacida teuing lamina geuningan kiamat téh”. Nguping aya shohabat nyarios kitu, Kanjeng Nabi saw. ngadawuh:
“Demi Alloh ! nu ngawasa kana diri kami, saéstuna (poé kiamat) kacida hampangna (sakeudeung karasana) pikeun jalma Mu’min, sahingga nu karasa ku manéhna bakal leuwih hampang (sakeudeung karasana) batan ngalaksanakeun sholat fardhu” (Al-Hadits).
Dina katerangan séjén disebatkeun deui, yén gambaran kaayaan manusa di alam mahsyar bakal ngalaman hiji kaayaan luyu reujeung amal laku lampah manéhna nalika hirup di alam dunya, aya nu tilelep, ka kérem, kakeueum ku késang sorangan nu ngaragajag ku akibat ka sorot ku panon poé nu jarakna ukur sa-mil atawa dua mil. Nu sa-mil-na ceuk ahlimah nyaéta: 1000 m. ceuk urang Walanda, 7.420 m ceuk urang Jérman, jeung 1.609 m ceuk urang Inggris. Lamun ukuran laut-mah sa-mil téh 6.076 kaki atawa sarua jeung 1.852 m. Béda jauh jeung kaayaan ayeuna di dunya nu jarak panon poé ka bumi téh ceuk ahlimah nyebutkeun 8 menit x 60 x 30.000 km/detik = 144.000.000. km.
Ku hal sakitu, Bisa ku urang kabayangkeun ti ayeuna kénéh, ayeuna baé keur di dunya karasa panasna sorotna panon poé téh sanajan jauh jarakna, komo jaga di yaumil kiyamah mung ukur jarakna sa-mil nepi ka 2 mil. Nu matak wajar, lamun loba jalma saur katerangan di luhur nu mandi dina lautan késang sorangan. Hal ieu téh luyu reujeung katerangan ti Hadits Rosululloh saw.:
“Nalika kaayaan poé kiamat lumangsung panon poé bakal di deukeutkeun ka hamba-hamba (manusa) nepi ka jarak deukeutna téh ukuran sa-mil atawa dua mil, tuluy maranéhna bakal kapanasan ku sorot panon poé éta, sahingga birijilna késang maranéhna diluyukeun reujeung amalan maranéhna (nalika hirup di alam dunya). Aya diantarana nu tilelep kakeueum ku késangna sorangan nepi ka tatapokan dampal suku, aya nu nepi ka cangkéngna, ogé aya nu kakeueum nepi ka saluhureun sungutna”.
Aya deui Dawuhan Rosululloh saw.:
“Jaga dina poé kiamat bakal aya jalma nu tilelep ka keueum ku késangna sorangan nepi ka sungutna, tuluy manéhna ngomong: Duh Gusti ! paparin abdi rahmat (kawelas asihan) Anjeun gusti, najan abdi dilebetkeun kana naraka”. (H.R. Ath-Thobrony nu nyumberna ieu Hadits ti Ibn Mas’ud ra).
Sareng Dawuhan Rosululloh saw. deui:
“Dina poé kiamat jalma-jalma bakal barijil késangna ngagarajag nepi ka jero taneuh sajero 70 Dziro’ (hasta) jeung bakal nguyumbang ngabanjiran nu ngalelepkeun maranéhna nepi ka ceuli maranéhna” (Al-Hadits).
Aya katerangan nu leuwih ngahariwangkeun urang, tur nu kudu jadi bahan tafakuran-eun. Dawuhan Kanjeng Nabi saw. Yén jaga dina ‘Yaumil Mizan’ (poé balitungan) téh bakal aya golongan jalma nu disebut ‘Muplis’ (bangkrut).
Nu kumaha nu ‘Muplis’ (bangkrut) téh ?. Rasululloh saw. ngadawuh:
“Jalma nu Muflis (bangkrut) diantara umat kami téh, nyaéta jalma nu datang dina poé kiamat mawa amal ibadahna, kayaning sholat, shaum jeung zakat. Tapi, salian éta manéhna mawa ogé dosa nu ditimbulkeun tina nyaci-maki, nyacampah, mitenah, ngadahar harta nu lain hakna, ngocorkeun geutih (maténi) jeung neunggeul batur tanpa sabab (tegesna, amal hadéna téh dicampur adukkeun jeung amal goréng, réd).(Tah, ku hal kitu), maka ganjaran amal hadé manéhna téh bakal dibérékeun ka jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, kitu saterusna. Lamun ganjaran amal hadéna geus béak, maka dosa jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, bakal dibérékeun ka manéhna, sahingga manéhna diasupkeun kana naraka nu satuluyna dilaksanakeun hukuman pikeun manéhna” (Al-Hadits).
Dumasar kana bahasan di luhur, nu matak mangpaurkeun, matak ngahariwangkeun ka urang. Maka, Kanjeng Nabi saw. maparin jalan kaluar pikeun urang sadayana, ku maparin katerangan, yén aya sababaraha amal nu bakal ngabeuratkeun timbangan kahadéan jaga dina poé kiamat. nalika urang ngadeg dipayuneun Robbul ‘Alamin pikeun ditimbang sagala amal laku lampah salila urang hirup kumelendang di alam dunya. Anapon amalan nu bakal ngabeuratkeun timbangan amal kahadéan jaga di akhérat téh, diantarana nyaéta Hadits nu sumpingna ti Abi Malik, Al -Harits bin ‘Ashim Al-Asy'ari ra., anjeunna nyarios:
“Parantos ngadawuh Rosululloh saw.: “Susuci éta saparo tina iman, (bacaan/ucapan) ‘Alhamdulillaah’ bakal minuhan timbangan di akhérat (Mizan), (bacaan/ucapan) ‘Subhaanallaah’ jeung ‘Al-Hamdulillaah’ duanana bakal minuhan ruang lolongkrang nu aya di antara langit jeung bumi. Sholat éta cahaya, Shodaqah éta nu bakal jadi bukti, sabar éta cahaya, jeung Al-Qur’an bakal nulungan (ngabélaan) ka maranéh ogé sabalikna bakal nyilakakeun maranéh. Satiap manusa milampah hiji pagawéan, maka manéhna geus ngajual dirina, nu pamustunganana éta pagawéan téh bisa nyalametkeun maranéhna ogé sabalikna bisa nyilakakeun maranéhna”. [H.R. Muslim no. 223]
Kaitanana sareng hadits di luhur, Syaikh Ibnu Al-Utsaimin ra. dina kitabna: ‘Syarhul Wasithiyyah’,. ngajelaskeun saéstuna Alloh swt. Ngajadikeun amal-amalan para hambana (manusa) kalayan ngabentuk hiji jasad. Hal ieu teu kudu ngajadikeun urang anéh jeung teu asup akal, mun seug dipulangkeun kana pamikiran, yén Alloh swt. Maha Kawasa. Kukituna ngeunaan amal-amalan manusa dibentuk jadi hiji jasad ogé nu satuluyna bakal ditimbang kalayan bentuk timbangan nu sifatna matéri (benda). ieu téh geus jadi kakawasaan Alloh swt. Tah, ngeunaan kalimat Al-hamdulillah jeung Subhanalloh nu digabungkeun téh bakal minuhan timbangan amal di akhérat (Mizan) jaga. Sabab, dua kalimat éta eusina ngeunaan nyucikeun urang ka Alloh swt. tina sagala bentuk kakurangan nu bakal ngarusak kana kasampurnaan Alloh swt. Jadi, Alloh Maha Suci, ogé nu Kagungan sagala pujian. Kukituna, wajar mun seug éta dua kalimat ku urang sering dijadikeun hiasan biwir dina dzikir ka Alloh swt. Maka, pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan).
Ngeunaan hal ieu, Imam Nawawi ra. dina kitabna ‘Syarah ‘Arba’in Nawawiyyah’, ngajelaskeun, yén katerangan dua kalimat, nyatana Subhanalloh Wal-Hamdulillah nu pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan) téh, teu luyu reujeung katerangan Hadits séjén, sabab aya deui Hadits nu nerangkeun ngeunaan kalimat nu pahalana sarua salian ti dua kalimat éta. Nyaéta Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Hakim sareng Abu Ya’la, nu nyaritakeun Nabi Musa as. Kantos naroskeun ka Alloh swt. ngeunaan hiji amalan nu bisa ngasupkeun kana sawarga. Kukituna Alloh Ngadawuh:
“Héh Musa ! Lamun sakirana tujuh lapis langit jeung tujuh lapis bumi ditambah jeung eusina, disimpen dina hiji piring timbangan (mizan), jeung (kalimat) “Laa Ilaaha Illalloh” disimpen dina piring timbangan nu sabeulahna, maka kalimat tauhid éta bakal leuwih beurat batan langit jeung bumi katut saeusina”.
Sarta dawuhan Rosululloh saw. Nu sanésna: “Aya dua kalimat nu hampang (tur gampang diucapkeun) ku lisan, tapi beurat kana timbangan dina poé kiamat (mizan), tur bakal nimbulkeun kacinta Nu Maha Rohman (ka jalma nu ngucapkeunana), nyaéta kalimat: ‘Subhanalloohi Wa Bihamdihi Subhaanalloohil-‘Adziim’.(H.R. Al-Bukhory).
Sareng dawuhan Rosululloh saw.: “Saéstuna (ngaos) sholawat ka Kanjeng Nabi saw. Kaasup nu bakal ngabeuratkeun kana timbangan dina poé kiamat (mizan)”. (H.R. At-Tirmidzy).
Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma nu beurat timbanganana kana kahadéan jaga di ‘Yaumil Mizan’. Amin. Walloohu A’lam Bish-Showaab.


Tidak ada komentar: