Senin, 26 Oktober 2009

KUMPULAN-KUMPULAN KHUTBAH

MA'NA MAULID NABI MUHAMMAD SAW.
أَلسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاُتهُُُُُُُ
أَلحَْمْدُلله ِألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا أَشْهَدُ أَنْ لَاإِلَهَ إِلَّااللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ شَهَادَةً تُنْجِيْ قَآئِلَهَامِنَ الدُّنْيَا إِلىَ يَوْمِ اْلجَزَآءِ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَناَمُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اْلمُصْطَفَى أَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلىَ سَيِّدَنَا وَمَوْلَانَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ مَنْ أَهْلِ الصِّدْقِ وَاْلوَفَى (أَمَّا بَعْدُ) أَيهُّاَاْلحَاضِرُوْنَ! أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِي بِتَقْوَىاللهِ فَقَدْ فَازَالْمُتَّقُوْنَ أَعُوْذُ بِالله ِمِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ قُلْ إِنْ كُنْتُمْ تُحِبُّوْنَ اللهَ فَاتَّبِعُوْنِيْ يُحْبِبْكُمُ الله َوَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوْبَكُمْ إِنَّ اللهَ غَفُوْرٌرَّحِيْمٌ

Hadirin nu sami-sami miharep Ridho Alloh !
Saparantos urang nyandingkeun puji, ka Gusti Nu Maha Suci Alloh Robbul 'Izzaty, nyandangkeun puja ka Nu Maha Kawasa Alloh 'Azza Wa Jalla. Ngahaturkeun syukur ku pitutur, ka Alloh Robbun Ghofur, nu mana ku kersa Manten-Na urang sadaya tiasa ngalaksanakeun hiji amaliyah kawajiban saminggu sakali, nyatana ibadah sholat Jum'at. Tur, nya Mantenna pisan nu maparin mangpirang-pirang kanikmatan anu kacida seueurna, kalebet nikmat nu pangageung-ageung-na nyaéta ni'mat Iman sareng ni'mat Islam. Nu jadi matak balahi kabina-bina, lamun éta ni'mat téh coplok dina diri urang, Na'udzu Billahi Min Dzalik. Sholawat miwah kawilujengan mugia salamina ngucur ka jungjunan urang sadayana, nu salamina jadi panutan, tur jadi suri tauladan dina sagala tingkah sareng paripolah urang sadaya salaku umat Islam khususna, umumna umat Islam nu aya di sakuliah alam dunya, Nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina, para shohabatna tug dugi ka urang sadaya nu mudah-mudahan kalebet ka golong umatna nu jaga kénging Syafa'atul 'Udzma. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
Hadirin Rohimakumulloh !
Ayeuna urang nincak dina sasih anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad saw. anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunna Nabi Adam as. Kitu, saur sapalih katerangan. Nu akibat lahirna kanjeng Nabi téh ngahiliwirkeun angin katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji nyaéta Alloh Robbul Izzaty. Nu akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla jalalah. Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu dijadikeun Pangéran. Kaping 12 énjing-énjing dina dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka masyhur, Atanapi kaping 20 sasih April taun 571 masehi.
Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka panyambutan kana babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah alam dunya. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan anu dipingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu diabadikeun dina ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. Didieu dua sato nu di abadikeun ku Alloh dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat nabi nu sanésna. Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw. nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia, ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal cicing ngajeten teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh.
Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku panghurmatan nu kacida agungna. Nu jadi pertanyaan pikeun urang sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina sajarah sasih Robi'ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?. Kukituna didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di utus ka alam dunya. Mangga urang titénan kana ucapan nu sok sering diucapkeun ku para khotib atanapi para muballigh dina bubuka cacarita atanapi muqodimah boh khuthbah atanapi ceramahna, anu kalimatna nyaéta: أَلْحَمْدُلِلَّهِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ “sagala puji kagungan Alloh, nya Anjeuna Dzat nu parantos ngirim hiji Rosul atanapi utusan-Na-na”. بِالْهُدَى “Kalayan nyandak Pituduh/hidayah”. وَدِيْنِ اْلحَقِّ “Jeung agama nu Haq". لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ (Pikeun ngajelaskeun/némbongkeun/ngadzohirkeun kana eusining agama (nu haq mungguh Alloh) sakabéhanana. Hartosna, ulah aya nu disumput-sumput,), وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا “Cukup Alloh nu jadi saksi” . Ieu téh mangrupakeun potongan ayat ka-28, dina surat Al-Fath anu lengkepna ayat nyaéta:
هُوَ ألَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ اْلحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلىَ الدِّينْ ِكُلِّهِ وَكَفَى بِالله ِشَهِيْدًا
“Nya anjeunna nu ngutus Rasul-Na, kalawan mawa pituduh jeung agama nu haq (bener), pikeun Anjeunna ngunggulkeun éta agama batan agama sakabéh agama-agama, jeung cukup Alloh nu jadi saksina”.
Didieu aya dua bekel/amanat nu jadi alat para Rasul kalebet Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w dina ngajalankeun tugas karosulanana, jeung hiji tugas nu kudu dilaksanakeun. Naon Dua bekel téh?
Nu kahiji أَلْهُدَى hartina pituduh. Pituduh naon ? Apanan tugas Nabi téh nuduhkeun ka manusa pikeun migusti pangéran nu sahiji ku kalimat لَاِإلَهَ إِلَّاالله (Teu aya pangéran nu wajib disembah anging pangéran nu sahiji nyatana Alloh). Da hakékatna mah para Nabi jeung Rosul diutus téh, taya kajaba sami pikeun nuduhkeun kalimat Tauhid tadi. Hal ieu téh dina raraga ngélingan manusa supaya éling kana purwa daksi, nu baheula éta kalimat tauhid geus jadi ikrar sakumaha dina asal kajadian, apanan urang téh geus ariman tur geus be’at langsung dipayuneun Alloh Ta’ala, yén urang téh moal rék midua anjeun-Na, urang tos ikrar dina mangsa aya dina alam rahim nalika Alloh naros أَلسْتُ بِرَبِّكُمْ? urang saréréa ngajawab َبلَى شَهِدنَا.
Malihan saur sapalih katerangan, yén jiwa manusa téh asalnamah mibanda “Lathifatur-Robbaaniyyah” (cahaya ka-Pangéranan), nu hartina kacida deukeut hubunganna jeung Alloh Ta’ala, salawasna teu weléh-weléh ngaagungkeun, tur nyucikeun Alloh, tur nu dipikanyaho ku roh jiwa manusa téh anging Alloh wungkul. Tapi, sanggeus roh jiwa manusa diasupkeun tur aya hubungan jeung jasad, didieu roh jiwa manusa téh nyaho yén aya nu séjén salian ti Alloh s.w.t. Tur didieu pisan titik awal tumuwuhna naon nu disebut “poho”. Poho kana asal kajadianana salaku jiwa nu mibanda “"لطيفة الربانية (cahaya ka-Pangéranan), maranéhna poho kana tugas nu kudu dilaksanakeun tina mangpirang-pirang paréntah Alloh atawa kabiasaan nu geus dilaksnakeun saméméh maranéhna diasupkeun kana jasad téa. Hal ieu téh disababkeun ku akibat sagala nu salian Alloh (kaa’inat,kaun/aghyar) téa nu anyar dipikanyaho ku maranéhna nguasaan kana jiwana (nyatana urang sadayana) nu ceuk bahasa suluk téamah
"مُنْطَارِعَةً فِى مِرْعَتِهِ "
"Sagala nu anyar tadi nempel kuat dina mata haté".
Maka ku sabab éta pisan perlu ayana peringetan/pengéling-ngéling, nya Alloh ngirim/ngutus para rasul kalebet Rosululloh saw. sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat ayat 55:
وَذَكِّرْ فَإِنَّ الذِّكْرَى تَنْفَعُ اْلمُؤْمِنَيْنَ
“Bere pangéling-ngéling ku Anjeun (Muhammad) saéstuna pangéling-ngéling éta kacida aya manfa’atna pikeun jalma-jalma nu ariman”
Jadi, Ngalaksanakeun sagala nu dipépélingkeun atanapi nu di tuuduhkeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. boh nu bentukna larangan atawa paréntah éta téh mangrupakeun wasilah atanapi cukang lantaran pikeun nagberesihkeun haté, jiwa jeung perasaan nu kacida gedé manfaatna. Manfaat pikeun Jiwa urang sadayana nu tadina saméméh dibungkus ku jasad, dina kaayaan beresih tur suci, tuluy jadi kotor ku akibat kaeunteupan panyakit “poho kana purwadaksi” téa, poho kana kaayaan awal kajadian. tah ku jalan urang ngalaksanakeun pepéling atanapi pituduh tegesna "أَلْهُدَى" nu sumpingna ti Kanjeng Nabi Muhammad saw. nu mangrupakeun alat pikeun ngaberesihkeun jiwa, maka urang bakal bisa deui balik deui kana kajadian awal urang tur bakal tepung nyaksian ‘Al-Haq” nyatana Alloh Ta’ala siga béheula. Nu kadua bekel nu dicandak téh nyaéta " دِيْنِ اْلحَقِّ" (agama nu haq nu dipikaridho ku Alloh s.w.t), agama nu mana ? nu jelasmah agama Islam sakumaha dawuhan Alloh: "Innad-Diina 'Indalloohil-Islaam" (saéstuna agama nu dipikaridho ku Alloh téh nyaéta Agama Islam).jadi mun ukur agama Islam nu Haq, da hakékatnamah sadaya agama samawi nu diturunkeun ku Alloh sadayana ogé ajaran agama Islam ngan nami "Islam" di anggé ku nami agama nu dicandak ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. tur mangrupakeun panyampurna agama-agama nu saméméhna. Malihan Alloh ngajelaskeun dina Dawuhan-Na-na وَمَنْ يَّبْتَغِ غَيْرَ اْلإِسْلاَمَ دِيْنًا فَلَنْ ُيقْبَلَ مِنْهُ.... (Jeung sing saha jalamana nu neangan agama salian ti agama Islam maka ku kami (saur Alloh) bakal di tolak tegesna moal ditarima).
Hadirin Rohimakumulloh !
Islam téh agama nu nyandak kana kasalametan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti "Islam" nyatana "kasalametan/kasejahteraan". Nyandak kana kasalematan didieu, hartina yén islam téh teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajarana réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam nu nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu ngalaksaakeunana.tur agama islam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya, sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna keuna ku rusak. Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam diajarkeun kumaha carana urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat. Nu akhirna urang sadaya bakal meunang karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang di agem nyatana Alloh s.w.t.
Bisa ogé dihartikeun "pasrah" hartina pasrah didieu yén urang sadaya diperedih sangkan masrahkeun badan sakujur, kalayan total ka Alloh swt. Sabab, hakékatna diri urang téh kabéh ogé milik Alloh, urangmah teu ngaboga-boga لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم(Taya daya, taya kakuatan, anging kalayan idzin mantenna Alloh Nu Maha Agung). Urangmah Wungkul kaamanatan, katitipan nu hiji waktu urang bakal dipenta pertanggungjawabanana, tugas urangnah miara, ngamanfaatkeun ogé ngagunakeun diri urang téh pikeun ibadah ka Alloh dina raraga ngisi kahirupan di alam dunya, ogé jaga pikeun ngisian alam nu langgeng taya tungtungna nyatana alam akhérat. Salajengna naon tugas nu kudu dilaksanakeun ku para rosul téh? Nu kahiji tugasna, ِليُظْهِرَهُ (Pikeun ngajelaskeun/némbongkeun/ ngadzohirkeun). Naon nu kudu ditémbongkeun téh ? عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ (Agama sacara global/menyeluruh). hartosna para Nabi téh diperedih sangkan némbongkeun ajaran agama Islam ka manusa kalayan menyeluruh ulah aya nu disumput-sumput, supaya manusa téh apal kana kaagungan agama Alloh, kana kasucian agama Alloh, tur ngarti bari paham ogé ngamalkeun agama kalawan élmuna. Sabab fitrah manusa moal ngaku hiji perkara lamun tadina teu nyaho, moal resep ka hiji perkara lamun tadina teu apal, jadi apal/nyaho tuluy mikaresep kusabab, geus apal/geus wanoh tur nyaho kana jeroanana hiji perkara, kaasup apal kana kaagungan agama, nyatana agama Islam. Tah didieu tugasna para rasul pikeun némbongkeun kaagungan agama nu haq agama nu bener téa, nyatana agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. Kalebet Kanjeng Nabi Muhammad saw. tos némbongkeun ka urang sadayana kana agungna ajaran agama Islam, kukituna mangga urang sami-sami ngajaga bari ngalaksanakeun ajaran-ajaran agama Islam kalayan saleres-leresna. Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma-jalma nu dipikaridho ku Alloh ku sabab wasilahna urang sadaya jadi jalma nu Muslim bari ngalaksanakeun ajaran ka islaman, agama nu dipikaridho ku Alloh s.w.t. tur mudah-mudahan hidayah nu tos ngancik di diri urang mugia sing tetep ayana, dikuatkeun ku Alloh s.wt. Amin ya Alloh Ya Robbal 'Alamin.
بَارَكَ الله ُلِيْ وَلَكُمْ فِىاْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمُ وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآياَتِ وَالذِّكْرِاْلحَكِيْمُ وَتَقَبَّلْ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ اْلعَلِيْمُ أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأسْتَغْفِرُالله َاْلعَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ

Sabtu, 24 Oktober 2009

Washiyat Kanjeng Nabi saw.

عَنْ أَبِيْ نَجِيْحٍ اْلعِرْبَاضِ بْنِ سَارِيَةِ رَضِيَ الله ُ عَنْهُ قَالَ : وَعَظَنَا رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ مَوْعِظَةً وَجِلَتْ مِنْهَا اْلقُلُوْبُ وَذَرِفَتْ مِنْهَا اْلعُيُوْنُ , فَقُلْنَا يَا رَسُوْلَ الله كَأَ نَّهَا مَوْعِظَةُ مُوَدَّعٍ فَأَوْصِنَا , قَالَ: أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّوَجَلَّ , وَالسَّمْعِ وَالطَّاعَةِ وَإِنْ تَأَمَّرَ عَلَيْكَ عَبْدٌ , فَإِنَّه ُمَنْ َيعِشَ مِنْكُمْ بَعْدِيْ فَسَيَرَى إِخْتِلاَفًاكَثِيْرًا فَعَلَيْكُمْ بِسُنَّتِيْ وَسُنَّة ِالْخُلَفَآءُ الْمُهْتَدِيْنَ الرَّاشِدِيْنَ تَمَسَّكُوْا بِهَا وَعَضُّوْا عَلَيْهَا بِاالنَّوَاجِدِ, وَإِيَّاكُمْ وَمُحْدَثَاتِ اْلأُمُوْرِ فَإِنَّ لِكُلِّ بِدْعَةٌ ضَلاَلَةٌ - رَوَاهُ أَبُوْدَاوُدَ وَالتِّرْمِذِيْ وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ
“Ti Abu Najih, Al ‘Irbad bin Sariyah ra. Anjeunna nyarios: “Rasulullah saw. Parantos maparin naséhat ka kami (para shahabat) kalayan hiji naséhat nu ngageterkeun haté tur nu ngalantarankeun nyurucudna cimata”. Kami (para shahabat) unjukan:,"Duh Rasulullah, naséhat nu (didugikeun ku salira téh) saolah-olah naséhat ti jalmi nu badé pamitan seja papisah salalawasna (Maot), ku kituna, mugia salira kersa maparin wasiyat ka abdi sadaya" Rasulullah saw. Ngadawuh: "Kami méré wasiat ka aranjeun sakabéh sangkan tetep aya dina kataqwaan ka Alloh nu Maha Agung tur Maha Mulia, ogé tetep ngadéngé jeung ta'at sanajan nu marentahkeun ka anjeun sakabéh saurang hamba sahaya (budak).Satemenna sing saha jalmana nu hirup diantara aranjeun saba’dana kami maot, maka manéhna bakal ningali lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan), maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham. Jeung jauhan ku aranjeun kabéh hal-hal nu anyar (bid’ah) sabab, satemenna sakabéh perkara anyar (bid'ah) éta sasar." (HR. Abu Daud jeung At Tirmidzi, Hadits Hasan Shahih) [Abu Dawud no. 4607, Tirmidzi no. 2676]

Hadits di luhur ngandung sababaraha wasiyat diantara wasiyat-wasiyat Rasulullah saw. ka para shahabat khususna, umumna ka urang salaku umatna. Kacutat dina matan (eusining) hadits téh diantarana wasiyat taqwa, jeung nurut tumut ka para pamingpin islam. Nu tujuanana taya kajaba pikeun ngahontal kabagjaan dunya jeung akhérat. Nu eta kabeh téh bisa dihontal mun seug nyekel pageuh kana Sunnah-sunnah Rosulullah saw. jeung sunnah para khulafaur-Rasyidin ra. bari ngajauhan laku lampah bid’ah. Hikmah tina eusining hadits di luhur diantarana nyaéta ngeunaan wasiyat atawa naséhat Rasulullah saw. Nu ngeuna nu istilah di hadits di luhur ku kalimat مَوْعِظَةُ بَلِغَةٌ (Mau’idzotun Balighotun) “pitutur nu ngeuna”. Hartina, naséhat nu ngabekas atawa naséhat nu aya tapak dina haté ka nu ngadéngéna sahingga nimbulkeun hiji perubahan sikep. Malahan dina Hadits di luhur digambarkeun, yén para shahabat satutasna ngupingkeun naséhat atanapi wasiyat Kanjeng Nabi saw. dugi ka narangis, sahingga nu karaos ku para shahabat, yén wasiyat Kanjeng Nabi saw. téh lir ibarat jalmi nu badé ngantunkeun ieu alam dunya. Sahingga Rédaksi Hadits nu séjénmah disebatkeun, yén Rosululloh saw. ngadawuh: “Saéstuna ieu naséhat téh ti jalma nu bakal papisah salilana (maot)”. Teras para shahabat naros: “Naon atuh ya Rasulullah nu badé diwasiyatkeun ku salira ka abdi sadaya téh ?” Rasulullah saw. Ngadawuh :“Kami tinggalkeun aranjeun kabéh dina kaayaan caang, peutingna lir ibarat beurang, hamo aya nu nyimpang (mun seug aya nu nyimpang) maka manéhna bakal ancur binasa”.
Naséhat nyaéta maparin hiji wejangan nu eusina bisa hiji pépéling, bisa ogé hiji papatah atawa amanat lisan nu éta naséhat téh bener-bener kudu dilaksanakeun sabab mun teu dilaksanakeun bakal nimbulkeun akibat-akibat nu teu dipiharep. Tah naséhat Rasulullah saw. Dina Hadits di luhur ngandung hiji pépéling nu sifatna nyingsieunan (At-Takhwif) tapi nyingsieunan didieu ngandung maksud hiji pépéling supaya umatna henteu tigebrus kana kacilakaan nu fatal ku akibat teu ngalaksanakeun kana naon-naon nu diwasiyatkeun ku Rosulullah saw.
Wasiyat nu kahiji dina hadits di luhur téh, nyaéta Kanjeng Nabi saw. Maparin wasiyat Sangkan urang tetep aya dina kataqwaan أُوْصِيْكُمْ بِتَقْوَى اللهِ عَزَّوَجَلَّ. Sagala ibadah nu disyaré’atkeun tujuanana taya kajaba supaya ngawujudna katakwaan dina jiwa katut raga pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Sahingga kataqwaan téh mangrupakeun hiji ukuran mulia jeung henteuna hiji manusa dipayuneun Allah swt. Kataqwaan ogé mangrupakeun bekel urang dina raraga nyiapkeun diri pikeun jaga ngeusian alam nu langgeng taya tungtungna. Sabab jalma nu taqwa hirupna bakal ati-ati pinuh kawaspadaan, teu sambarangan dina ngagarap hiji pagawéan, pinuh ku perhitungan kana kamaslahatan batan kamafsadatan dumasar kana hal éta, maka wungkul taqwa nu bakal jadi bekel nu panghadé-hadéna pikeun jaga urang mayunan Alloh swt. ogé pikeun jadi taméng nalika mayunan mahkamah Agung Allah swt. Nu satuluyna nu bakal jadi kaputusan meunang kabagjaan jeung henteuna dina ngeusian alam nu abadi, alam nu teu aya tungtungna nyatana akhérat.
Wasiat nu kadua, nyaéta ngeunaan kuduna merhatikeun ngadéngé bari nurut tur tumut kana sagala paréntah nu hadé nu bijilna ti pamingpin Islam. Pamingpin nu mingpin kaum muslimin tinangtu dina maréntah téh pasti ngandung kana kamaslahatan umat. Kukituna nurut tumut ka saurang pamingpin téh minangka kawajiban nu diwajibkeun ku Allah swt. Sakumaha Dawuhanana dina Al-Qur’an Surat An-Nisa’ [4] ayat 59:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ أَطِيعُواْ اللّهَ وَأَطِيعُواْ الرَّسُولَ وَأُوْلِي الأَمْرِ مِنكُمْ
“Yeuh jalma-jalma nu ariman ! Geura tarumut maranéh ka Allah jeung ka Rasul, jeung ka nu nyekel kakawasaan diantara maranéh .......”(An-Nisa [4]:59)
Dina Hadits di luhur, Rasulullah saw. maparin hiji mitsil (perumpamaan), yén sanajan nu mingpin téh hiji hamba sahaya (budak beulian) ti nagri Habasyah tapi kudu diturut jeung digugu ogé didéngé kana sagala paréntahna. Para Ulama maparin tafsiran kana ieu rédaksi Hadits, yen sabenerna teu mungkin saurang hamba sahaya (budak beulian) jadi pamingpin. tapi maksud ieu rédaksi hadits téh nyaéta Nabi saw. Maparin hiji pépéling yén dimana kakawasaan atawa hiji perkara disérénkeun atawa dicekel ku nu lain ahlina, maka bakal tumuwuhna karusakan nu fatal. Tapi dimana hal ieu lumangsung, tegesna kakawasaan jeung sagala pekara dicekel atawa disérénkeun ka nu lain ahlina, maka sikep nu kudu jadi pamadegan nyaéta tetep urang nurut tumut ka maranéhna kalayan tujuan ngahindar tina karusakan nu leuwih rongkah, bisa jadi maranéhna téh cocoba ti Allah swt pikeun sakumna umat Islam nu dipingpin, sangkan umat islam tetep sabar ngarah teu timbul fitnah nu leuwih fatal kana sagala hal nu lumangsung nu sabenerna lain hak naranéhna dina nyekel urasan kieu téh.
Ngeunaan wasiyat nu katilu Rasulullah saw. maparin gambaran kaayaan umatna saba’da anjeunna pupus. Yén umatna téh bakal lumangsung lobana ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan). Miturut Imam Ibnu Daqa’iq ra. Ieu téh mangrupakeun mu’jizat Kanjeng Nabi Muhammad saw. anjeunna tiasa maca kaayaan nu bakal datang, kaasup kana bakal lumangsungna ikhtilaf (persulayaan/béda pamadegan) diantara umatna saba’da anjeunna teu aya. Sabenerna Kanjeng Nabi saw. uninga nu sajéléntréna kajadian nu bakal lumangsung, tapi anjeunna ngahaja teu ngajelaskeun ka para shahabat. Anjeunna wungkul maparin gambaran kaayaan nu bakal lumangsung sacara umum. Tur maparin pépéling supaya para shahabat ogé umatna sangkan waspada mun seug kajadian ikhtilaf
(persulayaan /béda pamadegan) téh karandapan. Hal ieu dumasar kana dawuhan anjeunna dina eusi hadits di luhur, anjeunna ngadawuh: “Maka lamun geus kitu prak cekel nu pageuh kana sunnah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin nu meunang pituduh (hidayah), cekel kalayan kuat duanana (sunah kami jeung sunnah Khulafaur-Rasyidin) jeung gegel nu kuat ku huntu caréham”.
Sunnah nyaéta jalan nu kudu disorang, kukituna kecap sunnah ngabeungkeut kana lalampahan Rosulullah saw. jeung para shahabat-shahabatna nu diluluguan ku Khulafaur-Rasyidin (Abu Bakar Ash-Shidiq, Umar bin Khaththab, Utsman bin Affan jeung Ali bin Abi Thalib). Sabab makna sunnah miturut istilah, nyaéta jalan, cara atawa sistem nu dipikaresep tur digawéan dina agama sakumaha nu dicontokeun prak-prakkanana ku Rosulullah saw. boh dawuhanana, padamelanana ogé kapanujuan atawa katetepan anjeunna kana hal nu dilakukeun ku para shahabat.
Ku kituna hamo mang-mang hamo ragu dina raraga nyekel bener-bener nu pageuh kana sunnah sunnah Nabi saw. jeung Sunnah Khulafaur-Rasyidin ra. bakal kahontalna kabagjaan jeung kasalamétan, terutama nalika lumangsungna ikhtilaf (persulayaan /béda pamadegan). Hartina, nalika lumangsungna kajadian (persulayaan /béda pamadegan) maka sikep urang nu paling hadé, nyaéta mulangkeun sagalana kana naon-naon nu kacutat dina Al-Qur’an jeung Sunnah Rasululllah saw. ogé sunah para shahabat.
Washiyat nu kaopat nyaéta ngeunaan sangkan urang ngajauhan laku lampah bid’ah. Ari harti, makna jeung katerangan ngeunaan bid’ah miturut bahasa nyaaéta hiji perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh teu aya samemehna, tegesna perkara nu anyar diayakeun. Sedengkeun bid’ah miturut istilah nyaéta naon-naon nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil khusus jeung dalil umum.
Ngeunaan perkara bid’ah aya Hadits Nabi saw. : “Sing saha jalmana nu ngaya-ngaya perkara dina urusan kami (agama), jeung perkara nu lain bagian tina éta perkara (agama), maka sagala nu dilakukan téh katolak (teu ditarima)”.
Para Ulama béda pamadegan dina nafsirkeun bid’ah, aya sabagian Ulama ngajelaskeun yén sagala bid’ah téh sasar. Tegesna rék kumaha baé bentukna sagala perkara nu diaya-ayakeun nu éta perkara téh nyulayaan kana syaré’at agama ogé nyulayaan kana dalil umum jeung dalil khusus, tegesna teu aya dasar pisan dina agama, maka éta téh kaasup sasar. Hal ieu nyekel kana dawuhan Kanjeng Nabi saw.: “Sakabéh bidah téh éta sasar”.
Aya deui sabagéan Ulama nu boga pamadegan teu sakabéh bid’ah éta sasar, pamadegan aranjeunna téh di dadasaran ku tingkah para shahabat, saperti Sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra. ngumpulkeun Al-Qur’an sahingga jadi hiji mushaf, merangan jalma-jalma islam nu teu ngaluarkeun zakat.
Tuluy Sayyidina Umar bin Khaththab ra. Nalika ngumpulkeun manusa (umat Islam) dina shalat wengi bulan Ramadhan (shalat tarawih) kalayan berjama’ah, sahingga cariosan anjeunna ngajadikeun dasar yén bid’ah téh teu sakabéh sasar, nyaéta cariosan: “Sahadé-sahadé bid’ah nya ieu (shalat tarawih berjama’ah)” . sahingga nalika Ubay bin Ka’ab ra. Nyarios ka Umar bin Khaththab ra.: “Wahai Amiril Mu’minin ! saéstuna ieu perkara (shalat tarawih berjama’ah) téh teuaya (di zaman Nabi)”. Umar bin Khaththab ra ngawaler: “ Kami apal, tapi hal ieu téh hadé”. Dumasar kana hal éta pisan, sabagian Ulama ngabagi bid’ah kana dua bentuk bagian, nyaéta bid’ah Hasanah (hadé) jeung bid’ah sayyi’ah (goréng/sasar).
Saperti halna Imam Asy-Syafi’I ra. Nu ngabagi bid’ah kana dua bentuk. Miturut anjeunna yén nalika bid’ah téh nyimpang tina Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka hal ieu téh kaasup bid’ah nu sasar. Tapi lamun perkara bid’ah éta tina perkara-perkara nu hadé nu teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama, maka éta bid’ah téh kaasup bid’ah hasanah (hadé). Sabab, loba perkara nu kaasup bid’ah nu teu di ragukeun deui yén éta téh bid’ah hasanah (hadé).
Tah dumasar kana pamadegan Imam syafi’i ra. di luhur, maka ngayakeun acara Maulid Nabi saw., Isra’ Mi’raj, Miéling taun anyar Islam jeung perayaan-perayaan poé nu ngandung sajarah dina islam séjénna, kaasup kana bid’ah hasanah (hade), teu kagolong kana bid’ah nu sasar. Sabab, dijerona dieusi ku syi’ar islam jeung da’wah Islamiyah. Sedengkeun Syiar jeung Da’wah Islamiyah eta teu nyulayaan kana Al-Qur’an, Sunnah Nabi saw. jeung atsar para shahabat ra. ogé teu nyulayaan kana ijma’ para ulama.
Wallohu A’lam Bish-Showaab



Kautamaan Puasa Jeung Bulan Romadhon

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ كُتِبَ عَلَيْكُمُ الصِّيَامُ كَمَا كُتِبَ عَلَى الَّذِينَ مِن قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُونَ أَيَّاماً مَّعْدُودَاتٍ فَمَن كَانَ مِنكُم مَّرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ وَعَلَى الَّذِينَ يُطِيقُونَهُ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِينٍ فَمَن تَطَوَّعَ خَيْراً فَهُوَ خَيْرٌ لَّهُ وَأَن تَصُومُواْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ شَهْرُ رَمَضَانَ الَّذِيَ أُنزِلَ فِيهِ الْقُرْآنُ هُدًى لِّلنَّاسِ وَبَيِّنَاتٍ مِّنَ الْهُدَى وَالْفُرْقَانِ فَمَن شَهِدَ مِنكُمُ الشَّهْرَ فَلْيَصُمْهُ وَمَن كَانَ مَرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ يُرِيدُ اللّهُ بِكُمُ الْيُسْرَ وَلاَ يُرِيدُ بِكُمُ الْعُسْرَ وَلِتُكْمِلُواْ الْعِدَّةَ وَلِتُكَبِّرُواْ اللّهَ عَلَى مَا هَدَاكُمْ وَلَعَلَّكُمْ تَشْكُرُونَ (ألبقرة:185)
“Yeuh jalma-jalma anu ariman ! ka maraneh geus diwajibkeun puasa cara anu geus diwajibkeun ka jalma-jalma anu samemeh maraneh, sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu taraqwa, (nyaeta) sabaraha poe anu geus ditangtukeun; tapi sing saha tiantara maraneh anu gering atawa keur aya di panyabaan, (maka) wajib (pikeun maranehna) nyumponan puasa sababaraha poe (anu geus ditinggalkeunana) dina poe sejenna; jeung pikeun jalma-jalma anu kuat puasa tapi kalawan ripuh, (lamun henteu puasa maka) diwajibkeun (ka manehna pikeun) mayar fidyah, nyaeta mere dahar hiji jalma miskin (saban poena), tapi sing saha anu rek mere leuwih ti sakitumah (kaasup sunah), tanwande eta kahadean teh pikeun dirina. Jeung ari puasa teh leuwih hade pikeun maraneh, upama maraneh nyarahomah. (Nyaeta) sabulan Romadhon anu dina eta bulan teh (munggaran) diturunkeunana Al-Qur’an, anu jadi pituduh pikeun manusa jeung jadi pituduh jalan (oge) anu ngabedakeun (antara anu haq jeung anu batal). Ku sabab eta, sing saha ti antara maraneh anu ningali bulan, (maka) prak geura puasa, tapi sing saha anu gering atawa anu keur aya di panyabaan, (maka) wajib (pikeun manehna) nyumponan puasa sababaraha poe (anu ditinggalkeunana) dina poe sejenna, sabab Allah seja ngentengkeun maraneh jeung moal ngabeungbeuratan. Jeung maraneh kudu nyampurnakeun bilanganana, sarta kudu ngagungkeun Allah, nurutkrun pituduh Anjeun-Na ka maraneh, jeung sangkan maraneh muji syukur ka Anjeun-Na” (Al-Baqarah: 183 -185)

Puasa (Shaum) miturut bahasa mibanda harti “Nahan tina sagala perkara” saperti dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna jeung sajabana eta.
Sedengkeun muturut Syar’i-mah puasa teh nyaeta “Nahan diri tina sagala perkara (dahar, nginum, nahan hawa nafsu, nahan omongan nu taya manfa’atna jeung sajabana eta.) jeung nu ngabatalkeunana, salila sapoe ti mimiti bijilna fajar nepi ka surufna panon poe, kalayan niat jeung sababaraha katangtuan syarat nu kudu dicumponan”
Romadhon teh kaasup bulan nu dimulyakeun ku Alloh swt. Sabab dina bulan ieu ditetepkeun hiji kawajiban nu kudu dilaksanakeun ku Umat Islam nyaeta puasa. Kautamaan bulan Romadhon geus diuningakeun ku mangpirang-pirang ayat Al-Qur’an, Hadits oge ‘Atsar para Shohabat ra. Diantawisna nu dicutat dina kitab Zubdatul Wa’idin, aya katerangan Hadits Nabi Muhammad saw. Nu ngauningakeun ngeunaan kautamaan bulan Romadhon:
”Ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios: Kami Ngadenge Rasulullah saw. Ngadawuh: Lamun sakirana umat Kami apal (nyaho) kana naon-naon (kautamaan) di jero bulan Romadhon, maka (pasti) maranehna bakal mikaharep sangkan (bulan-bulan) nu aya dina satahun teh kebah jadi bulan Romadhon, sabab sagala kahadean ngumpul dina bulan Romadhon, kata’atan bakal ditarima, sagala do’a diqobul (diijabah), jeung sawerga mikasono ka maranehna (jalma nu paruasa dina bulan Romadhon).
Malihan dina katerangan nu sanes diuningakeun, yen Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh:
”Nalika dina awal peuting bulan Romadhon, Allah swt. Ngadawuh: ”Sing saha jalma ni mikacinta ka Kami (Allah) maka kami bakal mikacinta ka manehna, sing saha jalma nu neangan (ngadeukeutkeun diri ka) Kami (Allah) maka kami bakal neangan (ngadeukeutan ka) manehna, sing saha nu menta hampura Kami, maka Kami bakal ngahampura manehna. Ieu kabeh teh sabab ku kamulyaan bulan Romadhon”. Tuluy Allah swt marentahkeun ka Malaikat Kirooman Kaatibiin (nu tugasna nyatetan amal manusa) sangkan di bulan Romadhon maranehna (Malaikat Kirooman Kaatibiin) wungkul nyatet sagala kahadean, jeung ulah nyatet amal kagorengan, jeung Alloh ngagugurkeun dosa- dosa (manusa nu puasa dina bulan romadhon) nu geus kalewat”.
Kautamaan sanesna Rasulullah saw. Ngauningakeun ku dawuhanana:
”Umat kami geus dipaparinan lima perkara (ku Allah swt.) nu can pernah dipaparinkeun ka umat samemehna, nyaeta:1) nalika awal peuting dina bulan Romadhon, maka Allah swt ningali ka maranehna (umat kami) kalayan pinuh ku rasa heman, jeung sing saha jalma nu ditingali ku Allah swt. kalayan pinuh ku kaheman, maka hamo disiksa salilana; 2) Allah swt. marentahkeun ka para malaikat supaya mentakeun hampura ka maranehna (umat kami); 3) bau bahamna jalma nu puasa mungguh Allah swt. Leuwih seungit batan minyak misik; 4) Allah swt ngadawuh ka Sawerga: ”papaes diri anjeun (heh sawerga kami) !”, oge Allah swt ngadawuh: ”untung pikeun hamba-hamba Kami nu ariman, maranehna jadi kakasih Kami”, jeung 5) Allah swt maparin hampura ka maranehna (umat kami) sakabehna”
Urang tos pada uninga, yen puasa teh salah sahiji ibadah nu teu bisa diukur sacara lahiriyah, tapi diukurna sacara bathiniyah. Ku kituna, wungkul Allah swt. nu nganilei oge nu ngukur kana ieu ibadah. Sabab, puasa teh hiji tingkah ibadah nu ngahubungkeun hiji hamba ka Pangeranna nyatana Alloh swt. Ku sabab kitu pisan, puasa teh hiji ibadah jeung kataatan nu wungkul Allah swt nyalira ku anjeun nu ngukur, nganilei oge ngawalesna. Sakumaha dawuhana dina Hadits Qudsy:
”Tiap-tiap kahadean nu dipilampah ku anak adam, maka ganjaranana dilipetgandakeun tina sapuluh nepi ka tujuh ratus kali lipet, kajaba puasa, sabab puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna”.
Kalimat: ”maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” ngandung maksud, yen tiap-tiap kataatan/ibadah ganjaranana surga, tapi ngeunaan ganjaran puasa mah nyaeta patepung sareng Manten-Na Dzat Allah Nu Maha Agung. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi saw.:
”Dua kabungah/kabagjaan nu bakal kahontal pikeun jalma nu puasa, nu kahiji nyaeta kabungah/kabagjaan nalika buka puasa jeung nu kadua kabungah/kabagjaan nalika patepung reujeung Pangeran-na (Allah swt.)”.
Patepung didieu, sapalih katerangan nyebatkeun: ”Kami ningali manehna, manehna ningali ka Kami, Kami Nyarita ka manehna, manehna nyarita ka Kami, tanpa aya palantara”” tegesna ”Adu hareupan”.
Para ulama maparin tafsiran kana kalimat (puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna).Sapalih ulama aya nu nafsirkeun, yen dina puasa hamo kaeunteupan riya’ teu jiga ibadah-ibadah sejenna, sabab puasa ibadah bathiniyah nu ngamuara kana



Niat nu nyangkaruk dina hate, nu hamo bisa ditembongkeun ka nu lian.
Aya deu sapalih ulama nafsirkeun, yen nu dimaksud puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” teh nyaeta nu apal kana kadar ukuran ganjaran ibadah puasa anging Allah swt. Sedengkeun ibadah-ibadah nu sejenna mah ayakalana bis diukur ku jalma nu ngalaksanakeunana, boh ngaliwatan katerangan jeung katangtuan syar’i, oge bisa diuku ku pribadina ngaliwatan hikmah saba’dana ngalaksanakeun eta ibadah
Tina sadaya pamadegan para Ulama dina nganafsikeun kalimat: puasa teh pikeun Kami (Allah), maka kami sorangan nu bakal ngawalesna” . maka bisa dicokot hiji kacindekkan, yen puasa teh bisa nyalametkeun ka jalma nu ngalaksanakeunana tina tingkah paripolah doraka, boh ucapan, patekadan oge kalakuan.
Kukituna dina raraga ieu pisan urang salaku jalma nu kagok borontok geus ngaku iman oge ngaku islam, tur ngaku jadi umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Maka sawadina urang nancebkeun tekad, ngalempengkeun niat dimana tepung atawa datang reujeung bulan romadhon pikeun ngalaksanakeun hiji kawajiban ibadah nyaeta puasa, kalayan diniatan wungkul karana Allah swt. Sabab Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh:
”Sing saha jalmana nu puasa dina bulan Romadhon kalayan pinuh ku kaimanan reujeung kaihklasan, maka bakal dihampura dosa-dosa (nu geus dilakukeun ku manehna) samemehna”.
Dina hiji hikayat nu kacutat dina kitab Bahjatul Anwar diuningakeun, yen hikmah diwajibkeunana puasa salila sabulan teh, nyaeta nalika Kanjeng Nabi Adam as. ngarempak larangan Allah swt. Nyaeta tuang buah kholdi di sawerga., maka buah eta melag dina tikorona Kanjeng Nabi Adam as. salila 30 poe. Maka nalika Kanjeng Nabi Adam as. geus tobat, Allah swt ngawajibkeun ka anjeunna, pikeun puasa 30 poe 30 peuting. Hal ieu teh di dadasaran kana pamadegan, yen satemenna kanikmatan dunya teh aya opat: 1) dahar, 2) nginum, 3) jima’ jeung 4) sare. Ku opat perkara eta nu jadi hahalang pikeun hiji hamba dina ngedeukeutkeun diri ka Allah swt. Tapi pikeun Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. Diwajibkeun puasa teh ukur dina beurangna wungkul. Hal ieu teh mangrupaken hiji ka Maha Murah-an Allah swt. pikeun
Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw.
Anapon tujuan tina ibadah puasa nyaeta pikeun ngahontal darajat taqwa. Lamun darajat taqwa geus ngacik ka hiji jalma, maka geu pasti hirupna bakal ati-ati, pinuh ku kawaspadaan, tur teu ngagugu teuing kana hawa nafsu syaithoniyah nu ngabalukarkeun cilakana diri. Ku kituna salah sahiji maksud tina ibadah puasa nyaeta ngalawan/merangan hawa nafsu syaithoniyah, nu jadi alat Syetan pikeun ngagoda manusa.
Ku jalan urang ngalaksanakeun puasa, maka hawa nafsu bisa dileler, bisa dileumpeuhkeun, teu mahabu mangaruhan teuing kana tingkah paripolah urang nu temahna matak cilaka oge patepung reujeung bebendon Gusti Allah swt.
Nu jadi permasalahan puasa nu kumaha nu bakal ngahontal kana kautamaan-kautamaan bulan Romadhon teh ?. Tah palebah dieu, para ulama ngabagi tilu tingkatan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaeta:
1. Puasana jalma awwam, nyaeta jalma nu ngajalankeun puasana teh ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ nu terkadang masih keneh ngagugu kana hawa nafsu, sabab puasa samodel kieumah ukur mindahkeun barang dahar jeung nginum ti beurang ka peuting wungkul, sedengkeun makna tina puasa teu karasa tegesna teu aya pangaruhna.
2. Puasana jalma nu Khowash (istimewa), nyaeta puasana para sholohin, tegesna dina puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri kalayan ngajaga anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana hawa nafsu.
3. Puasana jalma nu Khowasil Khowas (kacida istimewana) nyaeta puasana para Nabi jeung para Shiddiqiin, nu puasana lain ukur nahan peurihna beuteung tina barang dahar jeung nginum, jeung nahan hubungan jima’ wungkul, tapi nahan diri kalayan ngajaga anggota badanna tina milampah dosa, teu ngagugu teuing kana hawa nafsu. Tapi nahan hate jeung kahayang nu bisa ngarendahkeun diri dipayuneun Allah swt. sacara gembleng/totalitas.
Mudah-mudahan urang kagolong jalma nu puasa nu bisa ngahontal kan kautamaan-kautamaan bulan Romadhon. Oge bisa ngahontal Ridho Allah swt. Amin Ya Allah ya Robbal ‘Alamin. Wallohu A’lam


Makna Hakekat 'Idul Fitri

َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) manusa. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).

Kecap عِيْدُ(‘Iid) mibanda harti “balik” atawa “mulang”, sedengkeun kecap فِطْرِ (Fithri) mibanda harti “ Suci” atawa “Kasucian” bisa ogé dihartikeun “Agama nu bener” tur bisa mibanda harti ogé “asal kajadian”. Lamun urang mere harti kana kecap فِطْرِ (Fithri) kana harti “Agama nu bener”, maka hal éta téh nuntut ka urang pikeun “nyaluyukeun kana hiji hubungan” sabab nyaluyukeun hiji hubungan mangrupakeun tanda ngagemna hiji agama nu bener nyaéta agama Islam. Tegesna hubungan antara manusa (Makhluq) jeung Allah (Khaliq), ku kituna Kanjeng Nabi saw. Kantos ngadawuh أَلدِّيْنُ الْمُعَامَلَةُ (Ad-Diinu Al-Mu’amalatu) tegesna yen agama téh hiji hubungan. Salian ti éta ogé silih nasehatan ogé silih hargaan kaasup kana ajaran agama, ku kituna Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh أَلدِّيْنُ النَّصِيْحَةُ (Ad-Diinu An-Nashihatu). Dumasar kana hal éta, maka satiap jalma nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) kudu tumuwuh rasa sadar yen satiap jalma ngalakukeun hiji kasalahan, jeung tina kasadaran éta manehna tumuwuh rasa pikeun mere
ogé narima hampura ti batur ngeunaan kasalahan nu geus dilakukeun Kitu keneh lamun Fitrah dihartikeun kana “kasucian”. Hal ieu bisa dirasakeun nalika urang aya dina kaayaan cicing Tafakur (mikir) kana sagala kakawasaan Pangeran, Tadzakur (eling) ka nu maha nyiptakeun, ogé Tasyakur (syukur) kana sagala nikmat Allah swt nu geus dipaparinkeun ka urang. Sahingga karasa tumuwuhna rasa tingtrim bathin, tiis pikir, ayem tengtrem, ogé Tuma’ninah (tenang) kaayaan. Saba’dana nyalsekeun sagala masalah, rengsena kasibukan duniawiyah, maka bakal karasa ogé kadenge hiji sora nu bijil tina ati sanubari ngajak ka urang pikeun ngobrol, ngajak ka urang pikeun ngadeukeutkeun diri ka Nu Maha Suci, ogé nu ngajak ka urang pikeun sadar diri yeng urang téh kacida lemahna di payuneun Nu Maha Agung. Sora nu bijil tina ati sanubari éta téh taya kajaba sora fitrah urang salaku manusa nu salalawasna ngajak pikeun ngabdi, ngaula ka Nu Maha Kawasa.Sora ieu ogé nu sering ngajak ka urang pikeun salalawasna ngagungkeun ka Allah swt. Salalawasna sora ieu téh noelan hate urang pikeun sadar, tapi ku sabab kapangaruhan ku hawa nafsu duniawiyah nu nimbulkeun sibukna urang dina ngudag-ngudag ogé nguruskeunana, nu akhirna ngakibatkeun tumuwuh mangpirang dosa-dosa, maka sora “kasucian” éta téh terkadang ku urang sorangan tara diropea, tara dianggap. Sok padahal sora éta téh taya kajaba nu sering diucapkeun nalika tepungna urang reujeung عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nyaéta kalimat ‘Takbir’ أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). ogé nalika urang ngawalan ngalakukeun ibadah sholat. Dumasar kana hal éta, maka nalika kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung) bener-bener geus sumurup miraga sukma ngahiji ngadarah daging, bakal ngaleungitkeun sagala rasa nu ngagantungkeun kana salian ti Allah swt. Salalawasna bakal ngalahirkeun hiji tangtungan manusa nu wungkul ka Allah ngagantungkeun harepan, wungkul ka Allah ngaula, wungkul ka Allah pikeun Ibadah ogé wungkul ka Allah pikeun minangsaraya miharep pitulung إيَّاكَ نَعْبُدُ وَإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ.
Ibnu sina ngajelaskeun dina kitabna Al-Isyarat wa Tanbihat, yen lamun seug manusa neuleuman kan kalimat أللهُ أَكْبَرُ (Allah Nu Maha Agung). maka manehna geus asup kana golongan para ‘Arifin nyaéta jalma-jalma nu bebas tina beungkeutan hawa nafsu duniawiyah, manehna salawasna bakal mapaes dirina ku sifat darehedeh jeung budi nu marahmay, ogé mapaes dirina ku akhlakul karimah. hal ieu timbul tina hatena nu pinuhan ku katingtriman, katumaninahan (katenangan) nu nimbulkeun rasa gumbira, ku sabab salawasna ngahadirkeun hate pikeun ngaagungkeun Allah swt, dina dirina tumuwuh rasa yen hakekatna makhluk kaasup dirina the leutik, lemah, taya kakuatan dipayuneun Allah swt. لَا حَوْلَ وَلَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
Saterusna Ibnu Sina ngajelaskeun, yen mun manusa geus tumuwuh rasa samodel kitu maka manehna bakal boga anggapan yen rahmat Allah swt milik sarerea, boh pikeun jalma ta’at oge jalma nu loba maksiyat. Manehna moal boga rasa pikeun ngarorek kasalahan batur, nu aya malah sibuk ku menta hampura ka Allah tina sagala kasalahan, manehna bakal jadi jalma nu hampuraan, moal aya rasa dendem, atawa ngucik-ngucik komo nungtun raja wisuna, jauh tina dirina sifat gede ambek sanajan ningali kamunkaran, manehna nyarek moal make jalan kasar komo garihal, estu bakal
nyarek ku jalan nu hade kalayan nerapkeun akhlakul karimah sakumaha nu dicontokeun ku Rosululloh saw. Najan ka dirina aya nu ngahina, nu nyacampah pasti bakal ditarima kalayan hate nu pinuh rasa hampura. Sifat silih pikanyaah, silih pikaasih, silih pikaheman, salawasna jadi papaes dina kahirupan, jauh tina pacengkadan, jauh tina papaseaan. Hal ieu teh akibat tujuan hirupna wungkul hiji nyaeta لِبْتِغَاءِ مَرْضَاتِ الله (Pikeun nyuprih atawa miluruh Ridho Allah swt.).
Makna Kasucian teh gabungan tilu unsur: Bener, hade, jeung endah. Sahingga jalma nu nu ngalaksanakeun عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) nu mibanda harti mulang atawa balik kana kasucian, bakal salawasna mapaes diri ku laku lampah nu bener, hade jeung endah. Sabab, ku akibat tilu unsur eta saupamana jadi papaes diri manusa, maka bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu linuhung jeung pinuji. Manehna bakal salawasna miluruh hal-hal nu hade bari salawasna milampah kahadean bari mapaes diri ku akhlakul karimah nu endah bari salawasna ngajaga, ngariksa oge taat kana tetekon agama jeung darigama kalayan bener-bener. Sabab ku laku lampah nu bener bakal ngalahirkeun hiji tangtungan jalma nu salawasna ngandelan dirina ku elmu pangaweruh. Sabab laku lampah hade bakal ngahadirkeun hate jeung sikep nu pinuji oge ngalahirkeun tata laku pinuh ku kasopanan tegesna akhlakul karimah salawasna mapaes diri, oge ku sabab kaendahan bakal ngalahirkeun seni kahirupan nu endah ditingalina matak jadi eunteung pikeun nu sejen. Ku tilu unsur eta bakal ngahalangan jalma pikeun milampah kasalahan, jauh tina kamaksiyatan.
Jadi dina raraga urang mulang deui kana kasucian tegesna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri), aya sababaraha hal nu kudu dilakukeun, diantarana nyeta:
1. Halal bi Halal
Halal bihalal ngandung unsur silih hampura reujeung silaturahmi. Urang hamo manggihan dina Al-Qur’an atawa Hadits nu nuduhkeun kana ngajelaskeun harti nu pasti ngeunaan halal bihalal. Istilah halal bi halal mangrupakeun budaya khas urang Indonesia. Nu hal eta bakal nimbulkeun harti nu sifatna teu pasti pikeun bangsa deungeun-deungeun luar bangsa indonesia dina ngahartikeunanas sok sanajan maranehna paham kana ajaran islam oge paham kana bahasa Arab. Tapi najan bari kitu, halal bihalal bisa ngandung sababaraha harti atawa makna, nu bisa ditingali ku rupa-rupa paham dina ngahartikeunana.
Lamun ngabahas ngeunaan halal bihalal segi hukum, maka urang bisa nyokot harti yen kecap halal teh lawan tina kecap haram. Sedengkeun kecap haram mungguhing
nyaeta hiji perkara nu dilarang, mun seug dilakukeun bakal nimbulkeun dosa oge ngakibatkeun turunna siksa pikeun jalma nu ngalaksanakeunana. Megatkeun silaturrahmi atawa tali duduluran teh hukum dilarang dina agama islam, maka ku ayana halal bihalal jadi bisa nyambung deui. Nu teu akur jadi akur, nu silih pikangewa jadi silih pikanyaah, silih pikaasih.
Sedengkeun makna halal bihalal ditingali tina segi bahasa, maka bisa ditingal tina asal kecap halal eta, asal kecap ) حَلَلٌ halal( teh tina kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) nu mibanda harti nu pirang-pirang diluyukeun jeung kecap panyambungna atau gabungan kecap samemeh atau saba’dana. Kecap kecap حَلَّ )halla( atawa حَللَّ (halala) bisa mibanda harti “nyalsekeun masalah atawa kasulitan”, bisa oge dihartikeun “Ngabereskeun benang nu pakusut”, bisa oge dihartikeun “ngahencerkeun perkara nu ngabeku atawa nu teuas”. Bisa oge dihartikeun “ngaleupaskeun tali nu ngaborogod”. Dumasar kana pirang-pirang harti eta, maka halal bi halal teh ngandung makna atawa maksud pikeun ngayakeun hiji tindakan pikeun ngarubah hubungan nu tadina kiruh jadi herang, atawa nu tadina teu akur jadi akur, nu tadina kaborogod ku tali ka ngewa jadi bebas oge silih bebaskeun ku tali kaasih jeung kaheman. Tegesna silih hampura tina sagala kasalahan jeung dosa antara sasama.
2. Silaturahmi
Silaturahmi asal tina dua kecap nu disambungkeun nyaeta tinda kecap صِلَةٌ(Shilat) jeungرَحِيْمٌ (Rohim). Kecap صِلَةٌ(Shilat) asal tina kecapوَصْلٌ )Washl( nu mibanda harti "nyambungkeun" atawa "ngumpulkeun". Sedengkeun kecap رَحِيْمٌ (Rohim) mibanda harti "kaasih" atawa "kaheman", nu bisa ngandung harti oge hiji anggota badan nu aya di kaum hawa’ nyaeta hiji tempat nu nyimpen bahan pi-anak-keun tegesna “kandungan”. Sabab saban anak nu dikandung ku hiji istri salawasna meunang rasa kaasih oge kaheman. Jadi صِلَةُ الرَّحيْمُ )silaturahim( bisa dihartikeun "nyambungkeun tali kaasih nu geus pegat", atawa "ngumpulkeun rasa kaheman atawa rasa kaasih nu pabureuncay atawa nu geus papisah".
Dumasar kana hal eta sahingga luyu reujeung dawuhan kanjeng Nabi saw. :“ Lain disebut silaturahim pikeun jalma nu ngabales kana anjang sono atawa males pamere (hadiah) nu dibere ku nu lian, tapi nu disebut silaturahmi nyaeta jalma nu nyambungkeun
perkara nu pegat atawa ngumpulkeun perkara nu papisah” (H.R. Imam Bukhari)
Malah dina dawuhan nu sejen Kanjeng Nabi saw. Ngajadikeun hiji ukuran pikeun hiji jalma ngeunaan kaimanana ka Allah swt. Ku dawuhanana: “Sing saha jalmana nu iman ka Allah jeung poe akhir, maka sambungkeun tali kaasih jeung kaheman”
Oge dina dawuhan Allah swt:
َالَّذِينَ يُنفِقُونَ فِي السَّرَّاء وَالضَّرَّاء وَالْكَاظِمِينَ الْغَيْظَ وَالْعَافِينَ عَنِ النَّاسِ وَاللّهُ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ (أل عمران: 134)
“(Nyaeta) jalma-jalma nu nganafaqohkeun (hartana), boh dina waktu luang oge dina waktu samporet, jeung jalma-jalma nu nahan amarahna jeung mere hampura kana (kasalahan) jalma. Allah mikaresep ka jalma-jalma nu milampah kahadean”. (Ali Imron: 134).
Asbabun Nuzul ieu ayat teh nalika kajadian ngeunaan kasaksian palsu Misthah ka siti ‘Aisyah, abu baker sumpah nalika kabuktian eta tuduhan teh bohong, maka anjeunna sumpah hamo mere nafaqoh deui ka Misthah. Kukituna Allah maparin wahyu ka Kanajeng Nabi saw. Supaya didugikeun ka para shahabat supaya ngahampura ka jalma nu ngieun kasalahan antara sasama. Tah Dina ayat ieu aya tilu hal nu kudu jadi sikep urang, nyaeta: 1) Nahan Kaambek; 2) Mere hampura, jeung 3) Migawe kahadean.
Dina al-qur’an kecap hampura teh make istilah أَلْْعَفْوٌ(Al-‘Afwun) nu ngandung harti "ngagugurkeun" atawa "ngalebur". Kukituna jalma nu silih hampura ngandung makna silih gugurkeun atawa silih leburkeun tapak-tapak kasalahan nu geus dilakukeun.
Dumasar kana hal eta, maka dina raraga urang neuleuman makna عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) ieu, maka tilu hal eta kudu jadi kagiatan urang dina ngeusian عِيْدُ الْفِطْرِ (‘Idul Fitri) oge dina raraga ngawujudkeun diri urang teh jadi jalma nu mulang atawa balik deui kana kasucian. Tegesna urang kudu muka lambaran anyar kahirupan bari nutupan lambaran heubeul nu kiruh pinuh ku kokotor kahirupan nu jadi hahalang urang deukeutna ka Allah swt. Mudah-mudahan urang kagolong kana jalma nu barik deui (kana kasucian) oge golongan jalma-jalma nu meunang kabagjaan, tur Allah nampi kana ibadah shaum urang. Amin Ya Allah Ya Robbal Alamin. Wallohu A’lam Bish-Shawab.

Manusa Lahir Mawa Takdir

عَنْ أَبِيْ عَبْدِالرَّحْمَنِ عَبْدِاللهِ بْنِ مَسْعُوْدٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ حَدَّثَنَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَهُوَ الصَّادِقُ الْمَصْدُوْقُ " إِنَّ أَحَدَكُمْ يَجْمَعُ خَلْقُهُ فَيْ بَطْنِ أُمِّهِ أَرْبَعِيْنَ يَوْمًا نُطْفَةً ثُمَّ عَلَقَةً مِثْلَ ذَلِكَ ثُمَّ يَكُوْنُ مُضْغَةً مِثْلَ ذَلِكَ , ثُمَّ يُرْسَلُ إِلَيْهِ الْمَلَكُ فَيَنْفُخُ فِيْهِ الرُّوْحَ , وَيُؤْمَرُ بِأَرْبَعٍ كَلِمَاتٍ : بِكَتْبِ رِزْقِهِ , وَأَجَلِهِ , وَعَمَلِهِ , وَشَقِيٌّ أَمْ سَعِيْدٌ . فَوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ إِنَّ أَحَدَكُمْ لِيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ الْجَنَّةِ حَتَّى مَا يَكُوْنُ بَيْنَهُ وَبَيْنَهَا إِلاَّ ذِرَاعٌ فَيَسْبِقُ عَلَيْهِ الْكِتَابُ فَيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ النَّارِ فَيَدْخُلُهَا , وَإِنَّ أَحَدَكُمْ لِيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ النَّارِ حَتَّى مَا يَكُونُ بَيْنَهُ وَبَيْنَهَا إِلاَّ ذِرَاعٌ فَيَسْبِقُ عَلَيْهِ الْكِتَابُ فَيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ الْجَنَّةِ فَيَدْخُلُهَا (رواه البخارى و مسلم)
“Ti 'Abdirrahman Abdullah bin Mas'ud r.a.,Anjeunna Nyarios: Yén Rasululloh parantos Ngadawuh ka Kami, sedengkeun Manten-na téh salamina leres tur dilereskeun:, "Saéstuna salah saurang diantara maranéh téh dikumpulkeun nalika diciptakeun dina jero rahim ibuna salila 40 poé nu mangrupa Nutfah (cai mani/spérma), tuluy ngajadi ‘Alaqoh (getih kimpel/sakeupeul getih) salila éta ogé (40 poé), tuluy ngajadi Mudhghoh (daging/sakeupeul daging-nu némpél dina rahim) salila éta ogé (40 poé), tuluy diutus Malaikat pikeun niupkeunn roh ka manéhna, jeung nu saterusna diparéntahkeun pikeun nuliskeun (netepkeun) 4 hal : Netepkeun Rizkina, Ajalna, Amalna jeung masalah naha pinanggih jeung sangsara atawa pinanggih bagja. Maka, demi Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na, aya salah saurang diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa deui. Tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Aya (deui) diantara maranéh nu migawé/milampah amalan ahli naraka sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui. tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli sawarga, maka manéhna asup kana sawarga”. [Hadits Riwayat Imam Bukhari no. 3208, sareng Imam Muslim no. 2643].
Kalungguhan ieu hadits téh kacida agungna, sabab ngalimpudan sagala kaayaan manusa ti kawit diciptakeun tuluy lahir ka alam dunya, tug nepi ka akhir katangtuan panungtungan kahirupan manusa, naha asup kana sawarga (padumukan kabagjaan) atawa asup kana naraka (padumukan kasangsaraan). Hal ieu téh diluyukeun reujeung amal-amalan manusa nalika hirup di alam dunya ogé diluyukeun reujeung élmu, katangtuan/katetepan (taqdir) jeung kaputusan (Qadla) Alloh swt.
Imam Nawawi dina kitabna “Al-Wafy fi Syarhil Al-Arba’iin An-Nawawiyah”, nu ngajelaskeun yén Shohabat Ibn Mas’ud r.a (Abi Abdirrohman Abdillah bin Mas’ud ra.) ngawitan ngariwayatkeun tur medar ieu Hadits téh ku kalimat وَهُوَ الصَّادِقُ الْمَصْدُوْقُ , maksudna, nyaéta Ibn Mas’ud r.a. maparin kasaksian ka Alloh swt. yén Rosululloh saw. Hiji pribadi nu jujur atawa bener kana naon nu didawuhkeun ku Mantenna, ogé salalawasna dibenerkeun. Nu saterusna maksud jeung tujuan tina kalimat فَيْ بَطْنِ أُمِّهِ يَجْمَعُ خَلْقُهُ nyaéta dikumpulkeunnana cai mani/spérma lalaki jeung awéwé nu patepungna dua cai mani/spérma éta ngajadi bahan diciptakeunna manusa, nu disebut نُطْفَةً (nuthfah). Mun seug Alloh swt. ngersakeun bakal jadi manusa, maka éta dua cai mani/spérma téh bakal cicing di jero rahim indungna salila 40 poé. Nu satuluyna éta نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) téh rubah bentuk jadi عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih) salila 40 poé, nu salila éta diprosés sahingga ngabentuk jadi مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging) salila 40 poé. Tah, nalika geus ngabentuk مُضْغَةً [Mudgoh], Alloh swt. ngabentuk éta مُضْغَةً [Mudgoh] téh ceuli, mata, irung jeung baham ogé anggota badan manusa séjénna. Sedengkeun bagian jerona éta مُضْغَةً [Mudgoh] ku Alloh swt diciptakeun peujit jeung kadut. Sakumaha dawuhan Alloh swt. :
هُوَ الَّذِي يُصَوِّرُكُمْ فِي الأَرْحَامِ كَيْفَ يَشَاء... ُ(أل عمران:6)
“Anjeunna nu maparin rupa (ngabentuk) maranéh dina rahim sapangersa-Na ...” (Ali-Imran: 6).
Nalika geus manjing kana umur tilu kali 40 poé nyaéta 120 poé atawa kira-kira 4 bulan, tuluy Alloh swt. maréntahkeun ka saurang malaikat nu ngajaga rahim pikeun niupkeun roh kana مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Nu geus dibentuk hiji wujud manusa. Alloh swt. Ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Al-Hajj ayat 5:
“Yeuh manusa upama maranéh mangmang kana perkara dihudangkeun (dina poé kiamat) nya sing inget yén Kami téh geus ngayugakeun maranéh tina taneuh, tuluy tina mani, tuluy tinah getih kimpel, tuluy tina daging, anu sampurna kajadianana jeung nu henteu sampurna, pikeun Kami nerangkeun(kakawasaan Kami) ka maranéh; sarta tuluy ku Kami dipernahkeun dina rahim sapangersa Kami nepi kana waktu anu pinasti , tuluy kami ngaluarkeun maranéh jadi orok tidinya maranéh tumuwuh nepi ka déwasa sarta di antara
maranéh aya nu dimaotkeun jeung sabagian deui dipanjangkeun umurna nepi ka pikun, nepi ka manéhna henteu nyahoeun deui saniskara perkara anu tadina dipikanyaho...(Al-Hajj: 5).
Ibn Rojab Rohimahullohu Ta’ala dina kitabna “Jami’ Al-Ulum wa Al-Hikam” ngajelaskeun, yén Alloh swt. Nyebutkeun tilu tahapan dina sababaraha ayat dina Al-Qur’an luyu reujeung katerangan di luhur, nyaéta Tahap Kahiji bentuk نُطْفَةً (nuthfah), tahap Kadua bentuk عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih) jeung tahap Katilu مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Tapi, dina ayat-ayat séjén aya tambahan tahapan-tahapan prosés diciptakeunana manusa dina rahim ibuna, saperti dina ayat 12-14 surat Al-Mu’minun:
“Jeung saenyana Kami geus ngayugakeun manusa tina acining taneuh, tuluy Kami ngajadikeunana jadi mani dina tempat anu diraksa (rahim), tuluy ku kami ngayugakeun éta mani jadi getih kimpel, tuluy kami ngayugakeunana jadi daging sakeupeul, tuluy tina éta daging téh ku Kami diyugakeun tulang-taléng, tuluy éta tulang taléng téh ku Kami dibungkus ku daging, tuluy ku Kami dijadikeun mahluk nu nyawaan. Kukituna Maha Berkah Alloh, panghadéna nu ngayugakeun”.
Mun ditilik kana eusining ayat di luhur, maka aya tujuh tahap ngeunaan diciptakeunana manusa saméméh ditiupkeunna roh. Tahap Kahiji bentuk نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung), tahap Kadua jadi عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih), tahap Katilu jadi مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Tahap Kaopat jadi عِظَاماً (Tulang-taléng) tahap Kalima nyaéta فَكَسَوْنَا الْعِظَامَ لَحْماً (dibungkusna tulang-taléng ku daging) jeung tahap Kaganep خَلْقاً آخَرَ (bentuk séjén/wujud manusa) tahap katujuh ditiupkeunana roh.
Ibnu Abbas ra. ngajelaskeun ngeunaan kalimat ayat 5 dina Surat Al-Hajj : مُّخَلَّقَةٍ وَغَيْرِمُخَلَّقَةٍ (... Nu diciptakeun anu sampurna kajadianana jeung nu henteu sampurna ...). Maksud kalimat ayat: غَيْرِمُخَلَّقَةٍ (teu sampurna dina diciptakeunana), tegesna kurang/cacat. Sedengkeun Mujahid ra. ngajelaskeun yén kalimat ayat: غَيْرِمُخَلَّقَةٍ (teu sampurna diciptakeun) téh, nyaéta “kaguguran”.
Dina mangsa roh ditiupkeun kana jasad manusa nu geus ngawujud, nu satuluyna ditetepkeun 4 perkara minangka katangtuan/katetepan (takdir) pikeun manusa. Diantarana: nu Kahiji, ngeunaan Rizkina, nu Kadua Ajalna, nu Katilu Amalna jeung nu Kaopat masalah naha pinanggih jeung sangsara atawa pinanggih jeung bagja dina kahirupan di alam dunya jeung katetepan hirupna jaga nu bakal katarima di alam akhérat.
Ibn Mas’ud ra. ngajelaskeun yén nalika نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) geus netep disimpen dina jero rahim, maka malaikat nu ngajaga rahim nyokot ku dampal leungeunna bari unjukan ka Alloh swt.: “Duh Pangéran abdi sadaya ! seja dikumahakeun ieu téh, naha diyugakeun atanapi henteu ?”. Mun seug Alloh swt. Ngersakeun bari ngadawuh: “Tong dicipatakeun !”, maka Malaikat nu ngajaga rahim éta bakal ngalungkeun éta نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) ka jero rahim ku bentuk getih tanpa nyawaan. Tapi sabalikna, mun Alloh swt. Ngadawuh: “Ciptakeun !”. Maka Malaikat nu ngajaga rahim éta unjukkan deui:
Duh Pangéran abdi sadaya ! saterasna ieu téh badé dijantenkeun pameget atanapi istri ?, sangsara atanapi bagja ? sareng kumaha pi-rizki-eunana ? ogé iraha waktos tutug ajalna ? sareng di bumi nu mana manéhna bakal maot ?”.
Alloh swt. Ngadawuh: “Jig Indit héh malaikat Kami kaditu ka Ummul Kitab !, sabab di dinya manéh bakal meunang jawaban kana naon hal nu ditanyakeun éta kabéh”.
Saréngséna nampi dawuhan Alloh swt. tuluy éta malaikat téh ngajugjug ka tempat nu dituduhkeun ku Alloh swt. Nyaéta Ummul Kitab nu satuluyna manéhna nyutatkeun kana sagala jawaban nu geus ditanyakeun ka Alloh swt. ngeunaan katangtuan/katetepan (takdir) manusa.
Dumasar kana hal éta, maka jelas yén manusa lahir geus mawa takdir masing-masing. Tur éta katangtuan téh ditetepkeun nalika manusa aya dina jero rahim indungna dina mangsa ditiupkeunana roh ka manusa nalika umur kandungan manjing kana 4 bulan. Saterusna hadits di luhur ngajelaskeun, yén Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh bari sumpah: َوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ (Demi Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na). yén aya salah saurang diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa Tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Ogé aya (deui) diantara maranéh nu migawé/milampah amalan ahli naraka, sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui, tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli sawarga, maka manéhna asup kana sawarga.
Sadeupa didieu, hiji kiasan jeung kira-kira, nu dimaksud didieu nyaéta, saparo waktu dina akhir kahirupan manusa. Jadi, nu dimaksud sadeupa didieu lain sacara harfiyah sadeupa jeung kapastian waktu nu saukuran kitu. Tapi, sadeupa didieu sakali deui saparo waktu dina akhir kahirupan manusa nu kacida deukeutna kana poé panungtungan hirup. Imam Nawawi ra. Ngajelaskeun, mun jalma kafir ngucapkeun “laa Ilaaha Illallooh” tuluy manéhna maot kalayan ngucapkeun kalimat tauhid éta, maka manéhna bakal asup sawarga. Sabalikna, lamun jalma Islam dina akhir umurna ngucapkeun caritaan kufur, maka manéhna bakal asup kana naraka.
Satuluyna Hadits di luhur, eusina ngajelaskeun yén urang teu meunang mastikeun atawa netepkeun salah saurang bakal asup sawarga atawa naraka, sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun sagala kahadéan jeung rajin ibadah, sabalikna sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun kakufuran, kama’siyatan, kafasikan jeung sajabana. Tegesna, yén urang ulah wani-wani ngahukuman ka jalma téh pisawargaeun atawa pinarakaeun. Sabab, urang ulah ngandelkeun teuing amaliah ibadah boh pribadi atawa lian,
atawa reueus, agul jeung sajabana ku lampah ibadah urang atawa nu lian. Sabab, urang teu apal pamustungan tina sagala ibadah nu dilakukeun, naha ditarima atawa henteuna ku Alloh swt. Ogé urang teu apal katangtuan nu kumaha nu bakal ditarima ku urang khususna jaga di alam Akhérat. Sok sanajan takdir geus ditetepkeun saméméh urang diciptakeun, tapi, ku sabab dirahasiahkeun ku Alloh swt. Jadi urang teu apal takdir urang téh modél kumaha.
Dumasar kana hal éta pisan, urang ulah petot-petot salilana ngado’a ka Alloh swt mugia urang dipaparin panungtungan kahirupan nu hadé (Husnul Khotimah) ogé salawasna urang kudu nyalindung ka Alloh swt. Mugia panungtungan hirup urang téh ulah goréng (Su’ul Khotimah) atawa ulah nepi ka hasil panungtungan hirup urang téh nu picilakaeun (Syarrul ‘Aqibah).
Ibnu Jarir Al-Haitamy dina kitabna “Fath Al-Mubin Li Syarh Al-Arba’in” ngajelaskeun, yén satemenna Su’ul Khotimah - Na’udzu Billahimin Dzalik- dilantarankeun ku haté leutik na hiji jalma nu teu bisa ditingali ku nu séjén. Ayakalana saurang milampah hiji amal ahli naraka, tapi dina haténa aya kahadéan nu nyangkaruk, tuluy ngalimpudan nu tungtungna ngadorong manéhna dina panungtungan umurna pikeun milampah kahadéan, akhirna manéhna ka golong kana Husnul Khotimah. Kukituna ulah katipu ku naon-naon baé nu katingali dina diri hiji jalma, sabab tetep nu bakal ditingalimah kahirupan panungtunganana, naha hadé atawa henteu. Sabab amal téh ditingali dina akhirna, hartina, sing saha jalmana nu dituliskeun atawa ditetepkeun kaimanana jeung kata’atanana dina akhir umurna, tuluy manéhna kufur jeung milampah maksiyat, tapi Alloh ngalungsurkeun taufik sareng hidayah-Na ka manéhna dina panungtungan hirupna, tur manéhna maot dina kaayaan tobat, sadar pinuh ku karumasaan kana sagala lampah salahna, tegesna Husnul Khotimah. Maka manéhna bakal jadi ahli sawarga.
Tah dina raraga urang miharep supaya panungtungan hirup urang téh hadé, tegesna Husnul khotimah. Al-Affani ra. dina kitabna “Sakb Al-‘Abarat” ngajelaskeun, ngeunaaan sabab musababna ngahontal Husnul Khotimah, diantarana: 1) Istiqomah dina ibadah; 2) Nancebkeun katakwaan; 3) hadé sangka ka Alloh swt. 4) jujur; 5) rajin taubat; 6) éling kana maot, jeung 7) Waspada kana hal-hal nu matak ngadeukeutan kana su’ul khotimah. diantarana, nyaéta: rusakna akidah jeung milampah laku bid’ah dina ibadah, ibadah lahirna teu luyu reujueng ibadah bathin, biasa milampah maksiyat nu tuluy-tuluy dina migawéna, kapéngpéongan ku dunya, nyimpang tina kaistiqomahan, nyalindung ménta tulung ka salian Alloh jeung nunda-nunda kana tobat.
Mudah-mudahan urang ka golong kana golongan jalma –jalma nu panungtungan hirupna hadé (husnul khotimah). tur mugia urang sadayana dipaparinan ku Alloh swt. Ka istiqomahan dina ibadah. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin.
Walloohu A’lam Bish-Showaab.

Yaumil Mizan (Poé Timbangan/Balitungan)

قَالَ اللهُ تَعَالَى: يُؤْتىَ بِحَسَنَاتِ اْلعَبْدِ وَسَيِّئَاتِهِ يَوْمَ اْلقِيَامَةِ فَيُقْتَصُّ بَعْضُهَابِبَعْضٍ فَإِنْ بَقِيَتْ حَسَنَةٌ وَاحِدَةٌ أُدْخِلَ الْجَنَّةَ (رَوَاهُ أَلطَّبْرَانِى)
Alloh swt. Ngadawuh: “Jaga dina poé kiyamat bakal didatangkeun (disanghareupkeun) ka hiji hamba ngeunaan amal kahadéan jeung amal kajahatan (dosa) maranéhna. Tuluy dibandingkeun (ditimbang) antara amal kahadéan jeung kajahatan éta. Lamun aya sésa hiji amal kahadéan, maka si éta hamba bakal diasupkeun kana jero sawarga”. (H.R. Imam Ath-Thobrony).
Hadits Qudsy di luhur ngajelaskeun, yén Alloh swt. maparin informasi ka urang, yén jaga dina poé kiyamah bakal diayakan panimbangan sagala amal nu disebut ‘Yaumil Mizan’. Sagala amal manusa ditimbang kalayan timbangan nu adil saadil-adilna, timbangan nu Maha agung, timbangan nu teu ponténg ka nu konéng teu cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na nilas sa-plas-na. Sahingga ku timbangan éta bakal katingali mana timbangan nu leuwih beurat, naha timbangan kahadéan atawa timbangan kajahatan (dosa). Bakal natrat rasa kabungah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kahadéan, sabab bakal meunang kabagjaan tur sawarga nu bakal jadi buruhna ogé bakal jadi tempat padumukan nu teu aya tungtungna. Sabalikna, bakal natrat kasedih, kaduhung pinuh kabingung, nyampakna rasa kasusah pikeun jalma nu timbanganana beurat kana kajahatan (dosa), sabab jelas lawang picilakaeun geus nyampak tur naraka jadi buruhna tempat padumukan pikeun manéhna.
Dina Hadits Qudsy di luhur, ngajelaskeun yén nalika lumangsungna panimbangan amal ieu, Alloh swt
Nganiléi, ngayakeun pamariksaan sakabéh amalna hiji jalma, sabaraha amal kahadéan jeung sabaraha amal kajahatana si éta jalma. Nu satuluyna éta kajahatan bakal digugurkeun ku amal kahadéan, tinggal nu nyésa nu mana, naha amal kahadéan atawa amal kajahatan. Lamun nu nyésa amal kahadéan, maka bakal diasupkeun ka sawarga. Tegesna, yén kahadéan téh bakal ngaleburkeun, bakal ngaleungitkeun amal kajahatan (dosa). Lamun amal kahadéan éta aya sésana sanggeusna ngagugurkeun amal kajahatan (dosa), maka jalma nu mibanda amal éta diparéntahkeun ku Alloh pikeun asup ka sawarga. Sabalikna, lamun dosana jeung kahadéanana ditimbang tuluy nu nyésa amal kajahatanana maka ku Alloh diparéntahkeun ka si éta jalma pikeun asup kana naraka. Tah kumaha lamun saimbang ? hartina, sarua timbanganana antara amal kahadéan jeung amal kajahatanana ?. Maka, sapalih katerangan nyebatkeun, yén lamun saimbang antara timbangan kahadéan jeung kajahatan, maka ieu jalma bakaldigolongkeun kana ‘Ashabul ‘A’raf’ (golongan jalma-jalma nu ditunda pikeun asup kana sawarga dilelepkeun heula dina naraka pikeun ngabersihkeun heula dosa-dosana).
Dina raraga ieu pisan, urang kudu waspada, waspaos, kudu aya rasa kahariwang, kudu ngayakeun muhasabah (évaluasi) diri, ngitung-ngitung amal urang ti ayeuna kénéh. Inggis ku bisi rémpan ku kaayaan urang kagolong kana golongan jalma nu nalika ditimbang beuratna téh kana amal kajahatan (dosa). Na’udzu billahi min dzaalik.
Poé kiamat téh hiji kaayaan nu kacida rongkahna, kaasup kaayaan nu ngabentuk hiji siksaan pikeun jalma nu salilana ngalanggar, salilana nukang nonggong ka Alloh swt. tur ngalakukeun aniaya ka sasama. Tapi, kaasup hiji kaayaan nu ngabentuk kabungah pikeun jalma nu salilana milampah amal sholéh, rajin ogé taat ibadah ka Alloh swt. Tah, ngeunaan gambaran kaayan di padang mahsyar saba’dana ancurna alam dunya, aya katerangan ngajelaskeun, yén kantos aya shohabat naros ka Kanjeung Nabi saw. ngeunaan hal ieu, nyaéta nalika manusa ti mimiti umatna Kanjeng Nabi Adam as. Nepi ka Umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. dikumpulkeun. Nya nu disebut ‘Yaumil Mahsyar’.
Kanjeng Nabi saw. Ngawaler ku Dawuhanana: “Poé éta téh nyaéta: hiji poé dimana jalma-jalma narangtung dipayuneun Robbul ‘Alamin salila satengah poé. Nu ukuran sapoé (dina poé harita) téh nyaéta lima puluh rébu taun (ukuran poé dunya). Tapi (Hal kitu téh) pikeun jalma nu Mu’min-mah bakal karasana sakeudeung, saperti jarak waktu isedna panon poé nepika surupna”. (H.R. Abu Ya’la & Ibnu Hibban nu sumberna ieu Hadits ti Abu Huraéroh r.a.).
Dina riwayat séjén dijelaskeun, yén aya shohabat nu nyarios: “Duh kacida teuing lamina geuningan kiamat téh”. Nguping aya shohabat nyarios kitu, Kanjeng Nabi saw. ngadawuh:
“Demi Alloh ! nu ngawasa kana diri kami, saéstuna (poé kiamat) kacida hampangna (sakeudeung karasana) pikeun jalma Mu’min, sahingga nu karasa ku manéhna bakal leuwih hampang (sakeudeung karasana) batan ngalaksanakeun sholat fardhu” (Al-Hadits).
Dina katerangan séjén disebatkeun deui, yén gambaran kaayaan manusa di alam mahsyar bakal ngalaman hiji kaayaan luyu reujeung amal laku lampah manéhna nalika hirup di alam dunya, aya nu tilelep, ka kérem, kakeueum ku késang sorangan nu ngaragajag ku akibat ka sorot ku panon poé nu jarakna ukur sa-mil atawa dua mil. Nu sa-mil-na ceuk ahlimah nyaéta: 1000 m. ceuk urang Walanda, 7.420 m ceuk urang Jérman, jeung 1.609 m ceuk urang Inggris. Lamun ukuran laut-mah sa-mil téh 6.076 kaki atawa sarua jeung 1.852 m. Béda jauh jeung kaayaan ayeuna di dunya nu jarak panon poé ka bumi téh ceuk ahlimah nyebutkeun 8 menit x 60 x 30.000 km/detik = 144.000.000. km.
Ku hal sakitu, Bisa ku urang kabayangkeun ti ayeuna kénéh, ayeuna baé keur di dunya karasa panasna sorotna panon poé téh sanajan jauh jarakna, komo jaga di yaumil kiyamah mung ukur jarakna sa-mil nepi ka 2 mil. Nu matak wajar, lamun loba jalma saur katerangan di luhur nu mandi dina lautan késang sorangan. Hal ieu téh luyu reujeung katerangan ti Hadits Rosululloh saw.:
“Nalika kaayaan poé kiamat lumangsung panon poé bakal di deukeutkeun ka hamba-hamba (manusa) nepi ka jarak deukeutna téh ukuran sa-mil atawa dua mil, tuluy maranéhna bakal kapanasan ku sorot panon poé éta, sahingga birijilna késang maranéhna diluyukeun reujeung amalan maranéhna (nalika hirup di alam dunya). Aya diantarana nu tilelep kakeueum ku késangna sorangan nepi ka tatapokan dampal suku, aya nu nepi ka cangkéngna, ogé aya nu kakeueum nepi ka saluhureun sungutna”.
Aya deui Dawuhan Rosululloh saw.:
“Jaga dina poé kiamat bakal aya jalma nu tilelep ka keueum ku késangna sorangan nepi ka sungutna, tuluy manéhna ngomong: Duh Gusti ! paparin abdi rahmat (kawelas asihan) Anjeun gusti, najan abdi dilebetkeun kana naraka”. (H.R. Ath-Thobrony nu nyumberna ieu Hadits ti Ibn Mas’ud ra).
Sareng Dawuhan Rosululloh saw. deui:
“Dina poé kiamat jalma-jalma bakal barijil késangna ngagarajag nepi ka jero taneuh sajero 70 Dziro’ (hasta) jeung bakal nguyumbang ngabanjiran nu ngalelepkeun maranéhna nepi ka ceuli maranéhna” (Al-Hadits).
Aya katerangan nu leuwih ngahariwangkeun urang, tur nu kudu jadi bahan tafakuran-eun. Dawuhan Kanjeng Nabi saw. Yén jaga dina ‘Yaumil Mizan’ (poé balitungan) téh bakal aya golongan jalma nu disebut ‘Muplis’ (bangkrut).
Nu kumaha nu ‘Muplis’ (bangkrut) téh ?. Rasululloh saw. ngadawuh:
“Jalma nu Muflis (bangkrut) diantara umat kami téh, nyaéta jalma nu datang dina poé kiamat mawa amal ibadahna, kayaning sholat, shaum jeung zakat. Tapi, salian éta manéhna mawa ogé dosa nu ditimbulkeun tina nyaci-maki, nyacampah, mitenah, ngadahar harta nu lain hakna, ngocorkeun geutih (maténi) jeung neunggeul batur tanpa sabab (tegesna, amal hadéna téh dicampur adukkeun jeung amal goréng, réd).(Tah, ku hal kitu), maka ganjaran amal hadé manéhna téh bakal dibérékeun ka jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, kitu saterusna. Lamun ganjaran amal hadéna geus béak, maka dosa jalma nu geus pernah di aniaya, dirugikeun jeung digunasika hakna ku manéhna, bakal dibérékeun ka manéhna, sahingga manéhna diasupkeun kana naraka nu satuluyna dilaksanakeun hukuman pikeun manéhna” (Al-Hadits).
Dumasar kana bahasan di luhur, nu matak mangpaurkeun, matak ngahariwangkeun ka urang. Maka, Kanjeng Nabi saw. maparin jalan kaluar pikeun urang sadayana, ku maparin katerangan, yén aya sababaraha amal nu bakal ngabeuratkeun timbangan kahadéan jaga dina poé kiamat. nalika urang ngadeg dipayuneun Robbul ‘Alamin pikeun ditimbang sagala amal laku lampah salila urang hirup kumelendang di alam dunya. Anapon amalan nu bakal ngabeuratkeun timbangan amal kahadéan jaga di akhérat téh, diantarana nyaéta Hadits nu sumpingna ti Abi Malik, Al -Harits bin ‘Ashim Al-Asy'ari ra., anjeunna nyarios:
“Parantos ngadawuh Rosululloh saw.: “Susuci éta saparo tina iman, (bacaan/ucapan) ‘Alhamdulillaah’ bakal minuhan timbangan di akhérat (Mizan), (bacaan/ucapan) ‘Subhaanallaah’ jeung ‘Al-Hamdulillaah’ duanana bakal minuhan ruang lolongkrang nu aya di antara langit jeung bumi. Sholat éta cahaya, Shodaqah éta nu bakal jadi bukti, sabar éta cahaya, jeung Al-Qur’an bakal nulungan (ngabélaan) ka maranéh ogé sabalikna bakal nyilakakeun maranéh. Satiap manusa milampah hiji pagawéan, maka manéhna geus ngajual dirina, nu pamustunganana éta pagawéan téh bisa nyalametkeun maranéhna ogé sabalikna bisa nyilakakeun maranéhna”. [H.R. Muslim no. 223]
Kaitanana sareng hadits di luhur, Syaikh Ibnu Al-Utsaimin ra. dina kitabna: ‘Syarhul Wasithiyyah’,. ngajelaskeun saéstuna Alloh swt. Ngajadikeun amal-amalan para hambana (manusa) kalayan ngabentuk hiji jasad. Hal ieu teu kudu ngajadikeun urang anéh jeung teu asup akal, mun seug dipulangkeun kana pamikiran, yén Alloh swt. Maha Kawasa. Kukituna ngeunaan amal-amalan manusa dibentuk jadi hiji jasad ogé nu satuluyna bakal ditimbang kalayan bentuk timbangan nu sifatna matéri (benda). ieu téh geus jadi kakawasaan Alloh swt. Tah, ngeunaan kalimat Al-hamdulillah jeung Subhanalloh nu digabungkeun téh bakal minuhan timbangan amal di akhérat (Mizan) jaga. Sabab, dua kalimat éta eusina ngeunaan nyucikeun urang ka Alloh swt. tina sagala bentuk kakurangan nu bakal ngarusak kana kasampurnaan Alloh swt. Jadi, Alloh Maha Suci, ogé nu Kagungan sagala pujian. Kukituna, wajar mun seug éta dua kalimat ku urang sering dijadikeun hiasan biwir dina dzikir ka Alloh swt. Maka, pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan).
Ngeunaan hal ieu, Imam Nawawi ra. dina kitabna ‘Syarah ‘Arba’in Nawawiyyah’, ngajelaskeun, yén katerangan dua kalimat, nyatana Subhanalloh Wal-Hamdulillah nu pahalana bakal minuhan ruang lolongkrang kosong antara bumi jeung langit tur bakal ngabeuratkeun kana timbangan di akhérat (Mizan) téh, teu luyu reujeung katerangan Hadits séjén, sabab aya deui Hadits nu nerangkeun ngeunaan kalimat nu pahalana sarua salian ti dua kalimat éta. Nyaéta Hadits nu diriwayatkeun ku Imam Hakim sareng Abu Ya’la, nu nyaritakeun Nabi Musa as. Kantos naroskeun ka Alloh swt. ngeunaan hiji amalan nu bisa ngasupkeun kana sawarga. Kukituna Alloh Ngadawuh:
“Héh Musa ! Lamun sakirana tujuh lapis langit jeung tujuh lapis bumi ditambah jeung eusina, disimpen dina hiji piring timbangan (mizan), jeung (kalimat) “Laa Ilaaha Illalloh” disimpen dina piring timbangan nu sabeulahna, maka kalimat tauhid éta bakal leuwih beurat batan langit jeung bumi katut saeusina”.
Sarta dawuhan Rosululloh saw. Nu sanésna: “Aya dua kalimat nu hampang (tur gampang diucapkeun) ku lisan, tapi beurat kana timbangan dina poé kiamat (mizan), tur bakal nimbulkeun kacinta Nu Maha Rohman (ka jalma nu ngucapkeunana), nyaéta kalimat: ‘Subhanalloohi Wa Bihamdihi Subhaanalloohil-‘Adziim’.(H.R. Al-Bukhory).
Sareng dawuhan Rosululloh saw.: “Saéstuna (ngaos) sholawat ka Kanjeng Nabi saw. Kaasup nu bakal ngabeuratkeun kana timbangan dina poé kiamat (mizan)”. (H.R. At-Tirmidzy).
Mudah-mudahan urang kalebet golongan jalma nu beurat timbanganana kana kahadéan jaga di ‘Yaumil Mizan’. Amin. Walloohu A’lam Bish-Showaab.


Makna Hakékat Sholat

يَأْتِى عَلىَ النَّاسِ زَمَنٌ يُصَلُّوْنَ وَلا َ يُصَلُّوْنَ (رَوَهُ أَحْمَدُ)
“Bakal datang hiji mangsa ka manusa, dimana maranéhna ngalaksanakeun sholat, tapi hakékatna maranéhna henteu sholat” (H.R. Ahmad)
Hadits di luhur, ngaisyaratkeun ka urang sadayana, yén bakal datang hiji mangsa ka manusa, loba nu sholat tapi sholatna teu ngabuahkeun hasil. Hartina, sholatnamah dilaksanakeun, ngan saba’da sholat teu aya pangaruh dina kahirupanana. Kabuktian, mun seug urang pirajeuneun niténan, boh niténan diri pribadi khususna, umumna ka nu lian, geuningan sering aya jalma (kaasup urang), sholatna rajin tapi akhlak ka sasama teu hadé. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi ngabohong, nipu, nganiaya, silih fitnah, teu akur jeung dulur, ogé teu hadé jeung tatangga jadi pakasaban. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi dina kahirupanana jauh tina tetekon kahirupan nu geus dicontokeun ku Rosululloh Muhammad . Tegesna, pangaruh sholatna teu napak kana kahirupan. Malah nu leuwih parahmah, aya sawatara jalma nu ngaku islam, nu ngaku iman, kana Sholat téh nganggap bangbaluh lain pangabutuh, sholat dianggap pangbeubeurat, lain kawajiban nu tumuwuh tina kasadaran nu kuat, pikeun tumuwuhna rasa ta’at. Ku hal sakitu, loba diantara dulur urang malah teu nutup kamungkinan kaasup urang, kana sholat téh haroréam, ngalalaworakeun, malah wani ninggalkeun.
Padahal, mun seug urang neuleuman kana makna hakékat sholat, maka urang béh dieuna bakal kabita edia ngasaan amisna sholat, atuh béh dituna urang bakal embung leupas tina kanikmatan amisna sholat. Ngan terkadang urangmah jiga budak leutik, nu teu resep kana nginum obat, karék daék nginum obatna téh nalika dipaksa baé. Padahal, lamun budak apal yén obat téh bakal nyageurkeun panyakit tur loba manfaatna. Maka, pasti budak bakal resep kana éta obat. Tah, diaku jeung teu diaku, rumasa jeung teu rumasa, umumna anggapan jalma (kaasup urang), kitu kana sholat téh, da teu apal téa kana nikmatna jeung amisna sholat. Maka, kana sholat téh resep teu resep, mun dina ngalaksanakeunana ogé mung ukur bébas kana kawajiban wungkul, ulah henteu teuing. Nu antukna, sholat téh teu aya buahna, teu karasa amisna. Nganggap sholat ukur kawajiban, lain pangabutuh dina raraga ngajadikeun sholat téh hiji jalan/ edia Muwajahah (patepung)-na hiji hamba jeung Alloh 
Ari makna sholat miturut bahasa, mibanda harti ngad’oa. Sedengkeun Miturut istilah syar’i-mah, nyaéta salah sahiji tingkah ibadah nu dimimitian ku Takbir dipungkas ku Salam’, kitu miturut para Ulama Fiqih. Sedengkeun ari makna hakékat Sholat, nyaéta hiji tingkah ibadah jasmani (jasad) sareng ruhani (jiwa) hiji makhluk (hamba) nu mangrupakeun hiji média atawa jalan pikeun patepung (Muwajahah) ogé Munajat ka Kholik-na nyaéta Alloh , nu langsung tanpa cukang lantaran. Malihan saur Kanjeng Nabi , dina dawuhana-Na: “Sholat téh mangrupakeun mi’roj-na jalma nu iman (أَلصَّلَاةُ مِعْرَجُ الْمُؤْمِنِيْن ).
Ari mi’raj téh, urang tos pada uninga, nyaéta hiji kajadian nu ahéng nu mangrupakeun lalampahan Kanjeng Nabi  ti wengi, ti langit dunya nepi ka Sidrotul Muntaha. Nu hal ieu téh minangka pangalaman spritual Rosululloh  nu luhung ajénna. Sabab, teu sadaya para Nabi sareng para Rosul kénging anugerah samodél kieu ti Alloh . Nyaéta patepung (Muwajahah)-na Rosululloh  sareng Alloh , nu akhirna nampi hiji paréntah kawajiban, nyaéta sholat lima waktu dina sapoé sapeuting. Tah dina kajadian ieu Rosululloh  kacida caketna sareng Alloh , malihan sapalih katerangan nyebutkeun, yén Rosululloh  téh papayun-payun ngobrol sareng Alloh  nu disimbolkeun ku ‘sidrotul muntaha’, nyaéta hiji tatangkalan nu dilimpudan ku cahaya nu kacida caangna, sahingga teu sambarang jalma bisa ningal anging kalayan izin Alloh . Dumasar kana hal éta, maka sholat téh bisa disebut jalan atawa média mi’roj (naék)-na hiji ruhani (jiwa) hamba pikeun patepung sareng Alloh .
Dina hal ieu pisan, sapalih Ulama ngajelaskeun, mun sholat urang hayang jadi Mi’roj. Maka, saba’dana urang nyampurnakeun susuci (wudhu), kalayan diniatan seja nyucikeun lahiriyah tina sagala kokotor, najis jeung sajabana nu némpél dina anggota badan urang kalayan sampurna, tur nyumponan syarat sareng rukunna kalayan Lillaahi Ta’ala. Nu satuluyna urang ngamimitian nyucikeun bathiniyah ku niat nu murni ikhlash karana Alloh , kalayan ngahadirkeun haté urang, seja sholat, seja patepung (muwajahah) sareng Alloh . Sabab, ku ngahadirkeun haté nu ikhlash karana Alloh , bakal jadi konci ka bukana panto hijab (hahalang) antara hiji hamba jeung Alloh .
Miturut sapalih katerangan disebutkeun, yén dina diri manusa téh aya hiji tempat nu mangrupakeun konci léngkahna manusa, nya haté (qolbu) téa. Haté téh bisa diisian ku dua rupa sifat, nyaéta sifat lahut (rasa ka-ilahi-an) jeung sifat nasut (rasa ka-manusa-an).
Ari sifat ‘Lahut’ asal tina kecap ‘Ilah’ hartina ‘Pangéran’, maka arti ‘Lahut,’ nyaéta ‘ka-pangéran-an/ka-ilahi-an’. Nu mawa ka manusa pikeun ngalakukeun hal-hal kahadéan, ngajak sadar jeung numuwuhkeun rasa karumasaan diri..
Sedengkeun sifat ‘Nasut’ asal tina kecap ‘Nas’ hartina ‘manusa’. Naon sabab manusa disebut ‘nas’, sabab manusa mibanda sifat ‘nisyan’ (poho). Tah terkadang Sifat Nasut ieu, nu sering mawa manusa pikeun ngagugu kana hawa nafsu, milampah hal-hal nu gaflah jeung salah, mawa kana watek ma’siyat. Nu tungtungna mawa rugi ka diri, cilaka kana jiwa raga, patepung jeung bebendon Alloh .
Tah, mun manusa bisa ngéléhkeun sifat nasut (rasa ka-manusa-an) ku sifat lahut (rasa ka-ilahi-an), maka Alloh  bakal bétah cicing dina haté manusa. Maksud bétah cicing didieu, lain hartina Alloh butuh tempat, mustahil Alloh butuh tempat. Tapi, nu dimaksud bétah cicing didieu téh, nyaéta mun seug manusa geus bisa ngaleungitkeun rasa angkuhna salaku manusa, rasa umaku mibanda sagala nu aya di diri manéhna, jeung rasa-rasa kamanusaan séjénna, maka bakal ngawujud hiji tangtungan manusa nu salilana ngajadikeun anggota badanna pikeun ngalaksanakeun kata’atan ka Alloh. Tegesna, sifat Ka-ilahian-an sumurup miraga sukma, ngahiji dina jiwa katut ragana. Lamun nyarita, tara nyarita nu carékeun Allloh, lamun ngaléngkah, léngkah nu dipikaridho ku Alloh , i’tikadna nu dipikaridho Alloh , mun ngagunakeun paningal geus pasti ningali sagala nu dipikaridho ku Alloh . Tegesna, taya hiji anggauta badan ogé nu tinggaleun, anging pikeun ngalaksanakeun perkara nu di pikaridho ku Alloh .
Tah, nalika urang sholat, salian ti nyumponan syarat sareng rukunna téh, urang diperedih, pikeun ngeusian haté urang ku sifat ‘lahut’ (rasa kailahian), sifat nu salilana pasrah sadrah bari sumerah, mulangkeun jiwa sareng raga kanu hakna nyatana Alloh  إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ (saéstuna abdi sadaya milik Alloh, tur saéstuna ka manten-Na abdi sadaya mulang). لَاحَوْلَ وَلَا قُوّةَ إِلَّابِالله الْعَلِيِّ الْعَظِيْم.
Tuluy tancebkeun rasa ‘Ihsan’. Hartina, nancebkeun rasa yén urang téh ningali Alloh . Di hareupeun urang, urang téh keur ngadeuheus ka payuneun manten-Na, ngauningakeun kalemahan urang, kahinaan urang, ka teueucreugan urang, kalalaworaan urang kana sagala paréntah-Na, kamantangulan urang ka Manten-Na, ka teuwalakayaan urang, kafaqiran urang, jeung kamiskinan urang. Mun teu bisa kitu, tancebkeun dina rasa, yén urang téh keur ditalingakeun ku Alloh , yén salalawasna urang hamo bisa leupas tina kakawasaan Alloh . Jiwa, raga, ucapan, patékadan jeung lampah, kabéh ogé aya dina panalingaan Alloh . Ti mimiti kerenteging manah nepikeun ka prakna milampah Alloh  uninga. Tur salalawasna dua malaikat Alloh  marengan urang, nyatet, nga-dokuméntasi-keun sagala nu ku urang dipilampah boh nu hadé kitu kénéh nu goréng.
Sanggeus kitu, sifat ‘nasut’ (rasa kamanusaan) urang, urang écagkeun heula tumuwuhkeun rasa karumasaan diri, yén diri téh lemah, taya tangan pangawasa, taya daya sareng upaya, kabéh nu dipibanda taya hak pikeun miboga sadayana milik Alloh . Rasa angkuh, takabur éta sadayana hak milik Alloh teu pantes dipibanda ku urang salaku makhluk (nu diciptakeun). Urang kudu bisa ngaleupaskeun sagala rereged kadunyaan nu matak mawa cilaka diri, nu matak lali kana temah wadi ogé kana purwadaksi. Urang écagkeun heula samentara urang keur sholatmah, supaya sholat urang kaasup sholat nu manjing kana hakékat tur urang bisa Mi’roj pikeun Munajat bari Muwajahah (patepung) sareng Alloh , kalayan jiwa sareng raga nu suci beresih tina sagala rereged kamanusaan urang.
Ngan nu jadi pasualan, henteu bisa kitu baé urang ngalaksanakeun sakumaha nu diuningakeun di luhur, tapi insyaalloh saupamina ku sering ngayakeun Riyadhoh (latihan)-mah kalayan tuluy-tuluy, maka naon nu diuningakeun di luhur bisa dilaksanakeun. Mangga urang sami-sami latihan, bari ngado’a ka Alloh mugia dipaparin rasa istiqomah dina ngalaksanakeunana.
Kajaba ti éta, sholat ogé jadi ciri nu mandiri nu ngajadikeun bédana antara jalma Iman jeung jalma kafir. Sholat ogé minangka tihangna agama, tur amal nu paling awal ditanyakeun ku Alloh  ka manusa jaga di yaumil jaza’, sakumaha Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad  dina Hadits-na nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Abi Daud, jeung Ibn Majah nu sumberna ieu Hadits téh ti Tamim Ad-Dary .:
“Amal nu mimiti ditanya ku Alloh ka hiji hamba dina poé kiamat jaga, nyaéta amalan sholat. Mun seug sholatna si éta hamba ditarima, maka bakal ditarima sakabéh amalna, jeung (sabalikna) mun seug sholatna si éta hamba ditolak, maka bakal di tolak sakabéh amalna” .
Palebah dieu jelas, yén sholat téh minangka ukuran tina sakabéh amaliyahna manusa nu ngaku iman jeung nu ngaku Islam. Tegesna, mun sholatna geus hadé tur sampurna, manjing kana ditarimana ku Alloh , maka bakal ngawujud hiji pribadi nu unggul, hiji insan nu sampurna (insanul-kamil), mibanda akhlak nu mulia, tur dina kahirupanana pinuh ku katingtriman batin, henteu guligah, henteu sarakah, pinuh ku rasa amanah jeung mahabbah jauh tina ma’shiyat, anggang tina laku lampah gaflah jeung salah, ogé salalawasna kata’atan natrat, ngagurat, dina ucapan, i’tikad, lampah jeung paripolah.
Sabalikna, mun sholatna teu hadé, maka sholatna teu aya pangaruh kana kahirupanana. Laku lampah maksiyat tetep dipilampah, lalawora kana amanah, ka batur nyacampah, ka dulur teu akur, ka tatangga jeung sasama nganiaya, ngabohong, nipu, jeung sajabana. Mun geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Alloh  dina surat Al-Ma’un ayat 4-6, nu lebah dieu pisan, urang kudu boga rasa kahariwang, rasa watir, rasa kasieun, boa-boa urang téh kaasup kana ukuran jalma nu sholat tapi cilaka, Na’udzu Billahi Min Dzalik:
فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّينَ, الَّذِينَ هُمْ عَن صَلَاتِهِمْ سَاهُونَ, الَّذِينَ هُمْ يُرَاؤُونَ (ألماعون:4-5)
“Maka cilaka pikeun jalma nu sok Sholat, nyaéta jalma-jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, nya jalma-jalma nu riya (hayang kapuji)”.
Ayat di luhur, ngajelaskeun cilaka jalma nu sholat. Lain jalma nu teu sholat, tapi didieu jelas, yén jalma nu sholat bakal cilaka (komo nu teu sholat).
Nu kumaha jalma nu sholat, tapi cilaka téh ?.
Nyaéta jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, yakni jalma nu sholatna teu didadasaran niat karana Alloh ., niat sholatna tos ngagiclek, ngagésér tina karana Alloh , kana hayang dipuji atawa pupujieun ku nu lian, nya sifat riya’ téa ngaranna. Salian éta, nya kaasup ogé jalma nu sholat lalawora téh, nyaéta jalma nu sholatna teu sadar, yén dirina téh keur ngadeuheus ka Alloh , sahingga pikiranana jeung haténa kumalayang liar, disibukkeun ku haliyah dunya nu ditinggalkeun saméméh sholat, teu aya saeutik ogé perasaan yén dirina téh keur ngadeuheus ka Alloh . Tah, nu kieu nu disebut jasmanina sholat, tapi jiwa jeung bathinna teu sholat. Tegesna, jalma nu sholat tapi hakékatna manéhna teu sholat, nya katelah سَاهُونَ [saahuun]. Tegesna, jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu sholat tapi teu cilaka, sholat nu bisa mi’roj, sholat nu ditampi ku Alloh , ogé sholat nu mawa parobahan ka diri pribadi dina raraga ibadah ka Alloh . Amin.
Wallohu A’lam Bish-Showaab

Washiyat Kanjeng Nabi saw. Ka Ibnu ‘Abbas ra.

عَنْ أَبِي اْلعَبَّاسِ عَبْدِاللهِ بْنِ عَبَّاسٍ  قَالَ كُنْتُ خَلْفَ النَّبِيِّ  يَوْماً فَقَالَ " يَا غُلاَمُ , إِنِّيْ أُعَلِّمُكَ كَلِمَاتٍ : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ , اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ , إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِاللهِ , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ , وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ , رُفِعَتُ اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ " رَوَاهُ التِّرْمِذِيُّ وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ وَفِيْ رِوَايَةِ غَيْرِ التِّرْمِذِيِّ : اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ أَمَامَكَ , تَعَرَّفْ إِلَى اللهِ فِي الرَّخَاءِ يَعْرِفْكَ فِي الشِّدَّةِ , وَاعْلَمْ أَنَّ مَا أَخْطَأَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُصِيْبَكَ وَمَا أَصَابَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُخْطِئَكَ , وَاعْلَمْ أَنَّ النَّصْرَ مَعَ الصَّبْرِ , وَأَنَّ الْفَرْجَ مَعَ اْلكَرْبِ , وَأَنَّ مَعَ اْلعُسْرِ يُسْراً
“Ti Abil-Abbas, ‘Abdillah bin Abbas, Anjeunna nyarios: “Dina hiji mangsa kami aya di sapengkereun Kanjeng Nabi , Anjeunna Ngadawuh: "Yeuh anaking !, Kami rék ngajarkeun ka anjeun sababaraha kalimah: ‘Raksa ku anjeun Alloh, maka Alloh bakal ngaraksa anjeun. Raksa ku anjeun Alloh, maka anjeun bakal manggihan Alloh dihareupeun anjeun. Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh. Mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh’. ’ Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Ogé sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing’." (HR. Tirmidzi, anjeunna tos nyarios: Hadits ieu téh hasan tur shohéh).[Dina rédaksi lain salian ti riwayat Imam Tirmidzy: “Raksa ku anjeun Alloh, maka, pasti anjeun bakal manggihan Alloh di hareupeun anjeun, inget-inget ku anjeun Alloh di waktu anjeun keur bungah, pasti Alloh bakal inget ka anjeun dina waktu kaayaan anjeun keur susah. Kanyahokeun ku anjeun ! yén naon-naon nu teu ditetepkeun (ku Alloh) pikeun anjeun, maka hamo aya katetepan keur anjeun. Jeung naon-naon nu geus ditetepkeun (ku Alloh) ka anjeun, maka anjeun hamo bisa ngahindar tina katetepan éta. Jeung kanyahokeun ku anjeun ! satemenna dina kaunggulan dibarengan ku kasabaran, jeung saéstuna dina karerepet aya jalan kaluar, ogé dina kasulitan aya kagampangan”] [Tirmidzi no. 2516]
Hadits di luhur téh salian diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy, diriwayatkeun ogé ku Imam Ahmad (I/ 293,303), ku Imam Ath-Thabrany dina kitabna Al-Awsath (V/316), ogé dina Al-Kabir (XI/178) jeung ku Imam Al-Hakim (III/623 & 624), bisa ogé ditingal dina Kitab Shohihul-Jami’ (7957). Sedengkeun riwayat nu kadua dicandak ku Abdulloh Humaid dina Musnad-na no. 636.
Ibnu Abbas  téh putra Abbas bin abdul mutholib bin Hisyam, paman Rosululloh . Ti alit kénéh anjeunna sasarengan sareng Rosululloh . Nalika Rosululloh  pupus anjeunna teuacan manjing déwasa. Anjeunna kantos dido’akeun ku Kanjeng Nabi Muhammad , kalayan do’a-na: "Ya Alloh, paparin ka manéhna kapahaman kana élmu Agama nu kuat jeung ajarkeun ka manéhna ngeunaan ta'wil (nafsirkeun Al-Qur’an)". Anjeunna ogé kantos dua kali dido’akeun ku Rosululloh  supaya dipaparinan Hikmah, sakumaha anjeunna (Ibnu Abbas .) nyarios dina hiji riwayat: “Rosululloh . Pernah ngado’akeun kami nepi ka dua kali supaya kami dipaparinan hikmah”. (H.R. At-Tirmidzy [3823] anjeunna nyarios: Hadits ieu téh kalebet Hasan Ghorib). Ngeunaan riwayat kahirupan ‘Abdullah bin ‘Abbas atanapi Ibnu Abbas , tos seueur nu ngariwayatkeun. Malihan aya hiji riwayat nu nyarioskeun, yén anjeunna kantos dua kali ningali Malaikat Jibril as. Nalika maparin wahyu ka Kanjeng Nabi . Imam Ibnu Ad-Daqiq Al-‘Id r.a. nyarios: ‘Anjeunna (Ibnu Abbas .) téh minangka lautan tinta élmuna umat kiwari”. Ibnu Abbas  kalebet shohabat ogé ulama nu masagi ku pangarti nu beunghar ku pangabisa, sareng jembar ku panalar. Sahingga Rosululloh  nganggap payus mun Ibnu Abbas  alit nampi washiyat Anjeunna. Anapon washiyatna Kanjeng Nabi  téh sakumaha nu kaunggel dina hadits di luhur, sanaos ieu washiyat dikhususkeun ka Ibnu Abbas , tapi umumnamah keuna ka urang sadayana.
Nu Kahiji, Kanjeng Nabi  maparin washiyat ka Ibnu Abbas  téh ku kalimat: اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh  bakal ngaraksa anjeun). Hartina, urang téh diperedih sangkan taat ka Alloh  kalayan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na.
Imam An-Nawawi r.a. ngauningakeun ngeunaan maksud kalimat اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ ( Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh  bakal ngaraksa anjeun), maksudna nyaéta, jaga bari jeung prak pigawé sagala paréntah-paréntah Alloh , jeung jauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, maka pasti Alloh  bakal ngajaga kahirupan urang boh di dunya ogé di akhérat. Sakumaha Dawuhan Alloh  dina Al-Qur’an Surat An-Nahl Ayat 97:
مَنْ عَمِلَ صَالِحاً مِّن ذَكَرٍ أَوْ أُنثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُم بِأَحْسَنِ مَا كَانُواْ يَعْمَلُونَ (ألنحل:97)
”Sing saha jalmana nu milampah amal sholéh ti kaum lalaki atawa awéwé, bari maranéhna dina kaayaan ariman (ka Kami), maka Kami bakal maparin kahirupan nu hadé ka maranéhna”. (An-Nahl : 97)
Sagala musibah nu karandapan ku manusa, satemenna nu jadi sabab utamanamah, nyaéta ku lampah manusa sorangan ku akibat ninggalkeun sagala paréntah Alloh . Teu ngajaga hak-hak Alloh . Sakumaha nu kacutat dina Al-Qur’an Surat Asy-Syura ayat 30:
وَمَا أَصَابَكُم مِّن مُّصِيبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ أَيْدِيكُمْ وَيَعْفُو عَن كَثِيرٍ (ألشورى:30)
”Musibah naon baé nu karandapan ku maranéh, maka hal éta téh dilantarankeun ku pamolah leungeun-leungeun maranéh.” (Asy-Syura: 30).
Naon nu diuningakeun Imam An-Nawawi r.a.di luhur, luyu reujeung pamadegan Syekh Al-’Utsaimin r.a., nu ngajelaskeun, yén maksud kalimat Hadits : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh  bakal ngaraksa anjeun) téh, nyaéta ngajaga syareat Alloh  ku cara ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh  jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na. Mun seug urang geus kitu, maka Alloh  bakal ngajaga urang boh dina masalah agama Alloh  bakal maparin kakuatan ka urang dina ngagemna, kulawarga, harta ogé jiwa urang. Sabab, Alloh  bakal ngabales ka jalma-jalma nu salawasna ngajaga hak-hak Alloh  kalayan milampah amal sholéh.
Lebah dieu pisan, urang diperedih supaya ngajaga, ngariksa kana hak-hak Alloh , ku jalan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, malah mandar urang meunang pangjaga, pangriksa ti Alloh .
Nu Kadua, اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka anjeun bakal manggihan Alloh  dihareupeun anjeun). Kalimat ”Jaga ku anjeun Alloh ” éta tos dijelaskeun di luhur, sedengkeun maksud kalimat: تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (maka anjeun bakal manggihan Alloh  dihareupeun anjeun) nyaéta, Alloh  bakal maparin jalan kagampangan ka urang dina raraga urang ngedeukeutkeun diri ka Manten-Na, sabab Alloh  nyalira ku anjeun bakal ngadeukeutan ka urang. Imam Ad-Daqiq Al-’id r.a. ngajelaskeun, yén urang téh kudu milampah amal sholéh ulah nepi ka Alloh  manggihan urang nyulayaan Manten-Na. Mun seug urang geus bisa kitu, maka Alloh  bakal maparin kagampangan ka urang nalika tepung jeung kasulitan.
Sakumaha nu karandapan ku tilu urang nu kapahung ku hujan, tuluy maranéhna ngiuhan asup ka hiji guha. Nu akhirna tiluanana ka sengker dijero guha éta ku sabab aya batu nu rugrug nutupan lawang guha. Tuluy salah saurang diantara nu tiluan nyarita méré usulan: “Inget-inget ku anjeun kana amal sholéh nu geus ku anjeun dipigawé, tuluy urang nyuhunkeun ka Alloh  ku lantaran amal sholéh éta, mugia manten-Na maparin kasalamétan ka urang tiluan, dipalar Alloh  ngabuka éta batu nu nutupan lawang kaluar ti ieu guha”. Sanggeus kitu, maranéhna nginget-nginget kana amal sholéh nu geus dipilampah, tuluy ngado’a ka Alloh  bari dina ngado’ana maranéhna nyebut - nyebut éta amal sholéh ka payuneun Alloh  dipalar ka bukana éta batu nu nutupan lawang guha. Teu sawatara lila, maka batu nu nutupan lawang guha téh dadak sakala muka kalayan izin Alloh , sahingga tilu urang nu ka sengker di jero guha tadi téh salamet bari bisa kaluar. Carita ieu téh kaunggel dina hadits nu diriwayatkeun ku Imam Bukhory (2215,2333) sareng Imam Muslim.
Nu Katilu, إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِالله (Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh . Jeung mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh ’.) Maksudna, nyaéta dimana urang boga pangabutuh, maka prak ménta ka Alloh . Ulah ménta ka salian Alloh . Sok sanajan pangabutuh urang kacumponan ku sasama nalika urang minangsaraya, hakékatna éta kabéh ti Alloh , ngan nu jadi wasilah/cukang lantarana makhluk. Kitu kénéh nalika urang butuh pitulung nalika urang hayang kacumponan pangabutuh urang, ogé nalika urang keuna ku karerepet, kasumpek kasusah reujueng kasulitan hirup, maka prak geura ménta tulung ka Alloh . Sabab ukur pitulung Alloh  nu mampuh ngaleungitkeun sagala kasusah reujeung kasulitan nu karandapan ku urang. Sakumaha ikrar urang nalika urang maca Al-Qur’an Surat Al-Fatihah dina ayat nu ka-5:
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ(ألفاتحة:5)
”Wungkul ka anjeun Gusti abdi ibadah, sareng wungkul ka anjeun Gusti abdi nyuhunkeun pitulung” (Al-Fatihah:5).
Jadi, sagala urusan, pasualan, kariripuh, kasusah reujeung kasulitan ogé miharep kabagjaan jeung sajabana, jalan nu hadé nu kudu dipilampah taya kajaba iwal ti kudu muntang tulung ka Alloh  wungkul.
Nu Kaopat, , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ (Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian tina naon-naon nu geus ku Alloh  ditetepkeun pikeun anjeun. Jeung sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh  ditetepkeun pikeun anjeun.) Maksudna, nyaéta mun seug sakabéh umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, pikeun maparin kauntungan atawa kamanfaatan ka urang, maka hal éta hamo bisa dilakukeun mun éta hal téh diluar katangtuan nu geus ditetepkeun ku Alloh . Tegesna, urang diperedih nguatkeun kapercayaan bari ngayakinkeun kana papastén (qodar) nu hadé atawa nu goréng éta aya dina kakawasaan Alloh . Urang kudu tetep mertahankeun kayakinan urang, yén sagala papastén atanapi katetepan éta sumpingna ti Alloh .
Sagala kamanfaatan nu karasa jeung katarima ku urang, sanajan éta datangna ti makhluk, tapi hakékatnamah éta kabéh ogé sumberna ti Alloh , makhlukmah ukur jadi cukang lantaran teu bisa ngadatangkeun kauntungan atawa kamanfaatan anging izin sareng kersa Alloh . Ku kituna, urang salamina kudu tetep pasrah bari tawakal ka Alloh  kana sagala katangtuan nu sumpingna ti Alloh  pikeun urang. Kitu kénéh dimana umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, boga karep pikeun ngayakeun kajahatan, ngagunasika, nganiaya jeung kajahatan séjénna. Tapi lamun éta lain katangtuan Alloh , maka hamo bisa keuna ka urang. Sabalikna, mun seug éta hal aya izin sareng kersa ogé geus jadi katangtuan Alloh , yén urang kudu aya nu nganiaya atawa aya nu ngajahatan ka urang. Maka urang hamo bisa ngahindar, tegesna urang kudu narimakéun kalayan sabar, meureun éta téh geus jadi katetepan Alloh  yén urang kudu ngarandapan hal éta. Mun seug urang iman, maka éta kaasup mushibah, kaasup cobaan pikeun ningkatna darajat kaimanan urang, tapi lamun éta kajadian tumiba ka jalma nu teu iman, maka éta kaasup pépéling bisa ogé disebut hukuman atawa siksaan.
Nu Kalima, اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ رُفِعَتُ Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing). Maksudna nyaéta, teu aya katangtuan Alloh  nu hamo bisa diganti-ganti, nalika takdir geus ditetepkeun ka urang sadaya. Tinggal urang salaku makhluk kudu bisa tumarimana, bari ulah aral subaha, ulah peunggas harepan tina rohmat Alloh . Kudu salalawasna urang nyalindung ka Alloh .
Saterusna dina eusining (matan) Hadits salian nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy di luhur téh, ngauningakeun, yén urang kudu émut ka Alloh  dina waktu urang keur luang atawa keur bungah, maka Alloh  bakal émut ka urang nalika keur susah. Tur naon baé nu teu aya dina katangtuan Alloh , maka hamo nerap ka urang. Tapi lamun Alloh  geus netepkeun hiji perkara ka urang, boh kahadéan atawa kagoréngan, maka urang hamo bisa ngahindar tina éta kabéh. Tegesna, ujian pasti datang, satiap jalma nu lahir pasti mawa garis kahirupanana (taqdir) masing-masing. Ogé urang kudu yakin, yén dina satiap kaunggulan dibarengan ku kasabaran, dina tiap kasusah téh pasti aya jalan kaluar, ogé dina satiap kasulitan pasti bakal dibarengan ku kagampangan, sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Surat Al-Insyirah ayat 5-6:
فَإِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً إِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً (ألإنشراح:5-6)
“Saenyana dina kasusah (rohani) téh aya kabungah, jeung saenyana dina kasusah (jasmani) téh aya kasenangan.” (Al-Insyiroh: 5-6).
Mudah-mudahan urang ka golong kana jalma-jalma nu bisa ngajaga kana hak-hak Alloh , sahingga urang ka golong jalma-jalma nu salawasna meunang pangjaga ogé pangriksa ti Manten-Na. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Wallohu ‘Alam Bish-Shoawab.