Sabtu, 24 Oktober 2009

Obrolan Iblis La’natullohi ‘Alaih Sareng Rosululloh saw.

Alloh swt maparin paréntah ka salah saurang Malaikat-Na pikeun nepungan Iblis geusan nagadugikeun paréntah-Na sangkan Iblis nepungan Rasululloh saw pikeun ngabébérkeun sagala rusiahna, nyaéta naon baé nu dipikaresep jeung naon baé nu dipikangéwa ku Iblis. Nu hikmahna, pikeun ngaluhurkeun darajat Nabi Muhammad saw ogé pikeun jadi taméng peringétan ka sakumna umat manusa.
Gancang ning carita Malaikat téh tepung jeung Iblis tuluy nyarita ngadugikeun Paréntah Alloh swt nu ditujukeun ka Iblis téa: "Héh Iblis! Alloh Nu Maha Mulia tur Maha Agung maréntahkeun ka andika supaya andika datang ka Rasullulloh Muhamad saw. Tur andika kudu ngabébérkeun sagala rusiah andika ngeunaan naon baé nu dipakaresep ku andika, ogé naon baé nu dipikangéwa ku andika turta dimana Rasululloh Muhammad saw. Nanya ku sababaraha pasualan andika kudu ngajawab kalayan bener ulah aya nu disumput-sumput. Dimana andika ngabohong najan sa-kecap, tanwandé andika bakal dipotongkeun tulang-tulang anggota badan andika, dipegatkeun urat-urat awak andika tur bakal ditibanan siksa nu kacida nyerina".
Nalika Iblis narima kabar paréntah jeung ancaman nu didugikeun ku Malaikat ti Alloh swt. ka manéhna, maka iblis ngarasa sieun kacida. Nu satuluyna manéhna gura-giru ngalaksanakeun éta paréntah. Manéhna datang ka payuneun Rosululloh saw. Bari nyamar jadi aki-aki nu picek (matana buta sabeulah) tur boga janggot bodas 10 lambar nu panjangna siga buntut sapi. Tuluy Iblis uluk salam nepikeun ka 3 kali uluk salam, tapi Kanjeng Nabi Muhammad saw. Teu ngawaler éta salam. Nu antukna Iblis Alaihi Laknatulloh, nanya ka Rosululloh saw.:"Ya Rasululloh! Naha ku naon salira teu ngawaler salam jisim Abdi ? sanés salam téh kacida muliana mungguhing Alloh?"
Kanjeng Nabi Muhammad saw. Ngawaler bari bendu: "Héh ’Aduwwullah ( musuh Alloh) ! ka kami anjeun némbongkeun kahadéan, tong coba-coba wawanian nipu ka kami sakumaha manéh nipu barI ngagoda ka Kanjeng Nabi Adam as. Sahingga anjeunna kaluar ti sawarga, ogé ngahasut Qabil nepika maténi Habil, tuluy Nabi Ayyub as. Ku andika ditiupan racun nalika anjeunna nuju sujud sahingga Kanjeng Nabi Ayub as. Gering parna nu sakitu lilana, ogé Kanjeng Nabi Daud as nu kagoda ku pamajikanana Urya, tuluy deui Nabi Sulaiman as. Ninggalkeun karajaanana, ku sabab andika nyamar jadi garwana, ogé sababaraha Nabi jeung para pandita nu geus nanggung kasangsaraan ku akibat hasutan, tipuan jeung réka perdaya andika. Héh Iblis! Mémang bener salam éta kacida muliana mungguhing Alloh azza wajalla, ngan baé salam andika ku kami hamo dijawab, sabab Alloh geus ngaharamkeun. Kami apal yén anjeun téh Iblis, raja sagala iblis, syétan jeung jin nu keur nyamar diri. Naon maksud andika datang nepungan kami? "
Iblis ngajawab:"Ya Nabi Alloh ! Tong waka bendu ka jisim abdi,. Sabab salira téh Khatamul Anbiya, maka salira tiasa terang tur ningali ka jisim abdi. Anapon maksad kadongkapan jisim abdi téh teu aya sanés dipiwarang ku Alloh swt. Pikeun masihan uninga kana naon baé nu ku jisim abdi dipidamel dina ngagoda, nipu sareng sajabina ka umat salira. Ti kawitan zaman Kanjeng Nabi Adam as. Tug dugi ka akhir zaman. Sajaba ti éta ogé Ya Nabiyalloh ! satiap pasualan nu ku salira ditaroskeun ka jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngawaler moal aya nu disumput-sumput.". Satuluyna Iblis sumpah kalayan nyebat asmana Alloh bari tuluy nyarita: "Ya Rasululloh! Sakirana jisim abdi ngabohong sakecap ogé dina ngawaler sagala patarosan salira, maka bakal ancur lebur badan jisim abdi jadi lebu". Saparantos nguping kana sumpah Iblis kitu, Nabi saw. Tuluy imut mésem pinuh ku kabungahan bari ngagarentes dina manahna: ”Ieu kasempétan pikeun kami geusan ngayakeun siasat pikeun ngabongkar sagala hal nu dilakukeun ku manéhna supaya dipikanyaho ku para shahabat-shahabat kami nu aya di majlis ieu, ogé pikeun jadi tameng diri pikeun sakumna umat kami”.
Saterasna Kanjeng Nabi Muhamad saw. Ngawitan ngajukeun pasualan nu kahiji: "Héh Iblis! Saha nu jadi musuh panggedé-gedéna pikeun anjeun, jeung kumaha anggapan diri anjeun ka diri kami ?”. Jawab Iblis: "Ya Nabi Alloh ! Musuh jisim abdi nu pangedé-gedéna nya Salira pisan ku anjeun di antara sakabéh musuh-musuh jisim abdi nu aya di dunya ieu" Nguping kitu Rosululloh saw neuteup seukeut ka Iblis, sahingga katingal Iblis ngageter kasieunan. Tuluy iiblis nyambung deui caritaanana: "Ya Khatamul Anbiya! Ku sabab abdi kalebet bangsa ruhaniyah, maka jisim abdi dipasihan kaistiméwaan ku Alloh tiasa ngarobih diri jisim abdi sakahoyong abdi, abdi tiasa niru bentuk sakabéh makhluk Alloh ti mimiti manusa, sato ogé tutuwuhan kalayan ceplés warna sareng bentuk aslina, kajaba hiji makhluk Alloh nu teutiasa di tiru ku jisim abdi, nya salira ku anjeun pisan makhluk Alloh nu teutiasa ditiru téh, ku sabab dilarang ku Alloh. Upami jisim abdi nyoba-nyoba niru salira, maka jisim abdi bakal ancur lebur jadi lebu”
Pasualan nu kadua nu di¬ajengkeun ku Rosululloh saw. téh nyaéta: "Héh Iblis! Cara naon baé jeung bentukna nu dipigawé ku andika dina ngagoda umat manusa kaasup umat kami ?”
Iblis ngajawab: "Seueur gusti, sagala léngkah manusa anu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. sareng nurut tumut kana pidawuh manten-Na ogé pidawuh salira ku anjeun, sadayana ogé ku jisim abdi di kantégan, dihalangan supaya umat manusa teu tulus dina ngalaksanakeun éta kata’atan”.
”Misalna baé”, Ceuk Iblis neruskeun caritaanna: ”Jisim abdi ngagoda hiji istri nu parantos ngagaduhan carogé supados midamel lampah nirca, ngakhianat ka nu janten carogéna, tug dugi ka éta istri téh masrahkeun kahormatanana ka pameget ni lian. Nu akhirna ngahasilkeun rundayan turunan nu goréng akhlakna”. Salian ti éta jisim abdi ngagoda ka umat manusa supaya ngantunkeun sholat, nyeueurkeun tuang-leueut tina rizki nu haram, saupamina tuang-leueutna tina hasil nu halal maka digoda ku jisim abdi supaya kaleuleuwihi dina nuangna (isrof). Ogé jisim abdi ngagoda manusa supaya milampah kadorakaan nu matak Alloh bendu, kalayan nancebkeun hiji perasaan ka manusa ku godaan harta banda kayaning emas, pérak sareng permata, ingon-ingon, tatanén tina hasil kebon sareng sawah sareng sajabina, supaya maranéhna ngabalanjakeun éta harta banda téh kana jalan haram tur dina miluruhna ogé ku jalan nu haram. Teras ka para pamuda sareng pamudi para kaum rumaja generasina umat salira, ku jisim abdi digoda maranéhna dina masalah campur gaul antara maranéhna nu lain muhrim, palebah dinya jisim abdi ngagoda maranéhna supaya ngalakukeun zina, sareng perkara nu ngadeukeutan kana zina”.
”Salian ti éta kalebet godaan jisim abdi ogé diantarana seueurna manusa ngaleueut arak (Narkoba, jeung nu sanésna. réd.), supaya maranéhna leungit akalna, sahingga ngalakukeun hal-hal maksiat. Ogé kalebet bentuk godaan jisim abdi ngabohong, nipu, ngadzolim, silih pikaceuceub, musyrik (midua Alloh), dengki, hasud, ujub, riya, takabur, mumusuhan, teu akur, sareng sajabina. Dimana maranéhna sadar satutasna ngalakukeun kasalahan terus manéhna ngarencanakeun pikeun ngeureunan tegesna tobat, maka jisim abdi bakal ngagoda maranéhna ku cara supaya maranéhna téh nunda-nunda kana tobat, sanggeus kitu, ku jisim abdi digoda deui ku godaan nu leuwih rongkah, sahingga maranéhna ngalakukeun deui kamaksiyatan”. ”Cindekna ya Nabiyalloh,” Iblis mungkas caritaanana: ”Jisim abdi ngagoda ka umat manusa téh sakuat tanaga sagala cara bakal dilaksanakeun, nu tujuanna teu aya sanés, supaya manusa méngpar tina tetekon agama."
Saparantos nguping jawaban Iblis kitu, Kanjeng Nabi saw. Neraskeun kana pasualan nu katilu, semu nu keuheul Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh: "Héh Iblis ! Naha ku naon andika ngalakukeun éta kabéh ? Padahal, mun seug ku andika dipikir, naon nu dilakukeun ku andika téh éstu taya faédah jeung manfaatna, malah nu puguhmah kalah ka tambah-tambah laknat jeung bebendon Allohswt ka andika turta siksa nu kacida beuratna jaga di naraka minangka wawalesna ?. Héh laknatulloh ! Saha nu nyiptakeun andika? Saha nu manjangkeun umur andika ? saha nu méré panénjo ka andika ? Saha nu méré pengdéngé ka andika ? saha nu méré kakuatan ka andika, sahingga andika bisa jagjag, séhat tur kuat ?. saha nu méré éta sakabéh téh héh Iblis".
Iblis ngajawab: "Sadayana ogé anugerah paparin ti Allohswt Nu Maha Agung, ya Nabiyalloh !. Nanging, nu janten pasualan téh, nyaéta hawa nafsu sareng rasa takabur diri nu matak jisim abdi tigebrus kana lampah nu salamina lepat. Salira ogé langkung uninga, yén satemenna jisim abdi téh tos mangrébu-rébu taun lamina janten pamingpin para Malaikat, harkat sareng martabat ogé darajat kadudukan abdi disagédéngeun Allohswt. kacida nyongcolangna, ti langit ka hiji nepi ka kangit nu pangluhurna mungguhing Allohswt terus nérékél, ku hal éta pisan, saterasna jisim abdi tiasa nyicingan alam dunya ieu rada lami sasarengan reujeung para Malaikat. Tug dugi ka lumungsur Dawuhan Alloh swt, nu seja nyiptakeun saurang Khalifah di dunya ieu. Tah ku hal éta pisan jisim abdi téh baruntak teu nampi kana rencana Allohswt. Tapi, katetepan Allohswt hamo tiasa dirobih deui, nya diciptakeun hiji tangtungan lalaki, nyaéta Nabi Adam téa. Saparantos réngsé Nabi Adam diciptakeun, maka Alloh maréntahkeun ka sakumna Malaikat pikeun masihan sujud kahurmatan ka Nabi Adam, anging jisim abdi nu teu ngalaksanakeun. Nu akhirna Allohswt bendu ka jisim Abdi, tur ngalaknat jisim abdi tug dugi ka akhir zaman”.
Tuluy Iblis ngalanjutkeun deui caritaanana: ”Ya Nabiyalloh ! kusabab jisim abdi mugen teu ngalaksanakeun paréntah Allohswt pikeun maparin sujud kahurmatan ka Nabi Adam, dadak sasakala nu kawitna raray jisim abdi kasép ngalémpréng konéng téh, dadak sakala robih janten raray nu goréng patut nu jadi gambaran kana kalakuan jisim abdi nu resep kana midamel lampah jahat sareng maksiyat. Ku kajadian kitu jisim abdi téh mingkin nyeri haté baé, komo nalika Allohswt ngaistrénan Nabi Adam janten raja di sawarga bari maparin praméswari nu geulis kawanti-wanti éndahna malih warna, nyaéta Siti Hawa nu dipaparin ogé kalungguhan minangka pamingpin sakumna bidadari nu aya di sawarga. mingkin nambih deui kanyeri haté sareng dendem jisim abdi téh ka Nabi Adam, nu akhirna satékah polah jisim abdi ngalakukeun réka perdaya, supaya Nabi Adam sareng Siti Hawa dipikabendu ku Alloh swt. Nya ari terus-terusan teuingmah, usaha jisim abdi téh ngabuahkeun hasil ku cara nipu Siti Hawa supaya miwarang Nabi Adam tuang buah Khuldi, nu ngabalukarkeun duanana diusir ti lebet sawarga lumungsur ka alam dunya, bari lumungsur ka alam dunyana téh dipisahkeun mangtaun-taun, nu tuluyna ditepungkeun ku Alloh di Padang Arafah, saparantosna duanana patepung nu satuluyna ngarundaykeun turunan, nya borosot baé Nabi Adam sareng Siti Hawa téh ngagaduhan turunan nu munggaran, nyaéta lahirna dua putra sareng dua putri. Ku sabab jisim abdi masih kénéh teuacan puas kana kanyerian haté jisim abdi, nya turunan Nabi adam téh ku jisim abdi digoda deui ku hasutan-hasutan nu balukarna lumangsung kajantenan maténina Qabil ka dulurna Habil. Teu cukup sakitu, ti harita tug dugi ka akhir zaman, jisim abdi hamo lirén ngagoda ka turunan Nabi Adam kalebet umat salira”.
”Ya Nabiyalloh ! sateuacan salira babar ka alam dunya, jisim abdi sareng balad-balad kalayan gampil tiasa naék kalangit, pikeun maling déngé kana rusiah-rusiah kajadian nu bakal kaalaman ku manusa nu aya di lauhil mahfudz, nu saterasna jisim abdi lungsur deui ka alam dunya pikeun méré béja ka manusa kana rusiah-rusiah éta, bari béja éta ku jisim abdi dipéngkolkeun teu luyu reujeung béja nu aya di lauhilmahfudz nu tujuanana supaya manusa sasar tur nukang nonggong ka Alloh swt. Tapi, saprak salira babar ka alam dunya, jisim abdi teu tiasa deui naék ka langit sabab ku Allohswt dilarang. Mun seug jisim abdi maksa pikeun naék ka langit, maka para malaikat nu ngajaga satiap lawang langit bakal malédogan ka jisim abdi ku batu reujeung panah nu bahanna tina seuneu, tos seueur balad-balad jisim abdi nu perlaya ancur lebur jadi lebu ka beuleum, tisaprak harita jisim abdi nandangan ka susah dina ngayakeun hasutan sareng godaan ka manusa”.
Saparantos nguping kana caritaan Iblis samodél kitu Kanjeng Nabi saw, ngajengkeun deui pasualan nu kaopat kalina: "Hé Iblis! Naon nu dilakukeun ku andika dina ngamimitian ngagoda umat manusa ?
Iblis ngajawab: "Nu munggaran dipidamel ku jisim abdi dina ngagoda umat manusa kalebet umat salira téh, nyaéta dipéngkolkeunana i’tikad kaimanan-nana manusa kana kakufuran, ngawitan haté, kalakuan ogé ucapanana. Saupami teu tiasa ka goda baé, maka ku jisim abdi digoda supaya manusa horéam ngalakukeun ibadah, sahingga sakedik demi sakedik maranéhna tigebrus nurut tumut kana kahoyong jisim abdi”.
Kanjeng Nabi saw. dadawuh deui nu ka-5 kalina: "Héh Iblis! Kumaha karasana ku andika mun seug umat Kami ngalaksanakeun sholat bari khusyu’ karana Alloh swt ?”
Iblis ngajawab: "Ya Nabiyalloh ! nalika umat salira ngalaksanakeun sholat kalayan khusyu’ karana Alloh swt. Maka nu karaos ku jisim abdi, awak jisim abdi ngegeter, leuleus satulang sandi taya kakuatan, sapertos nu dipupul bayu, taya tangan pangawasa. Ku hal éta, maka jisim abdi ngerahkeun wadia balad jisim abdi pikeun ngagoda ka umat salira, kana sakabéh anggota badanna, supaya timbul kahoréam dina ngalaksanakeun sholat, was-was, hilap kana étangan rokaat, émut baé kana kasibukan dunya nu ditinggalkeunana, gura-giru dina ngalaksanakeun sholatna, jauh tina ka-thumaninah-an, anggang kana ka-khusyu’-an, kitu kénéh kana paningal matana supaya rurat-rérét ka kiwa sareng ka tengen, cepilna supaya ngupingkeun sora-sora nu matak rusakna rasa khusyu’. Salajengna nalika umat salira nuju sujud, maka balad jisim abdi calik dina pundukna supaya teu kiat lami dina sujudna, kitu kénéh nalika lungguh tasyahud/tahiyat ku jisim abdi digoda supaya teu kiat lami ogé, sahingga tumuwuh dina haté umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat téh hoyong énggal bérés sholatna. Tah, saupamina balad-balad jisim abdi teu hasil ngagoda umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat, maka jisim abdi bakal nibankeun hukuman ka balad jisim abdi, kalayan hukuman nu kacida abotna "
Teras Kanjeng Nabi saw ngajukeun deui pasualan nu ka-6: "Lamun umat kami maca Al-Quran karana Alloh swt, kumaha kaayaan andika?"
Iblis ngajawab: ”Duh abot karaosna ku jisim abdi ya Nabiyalloh ! Dimana umat salira ngaos ayat suci Al-Quran kalayan karana Alloh swt, maka jisim abdi karaosna sapertos kabeuleum, paregat kabéh urat-urat jisim abdi, nu satuluyna jisim abdi lumpat nebihan manéhna”.
Kanjeng Nabi saw nyusul tepus deui ku pasualan nu ka-7: "Terus kumaha karasana ku andika, dimana umat kami ngalaksanakeun ibadah haji karana Alloh swt ?".
Jawab Iblis: "Ancur waruga jisim abdi, marurag daging sareng tulang-tulang jisim abdi, ku sabab umat salira parantos nyampurnakeun rukun Islam".
Kanjeng Nabi saw nyusul deui ku pasualan nu ka-8: "Tuluy kumaha kaayaan andika, dimana umat kami ngalaksanakeun puasa di bulan Romadhon kalayan karana Alloh swt?"
Jawab Iblis: "Ya Rosululloh ! Ieu pisan musibah sareng bahaya nu kacida rongkahna pikeun jisim abdi sabalad-balad. Sabab, nalika lebet kana awal Romadhon, maka ngaburisat cahaya ’Arasy sareng Kursy Alloh swt, ma lihan para Malaikat mapag kalayan pinuh ku kasuka sareng kabungah. Atuh pikeun jalma-jalma nu ngajalankeun ibadah puasa dina bulan ieu, maka Alloh swt bakal maparin panghampura tina samudayaning dosa nu tos kalangkung kalayan digentoskeun ku wawales pahala nu kacida agung tur luhur ajén-na, malihan Alloh swt ngabéntenkeun pahalana sareng ibadah-ibadah nu sanésna. Salian ti éta, hamo dicatet dosa nu dilakukeun pikeun jalma-jalma nu puasa. Aya nu matak ngahancurkeun haté jisim abdi, nyaéta saeusi langit sareng bumi; yakni Malaikat, bulan, béntang sareng makhluk sanésna, sadayana siang kalayan wengi ngado’akeun supaya Allohswt maparin panghampura pikeun jalma nu puasa. Tur hiji kamuliaan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaéta dimerdékakeun tina azab/siksa naraka. Malihan sadaya panto naraka ditutup, sareng dibuka kalayan salega-legana sadaya panto sawarga, sarta ditiupkeunna angin nu bijil ti handapeun Arasy nu namina angin Syirah nu kacida lemesna ka jero sawarga. Aya hal nu matak abdi teu walakaya, ya Nabiyalloh !, nyaéta dina sumpingna sasih Romadhon, kalayan paréntah Allohswt diutusna para Malaikat nu garanggas pikeun néwakkan jisim abdi sabalad-balad, nu satuluyna ngaborogod ogé dipasungna sampéan sareng panangan jisim abdi ku beusi panas bari diranté kalayan kacida kuatna, sahingga jisim abdi sabalad-balad teutiasa leupas. Saparantos kitu, jisim abdi sabalad-balad téh dibebeskeun ka lebet bumi nu pangjero-jerona. Teu kitu baé, jisim abdi sabalad-balad salami éta, ditibanan siksa ku Alloh swt tug dugi ka réngséna sasih Romadhon”.
Kanjeung Nabi saw. Ngadawuh deui nu ka-9 kalina: "Héh Iblis! Kumaha sikep andika ka para shahabat-sahahabat Kami?"
Jawab Iblis - "Ya Nabiyalloh ! para shahabat salira kalebet musuh jisim abdi ogé nu pangedé-gedéna. Taya daya sareng upaya Jisim abdi ngalawan aranjeunna sareng teuaya hiji ogé tipu daya jisim abdi sareng balad-balad nu keuna ka aranjeunna. Apan salira ku anjeun parantos dadawuh: "Sadaya sahahabat salira téh lir ibarat béntang di langit, dimana nurut tumut ka aranjeunna, maka bakal kénging pitiduh”.
”Sapertos Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. Sateuacan sasarengan sareng anjeun ya Rosululloh, jisim abdi teutiasa ngagoda anjeunna, komo saparantos sasarengan sareng anjeun, tegesna lebet Islam, jisim abdi teu tiasa pisan ngagoda anjeunna.. Anjeunna kacida percayana kana perkara nu hak nu sumpingna ti salira, sahingga anjeunna janten wazirul a'dham. Malihan salira ku anjeun parantos ngadawuh: ”Yén saupamina ditimbang antara saeusi dunya ieu sareng amal sholéh-na Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. maka bakal langkung abot kénéh amalna sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mertua salira, ku ngadahupna salira ka putrina, nyatana Sayyidatina ’Aisyah ra. nu seueur apal kana Hadits-hadits salira”.
”Teras Sayidina Umar bin Khaththab ra. Jisim abdi kacida teu wantunna neuteup kana raray anjeunna. Ku sabab, anjeunna kacida luhung wawanénna nalika mayunan para musuh-musuh Alloh swt. sareng musuh salira. Ogé anjeunna kacida taat kana ngajalankeun hukum syaré’at Islam tur tara ponténg ka nu konéng tara cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na, nilas sa-plas-na dina ngajalankeun hukum syaré’at Islam éta. Saupamina jisim abdi neuteup kana rarayna, maka ngageter satulang sandi jisim abdi bari pinuh ku rasa kasieun nu kacida. Hal ieu téh ku sabab, iman anjeunna kacida kuatna, teguh pengkuh nyepeng pamadegan. Ditambih deui ku dawuhan salira ku anjeun: "Saupamina aya Nabi saba’da salira, maka sayyidana Umar bin Khoththob kacida pantesna janten gegentos saparantos salira”.
”Ogé anjeunna mangrupakeun jalmi nu diarep-arep ku salira, nalika kapungkur salira ngado’a ka Alloh swt. supados dipaparin hidayah pikeun lebet Islam antawis dua Umar, nya nu ka pilih ku Alloh swt. téh sayyidina Umar bin Khoththob ra. sarta anjeunna kacida pinterna ngabéntenkeun mana jalmi nu kafir sareng mana jalmi islam, kukituna pan anjeunna nyandang gelar 'Al-Faruq'”.
”Kitu kénéh Saydina Usman bin Affan ra. Abdi teu tiasa nyakeutan komo kudu bari ngagoda ka anjeunna. Sabab, salamina lisan anjeunna baseuh ku aosan Al-Quran. Anjeunna janten pamingpin jalmi-jalmi nu sabar, pamingpin para syuhada, ogé anjeunna téh apan kalebet mantu salira ku anjeun tug dugi ka dua kali. Tur ku lantaran kata’atanana, seueur Malaikat sumping anjang sono pinuh ku rasa hurmat, ajrih ka anjeunna. Ditambih deui ku dawuhan salira: "sing saha jalmina nu nyerat kalimat Bismillahirrahmanirrahim dina kitab atanapi kertas-kertas ku mangsi beureum, maka bakal meunang pahala saperti pahalana Usman nu maot syahid"
”Komo deui ka Sayidina Ali bin Abi Thalib ra. jisim abdi kacida sieunna ku sabab keteuneungna, kagagahanana lébér ku wawanén nalika mayunan musuh Islam di médan jihad, anjeunna teu sieun ku pati, malah réla ridho ikhlas saupamina maot di médan jihad. Tapi sanajan gagah, lébér wawanén ogé, anjeunna tetep kacida sopan, alim pinuh ku rasa kadeudeuh, sikepna asak jeujeuhan, satiap léngkah pinuh ku perhitungan, tara gagabah, kacida apik tur wara’ (ati-ati) ogé kacida zuhudna. Saupamina jisim abdi sareng balad-balad wantun neuteup kana raray anjeunna, maka karaosna asa kaduruk, ancur kadua paningal jisim abdi, sabab anjeunna téh kacida kuatna kana ibadah sarta anjeunna golongan pamuda nu ti payun lebet ka Islam. sareng anjeunna tara tungkul ajrih dipayuneun arca-arca sesembahan kaum musyrikin, sahingga anjeunna nyandang gelar 'Ali Karamullahu Wajhahu' (Ali nu dimulyakeun rarayna ku Alloh swt.) ogé gelar 'Asadulloh’ (singa-na Alloh ) malihan salira ku anjeun ngadawuh: "Salira ku Anjeun minangka gudang élmu, sedengkeun sayyidina Ali minangka pantona”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mantu salira, ku ngadahup anjeunna sareng putri salira Sayyidatina Fatimah Az-Zahra.”
Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-10 kalina: "Kumaha carana andika ngalakukeun jeung ngayakeun tipu daya ka umat Kami, sahingga umat kami jadi méngpar tina sagala ajaran kami?"
Jawab Iblis - "Dina leresan ieu, ku jisim abdi umat salira téh dibagi janten tilu golongan. Nu Kahiji, nyaéta umat salira nu kagolong lir ibarat hujan ti langit nu ngahirupkeun sagala tutuwuhan, nya golongan ieu téh disebut ’Ulama nu salamina maparin naséhat sareng wasiyat ka manusa supados ta’at, ngalaksankeun sagala piwarang Alloh swt. sarta ngantunkeun sagala nu dilarang ku Manten-Na, sakumaha sasauran malaikat Jibrail a.s: "Ulama téh minangka oborna dunya sareng akhérat”. Tah ka golongan ieu jisim abdi ngagoda ku cara jisim abdi ngahasud maranéhna supados ayana pacéngkadan, ayana persulayaan dina paham, sanaos ku salira parantos diuningakeun yén persulayaan di antara umat salira téh minangka rohmat. Tah ku jisim abdi dipéngkolkeun supaya sanés rohmat nu karaos tapi laknat. Tumuwuhna rasa hasud, umaku asa pangbenerna henteu batur, sahingga ku hal ieu, hareupan jisim abdi méngkolna ogé mengparna patékadan maranéhna supaya méngparkeun ajaran salira kaluar tina ajaran asalna nu sumpingna ti salira”.
Nu kadua, golongan umat salira téh lir ibarat taneuh, nyaéta jalmi-jalmi nu shabar, nu syukur sareng ridho kana sagala karunia anugerah pamaparin Alloh. Salamina midamel amal soléh, ta’at, tawakal sareng milampah kahadéan. Tah, golongan ieu, jisim abdi ngagoda supaya ilang sifat qona’ah (rasa tumarima), sifat shabarna digentos janten aral, rasa syukurna janten kufur, ta’atna janten ma’shiyat”.
Nu katilu, golongan umat salira téh lir ibarat Fira’un; nu kacida harak sarakah kana dunya sarta ninggalkeun amaliyah akhérat. Tah kogolongan ieumah, jisim abdi kacida resep tur suka bungah karasana ka jisim abdi, sabab geus teu kedah digoda ku cara-cara nu hébat, da bahan pikeun ngagodana ogé tos nyampak aya dina dirina. Ku kituna jisim abdi kantun lebet kana badanna, tuluy ku jisim abdi diputerkeun haténa kana lautan doraka sareng jisim abdi mawa kana karep manéhna supaya maranéhna nurut kana sagala karep jisim abdi. Jadi, manéhna salilana guligah, marudah, kapégpéongan, kabongroy ku kaéndahan dunya nu hakékatna sarba nipu. Teu aya niat sakedik ogé dina dirina pikeun ngandelan ku élmu pangaweruh komo bari nyuprihna. Waktu-waktuna dipaké pikeun maksiyat tara pisan nyempetkeun waktu pikeun ngalakukeun ta’at ogé amal ibadah, teu aya niat seja ngaluarkeun shodakoh tina harta nu geus dipibandana. Lamun maranéhna dina kaayaan miskin maka ku jisim abdi digoda supados haroréam kana ibadah, nganaha-naha ka Alloh, aral subaha kana kaayaan manéhna, tur dimana manéhna aya dina kacukupan harta, maka ku jisim abdi digoda supados lali pikeun ngaluarkeun zakat, tebih kana tulung tinulungan ka sasama, anggang kana rasa kanyaah ka sasama, ceplés sapertos kaayaan Qorun nu dilelepkeun ka jero taneuh ku Alloh bareng sareng harta dunya nu dipikareueus sareng dipikameumeutna”.
”Teras upami sumping cocobi ti Alloh, maranéhna ku jisim abdi digoda supados teu sabar, ngarasula sareng sajabina. Nyacampah ka jalmi miskin, ngahina ka jalmi malarat, nganggap musuh ka jalmi nu taat ibadah, ogé ngabalanjakeun harta manéhna kana jalan ma’siyat, resep judi sareng zina ogé ngalaksanakeun kama’siyatan sanésna”
Saterasna Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-11 kalina: "Saha nu sarupa jeung andika diantara hamba-hamba kami, héh iblis?".
Jawab Iblis: "Nu sarupi sareng jisim abdi ti antara umat salira, nyaéta jalma nu ngalalaworakeun kana syaré’at ajaran salira sareng jalma nu ngahalangan tur mikangéwa ka jalma-jalma nu keur nyuprih élmu agama."
Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-12: "Héh Iblis ! Saha diantara umat kami nu matak andika jadi suka jeung bungah?"
Jawab Iblis: "Nu matak abdi suka bungahmah, nyaéta nalika aya diantara umat salira nu milampah dosa, ngalakukeun sumpah palsu, jadi saksi palsu, sareng nu nyulayaan kana jangji"
Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh nu ka-13 kalina: "Naon kalakuan anjeun nu kacida lemes tur rusiahna pikeun umat kami?”
Jawab Iblis: ”Nyaéta nalika salah saurang diantara umat salira nu lebet ka Jamban (WC) pikeun Kahampangan sareng miceun, bari lebet ka jamban (WC)-na téh teu dibarengan ku maca do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngabalurkeun kana awakna kotoran najis-na nu dikaluarkeun ku si éta jalma".
Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-14 kalina: "Nalika umat kami boga pangabutuh ka pamajikanana nu satuluyna ngayakeun hubungan badan, kumaha pamolah anjeun ka maranéhna ? "
Jawab Iblis: "Dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal lumpat ngajauhan maranéhna, tegesna maranéhna aman tina gangguan jisim abdi. Tapi, dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna teu maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka abdi bakal mayunan carogéna si istri pikeun ngalakukeun hubungan badan sareng istrina. Saparantos kitu, maka bakal campur bibit turunan jisim abdi sareng bibit turunan ti si istri tadi, nu akhirna dimana jadi anak, maka anakna bakal resep milampah kamaksiyatan, doraka ka nu janten ibu ramana, ogé bakal nukang nonggong ka Alloh tur bakal migawe kana naon-naon nu dilarang ku Alloh. Kitu kénéh nalika umat salira taruang-leueut tanpa di awalan ku ngaos Bismillah, maka jisim abdi nu tipayun tuang-leueut nu bade ditaruang-leueut ku maranéhna, sahingga pangaruhna najan tuang saseueur-seueurna, hamo aya rasa wareg, tah didinya jisim abdi ngagoda supaya umat salira isrof (kaleuleuwihi)”.
Kanjeng Nabi saw. naros deui nu ka-15: "Naon carana supaya bisa nolak tipu daya andika, héh Iblis ?”
Jawab Iblis: "Nalika umat salira ngalakukeun dosa, maka manéhna kedah engal-enggal tobat ka Alloh, bari nangis pinuh ku rasa kaduhung kana naon-naon nu parantos dipilampah. Ogé nalika emosi / ambek kedah enggal-enggal susuci (wudhu) kalayan sampurna, maka ku hal kitu, bakal ngeureunan ogé mepes amarahna. Maka ku hal éta jisim abdi hamo bisa ngagoda ka manéhna”.
Saterasna Kanjeng Nabi saw. ngadawuh nu ka-16 kalina: "Saha jalmana diantara umat kami nu ku andika dipikaresep?"
Jawab Iblis: "Diantawis umat salira nu dipikaresep ku jisim abdi téh, nyaéta umat salira nu pemeget ogé istri nu tara nyukur atanapi nyabutan bulu kelek sareng bulu laranganana salami 40 dinten. Sabab ku teu dicukur sareng teu dicabutanana éta dua bulu nu aya di dua tempet téh dijantenkeun tempat nyayang pikeun gugulayunan jisim abdi sabalad-balad”.
Saparantos kitu Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-17 kalina: "Héh Iblis! Saha nu jadi dulur andika?"
Jawab Iblis: "Dulur jisim abdimah nyaéta jalma nu kulemna ngakuban, teras umat salira nu kulem tibra dina waktu shubuh dugi ka bijilna fajar. Ogé umat salira nu nalika tepung sareng waktos lohor, asar, maghrib sareng isya, maranéhna haroream kangge netepan sholat "
Teras Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-18 kalina: "Lampah naon nu matak ngabinasakeun diri andika?"
Jawab Iblis: "Nu matak ngabinasakeun jisim abdimah, nyaéta lampahna umat salira nu seueur nyebat-nyebat asmana Alloh, sodakoh nu teu katerang ku nu sanés, nyeueurkeun tobat, nyeueurkeun tadarus Al-Quran sareng solat tengah wengi"
Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-19 kalina: "Héh Iblis! Naon nu nyababkeun ancurna panenjo mata andika?"
Jawab Iblis: "Nyaéta nalika aya jalma nu calik di lebet masjid bari diniatan I’tikaf di lebetna”
Saterasna Kanjeng Nabi saw. Mungkas kan obrolan anjeunna sareng Iblis la’natullohi ta’ala ku pasualan nu ka-20 kalina: "Naon deui nu nyababkeun ancurna panenjo mata andika? "
Jawab Iblis: "Nu matak paningal soca abdi janten ancur téh, diantarana nyaéta jalmi nu taat ka ibu ramana, ngupingkeun kana cariosan ibu ramana, ngajamin tuang-leueut ogé bahan sandang sareng pangan ogé papan ka ibu ramana salami ibu ramana masih jumeneng, kapan salira ku anjeun parantos ngadawuh: 'Sawarga téh aya dina dampal sampean ibu "
Al-Hamdulillah, rengse pedaran obrolan antawis Rosululloh saw. Sareng Iblis laknatullohi ta’ala ’alaih, mugia janten bebenteng diri tina sadaya reka perdaya Iblis. Amin ya Alloh robbal ’alamin.
Walloohu A’lam Bishowaab.


Tidak ada komentar: