Sabtu, 24 Oktober 2009

Washiyat Kanjeng Nabi saw.

عَنْ أَبِيْ نَجِيْحٍ اْلعِرْبَاضِ بْنِ سَارِيَةِ رَضِيَ الله ُ عَنْهُ قَالَ : وَعَظَنَا رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ مَوْعِظَةً وَجِلَتْ مِنْهَا اْلقُلُوْبُ وَذَرِفَتْ مِنْهَا اْلعُيُوْنُ , فَقُلْنَا يَا رَسُوْلَ الله كَأَ نَّهَا مَوْعِظَةُ مُوَدَّعٍ فَأَوْصِنَا , قَالَ: أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّوَجَلَّ , وَالسَّمْعِ وَالطَّاعَةِ وَإِنْ تَأَمَّرَ عَلَيْكَ عَبْدٌ , فَإِنَّه ُمَنْ َيعِشَ مِنْكُمْ بَعْدِيْ فَسَيَرَى إِخْتِلاَفًاكَثِيْرًا فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِيْ وَسُنَّة ِالْخُلَفَآءُ الْمُهْتَدِيْنَ الرَّاشِدِيْنَ تَمَسَّكُوْا بِهَا وَعَضُّوْا عَلَيْهَا بِاالنَّوَاجِدِ, وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ اْلأُمُوْرِ فَإِنَّ لِكُلِّ بِدْعَةٌ ضَلاَلَةٌ - رَوَاهُ أَبُوْدَاوُدَ وَالتِّرْمِذِيْ وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ
“Ti Abu Najih, Al ‘Irbad bin Sariyah ra. Anjeunna nyarios: “Rasulullah saw. Parantos maparin naséhat ka kami (para shahabat) kalayan hiji naséhat nu ngageterkeun haté tur nu ngalantarankeun nyurucudna cimata”. Kami (para shahabat) unjukan:,"Duh Rasulullah, naséhat nu (didugikeun ku salira téh) saolah-olah naséhat ti jalmi nu badé pamitan seja papisah salalawasna (Maot), ku kituna, mugia salira kersa maparin wasiyat ka abdi sadaya" Rasulullah saw. Ngadawuh: "Kami méré wasiat ka aranjeun sakabéh sangkan tetep aya dina kataqwaan ka Alloh nu Maha Agung tur Maha Mulia, ogé tetep ngadéngé jeung ta'at sanajan nu marentahkeun ka anjeun sakabéh saurang hamba sahaya (budak).Satemenna sing saha jalmana nu hirup diantara aranjeun saba’dana kami maot, maka manéhna bakal ningali lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan), maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham. Jeung jauhan ku aranjeun kabéh hal-hal nu anyar (bid’ah) sabab, satemenna sakabéh perkara anyar (bid'ah) éta sasar." (HR. Abu Daud jeung At Tirmidzi, Hadits Hasan Shahih) [Abu Dawud no. 4607, Tirmidzi no. 2676]

Hadits di luhur ngandung sababaraha wasiyat diantara wasiyat-wasiyat Rasulullah saw. ka para shahabat khususna, umumna ka urang salaku umatna. Kacutat dina matan (eusining) hadits téh diantarana wasiyat taqwa, jeung nurut tumut ka para pamingpin islam. Nu tujuanana taya kajaba pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akhérat. Nu eta kabeh téh bisa dihontal mun seug nyekel pageuh kana Sunnah-sunnah Rosulullah saw. jeung sunnah para khulafaur-Rasyidin ra. bari ngajauhan laku lampah bid’ah. Hikmah tina eusining hadits di luhur diantarana nyaéta ngeunaan wasiyat atawa naséhat Rasulullah saw. Nu ngeuna nu istilah di hadits di luhur ku kalimat مَوْعِظَةُ بَلِغَةٌ (Mau’idzotun Balighotun) “pitutur nu ngeuna”. Hartina, naséhat nu ngabekas atawa naséhat nu aya tapak dina haté ka nu ngadéngéna sahingga nimbulkeun hiji perubahan sikep. Malahan dina Hadits di luhur digambarkeun, yén para shahabat satutasna ngupingkeun naséhat atanapi wasiyat Kanjeng Nabi saw. dugi ka narangis, sahingga nu karaos ku para shahabat, yén wasiyat Kanjeng Nabi saw. téh lir ibarat jalmi nu badé ngantunkeun ieu alam dunya. Sahingga Rédaksi Hadits nu séjénmah disebatkeun, yén Rosululloh saw. ngadawuh: “Saéstuna ieu naséhat téh ti jalma nu bakal papisah salilana (maot)”. Teras para shahabat naros: “Naon atuh ya Rasulullah nu badé diwasiyatkeun ku salira ka abdi sadaya téh ?” Rasulullah saw. Ngadawuh :“Kami tinggalkeun aranjeun kabéh dina kaayaan caang, peutingna lir ibarat beurang, hamo aya nu nyimpang (mun seug aya nu nyimpang) maka manéhna bakal ancur binasa”.
Naséhat nyaéta maparin hiji wejangan nu eusina bisa hiji pépéling, bisa ogé hiji papatah atawa amanat lisan nu éta naséhat téh bener-bener kudu dilaksanakeun sabab mun teu dilaksanakeun bakal nimbulkeun akibat-akibat nu teu dipiharep. Tah naséhat Rasulullah saw. Dina Hadits di luhur ngandung hiji pépéling nu sifatna nyingsieunan (At-Takhwif) tapi nyingsieunan didieu ngandung maksud hiji pépéling supaya umatna henteu tigebrus kana kacilakaan nu fatal ku akibat teu ngalaksanakeun kana naon-naon nu diwasiyatkeun ku Rosulullah saw.
Wasiyat nu kahiji dina hadits di luhur téh, nyaéta Kanjeng Nabi saw. Maparin wasiyat Sangkan urang tetep aya dina kataqwaan أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّوَجَلَّ. Sagala ibadah nu disyaré’atkeun tujuanana taya kajaba supaya ngawujudna katakwaan dina jiwa katut raga pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Sahingga kataqwaan téh mangrupakeun hiji ukuran mulia jeung henteuna hiji manusa dipayuneun Allah swt. Kataqwaan ogé mangrupakeun bekel urang dina raraga nyiapkeun diri pikeun jaga ngeusian alam nu langgeng taya tungtungna. Sabab jalma nu taqwa hirupna bakal ati-ati pinuh kawaspadaan, teu sambarangan dina ngagarap hiji pagawéan, pinuh ku perhitungan kana kamaslahatan batan kamafsadatan dumasar kana hal éta, maka wungkul taqwa nu bakal jadi bekel nu panghadé-hadéna pikeun jaga urang mayunan Alloh swt. ogé pikeun jadi taméng nalika mayunan mahkamah Agung Allah swt. Nu satuluyna nu bakal jadi kaputusan meunang kabagjaan jeung henteuna dina ngeusian alam nu abadi, alam nu teu aya tungtungna nyatana akhérat.
Wasiat nu kadua, nyaéta ngeunaan kuduna merhatikeun ngadéngé bari nurut tur tumut kana sagala paréntah nu hadé nu bijilna ti pamingpin Islam. Pamingpin nu mingpin kaum muslimin tinangtu dina maréntah téh pasti ngandung kana kamaslahatan umat. Kukituna nurut tumut ka saurang pamingpin téh minangka kawajiban nu diwajibkeun ku Allah swt. Sakumaha Dawuhanana dina Al-Qur’an Surat An-Nisa’ [4] ayat 59:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ أَطِيعُواْ اللّهَ وَأَطِيعُواْ الرَّسُولَ وَأُوْلِي الأَمْرِ مِنكُمْ
“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! Geura tarumut maranéh ka Allah jeung ka Rasul, jeung ka nu nyekel kakawasaan diantara maranéh .......”(An-Nisa [4]:59)
Dina Hadits di luhur, Rasulullah saw. maparin hiji mitsil (perumpamaan), yén sanajan nu mingpin téh hiji hamba sahaya (budak beulian) ti nagri Habasyah tapi kudu diturut jeung digugu ogé didéngé kana sagala paréntahna. Para Ulama maparin tafsiran kana ieu rédaksi Hadits, yen sabenerna teu mungkin saurang hamba sahaya (budak beulian) jadi pamingpin. tapi maksud ieu rédaksi hadits téh nyaéta Nabi saw. Maparin hiji pépéling yén dimana kakawasaan atawa hiji perkara disérénkeun atawa dicekel ku nu lain ahlina, maka bakal tumuwuhna karusakan nu fatal. Tapi dimana hal ieu lumangsung, tegesna kakawasaan jeung sagala pekara dicekel atawa disérénkeun ka nu lain ahlina, maka sikep nu kudu jadi pamadegan nyaéta tetep urang nurut tumut ka maranéhna kalayan tujuan ngahindar tina karusakan nu leuwih rongkah, bisa jadi maranéhna téh cocoba ti Allah swt pikeun sakumna umat Islam nu dipingpin, sangkan umat islam tetep sabar ngarah teu timbul fitnah nu leuwih fatal kana sagala hal nu lumangsung nu sabenerna lain hak naranéhna dina nyekel urasan kieu téh.
Ngeunaan wasiyat nu katilu Rasulullah saw. maparin gambaran kaayaan umatna saba’da anjeunna pupus. Yén umatna téh bakal lumangsung lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan). Miturut Imam Ibnu Daqa’iq ra. Ieu téh mangrupakeun mu’jizat Kanjeng Nabi Muhammad saw. anjeunna tiasa maca kaayaan nu bakal datang, kaasup kana bakal lumangsungna ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan) diantara umatna saba’da anjeunna teu aya. Sabenerna Kanjeng Nabi saw. uninga nu sajéléntréna kajadian nu bakal lumangsung, tapi anjeunna ngahaja teu ngajelaskeun ka para shahabat. Anjeunna wungkul maparin gambaran kaayaan nu bakal lumangsung sacara umum. Tur maparin pépéling supaya para shahabat ogé umatna sangkan waspada mun seug kajadian ikhtilaf
(persulayaan /béda pamadegan) téh karandapan. Hal ieu dumasar kana dawuhan anjeunna dina eusi hadits di luhur, anjeunna ngadawuh: “Maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham”.
Sunnah nyaéta jalan nu kudu disorang, kukituna kecap sunnah ngabeungkeut kana lalampahan Rosulullah saw. jeung para shahabat-shahabatna nu diluluguan ku Khulafaur-Rasyidin (Abu Bakar Ash-Shidiq, Umar bin Khaththab, Utsman bin Affan jeung Ali bin Abi Thalib). Sabab makna sunnah miturut istilah, nyaéta jalan, cara atawa sistem nu dipikaresep tur digawéan dina agama sakumaha nu dicontokeun prak-prakkanana ku Rosulullah saw. boh dawuhanana, padamelanana ogé kapanujuan atawa katetepan anjeunna kana hal nu dilakukeun ku para shahabat.
Ku kituna hamo mang-mang hamo ragu dina raraga nyekel bener-bener nu pageuh kana sunnah sunnah Nabi saw. jeung Sunnah Khulafaur-Rasyidin ra. bakal kahontalna kabagjaan jeung kasalamétan, terutama nalika lumangsungna ikhtilaf (persulayaan /béda pamadegan). Hartina, nalika lumangsungna kajadian (persulayaan /béda pamadegan) maka sikep urang nu paling hadé, nyaéta mulangkeun sagalana kana naon-naon nu kacutat dina Al-Qur’an jeung Sunnah Rasululllah saw. ogé sunah para shahabat.
Washiyat nu kaopat nyaéta ngeunaan sangkan urang ngajauhan laku lampah bid’ah. Ari harti, makna jeung katerangan ngeunaan bid’ah miturut bahasa nyaaéta hiji perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh teu aya samemehna, tegesna perkara nu anyar diayakeun. Sedengkeun bid’ah miturut istilah nyaéta naon-naon nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil khusus jeung dalil umum.
Ngeunaan perkara bid’ah aya Hadits Nabi saw. : “Sing saha jalmana nu ngaya-ngaya perkara dina urusan kami (agama), jeung perkara nu lain bagian tina éta perkara (agama), maka sagala nu dilakukan téh katolak (teu ditarima)”.
Para Ulama béda pamadegan dina nafsirkeun bid’ah, aya sabagian Ulama ngajelaskeun yén sagala bid’ah téh sasar. Tegesna rék kumaha baé bentukna sagala perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil umum jeung dalil khusus, tegesna teu aya dasar pisan dina agama, maka éta téh kaasup sasar. Hal ieu nyekel kana dawuhan Kanjeng Nabi saw.: “Sakabéh bidah téh éta sasar”.
Aya deui sabagéan Ulama nu boga pamadegan teu sakabéh bid’ah éta sasar, pamadegan aranjeunna téh di dadasaran ku tingkah para shahabat, saperti Sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra. ngumpulkeun Al-Qur’an sahingga jadi hiji mushaf, merangan jalma-jalma islam nu teu ngaluarkeun zakat.
Tuluy Sayyidina Umar bin Khaththab ra. Nalika ngumpulkeun manusa (umat Islam) dina shalat wengi bulan Ramadhan (shalat tarawih) kalayan berjama’ah, sahingga cariosan anjeunna ngajadikeun dasar yén bid’ah téh teu sakabéh sasar, nyaéta cariosan: “Sahadé-sahadé bid’ah nya ieu (shalat tarawih berjama’ah)” . sahingga nalika Ubay bin Ka’ab ra. Nyarios ka Umar bin Khaththab ra.: “Wahai Amiril Mu’minin ! saéstuna ieu perkara (shalat tarawih berjama’ah) téh teuaya (di zaman Nabi)”. Umar bin Khaththab ra ngawaler: “ Kami apal, tapi hal ieu téh hadé”. Dumasar kana hal éta pisan, sabagian Ulama ngabagi bid’ah kana dua bentuk bagian, nyaéta bid’ah Hasanah (hadé) jeung bid’ah sayyi’ah (goréng/sasar).
Saperti halna Imam Asy-Syafi’I ra. Nu ngabagi bid’ah kana dua bentuk. Miturut anjeunna yén nalika bid’ah téh nyimpang tina Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka hal ieu téh kaasup bid’ah nu sasar. Tapi lamun perkara bid’ah éta tina perkara-perkara nu hadé nu teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka éta bid’ah téh kaasup bid’ah hasanah (hadé). Sabab, loba perkara nu kaasup bid’ah nu teu di ragukeun deui yén éta téh bid’ah hasanah (hadé).
Tah dumasar kana pamadegan Imam syafi’i ra. di luhur, maka ngayakeun acara Maulid Nabi saw., Isra’ Mi’raj, Miéling taun anyar Islam jeung perayaan-perayaan poé nu ngandung sajarah dina islam séjénna, kaasup kana bid’ah hasanah (hade), teu kagolong kana bid’ah nu sasar. Sabab, dijerona dieusi ku syi’ar islam jeung da’wah Islamiyah. Sedengkeun Syiar jeung Da’wah Islamiyah eta teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama.
Wallohu A’lam Bish-Showaab



Tidak ada komentar: