Sabtu, 24 Oktober 2009

Manusa Lahir Mawa Takdir

عَنْ أَبِيْ عَبْدِالرَّحْمَنِ عَبْدِاللهِ بْنِ مَسْعُوْدٍ رَضِيَ اللهُ عَنْهُ قَالَ حَدَّثَنَا رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى الله ُعَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَهُوَ الصَّادِقُ الْمَصْدُوْقُ " إِنَّ أَحَدَكُمْ يَجْمَعُ خَلْقُهُ فَيْ بَطْنِ أُمِّهِ أَرْبَعِيْنَ يَوْمًا نُطْفَةً ثُمَّ عَلَقَةً مِثْلَ ذَلِكَ ثُمَّ يَكُوْنُ مُضْغَةً مِثْلَ ذَلِكَ , ثُمَّ يُرْسَلُ إِلَيْهِ الْمَلَكُ فَيَنْفُخُ فِيْهِ الرُّوْحَ , وَيُؤْمَرُ بِأَرْبَعٍ كَلِمَاتٍ : بِكَتْبِ رِزْقِهِ , وَأَجَلِهِ , وَعَمَلِهِ , وَشَقِيٌّ أَمْ سَعِيْدٌ . فَوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ إِنَّ أَحَدَكُمْ لِيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ الْجَنَّةِ حَتَّى مَا يَكُوْنُ بَيْنَهُ وَبَيْنَهَا إِلاَّ ذِرَاعٌ فَيَسْبِقُ عَلَيْهِ الْكِتَابُ فَيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ النَّارِ فَيَدْخُلُهَا , وَإِنَّ أَحَدَكُمْ لِيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ النَّارِ حَتَّى مَا يَكُونُ بَيْنَهُ وَبَيْنَهَا إِلاَّ ذِرَاعٌ فَيَسْبِقُ عَلَيْهِ الْكِتَابُ فَيَعْمَلُ بِعَمَلِ أَهْلِ الْجَنَّةِ فَيَدْخُلُهَا (رواه البخارى و مسلم)
“Ti 'Abdirrahman Abdullah bin Mas'ud r.a.,Anjeunna Nyarios: Yén Rasululloh parantos Ngadawuh ka Kami, sedengkeun Manten-na téh salamina leres tur dilereskeun:, "Saéstuna salah saurang diantara maranéh téh dikumpulkeun nalika diciptakeun dina jero rahim ibuna salila 40 poé nu mangrupa Nutfah (cai mani/spérma), tuluy ngajadi ‘Alaqoh (getih kimpel/sakeupeul getih) salila éta ogé (40 poé), tuluy ngajadi Mudhghoh (daging/sakeupeul daging-nu némpél dina rahim) salila éta ogé (40 poé), tuluy diutus Malaikat pikeun niupkeunn roh ka manéhna, jeung nu saterusna diparéntahkeun pikeun nuliskeun (netepkeun) 4 hal : Netepkeun Rizkina, Ajalna, Amalna jeung masalah naha pinanggih jeung sangsara atawa pinanggih bagja. Maka, demi Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na, aya salah saurang diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa deui. Tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Aya (deui) diantara maranéh nu migawé/milampah amalan ahli naraka sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui. tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli sawarga, maka manéhna asup kana sawarga”. [Hadits Riwayat Imam Bukhari no. 3208, sareng Imam Muslim no. 2643].
Kalungguhan ieu hadits téh kacida agungna, sabab ngalimpudan sagala kaayaan manusa ti kawit diciptakeun tuluy lahir ka alam dunya, tug nepi ka akhir katangtuan panungtungan kahirupan manusa, naha asup kana sawarga (padumukan kabagjaan) atawa asup kana naraka (padumukan kasangsaraan). Hal ieu téh diluyukeun reujeung amal-amalan manusa nalika hirup di alam dunya ogé diluyukeun reujeung élmu, katangtuan/katetepan (taqdir) jeung kaputusan (Qadla) Alloh swt.
Imam Nawawi dina kitabna “Al-Wafy fi Syarhil Al-Arba’iin An-Nawawiyah”, nu ngajelaskeun yén Shohabat Ibn Mas’ud r.a (Abi Abdirrohman Abdillah bin Mas’ud ra.) ngawitan ngariwayatkeun tur medar ieu Hadits téh ku kalimat وَهُوَ الصَّادِقُ الْمَصْدُوْقُ , maksudna, nyaéta Ibn Mas’ud r.a. maparin kasaksian ka Alloh swt. yén Rosululloh saw. Hiji pribadi nu jujur atawa bener kana naon nu didawuhkeun ku Mantenna, ogé salalawasna dibenerkeun. Nu saterusna maksud jeung tujuan tina kalimat فَيْ بَطْنِ أُمِّهِ يَجْمَعُ خَلْقُهُ nyaéta dikumpulkeunnana cai mani/spérma lalaki jeung awéwé nu patepungna dua cai mani/spérma éta ngajadi bahan diciptakeunna manusa, nu disebut نُطْفَةً (nuthfah). Mun seug Alloh swt. ngersakeun bakal jadi manusa, maka éta dua cai mani/spérma téh bakal cicing di jero rahim indungna salila 40 poé. Nu satuluyna éta نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) téh rubah bentuk jadi عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih) salila 40 poé, nu salila éta diprosés sahingga ngabentuk jadi مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging) salila 40 poé. Tah, nalika geus ngabentuk مُضْغَةً [Mudgoh], Alloh swt. ngabentuk éta مُضْغَةً [Mudgoh] téh ceuli, mata, irung jeung baham ogé anggota badan manusa séjénna. Sedengkeun bagian jerona éta مُضْغَةً [Mudgoh] ku Alloh swt diciptakeun peujit jeung kadut. Sakumaha dawuhan Alloh swt. :
هُوَ الَّذِي يُصَوِّرُكُمْ فِي الأَرْحَامِ كَيْفَ يَشَاء... ُ(أل عمران:6)
“Anjeunna nu maparin rupa (ngabentuk) maranéh dina rahim sapangersa-Na ...” (Ali-Imran: 6).
Nalika geus manjing kana umur tilu kali 40 poé nyaéta 120 poé atawa kira-kira 4 bulan, tuluy Alloh swt. maréntahkeun ka saurang malaikat nu ngajaga rahim pikeun niupkeun roh kana مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Nu geus dibentuk hiji wujud manusa. Alloh swt. Ngadawuh dina Al-Qur’an Surat Al-Hajj ayat 5:
“Yeuh manusa upama maranéh mangmang kana perkara dihudangkeun (dina poé kiamat) nya sing inget yén Kami téh geus ngayugakeun maranéh tina taneuh, tuluy tina mani, tuluy tinah getih kimpel, tuluy tina daging, anu sampurna kajadianana jeung nu henteu sampurna, pikeun Kami nerangkeun(kakawasaan Kami) ka maranéh; sarta tuluy ku Kami dipernahkeun dina rahim sapangersa Kami nepi kana waktu anu pinasti , tuluy kami ngaluarkeun maranéh jadi orok tidinya maranéh tumuwuh nepi ka déwasa sarta di antara
maranéh aya nu dimaotkeun jeung sabagian deui dipanjangkeun umurna nepi ka pikun, nepi ka manéhna henteu nyahoeun deui saniskara perkara anu tadina dipikanyaho...(Al-Hajj: 5).
Ibn Rojab Rohimahullohu Ta’ala dina kitabna “Jami’ Al-Ulum wa Al-Hikam” ngajelaskeun, yén Alloh swt. Nyebutkeun tilu tahapan dina sababaraha ayat dina Al-Qur’an luyu reujeung katerangan di luhur, nyaéta Tahap Kahiji bentuk نُطْفَةً (nuthfah), tahap Kadua bentuk عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih) jeung tahap Katilu مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Tapi, dina ayat-ayat séjén aya tambahan tahapan-tahapan prosés diciptakeunana manusa dina rahim ibuna, saperti dina ayat 12-14 surat Al-Mu’minun:
“Jeung saenyana Kami geus ngayugakeun manusa tina acining taneuh, tuluy Kami ngajadikeunana jadi mani dina tempat anu diraksa (rahim), tuluy ku kami ngayugakeun éta mani jadi getih kimpel, tuluy kami ngayugakeunana jadi daging sakeupeul, tuluy tina éta daging téh ku Kami diyugakeun tulang-taléng, tuluy éta tulang taléng téh ku Kami dibungkus ku daging, tuluy ku Kami dijadikeun mahluk nu nyawaan. Kukituna Maha Berkah Alloh, panghadéna nu ngayugakeun”.
Mun ditilik kana eusining ayat di luhur, maka aya tujuh tahap ngeunaan diciptakeunana manusa saméméh ditiupkeunna roh. Tahap Kahiji bentuk نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung), tahap Kadua jadi عَلَقَةً [‘Alaqoh] (getih kimpel/sakeupeul getih), tahap Katilu jadi مُضْغَةً [Mudgoh] (sakeupeul daging). Tahap Kaopat jadi عِظَاماً (Tulang-taléng) tahap Kalima nyaéta فَكَسَوْنَا الْعِظَامَ لَحْماً (dibungkusna tulang-taléng ku daging) jeung tahap Kaganep خَلْقاً آخَرَ (bentuk séjén/wujud manusa) tahap katujuh ditiupkeunana roh.
Ibnu Abbas ra. ngajelaskeun ngeunaan kalimat ayat 5 dina Surat Al-Hajj : مُّخَلَّقَةٍ وَغَيْرِمُخَلَّقَةٍ (... Nu diciptakeun anu sampurna kajadianana jeung nu henteu sampurna ...). Maksud kalimat ayat: غَيْرِمُخَلَّقَةٍ (teu sampurna dina diciptakeunana), tegesna kurang/cacat. Sedengkeun Mujahid ra. ngajelaskeun yén kalimat ayat: غَيْرِمُخَلَّقَةٍ (teu sampurna diciptakeun) téh, nyaéta “kaguguran”.
Dina mangsa roh ditiupkeun kana jasad manusa nu geus ngawujud, nu satuluyna ditetepkeun 4 perkara minangka katangtuan/katetepan (takdir) pikeun manusa. Diantarana: nu Kahiji, ngeunaan Rizkina, nu Kadua Ajalna, nu Katilu Amalna jeung nu Kaopat masalah naha pinanggih jeung sangsara atawa pinanggih jeung bagja dina kahirupan di alam dunya jeung katetepan hirupna jaga nu bakal katarima di alam akhérat.
Ibn Mas’ud ra. ngajelaskeun yén nalika نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) geus netep disimpen dina jero rahim, maka malaikat nu ngajaga rahim nyokot ku dampal leungeunna bari unjukan ka Alloh swt.: “Duh Pangéran abdi sadaya ! seja dikumahakeun ieu téh, naha diyugakeun atanapi henteu ?”. Mun seug Alloh swt. Ngersakeun bari ngadawuh: “Tong dicipatakeun !”, maka Malaikat nu ngajaga rahim éta bakal ngalungkeun éta نُطْفَةً [Nuthfah] (cai mani/spérma nu patepung) ka jero rahim ku bentuk getih tanpa nyawaan. Tapi sabalikna, mun Alloh swt. Ngadawuh: “Ciptakeun !”. Maka Malaikat nu ngajaga rahim éta unjukkan deui:
Duh Pangéran abdi sadaya ! saterasna ieu téh badé dijantenkeun pameget atanapi istri ?, sangsara atanapi bagja ? sareng kumaha pi-rizki-eunana ? ogé iraha waktos tutug ajalna ? sareng di bumi nu mana manéhna bakal maot ?”.
Alloh swt. Ngadawuh: “Jig Indit héh malaikat Kami kaditu ka Ummul Kitab !, sabab di dinya manéh bakal meunang jawaban kana naon hal nu ditanyakeun éta kabéh”.
Saréngséna nampi dawuhan Alloh swt. tuluy éta malaikat téh ngajugjug ka tempat nu dituduhkeun ku Alloh swt. Nyaéta Ummul Kitab nu satuluyna manéhna nyutatkeun kana sagala jawaban nu geus ditanyakeun ka Alloh swt. ngeunaan katangtuan/katetepan (takdir) manusa.
Dumasar kana hal éta, maka jelas yén manusa lahir geus mawa takdir masing-masing. Tur éta katangtuan téh ditetepkeun nalika manusa aya dina jero rahim indungna dina mangsa ditiupkeunana roh ka manusa nalika umur kandungan manjing kana 4 bulan. Saterusna hadits di luhur ngajelaskeun, yén Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh bari sumpah: َوَاللهِ الَّذِيْ لاَ إِلَهَ غَيْرُهُ (Demi Alloh nu teu aya deui pangéran salian ti Manten-Na). yén aya salah saurang diantara maranéh nu milampah/migawé amalan ahli sawarga sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung sawarga iwal ti ukuran sadeupa Tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan Alloh, nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli naraka, maka manéhna asup ka jero naraka. Ogé aya (deui) diantara maranéh nu migawé/milampah amalan ahli naraka, sahingga teu aya jarak deui antara manéhna jeung naraka iwal ti ukuran sadeupa deui, tuluy manéhna kapiheulaan ku katangtuan/katetepan Alloh nu satuluyna manéhna ngalakukeun amalan ahli sawarga, maka manéhna asup kana sawarga.
Sadeupa didieu, hiji kiasan jeung kira-kira, nu dimaksud didieu nyaéta, saparo waktu dina akhir kahirupan manusa. Jadi, nu dimaksud sadeupa didieu lain sacara harfiyah sadeupa jeung kapastian waktu nu saukuran kitu. Tapi, sadeupa didieu sakali deui saparo waktu dina akhir kahirupan manusa nu kacida deukeutna kana poé panungtungan hirup. Imam Nawawi ra. Ngajelaskeun, mun jalma kafir ngucapkeun “laa Ilaaha Illallooh” tuluy manéhna maot kalayan ngucapkeun kalimat tauhid éta, maka manéhna bakal asup sawarga. Sabalikna, lamun jalma Islam dina akhir umurna ngucapkeun caritaan kufur, maka manéhna bakal asup kana naraka.
Satuluyna Hadits di luhur, eusina ngajelaskeun yén urang teu meunang mastikeun atawa netepkeun salah saurang bakal asup sawarga atawa naraka, sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun sagala kahadéan jeung rajin ibadah, sabalikna sanajan katingalina hiji jalma téh ngalakukeun kakufuran, kama’siyatan, kafasikan jeung sajabana. Tegesna, yén urang ulah wani-wani ngahukuman ka jalma téh pisawargaeun atawa pinarakaeun. Sabab, urang ulah ngandelkeun teuing amaliah ibadah boh pribadi atawa lian,
atawa reueus, agul jeung sajabana ku lampah ibadah urang atawa nu lian. Sabab, urang teu apal pamustungan tina sagala ibadah nu dilakukeun, naha ditarima atawa henteuna ku Alloh swt. Ogé urang teu apal katangtuan nu kumaha nu bakal ditarima ku urang khususna jaga di alam Akhérat. Sok sanajan takdir geus ditetepkeun saméméh urang diciptakeun, tapi, ku sabab dirahasiahkeun ku Alloh swt. Jadi urang teu apal takdir urang téh modél kumaha.
Dumasar kana hal éta pisan, urang ulah petot-petot salilana ngado’a ka Alloh swt mugia urang dipaparin panungtungan kahirupan nu hadé (Husnul Khotimah) ogé salawasna urang kudu nyalindung ka Alloh swt. Mugia panungtungan hirup urang téh ulah goréng (Su’ul Khotimah) atawa ulah nepi ka hasil panungtungan hirup urang téh nu picilakaeun (Syarrul ‘Aqibah).
Ibnu Jarir Al-Haitamy dina kitabna “Fath Al-Mubin Li Syarh Al-Arba’in” ngajelaskeun, yén satemenna Su’ul Khotimah - Na’udzu Billahimin Dzalik- dilantarankeun ku haté leutik na hiji jalma nu teu bisa ditingali ku nu séjén. Ayakalana saurang milampah hiji amal ahli naraka, tapi dina haténa aya kahadéan nu nyangkaruk, tuluy ngalimpudan nu tungtungna ngadorong manéhna dina panungtungan umurna pikeun milampah kahadéan, akhirna manéhna ka golong kana Husnul Khotimah. Kukituna ulah katipu ku naon-naon baé nu katingali dina diri hiji jalma, sabab tetep nu bakal ditingalimah kahirupan panungtunganana, naha hadé atawa henteu. Sabab amal téh ditingali dina akhirna, hartina, sing saha jalmana nu dituliskeun atawa ditetepkeun kaimanana jeung kata’atanana dina akhir umurna, tuluy manéhna kufur jeung milampah maksiyat, tapi Alloh ngalungsurkeun taufik sareng hidayah-Na ka manéhna dina panungtungan hirupna, tur manéhna maot dina kaayaan tobat, sadar pinuh ku karumasaan kana sagala lampah salahna, tegesna Husnul Khotimah. Maka manéhna bakal jadi ahli sawarga.
Tah dina raraga urang miharep supaya panungtungan hirup urang téh hadé, tegesna Husnul khotimah. Al-Affani ra. dina kitabna “Sakb Al-‘Abarat” ngajelaskeun, ngeunaaan sabab musababna ngahontal Husnul Khotimah, diantarana: 1) Istiqomah dina ibadah; 2) Nancebkeun katakwaan; 3) hadé sangka ka Alloh swt. 4) jujur; 5) rajin taubat; 6) éling kana maot, jeung 7) Waspada kana hal-hal nu matak ngadeukeutan kana su’ul khotimah. diantarana, nyaéta: rusakna akidah jeung milampah laku bid’ah dina ibadah, ibadah lahirna teu luyu reujueng ibadah bathin, biasa milampah maksiyat nu tuluy-tuluy dina migawéna, kapéngpéongan ku dunya, nyimpang tina kaistiqomahan, nyalindung ménta tulung ka salian Alloh jeung nunda-nunda kana tobat.
Mudah-mudahan urang ka golong kana golongan jalma –jalma nu panungtungan hirupna hadé (husnul khotimah). tur mugia urang sadayana dipaparinan ku Alloh swt. Ka istiqomahan dina ibadah. Amin ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin.
Walloohu A’lam Bish-Showaab.

Tidak ada komentar: