Sabtu, 24 Oktober 2009

Mikawanoh Ibu Taimiyyah ra.

Ibnu Taymiyah, nami lengkepna nyaéta Taqiyyudin Ahmad bin Abdilhalim bin Taymiyyah. Anjeunna babar ti kulawarga nu dilimpudan ku kataqwaan ka Alloh swt. Ramana Syihabuddin bin Taymiyyah. Saurang Syéikh (Guru), hakim, khatib, 'alim nu pinuh ku rasa wara' (ati-ati dina tindak-tanduk,léngkah, ucap sareng manah). Éyangna Majduddin Abul Birkan Abdussalam bin Abdullah bin Taymiyyah Al-Harrani. Syéikhul Islam, Ulama fiqih, ahli hadits, tafsir, Ilmu Ushul sareng hafidz Al-Qur’an.
Ibnu Taymiyah babar di Harran, 10 Rabiul Awwal 661 H dina zaman nalika Baghdad ngarupakeun pusat kakawasaan jeung budaya Islam. Nalika yuswa genep taun, Ibnu Taymiyyah alit dicandak ku Ramana ka Damaskus. Di Damaskus anjeunna diajar ka guru-guru nu aya, anjeunna nyuprih mangpirang-pirang élmu pangaweruh kayaning: Al-Jabar (ayeunamah Matematika), khat, Nahwu, Ushul fiqih jeung sajabana ti éta. Dina yuswa nu anom kénéh anjeunna parantos ngalap élmu-élmu utama ti jalmi-jalmi nu utami. Ogé nu jadi kautamaan pikeun anjeunna dipaparin ku Alloh Ta'ala nyaéta ku mibanda kamampuhan gampil afal, sahingga dina yuswa anom kénéh anjeunna parantos afal Al-Qur'an. Kajaba éta, anjeunna ngimbangan kahanaanganana dina nyuprih élmu pangaweruh ku ngaberesihkeun haté, ku cara mikaresep ngahadiran kana majelis-majelis mudzakarah (dzikir).Dina yuswa tujuh belas taun karinékaan kana dunya élmu pangaweruh ngawitan katara. Sahingga dina yuswa 19 taun, anjeunna parantos tiasa maparin fatwa. Élmu nu jadi andelan Ibnu Taymiyyah nyaéta rijalul Hadits (ngeunaan rawi hadits) sareng Fununul Hadits (ngeunaan cabang-cabang hadits) boh anu lemah, cacat atawa nu shahih. Anjeunna nguasaan hadits nu aya dina Kutubus Sittah sareng Al-Musnad. Dina ngauningakeun atawa ngajeulaskeun ayat-ayat minangka hujjah kacida luar biasana, sahingga mampuh ngauningakeun kasalahan sareng kalemahan para mufassir. Tiap wengi anjeunna nganggit tafsir, fiqh, ilmu 'ushul bari maparin koméntar ka para filosof . dina sadinten sawengi anjeunna mampuh nganggit opat kurrosah (buku alit) nu eusina sadaya pamendak anjeunna dina widang syari'ah. Ibnul Wardi ngajelaskeun dina kitabna ”Tarikhul Ibnul Warid” yén anggitan ibnu Taymiyah téh seueurna lima ratus judul.
Al-Washiti ngauningakeun: "Demi Alloh, syéikh anjeun sakabéh (Ibnu Taymiyyah) mibanda kaagungan khuluqiyah, tangtangan pikeun jalma-jalma nu nyacampah hak Alloh jeung khormatan-Na." Dina sajarah kahirupan Syéikh Ibn Taymiyah, anjeunna sering turun gunung ka tengah-tengah masyarakat ngadegkeun amar ma'ruf sareng nahi munkar. Anjeunna teu nyandak sikap ’uzlah (ngasingkeun diri) ku ningali mahabuna kama'shiyatan sareng kamungkaran. Pantes saupami anjeunna nyandang gelar saurang Mujahid nu gagah sakumaha nu kacutat cariosanana: "Jihad kami dina hal ieu nyaéta saperti jihad Qazan, jabaliah, Jahmiyah, Ittihadiyah jeung séjén-séjénna. Perang dijalan Alloh mangrupakeun nikmat nu kacida agungna nu dikaruniakeun Alloh Ta'ala ka urang saréréa ogé sakabéh manusa. Ngan, kalolobaan manusa teu arapal kana kurnia Alloh nu agung éta.”
PAMADEGAN & JALAN PIKIRAN IBN TAYMIYAH
Pamadegan Ibnu Taymiyyah lain wungkul dina widang Syar'iyah, tapi ngeunaan wilayah politik reujeung pamarantéhan. Pamadegan anjeunna dina widang politik bisa dibaca tina kitabna kayaning: Minhaj as-Sunnah an-Nabawiyah fi naqdh Kalam as-Syi'ah wal Qadariyah (Jalan Sunnah Nabi tina panolakanana kana kayakinan Syi'ah jeung Qadariyah), As-Siyasah as-Syar'iyah (Sistem Politik Syari'ah), Kitab al-Ikhriyaratul 'Ilmiyah (Kitab aturan-aturan yuridis nu mandiri) jeung Al-Hisbah fil Islam (panalingaan kana kasusilaan masyarakat dina Islam). Salaku nu nganut aliran salaf, anjeunna wungkul percaya kana syari'at jeung aqidah sarta dalil-dalilna nu dituduhkeun ku nash-nash. Sabab, nash éta ngarupakeun wahyu nu nyoko tur ngamuara ti Alloh Ta'ala. Aliran ieu teu percaya kana ’métode logika rasional’ nu asing pikeun Islam, sabab métode samodél kieu teu aya dina zaman para sahabat ogé tabi'in. Boh dina masalah Ushuludin, fiqih, Akhlaq jeung sajaba ti éta, kabéhanana ogé dibalikkeun deui kana poko sumber hukum Islam nyaéta Al-Qur'an reujeung Al-Hadits nu mutawatir. Lamun hiji masalah teu kapanggih dina Qur’an jeung hadits, maka anjeunna nyarandé kana pamanggih para shahabat, sanajan anjeunna sering maparin dalil-dalilna dumasar kana cariosan para tabi'in reujeung atsar-atsar nu ku para tabi’in diriwayatkeun.
Dina Taun 705 H, kamampuan reujeung kaampuhan Ibnu Taymiyyah diuji. Para Qadhi ngarumpul bereng reujeung sultan di istana. Sanggeus ngaliwatan padungdengan sawala nu kacida rongkahna, akhirna jelas yén Ibnu Taymiyyah nyekel aqidah sunniyah salafiyah. Lain sakali anjeunna digebruskeun kana penjara dina taun 726 H. tug dugi kaping 20 Dzulqaidah taun 728 H. anjeunna pupus dina lebet penjara. Mugia Alloh salamina maparin Rohmat ka anjeunna. Amin Ya Alloh Ya Robbal ’Alamin

Tidak ada komentar: