Sabtu, 24 Oktober 2009

Makna Maulid Nabi Muhammad saw.

هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا (ألفتح:28)
“Nya anjeunna (Alloh) nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna (Alloh) ngunggulkeun éta agama batan sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina” (Al-Fath: 28).
Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunna Nabi Adam as. Kitu, saur sapalih katerangan.
Nu akibat lahirna kanjeng Nabi téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji nyaéta Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla jalalah. Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu dijadikeun Pangéran. Kaping 12 énjing-énjing dina dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi kaping 20 sasih April taun 571 masehi.
Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka panyambutan kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu dipingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu diabadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. Didieu dua sato nu di abadikeun ku Alloh dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat nabi nu sanésna. Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw. nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeten teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh. Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna.
Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi'ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?. Kukituna, didieu urang sadaya kedah émut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya. Mangga urang titénan kana ucapan nu sok sering diucapkeun ku para khotib atanapi para muballigh dina bubuka cacarita atanapi muqodimah boh khuthbah atanapi ceramahna, anu kalimatna nyaéta:
أَلْحَمْدُلِلَّهِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ “sagala puji kagungan Alloh, nya Anjeuna Dzat nu parantos ngirim hiji Rosul atanapi utusan-Na-na”. بِالْهُدَى “Kalayan nyandak Pituduh/hidayah”. وَدِيْنِ اْلحَقِّ “Jeung agama nu Haq".
لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ (pikeun Anjeunna (Alloh) ngunggulkeun éta agama batan sakabéh agama-agama (nu haq mungguh Alloh)
وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا (Cukup Alloh nu jadi saksi) . Ieu téh mangrupakeun potongan ayat ka-28, dina surat Al-Fath anu lengkepna ayat nyaéta:
هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا (ألفتح:28)
“Nya anjeunna (Alloh) nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna (Alloh) ngunggulkeun éta agama batan sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina” (Al-Fath: 28).
Didieu aya dua bekel/amanat nu jadi alat para Rasul kalebet Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngajalankeun tugas karosulanana, jeung hiji tugas nu kudu dilaksanakeun. Naon Dua bekel téh?
Nu kahiji أَلْهُدَى hartina pituduh. Pituduh naon ? Apanan tugas Nabi téh nuduhkeun ka manusa pikeun migusti pangéran nu sahiji ku kalimat لَاِإلَهَ إِلَّاالله (Teu aya pangéran nu wajib disembah anging pangéran nu sahiji nyatana Alloh). Da hakékatna mah para Nabi jeung Rosul diutus téh, taya kajaba sami pikeun nuduhkeun kalimat Tauhid tadi. Hal ieu téh dina raraga ngélingan manusa supaya éling kana purwadaksi, nu baheula éta kalimat tauhid geus jadi Ikrar sakumaha dina asal kajadian, apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rék midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa aya dina alam rahim nalika Alloh naros أَلسْتُ بِرَبِّكُمْ? urang saréréa ngajawab َبلَى شَهِدنَا.
Malihan saur sapalih katerangan, yén jiwa manusa téh asalnamah mibanda “Lathifatur-Robbaaniyyah” (cahaya ka-Pangéranan), nu hartina kacida deukeut hubunganna jeung Alloh Ta’ala, salawasna teu weléh-weléh ngaagungkeun, tur nyucikeun Alloh, tur nu dipikanyaho ku roh jiwa manusa téh anging Alloh wungkul. Tapi, sanggeus roh jiwa manusa diasupkeun tur aya hubungan jeung jasad, didieu roh jiwa manusa téh nyaho yén aya nu séjén salian ti Alloh s.w.t. Tur didieu pisan titik awal tumuwuhna naon nu disebut “poho”. Poho kana asal kajadianana salaku jiwa nu mibanda “"لطيفة الربانية (cahaya ka-Pangéranan), maranéhna poho kana tugas nu kudu dilaksanakeun tina mangpirang-pirang paréntah Alloh atawa kabiasaan nu geus dilaksnakeun saméméh maranéhna diasupkeun kana jasad téa. Hal ieu téh disababkeun ku akibat sagala nu salian Alloh (kaa’inat,kaun/aghyar) téa nu anyar dipikanyaho ku maranéhna nguasaan kana jiwana (nyatana urang sadayana) nu ceuk bahasa suluk téamah "مُنْطَارِعَةً فِى مِرْعَتِهِ ""Sagala nu anyar tadi nempel kuat dina mata haté".
Maka ku sabab éta pisan perlu ayana peringétan/pangéling-ngéling, nya Alloh ngirim/ngutus para rasul kalebet Rosululloh saw. sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:
وَذَكِّرْ فَإِنَّ الذِّكْرَى تَنْفَعُ اْلمُؤْمِنَيْنَ (ألذاريات: 55)
“Bere pangéling-ngéling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna pangéling-ngéling éta kacida aya manfa’atna pikeun jalma-jalma nu ariman”
Jadi, Ngalaksanakeun sagala nu dipépélingkeun atanapi nu di tuduhkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. boh nu bentukna larangan atawa paréntah éta téh mangrupakeun wasilah atanapi cukang lantaran pikeun nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gedé manfaatna. Manfaat pikeun Jiwa urang sadayana nu tadina saméméh dibungkus ku jasad, dina kaayaan beresih tur suci, tuluy jadi kotor ku akibat kaeunteupan panyakit “poho kana purwadaksi” téa, poho kana kaayaan awal kajadian. tah ku jalan urang ngalaksanakeun pepéling atanapi pituduh tegesna "أَلْهُدَى" nu sumpingna ti Kanjeng Nabi Muhammad saw. nu mangrupakeun alat pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala siga baheula.
Nu kadua, bekel nu dicandak téh nyaéta " دِيْنِ اْلحَقِّ" (agama nu haq nu dipikaridho ku Alloh s.w.t), agama nu mana ? tangtuna baé agama Islam, sakumaha dawuhan Alloh:
إِنَّ الدِّينَ عِندَ اللّهِ الإِسْلاَمُ ...(أل عمران : 19)
“Saéstuna agama nu dipikaridho ku Alloh téh nyaéta Agama Islam..”.
Jadi, wungkul agama Islam nu Haq, da hakékatnamah sadaya agama samawi nu diturunkeun ku Alloh sadayana ogé ajaran agama Islam ngan nami "Islam" di anggé ku nami agama nu dicandak ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. tur mangrupakeun panyampurna agama-agama nu saméméhna. Malihan Alloh ngajelaskeun dina Dawuhan-Na-na:
وَمَن يَبْتَغِ غَيْرَ الإِسْلاَمِ دِيناً فَلَن يُقْبَلَ مِنْهُ وَهُوَ فِي الآخِرَةِ مِنَ الْخَاسِرِينَ (أل عمران:85)
"Sing saha jalmana nu neangan agamna salian ti agama islam, maka (ku Alloh ) moal ditarima ti manéhna sarta manéhna di akherat kaasup kana golongan jalma-jalma anu rarugi” (Ali Imran : 85).
Islam téh agama nu nyandak kana kasalamétan, ngajarkeun kapasrahan total, luyu reujeung arti "Islam" nyatana "kasalamétan/kasejahteraan".
Nyandak kana kasalematan didieu, hartina yén islam téh agama nu teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajaranna réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam nu nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu ngalaksanakeunana, tur agama islam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, nu sifatna keuna ku rusak. Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam diajarkeun kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat. Nu akhirna urang sadaya bakal meunang karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang di agem nyatana Alloh s.w.t.
Bisa ogé kecap Islam téh dihartikeun "pasrah". Hartina pasrah didieu yén urang sadaya diperedih sangkan masrahkeun badan sakujur, kalayan total ka Alloh swt. Sabab, hakékatna diri urang, naon nu dipibanda boh harta, kulawarga, pangkat atanapi jabatan sareng sajaba ti éta, sadayana ogé milik Alloh swt., urangmah teu ngaboga-boga, komo umaku miboga, sing émut ! borosot urang ka alam dunya téh dina kaayaan:
لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم
“Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan idzin mantenna Alloh Nu Maha Agung”.
Urangmah Wungkul kaamanatan, katitipan nu hiji waktu urang bakal dipénta pertanggungjawabanana, tugas urangmah miara, ngamanfaatkeun ogé ngagunakeun naon nu dipibanda ku diri urang téh pikeun ibadah ka Alloh, dina raraga ngisi kahirupan di ieu alam dunya, ogé jaga pikeun ngeusian alam nu langgeng taya tungtungna nyatana alam akhérat.
Salajengna, naon tugas nu kudu dilaksanakeun ku para rosul téh? Tugasna taya kajaba iwal ti pikeun:
ِليُظْهِرَه عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ ُ
Pikeun ngunggulkeun éta agama (Agama Islam) batan sakabéh agama-agama).
Hartosna, Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh diperedih sangkan ngunggulkeun ajaran agama Islam ka manusa batan agama-agama nu tos aya saméméhna. Sakumaha dina munggaran pedaran parantos diuningakeun, yén agama Islam téh agama nu dipikaridho ku Alloh swt. Ogé Islam téh mangrupakeun hiji-hijina agama nu dipilih ogé nu dipikaridho ku Alloh Ta'ala sakumaha Dawuhana-Na:
إِنَّ الدِّينَ عِندَ اللّهِ الإِسْلاَمُ وَمَا اخْتَلَفَ الَّذِينَ أُوْتُواْ الْكِتَابَ إِلاَّ مِن بَعْدِ مَا جَاءهُمُ الْعِلْمُ بَغْياً بَيْنَهُمْ وَمَن يَكْفُرْ بِآيَاتِ اللّهِ فَإِنَّ اللّهِ سَرِيعُ الْحِسَابِ (أل عمران: 19)
"Saéstuna agama mungguhing (nu dipikaridho) Alloh -mah wungkul agama Islam, jeung jalma-jalma ahli kitab moal aya persulayaan/pacéngkadan, kajaba sanggeus datang katerangan ka maranéhna, lantaran kaceuceub diantara maranéhna, jeung saha-saha anu kufur kana ayat-ayat Alloh , saéstuna Alloh téh gancang pisan ngayakeun balitunganana. (Ali Imran : 19)
Mangrupakeun hal nu hak/bener mutlak, satiap perkara nu sumpingna ti Alloh Ta'ala, ogé hamo aya nu hak/bener salian ti agama Islam. Ku kituna, sing saha nu miharep atawa miluruh agama salian ti agama Islam, maka manéhna geus milih kabathilan jeung aya dina kaayaan rugi. Dawuhan Alloh Ta’ala:
وَمَن يَبْتَغِ غَيْرَ الإِسْلاَمِ دِيناً فَلَن يُقْبَلَ مِنْهُ وَهُوَ فِي الآخِرَةِ مِنَ الْخَاسِرِينَ (أل عمران:85)
"Sing saha jalmana nu néangan agamna salian ti agama Islam, maka (ku Alloh ) moal ditarima ti manéhna sarta manéhna di akhérat kaasup kana golongan jalma-jalma anu rarugi” (Ali Imran : 85).
Peryogi kauninga yén agama Islam téh disampurnakeun ku Alloh Ta'ala dina sagala segi, sagala nu dibutuhkeun ku manusa pikeun kahirupan dunya ogé akhératna, sahingga sagala bentuk kahirupan manusa kabéhanana geus diatur ku Islam. Kukituna, payus mun seug agama Islam téh, dijadikeun ugeran/pedoman hirup, ogé agama nu sampurna tur nyampurnakeun agama-agama nu saméméhna. Sampurna-na agama Islam téh di sampurnakeun ku Alloh swt. Sakumaha Dawuhanana:
...الْيَوْمَ أَكْمَلْتُ لَكُمْ دِينَكُمْ وَأَتْمَمْتُ عَلَيْكُمْ نِعْمَتِي وَرَضِيتُ لَكُمُ الإِسْلاَمَ دِينا...(ألمائدة : 3)
"...Dina poé ieu Kami (Alloh ) geus nyampurnakeun agama maranéh pikeun maranéh, jeung kamu (Alloh ) geus nyukupkeun ni’mat Kami( Alloh ) keur maranéh, jeung Kami (Alloh ) ridho agama Islam jadi agama maranéh ... " (Al Maidah : 3)
Jadi jelas, yén tugas para rasul kalebet Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh, taya kajaba pikeun ngunggulkeun agama nu haq agama nu bener, nyatana Islam, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. Kukituna Kanjeng Nabi Muhammad saw. parantos ngunggulkeun agama Islam kalayan némbongkeun ka urang sadayana kana agungna ajaran agama Islam, kukituna mangga urang sami-sami ngajaga bari ngalaksanakeun ajaran-ajaran agama Islam kalayan saleres-leresna. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu dipikaridho ku Alloh tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
Wallohu A’lam bish-Showaab

Tidak ada komentar: