Sabtu, 24 Oktober 2009

Makna Hakekat 'Idul Fitri

َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) manusa. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).

Kecap عِيْدُ(‘Iid) mibanda harti “balik” atawa “mulang”, sedengkeun kecap فِطْرِ (Fithri) mibanda harti “ Suci” atawa “Kasucian” bisa ogé dihartikeun “Agama nu bener” tur bisa mibanda harti ogé “asal kajadian”. Lamun urang mere harti kana kecap فِطْرِ (Fithri) kana harti “Agama nu bener”, maka hal éta téh nuntut ka urang pikeun “nyaluyukeun kana hiji hubungan” sabab nyaluyukeun hiji hubungan mangrupakeun tanda ngagemna hiji agama nu bener nyaéta agama Islam. Tegesna hubungan antara manusa (Makhluq) jeung Allah (Khaliq), ku kituna Kanjeng Nabi saw. Kantos ngadawuh أَلدِّيْنُ الْمُعَامَلَةُ (Ad-Diinu Al-Mu’amalatu) tegesna yen agama téh hiji hubungan. Salian ti éta ogé silih nasehatan ogé silih hargaan kaasup kana ajaran agama, ku kituna Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh أَلدِّيْنُ النَّصِيْحَةُ (Ad-Diinu An-Nashihatu). Dumasar kana hal éta, maka satiap jalma nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) kudu tumuwuh rasa sadar yen satiap jalma ngalakukeun hiji kasalahan, jeung tina kasadaran éta manehna tumuwuh rasa pikeun mere
ogé narima hampura ti batur ngeunaan kasalahan nu geus dilakukeun Kitu keneh lamun Fitrah dihartikeun kana “kasucian”. Hal ieu bisa dirasakeun nalika urang aya dina kaayaan cicing Tafakur (mikir) kana sagala kakawasaan Pangeran, Tadzakur (eling) ka nu maha nyiptakeun, ogé Tasyakur (syukur) kana sagala nikmat Allah swt nu geus dipaparinkeun ka urang. Sahingga karasa tumuwuhna rasa tingtrim bathin, tiis pikir, ayem tengtrem, ogé Tuma’ninah (tenang) kaayaan. Saba’dana nyalsekeun sagala masalah, rengsena kasibukan duniawiyah, maka bakal karasa ogé kadenge hiji sora nu bijil tina ati sanubari ngajak ka urang pikeun ngobrol, ngajak ka urang pikeun ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Suci, ogé nu ngajak ka urang pikeun sadar diri yeng urang téh kacida lemahna di payuneun Nu Maha Agung. Sora nu bijil tina ati sanubari éta téh taya kajaba sora fitrah urang salaku manusa nu salalawasna ngajak pikeun ngabdi, ngaula ka Nu Maha Kawasa.Sora ieu ogé nu sering ngajak ka urang pikeun salalawasna ngagungkeun ka Allah swt. Salalawasna sora ieu téh noelan hate urang pikeun sadar, tapi ku sabab kapangaruhan ku hawa nafsu duniawiyah nu nimbulkeun sibukna urang dina ngudag-ngudag ogé nguruskeunana, nu akhirna ngakibatkeun tumuwuh mangpirang dosa-dosa, maka sora “kasucian” éta téh terkadang ku urang sorangan tara diropea, tara dianggap. Sok padahal sora éta téh taya kajaba nu sering diucapkeun nalika tepungna urang reujeung عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nyaéta kalimat ‘Takbir’ أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). ogé nalika urang ngawalan ngalakukeun ibadah sholat. Dumasar kana hal éta, maka nalika kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung) bener-bener geus sumurup miraga sukma ngahiji ngadarah daging, bakal ngaleungitkeun sagala rasa nu ngagantungkeun kana salian ti Allah swt. Salalawasna bakal ngalahirkeun hiji tangtungan manusa nu wungkul ka Allah ngagantungkeun harepan, wungkul ka Allah ngaula, wungkul ka Allah pikeun Ibadah ogé wungkul ka Allah pikeun minangsaraya miharep pitulung إيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ.
Ibnu sina ngajelaskeun dina kitabna Al-Isyarat wa Tanbihat, yen lamun seug manusa neuleuman kan kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). maka manehna geus asup kana golongan para ‘Arifin nyaéta jalma-jalma nu bebas tina beungkeutan hawa nafsu duniawiyah, manehna salawasna bakal mapaes dirina ku sifat darehedeh jeung budi nu marahmay, ogé mapaes dirina ku akhlakul karimah. hal ieu timbul tina hatena nu pinuhan ku katingtriman, katumaninahan (katenangan) nu nimbulkeun rasa gumbira, ku sabab salawasna ngahadirkeun hate pikeun ngaagungkeun Allah swt, dina dirina tumuwuh rasa yen hakekatna makhluk kaasup dirina the leutik, lemah, taya kakuatan dipayuneun Allah swt. لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Saterusna Ibnu Sina ngajelaskeun, yen mun manusa geus tumuwuh rasa samodel kitu maka manehna bakal boga anggapan yen rahmat Allah swt milik sarerea, boh pikeun jalma ta’at oge jalma nu loba maksiyat. Manehna moal boga rasa pikeun ngarorek kasalahan batur, nu aya malah sibuk ku menta hampura ka Allah tina sagala kasalahan, manehna bakal jadi jalma nu hampuraan, moal aya rasa dendem, atawa ngucik-ngucik komo nungtun raja wisuna, jauh tina dirina sifat gede ambek sanajan ningali kamunkaran, manehna nyarek moal make jalan kasar komo garihal, estu bakal
nyarek ku jalan nu hade kalayan nerapkeun akhlakul karimah sakumaha nu dicontokeun ku Rosululloh saw. Najan ka dirina aya nu ngahina, nu nyacampah pasti bakal ditarima kalayan hate nu pinuh rasa hampura. Sifat silih pikanyaah, silih pikaasih, silih pikaheman, salawasna jadi papaes dina kahirupan, jauh tina pacengkadan, jauh tina papaseaan. Hal ieu teh akibat tujuan hirupna wungkul hiji nyaeta لِبْتِغَاءِ مَرْضَاتِ الله (Pikeun nyuprih atawa miluruh Ridho Allah swt.).
Makna Kasucian teh gabungan tilu unsur: Bener, hade, jeung endah. Sahingga jalma nu nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nu mibanda harti mulang atawa balik kana kasucian, bakal salawasna mapaes diri ku laku lampah nu bener, hade jeung endah. Sabab, ku akibat tilu unsur eta saupamana jadi papaes diri manusa, maka bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu linuhung jeung pinuji. Manehna bakal salawasna miluruh hal-hal nu hade bari salawasna milampah kahadean bari mapaes diri ku akhlakul karimah nu endah bari salawasna ngajaga, ngariksa oge taat kana tetekon agama jeung darigama kalayan bener-bener. Sabab ku laku lampah nu bener bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu salawasna ngandelan dirina ku elmu pangaweruh. Sabab laku lampah hade bakal ngahadirkeun hate jeung sikep nu pinuji oge ngalahirkeun tata laku pinuh ku kasopanan tegesna akhlakul karimah salawasna mapaes diri, oge ku sabab kaendahan bakal ngalahirkeun seni kahirupan nu endah ditingalina matak jadi eunteung pikeun nu sejen. Ku tilu unsur eta bakal ngahalangan jalma pikeun milampah kasalahan, jauh tina kamaksiyatan.
Jadi dina raraga urang mulang deui kana kasucian tegesna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri), aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun, diantarana nyeta:
1. Halal bi Halal
Halal bihalal ngandung unsur silih hampura reujeung silaturahmi. Urang hamo manggihan dina Al-Qur’an atawa Hadits nu nuduhkeun kana ngajelaskeun harti nu pasti ngeunaan halal bihalal. Istilah halal bi halal mangrupakeun budaya khas urang Indonesia. Nu hal eta bakal nimbulkeun harti nu sifatna teu pasti pikeun bangsa deungeun-deungeun luar bangsa indonesia dina ngahartikeunanas sok sanajan maranehna paham kana ajaran islam oge paham kana bahasa Arab. Tapi najan bari kitu, halal bihalal bisa ngandung sababaraha harti atawa makna, nu bisa ditingali ku rupa-rupa paham dina ngahartikeunana.
Lamun ngabahas ngeunaan halal bihalal segi hukum, maka urang bisa nyokot harti yen kecap halal teh lawan tina kecap haram. Sedengkeun kecap haram mungguhing
nyaeta hiji perkara nu dilarang, mun seug dilakukeun bakal nimbulkeun dosa oge ngakibatkeun turunna siksa pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Megatkeun silaturrahmi atawa tali duduluran teh hukum dilarang dina agama islam, maka ku ayana halal bihalal jadi bisa nyambung deui. Nu teu akur jadi akur, nu silih pikangewa jadi silih pikanyaah, silih pikaasih.
Sedengkeun makna halal bihalal ditingali tina segi bahasa, maka bisa ditingal tina asal kecap halal eta, asal kecap ) حَلَلٌ halal( teh tina kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) nu mibanda harti nu pirang-pirang diluyukeun jeung kecap panyambungna atau gabungan kecap samemeh atau saba’dana. Kecap kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) bisa mibanda harti “nyalsekeun masalah atawa kasulitan”, bisa oge dihartikeun “Ngabereskeun benang nu pakusut”, bisa oge dihartikeun “ngahencerkeun perkara nu ngabeku atawa nu teuas”. Bisa oge dihartikeun “ngaleupaskeun tali nu ngaborogod”. Dumasar kana pirang-pirang harti eta, maka halal bi halal teh ngandung makna atawa maksud pikeun ngayakeun hiji tindakan pikeun ngarubah hubungan nu tadina kiruh jadi herang, atawa nu tadina teu akur jadi akur, nu tadina kaborogod ku tali ka ngewa jadi bebas oge silih bebaskeun ku tali kaasih jeung kaheman. Tegesna silih hampura tina sagala kasalahan jeung dosa antara sasama.
2. Silaturahmi
Silaturahmi asal tina dua kecap nu disambungkeun nyaeta tinda kecap صِلَةٌ(Shilat) jeungرَحِيْمٌ (Rohim). Kecap صِلَةٌ(Shilat) asal tina kecapوَصْلٌ )Washl( nu mibanda harti "nyambungkeun" atawa "ngumpulkeun". Sedengkeun kecap رَحِيْمٌ (Rohim) mibanda harti "kaasih" atawa "kaheman", nu bisa ngandung harti oge hiji anggota badan nu aya di kaum hawa’ nyaeta hiji tempat nu nyimpen bahan pi-anak-keun tegesna “kandungan”. Sabab saban anak nu dikandung ku hiji istri salawasna meunang rasa kaasih oge kaheman. Jadi صِلَةُ الرَّحيْمُ )silaturahim( bisa dihartikeun "nyambungkeun tali kaasih nu geus pegat", atawa "ngumpulkeun rasa kaheman atawa rasa kaasih nu pabureuncay atawa nu geus papisah".
Dumasar kana hal eta sahingga luyu reujeung dawuhan kanjeng Nabi saw. :“ Lain disebut silaturahim pikeun jalma nu ngabales kana anjang sono atawa males pamere (hadiah) nu dibere ku nu lian, tapi nu disebut silaturahmi nyaeta jalma nu nyambungkeun
perkara nu pegat atawa ngumpulkeun perkara nu papisah” (H.R. Imam Bukhari)
Malah dina dawuhan nu sejen Kanjeng Nabi saw. Ngajadikeun hiji ukuran pikeun hiji jalma ngeunaan kaimanana ka Allah swt. Ku dawuhanana: “Sing saha jalmana nu iman ka Allah jeung poe akhir, maka sambungkeun tali kaasih jeung kaheman”
Oge dina dawuhan Allah swt:
َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) jalma. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Asbabun Nuzul ieu ayat teh nalika kajadian ngeunaan kasaksian palsu Misthah ka siti ‘Aisyah, abu baker sumpah nalika kabuktian eta tuduhan teh bohong, maka anjeunna sumpah hamo mere nafaqoh deui ka Misthah. Kukituna Allah maparin wahyu ka Kanajeng Nabi saw. Supaya didugikeun ka para shahabat supaya ngahampura ka jalma nu ngieun kasalahan antara sasama. Tah Dina ayat ieu aya tilu hal nu kudu jadi sikep urang, nyaeta: 1) Nahan Kaambek; 2) Mere hampura, jeung 3) Migawe kahadean.
Dina al-qur’an kecap hampura teh make istilah أَلْْعَفْوٌ(Al-‘Afwun) nu ngandung harti "ngagugurkeun" atawa "ngalebur". Kukituna jalma nu silih hampura ngandung makna silih gugurkeun atawa silih leburkeun tapak-tapak kasalahan nu geus dilakukeun.
Dumasar kana hal eta, maka dina raraga urang neuleuman makna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) ieu, maka tilu hal eta kudu jadi kagiatan urang dina ngeusian عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) oge dina raraga ngawujudkeun diri urang teh jadi jalma nu mulang atawa balik deui kana kasucian. Tegesna urang kudu muka lambaran anyar kahirupan bari nutupan lambaran heubeul nu kiruh pinuh ku kokotor kahirupan nu jadi hahalang urang deukeutna ka Allah swt. Mudah-mudahan urang kagolong kana jalma nu barik deui (kana kasucian) oge golongan jalma-jalma nu meunang kabagjaan, tur Allah nampi kana ibadah shaum urang. Amin Ya Allah Ya Robbal Alamin. Wallohu A’lam Bish-Shawab.

Tidak ada komentar: