Jumat, 23 Oktober 2009

Miluruh Kabagjaan

Dina sadinten sawengi aya do’a nu pirajeuneun malah kadang sering di ajengkeun ka Alloh swt., Kailaharanana do’a ieu té‎h dibaca satiap ba’da sholat sakurang-kurangna. Geuningan urang sadayana sok ngajerit, ngado’a ka Alloh ku kalimat: ِ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَةحَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار. Inti tujuan jeung maksudna ieu do’a té‎h, taya kajaba yén urang sadayana ngajukeun proposal ka Alloh swt nyuhunkeun kabagjaan di dunya sareng di akhérat. Tah dina seratan ieu urang nyoba-nyoba ngabahas masalah kabagjaan atawa kanugrahaan, bahasa barudak ayeunamah disebut bahagia.
Éta kabagjaan té‎h pada néangan ku saréréa, kaum Muslimin néangan bagja jeung nugraha. Kafir néangan bagja jeung nugraha. Malah ku Nu Maha Suci disebatkeun, dibéwarakeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw., saur Alloh té‎h: ... فَمِنَ النَّاسِ مَن يَقُولُ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا... .Jalma-jalma nu baheula (urang kafir) sok ngajarerit ka Pangéran marénta hayang papanggih bagja jeung bahagia di dunya. Ngan ! tara ménta sahuruf ogé hayang bagja jeung bahagia di akhérat. Tah lamun aya jalma ménta hayang bagja jeung bahagia di dunya wungkul, bisa jadi ku Pangéran di bikeun bagjana di dunya. Tapi: ...وَمَا لَهُ فِي الآخِرَةِ مِنْ خَلاَقٍ. Moal kabagéan di akhérat. Kukituna, khususna urang sadayana salaku muslim, ménta bagja jeung bahagia té‎h tos pasti di dunya jeung di akhérat. Sakumaha dawuhan Alloh swt. dina surat Al-Baqarah ayat 201:
وِمِنْهُم مَّن يَقُولُ رَبَّنَا آتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الآخِرَة حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّار ِ(ألبقرة :201)
“Jeung aya deui ti antara manaranéhna anu ngado’a kieu: ‘Nun Gusti Pangéran abdi sadaya, mugi Gusti maparin kasaéan di dunya sareng kasaéan di akhérat, sareng mugi Gusti ngajaring abdi sadaya tina siksaan seuneu naraka’ “.(Al-Baqarah: 201).
Cindeknamah bagja jeung bahagia té‎h di téangan ku saréréa, ngulon ngétan, nepi ka jalma té‎h teu milih halal, jeung teu milih haram, bawaning ku hayang papanggih jeung nu aranna bahagia. Tapi nu jadi anéh, éta kabagjaan téh pada ngala ku saréréa. Naha dina kanyataanamah teu saréréa meunang. Bahagia té‎h di udag-udag ku sadayana, dikoréhan ku sadayana, di arala ku sadayana. Tapi naha ? nu mindeng nganjang ka imah urang té‎h malah susah, bahagiamah tara nganjang saelol-lol acan.
Cik naon kira-kirana ? Naon sababna bagja di ala, nu datang kalah ka susah. Naha bahagia nu geus béak kira-kirana ?, Atawa Alloh swt Nu korét teu méré bahagia ?. Éta pertarosan di waler, lain Alloh nu korét moal méré bagja jeung bahagia ka manusa, sanés bagja jeung bahagia nu séép, da moal séép. Sakali deui, lain bahagia nu béak, lain Alloh nu korét. Tapi urang ku anjeun nu salah néanganana, néangan bahagia, néangan bagja lain dina tempatna.
Samodél conto urang Jawa Barat resep kana lauk asin, lauk asin téh spésifik Jawa Barat. Da lamun dahar teu maké asin téh kurang sreg. Bring wéh saréréa néangan asin, pasti moal meunang saréréa, sabagianmah aya nu teu meunang. Hartosna lain asin nu béak, lain laut nu saat, lain Alloh nu korét. Ngan...! urang wéh nu lepat ku anjeun, néangan asin lain dina tempatna. Kalah ka giridig mamawa kecrik ka gunung Tangkuban Parahu, Da moal meunang, paling aya gé bangké londok di Tangkuban Parahumah, da asinmah ayana di laut. Tah...! bagja jeung bahagia gé di taréangan ku saréréa teu beunang téh, naon sabab ?. Lain béak, lain Alloh nu korét, tapi urang sorangan teu uninga dimana lemburna, dimana kandangna bahagia, dimana padumukan matuhna.
Timbul pertarosan: “Dimana atuh bagja téh tempatna ?”. Waleranana, bagja jeung bahagiamah ayana dina karidhoan Gusti Alloh swt. tapi sok sanajan ieu pamadegan tos diuningakeun ti kapungkur. Terkadang, aya kénéh sabagian diantara urang sadayana malah kadang kaasup urang sorangan, nyangka ayana bagja, ayana bahagia téh dina duit, dina harta banda raja kaya. Nu matak dug hulu pet nyawa ngala duit, ngala harta, méh teu dipilih halal jeung haram asal meunang duit, asal meunang harta. Pan... loba jalma nu nyarita kalepasan: “Wah...! sagala gé pokonamah ku duit, pokonamah ku harta banda raja kaya”. Malah aya sabagian nu ngarti kana agama, bari ngarti kana agamana téh teu pati loba, sok kalepasan nyarita:“Agama gé moal maju mun teu maké duitmah, ibadah moal jalan mun teu maké duitmah”. Tah kedah Istighfar deui pami aya nu nyarita kitu. Lamun aya nu boga pamadegan yén sagalana ku duit, sagalana kudu ku harta banda rajakaya dina ngahontal kabagjaan. Mangga titénan, talungtik ku urang, da geuningan loba diantarna jalma nu duitna loba, lubak-libuk harta bandana salieuk béh paribasana, tapi teu manggih kana kabagjaan. Tapi najan bari kitu aya baé nu bedegong, dijurung ku nafsu, teu saeutik jalma, kajeun teuing bagja leungit asal duit loba,. Keur naon kikituan ?.
Aya deui sawatara jalma, nyangka marukan bagja jeung bahagia téh ayana dina élmu, kadieunakeunmah jeung gelar, nu matak masyarakat téh, dug hulu pet nyawa hayang nyakolakeun anak téh. Mun di kampung kajeun rempag gagaleng, kajeun coplok kongkorong, asal anak bisa sakola. Kadituna tepi ka boga gelar, rék Insinyur, rék Drs. rék Sarjana Hukum jeung sajabana. Dipecut anak téh supaya meunang gelar. Timbul pertarosan: “Meunang élmuna ?, meunang gelarna ?. Sawaréh meunang, sawaréh henteu. Da élmumah lain keur saréréa, sabab tos ay a guratan kahirupan ti Alloh swt. Pikeun tiap-tiap nu makhluk nu hirup kumelendang di alam dunya, kalebet urang sadayana. Contona baé ayeuna, nu keur sakola di tiap paguron luhur, jeung nu tos lulus. Naha meunang kabéh élmuna jeung gelarna. Jawabanana, Aya nu meunang, aya nu henteu ?. Tah ayeuna nu meunang élmu jeung gelar, naha kabagjaan jeung kanugrahaan ngancik dina kahirupanana ?. Teu saeutik nu ngaranna profésor malah ka golong guru besar nu hirupna pinuh ku kasusah, pinuh ku karipuh.
Memang élmu téh ibarat damar atawa lampu, pikeun nyaangan ka sing saha baé ni mibandana. Tapi kadé sing inget, yén élmu-mah kumaha nu mawana, kumaha nu mibandana, tegesna élmumah ibarat pakakas péso, bedog atawa pakakasa séjénna nu mun éta pakakas di pibanda ku jalma nu akhlak-na hadé, tinangtu pakakas téh bakal dipaké pikeun kamaslahatan, dipaké pikeun kasalamétan nu akhirna nimbulkeun kamanfaatan, boh keur pribadi nu mibandana pon kitu kénéh ka nu séjén. Tapi sabalikna, lamun éta pakakas di pibanda ku jalma nu béjad akhlakna, maka pakakas téh bakal nimbulkeun kamadharatan, nimbulkeun bahaya boh keur nu mibandana pon kitu kénéh ka nu lian, misalna keur nandasa, maksa mirusa, ngieun kajahatan jeung sajabana, nu antukna bisa nimbulkeun kamafsadatan.
Tah élmu ogé kitu, kumaha nu mibandana, kumaha nu mawana, mun seug élmu téh dipibanda ku jalma nu akhlakna hadé tinangtu bakal nimbulkeun karidhoan Alloh swt. Sahingga kabagjaan jeung kanugrahaan bakal ngancik ka diri ni mibandana ogé ka nu lian nu aya di sabudeureunana. Nu matak kanjeng Nabi saw. Ngadawuh: “Khoérunnaas ‘Anfa’uhum Linnaas” (yén panghadé-hadéna manusa, nyaéta nu bisa maparin kamanfaatan ka manusa séjénna). Jadi, sumber kabagjaan jeung kanugrahaan téh teu di ukur ku luhurna élmu atawa ku mibandana gelar, tapi tetep sumbernamah aya dina karidhoan gusti Alloh Robbul ‘Alamin. Tegesna, élmumah alat, élmumah pakakas pikeun nganteurkeun kana tempat sumberna bagja nyatana karidhoan Alloh swt.
Aya deui sawatara jalma nyangka, yén bahagia jeung bagja téh ayana dina pangkat jeung kalungguhan. Nepi ka parebut pangkat jeung kalungguhan, tepi ka poho ditemah wadi silih jongklokkeun, silih pitnah geus poho ka dulur sakandungan, komo ka baraya ka tatanggamah silih jongklokkeun silih cilakakeun, parebut pangkat jeung jabatan atanapi kalungguhan. keur naon kokomoan teuing kana pangkat téh, taya kajaba hayang bahagia.
Naha dimana kalungguhan jeung pangkat ka tampa, kapibanda, datang kabagjaan téh ? Teu saeutik, jalma nu gedé pangkatna, nu luhur kalungguhanana, leuwih gedé deui susahna. Leuwih luhur deui karipuhna. Naha bet kitu ? Kapan tadi geus diwaler, yén duit, harta banda raja kaya, élmu, jeung pangkat ogé kalungguhan, étamah lain sumber bagja, lain sumber bahagia. Da sumbernamah aya dina karidhoan gusti Alloh swt. Ari duit, harta banda rajakaya, elmu jeung pangkatmah ogé kalungguhanmah alat-alatna. Kabéhanana ogé ibarat useup jeung kecrikna pikeun ngala lauk, lauk minangka bagjana, balong minangka karidhoan gusti Alloh swt. Tinggal kumaha urangna, bisa jeung henteuna ngagunakeun éta useup jeung kecrik, da lauknamah aya dibalong, Bagja jeung bahagia téh ayana dina karidhoan Alloh. Di alana ku saha ? Ku manusa, nya urang sadayana. Ku naon ngalana ? Mun boga duit, boga harta banda raja kaya, ala bahagia dina karidhoan Alloh ku duit reujeung harta banda. Mun teu boga duit, teu boga harta, aya pilihan deui ala kabahagian nu aya dina karidhoan Alloh swt. téh ku elmu. Mun teu boga elmu, ala kabahagiaan nu aya dina karidhoan Alloh téh ku pangkatna jeung kalungguhan.
Timbul deui pertarosan, kumaha mun teu duit, teu elmu teu pangkat komo kalungguhanmah ? jaba miskin téh bodo. Tah éta ogé, Ala kabahagian nu aya dina karidhoan Alloh téh ku bodo. Da bodo ge kecrik kénéh, da bodo ge usep kénéh, keur ngala kabagjaan jeung kabahagiaan nu aya dina karidhoan Alloh.
Jadi, naon sabab bagja jeung nugraha teu datang téh, da salahna aya di urang kénéh, ngudag bahagia lain dina tempatna. Ku simkuring diwartosan ngalangkungan katerangan agama, yén bagja jeung bahagia téh ayana dina karidhoan Gusti Alloh. Naon cirina, yén bagja jeung nugraha aya dina karidhoan Alloh, lain dina duit, lain dina elmu, lain dina pangkat ?. Tah di waler ayeuna...! Bukti yén duit jeung elmu, jeung pangkat, lain sumber kabahagiaan. Ditalungtik ku urang sadaya. Ternyata Duit harta banda raja kaya, elmu, jeung pangkat, ku Pangéran memang dibikeunnamah di bikeun. Ngan wayahna teu kabéh meunang. Naha maké kitu ? Sabab duit harta banda rajakaya, elmu, jeung pangkat lain keur ka sarerea. Perkara nu lain keur ka sarerea di teangan ku sarerea, dimana teu meunang tong ambek. Pek ala ku sarerea nu tilu perkara téh, Ngan dimana teu meunang, tong ambek ! Da lain keur sarerea. Da nu dibikeun ku Pangéran di alam dunyamah ngan dua-duana, hiji susah kadua bungah. Étamah rata di bikeun ka sarerea.
Numawi dimana ngala duit, ngala elmu, jeung ngala pangkat teu meunang, tong ambek ! Da étamah lain keur sarerea, ngan lamun ngala bungah teu meunang étamah kudu ceurik bathin. Naon sababna ? sabab, Perkara anu dibikeun ka sarerea tepi ka teu kabagéan, pertanda Alloh bendu. Lamun urang palay tuang teu aya beas, tong ambek ! sing sadar weh kana teu kabogaan. Tapi lamun aya dahareun urang hayang dahar terus di asupkeun kana baham, tapi teu daekeun asup ka jero kalah ka utah deui, buru-buru bawa ka dokter étamah tandana gering. Bungahmah jeung susah ku Pangéran di bikeun , ti bangsat tepi ka Nabi kabagéan bungah, ti mimiti garong badag nepi ka Rosul kabagéan susah. Da étamah rata di bikeun ka sarerea, elmumah teu dibikeun ka sarerea, duit teu dibikeun ka sarerea, pangkat teu di bikeun ka sarerea.
Saha baé atuh anu dibere tilu perkara téh (duit, elmu jeung pangkat) ku Pangéran téh ? Rahasia Alloh. Pek weh ! teangan ku sarerea, ngan mun geus neangan tur nyaan neangan teu meunang, tong bendu! da lain keur sarerea.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu milari bagja jeung nugraha aya dina jalan karidhoan Gusti Alloh swt. Amin.
Waalloohu A’lam Bish-Showab


Makna Taqwa jeung Tawakkal ka Alloh swt

أَوْحَى اللهُ إِلَى دَاوُدَ : وَعِزَّتِيْ مَامِنْ عَبْدٍ يَعْتَصِمُ بِيْ دُوْنَ خَلْقِيْ أَعْرِفُ ذَلِكَ مِنْ نِّيَّتِهِ فَتَكِيْدُهُ السَّمَاوَاتُ وَاْلأَرْضُ بِمَنْ فِيْهَا إِلاَّ جَعَلْتُ لَهُ مِنْ بَيْنِ ذَلِكَ مَخْرَجًا, وَمَا مِنْ عَبْدٍ يَعْتَصِمُ بِمَخْلُوْقٍ دُوْنِيْ أَعْرِفُ ذَلِكَ مِنْ نِيَّتِهِ إِلاَّ قَطَعْتُ أَسْبَابَ السَّمَآءِ بَيْنَ يَدَيْهِ وَأَرْسَخْتُ اْلهُوِيَّ تَحْتَ قَدَمَيْهِ, وَمَا مِنْ عَبْدٍ يُطِيْعُنِيْ إِلاَّ وَأَناَ مُعْطِيْهِ قَبْلَ أَنْ يَسْأَلنَِيْ وَمُسْتَجِيْبٌ لَهُ قَبْلَ أَنْ يَدْعُوْنِيْ وَغَافِرٌ لَهُ قَبْلَ أَنْ يَسْتَغْفِرَنِيْ . ( رواه إبن عساكر والديلمى )
"Alloh geus ngawahyukeun ka Kanjeng Nabi Dawud as.: "Demi Kaagungan Kami (saur Alloh) yén satiap hamba nu ngagantungkeun diri sapinuhna ka Kami, tanpa ngagantungkeun dirina ka Makhluq Kami (nu ku kami nyaho tina niat si éta hamba) jeung lamun ditipu ku sing saha baé makhluq nu aya di langit jeung dibumi, maka pasti Kami bakal méré jalan kaluar pikeun manéhna tina tipu muslihat éta. Jeung sing saha jalmana diantara hamba-hamba kami nu ngagantungkeun diri ka Makhluq Kami henteu ngagantungkeun diri ka Kami (nu ku kami nyaho tina niat si éta hamba), maka tanwandé Kami (saur Alloh) bakal megatkeun (tegesna nutup) lawang-lawang sumber rizkina ti langit, jeung Kami bakal netepkeun kabinasaan pikeun manéhna. Jeung kudu nyaho anjeun ! yén satiap hamba nu ta'at ka Kami, pasti ku Kami bakal dipaparin kanugrahaan saméméh maranéhna ménta ka Kami, jeung bakal diijabah sakabéh do'ana saméméh manéhna ngadu'a ka Kami, ogé bakal dihampura dosana saméméh maranéhna ménta hampura ka Kami" (H.R. Ibnu ‘Asaakir & Ad-Daélamy).
Di luhur, Alloh ngadawuh dina Hadits Qudsy, nu diriwayatkeun ku Ibn 'Asakir sareng Imam Ad-Daélamy ti Abdur-Rahman bin Ka'ab bin Malik nu nyumber tur ngamuara ieu Hadits sumpingna téh ti ramana. Dina ieu Hadits Qudsy, sanajan ditujukeun ka ka Kanjeng Nabi Dawud as. Tapi tujuan umumnamah keuna ka urang sadayana. Didieu, sakurang-kurangna aya tilu hal poko nu bisa dijadikeun hikmah tina eusina, anu salajengna éta tilu hal téh bisa dijadikeun cekelan pikeun hirup urang sadayana dina raraga urang bakti diri ka Nu Maha Suci Alloh Robbul 'Izzaty. Anapon nu tilu hal téh, nyaéta:
Nu Kahiji, Yén satiap hamba Alloh nu salamina nyalindung, ngagantungkeun diri, masrahkeun diri jeung sieun ku Alloh wungkul, dina satiap tingkah ti mimiti ucap, manah, lampah, léngkah sareng paripolah disanggakeun ka Alloh swt. bari ngaleungitkeun sifat syirik (tegesna midua Alloh). maka Alloh bakal maparin pitulung sarta nguatkeun kaimanan dina haténa si éta hamba, tur hal ieu kabéh téh dinilai ku Alloh dina niat jeung tujuan si éta hamba nu nyangkaruk dina haténa. Salajengna Alloh swt. ngajangjian yén saupamana baé sakabéh makhluk nu aya dilangit jeung dibumi ngahiji pikeun nipu, nganiaya komo bari ngabinasa ka si éta hamba (nyatana jalma nu salamina nyalindung, ngagantungkeun diri, masrahkeun diri jeung sieun ku Alloh wungkul), maka hamo bisa mampuh ngalaksanakeun kana niat jarahatna tadi. Sabab, ku Alloh geus diraksa, diriksa jeung dijaga sapuratina, tur nalika tepung jeung karerepet, kasumpek, karupek, kasusah jeung kasulitan ogé, langsung ku Alloh swt. dipaparin jalan kaluar, tur disalametkeun tina tipu muslihat ti jalma jeung makhluq nu boga niat jahat.
Hal ieu téh luyu reujeung Dawuhan Alloh dina Al-Qur'an Surat Ath-Thalaq ayat 2-3:
وَمَنْ يَّتَّقِ اللهَ يَجْعَلْ لَّهُ مَخْرَجًا وَيَرْزُقْهُ مِنْ حَيْثُ لاَ يَحْتَسِبُ وَمَنْ يَّتَوَكَّلْ عَلىَ اللهِ فَهُوَ حَسْبَهَ إِنَّ اللهَ بَالِغُ أَمْرِهِ قَدْ جَعَلَ اللهَ لِكُلِّ شَيْئٍ قَدْرًا (الطلاق:٣-٢)
"Jeung sing saha jalmana nu taqwa ka Alloh, pasti bakal dipaparin ka manéhna jalan ka luar, tur Alloh bakal maparin ka manéhna rizki tina arah nu teu disangka-sangka, jeung sing saha jalmana nu tawakal (pasrah, sadrah bari sumerah) ka Alloh wungkul. maka Alloh bakal maparin Kacukupan (tina mangpirang-pirang pangabutuhna). Satemenna Alloh ngalaksanakeun urusan (nu dikersakeun) ku Manten-na. Tur Alloh parantos ngayakeun katangtuan pikeun tiap-tiap perkara".
Salajengna Nu Kadua, hikmah tina eusining hadits Qudsy nu munggaran téh, nyaéta satiap jalma nu maléngos, nu ngabalieurkeun diri (tegesna siga teu butuh, jeung salawasna nukang nonggong) ka Alloh, tuluy maranéhna nyalindung ka makhluq Alloh nu dianggap ku maranéhna bakal maparin manfa'at atanapi madhorot, maka Alloh swt. bakal ngala'nat tur bakal dijauhkeun tina Rohmat manten-na. Na'udzu billahimin Dzalik.
Sing émut ! yén Alloh swt. Maha Uninga kana niat hamba-hamba-Na, tur Alloh Maha Uninga kana saban-saban perkara nu lumangsung di ieu alam dunya. ku sabab kitu, Alloh netepkeun lamun aya jalma nu maléngos nu ngabalieurkeun diri (tegesna teu butuh, jeung salawasna nukang nonggong) ka Mantenna, tuluy maranéhna nyalindung ka makhluq Alloh nu dianggap ku maranéhna bakal méré manfa'at jeung madhorot. Maka didieu Alloh swt nandeskeun kalayan katangtuana-Na, yén jalma nu saperti kitu bakal dipegatkeun (tegesna ditutup) lawang-lawang rizkina ti langit, jeung pikeun maranéhna diharamkeun kana sagala macem bentuk jalan kasalamétan. Alloh Maha Sugih jeung teu merlukeun bantuan ti makhluq-Na. Kukituna, pikeun jalma nu siga kitu, Maka ku Alloh sagala urusanana bakal dipasrahkeun ka si éta hamba, tegesna Alloh moal maliré. Malihan Alloh bakal maparin ka manéhna hukuman, kalayan ngancikkeun dina diri maranéhna rasa hariwang, leungitna rasa katingtriman, ilangna rasa tenang, timbulna rasa kateugenah. Sahingga, bakal tumuwuh rasa kurang percaya kana diri pribadina, nga-anggangkeun rasa tumaninah tur nu akhirna bakal disanghareupkeun kana kagagalan jeung kakuciwaan, datangna rasa guligah pinuh ku kahariwang, nu paling parahmah bakal jauh tina ka-Istiqomah-an, jauh tina taufik sareng hidayah Alloh swt. Na'udzu Billahi Min Dzalik
Salajengna Hikmah tina eusining Hadits Qudsy téh Nu Katilu, nyaéta pikeun jalma nu salawasna ta’at, tawakal (pasrah, sadrah bari sumerah) ka Alloh wungkul bari Taqwa Ka Manten-Na, maka Alloh bakal maparin Kanugrahaan kalayan kanikmatan nu tambah-tambah, tur Alloh bakal ngaijabah sagala do'a-do'ana, bari nedunan sagala pangabutuhna, ogé hasil tinekanan sagala pamaksudan jeung cita-cita nu dipiharepna. sanaos lisan teukedal pikeun munajat nyuhunkeun ka Alloh swt. Manten-Na parantos Uninga, sabab saméméh si jalma nu salawasna ta’at, tawakal bari Taqwa Ka Manten-Na seja munajat nyuhunkeun pitulung ka Alloh, Alloh parantos maparin pitulung. Ogé saméméh si éta jalma nyuhunkeun panghampura tina sagala dosana, Alloh parantos ngahampura tina sagala dosa sareng perdosaan-nana.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu salawasna nyalindung, ngagantungkeun diri, masrahkeun diri jeung sieun ku Alloh wungkul, ogé dina satiap tingkah jeung paripolah di sanggakeun wungkul ka Alloh swt. bari ngaleungitkeun sifat syirik ka Alloh. Tur mudah-mudahan urang sadayana salawasna tawakal bari Taqwa Ka Manten-Na. Amin Ya Alloh Ya Robball 'Alamiin.
Wallohu A’lam bish-Showaab.


Ma’rifatulloh (Mikawanoh Alloh swt.)

وَفِي أَنفُسِكُمْ أَفَلَا تُبْصِرُونَ (ألذاريات :21)
“Pon kitu deui dina diri maranéh, nya naha maranéh teu niténan ?”. (Adz-Dzariyat: 21)
Mikawanoh diri pribadi éta mangrupakeun konci mikawanoh Pengeran, sakumaha anu diunggel dina hadits Rosulululloh SAW.: مَنْ عَرَفَ َنفْسَهُ فَقَدْ عَرَفَ رَبَّهُ (sing saha nu apal kana dirina, maka bakal apal ka saha nu jadi Pangéran-na). Sanaos ieu hadits masih jadi khilafiyyah atanapi persulayaan, sabab miturut sapalih ulama yén redaksi katerangan ieu, lain Hadits. Tapi dina kitab “Kasyful Khaafa wa Muzilul Ilbas” nu di karang ku Syekh Mahyudin Ibnu ‘Araby dijelaskeun: Lamun Hadits: مَنْ عَرَفَ َنفْسَهُ فَقَدْ عَرَفَ رَبَّهُ teu ditarima, sacara kaélmuan para ahli hadits miturut hukum riwayat sareng diroyat, tapi bisa ditarima dina segi “kasyaf”-mah atanapi dina “segi kaélmuan nu bisa muka hijab atawa hahalang mata bathin pikeun ngadeukeutkeun diri ka Alloh”. Hal ieu saluyu reujeung hadits Nabi saw. nu diriwayatkeun ku Imam Bukhari sareng Imam Muslim:
عَرَفَ النَّاسَ مَنْ عَرَفَ لِنَفْسِهِ
"Nu apal kana kamanusaan nyaéta jalma nu apal kana dirina".
Didieu Syekh Mahyudin Ibnu ‘Araby ngajelaskeun, yén manusa téh (tegesna diri urang) pinuh ku ‘katergantungan’ (hartosna yén diri urang téh masih ngabutuhkeun bantuan nu lian). Salian ti éta ogé, urang téh pinuh ku kakurangan, nyatana geuningan diri urang téh nyatana geuningan diri urang téh lemah, diri urang téh kakeunaan ku sifat ‘Fana’ (hartina keuna ku rusak). Komo lamun dibandingkeun sareng Alloh swt nu Nyiptekeun urang sadayana, Nu Maha Kawasa, Maha Agung, Maha langgeng, sarta nu mibanda sakabéh sifat-sifat kasampurnaan. Da diri urangmah:
لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلاَّ بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْمِ
"Teu aya daya sareng teu aya kakuatang anging kalayan idzin Alloh nu Maha Luhung tur Agung".
Jadi, teu aya nu leuwih deukeut ka diri urang kajaba diri urang sorangan. Lamun urang teu apal ka diri sorangan, rek kumaha urang bisa apal sagala perkara nu aya di luar diri urang. Lamun urang nyarita: "kuring apal ka diri sorangan", nu ngandung harti apal didieu, apal kana bentuk lahiriah diri sorangan wungkul. Tegesna apal téh, wungkul kana kaayan bentuk awak, bentuk wajah, jeung anggaota-anggaota badan nu séjénna. Pangawéruh samodél kitu hamo bisa ngajadikeun konci pangawéruh pikeun apal ngeunaan Pangéran (tegesna Alloh). Pon kitu kénéh, lamun pangawéruhna ngeunaan diri pribadi téh, wungkul yén lamun diri lapar kudu dahar, lamun hanaang kudu nginum, lamun tunduh kudu sare, sarta lamun mikahayang hiji perkara kudu usaha sakuat tanaga sangkan kahayang kahontal tinekanan, bari jeung naon baé cara dilakukeun, teu malire kana haq jeung batalna. Tah, naha hal sarupa kitu téh bakal bisa numuwuhkeun kana ningkatkeun karohanian dina raraga babakti diri ka Alloh swt. atawa henteu ?.
Sabab, kalakuan sarupa kitu téh sato ogé bisa. Tur bisa jadi, lamun salawasna pangawéruh urang mung ukur nepi ka lebah dinya, atuh meureun urang téh bisa disebut baturna sato. Sabab, Pagawéan satomah ngan ukur ngeusian isi beuteung, sare, jeung di adu parebut hiji perkara nu dipikahayangna. Tah didieu, nu kudu dipiluruh nepi ka wawuh, ngeunaan élmu pangawéruh supaya urang apal kana saha diri urang téh nu sabenerna. kukituna dumasar kana hal ieu pisan, aya sababaraha pertanyaan nu bisa jadi patokan pikeun mikawanoh diri sorangan, diantarana nyaéta:
Nu kahiji, saha diri urang téh ?
Jawabana, diri urang téh makhluk nu diciptakeun ku Alloh swt. kalayan dibentuk ku bentuk anu pang hadé-hadéna (َلقَدْ خَلَقنَا اْلإِنْسَانَ فِى أَحْسَنِ تَقْوِيْمِ ). “Saéstuna Kami (Alloh) ngajadikeun manusa téh dina rupa jeung wujud anu sahadé-hadéna”. Maksudna, yén Nu Maha Agung Alloh s.w.t. Nu Maha Nyiptakeun, nu parantos nyiptakeun manusa ku wujud tangtungan nu hadé, sareng rupa nu sahadé-hadéna, langkung ti makhluq sanésna, diantarana: nangtungna ajeg, leumpangna nya kitu kénéh, ogé henteu kawas sasatoan. Jadi, kacida salahna lamun aya paham yén manusa téh asalna tina sato. Ngan mémang ari sifat kasatoannaamah sok pirajeuneun ngancik dina diri manusa, sabab terkadang manusa lampahna leuwih jahat tibatan sato. Tapi, ari asalnamah tetep lain tina sato. Salian ti éta diri urang téh kaasup kana makhluq-Na nu mulya, tur mulyana téh di mulyakeun ku manten-Na nyatana Alloh Ta’ala. Sakumaha dina dawuhana-Na dina ayat AlQur’an Surat Al-isra’ ayat 70:
وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِي آدَمَ وَحَمَلْنَاهُمْ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنَاهُم مِّنَ الطَّيِّبَاتِ وَفَضَّلْنَاهُمْ عَلَى كَثِيرٍ مِّمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيلاً ﴿ ألإسراء : 70﴾
“Jeung saenyana kami geus ngamulyakeun turunan Adam, sarta kami geus maparin tutumpakan di darat sarta di laut, pon kitu deui kami geus maparin rejeki ka maranéhna tina rupa-rupa kadaharan anu harade; Jeung kami geus munjulkeun maranéhna kalawan pohara punjulna batan makhluk-makhluk liana anu ku kami diyugakeun”.
Ngeunaan ayat ieu, Imam Al-Ghozali dina kitabna: “al-Hikmatu fi Makhluqatillah Azza wa Jalla” ngajeulaskeun, yén sawaréh tina kamulyaan anu paling utama, nu dipaparinkeun ka manusa, nyaéta diberena manusa akal, kalayan akal éta manusa mampuh nginget-nginget kahadéan, malahan kalayan akal éta manusa bisa di sajajarkeun jeung para malaikat, sahingga manusa bisa apal ka nu nyiptakeunnana nyatana Alloh Ta’ala, ku cara nafakuran sakabéh makhluk-makhluk nu diciptakeun ku Alloh s.w.t. tur ngagunakeun mangpirang-pirang dalil-dalil (katerangan-katerangan) nu bisa nganyahokeun kana Sifat Alloh Ta’ala. Sarta kalayan cara nafakuran ngeunaan kaayaan dirina sorangan. manusa sorangan. Hal ieu téh saluyu reujeung dawuhan Alloh dina Al-Qur’an surat Adz-Dzariyat, ayat 21:
وَفِي أَنفُسِكُمْ أَفَلَا تُبْصِرُونَ (ألذاريات:21)
“Pon kitu deui dina diri maranéh, nya naha maranéh teu niténan ?” .
Dumasar kana ieu ayat, Imam Al-Ghazali nganjurkeun, prak titénan ngeunaan manusa (kalebet diri urang) jeung dirina, ogé prak tafakuran ngeunaan akal nu mangrupakeun amanat/titpan ti Alloh s.w.t. ka diri manusa. Dimana akal éta téh mangrupakeun bukti jeung tanda-tanda kaagungan nu nuduhkeun bukti ayana Dzat Nu Maha Nyiptakeun, nu Maha ngatur, ogé nu Maha Ngabentuk/Nyiptakeun. Salian ti éta akal nu aya dina diri manusa téh mangrupakeun alat pikeun migawé hiji perkara, pikeun nyaluyuan katangtuan sarta ngatur kana keretegna haté. Ku sabab hal ieu pisan, manusa téh dijadikeun salaku makhluk nu mulia. Sabab, dina diri manusa sorangan tos diciptakeun sagala perkara nu ngandung faedah. Nu kudu jadi bahan tafakur, dina raraga urang tadzakkur reujeung tasyakur ka Alloh salaku kholiq nu tos nyiptakeun urang sadayana.
Nu kadua, pertanyaan nu bisa jadi patokan pikeun mikawanoh diri sorangan, nyaéta ti mana urang asal jeung kamana urang balik ?
Jawabanana, Asal urang ti Alloh, bakal balik ka Alloh tur balikna urang ka Alloh éta di balikkeun ku Alloh da urang téh milik Alloh “إَِّنا ِللهِ”. Apan tadi téa, urang téh Makhluk (nu diciptakeun), nyatana diciptakeun ku Alloh Ta’ala, mémang ari syaré'atnamah urang téh sadayana kaluar tina gua garba ibu urang, terus lamun dicukcruk kana galur nepi kaluhur, yén asalna urang sadayana téh asalna ti bapa Adam sareng babu Hawa’. Ari anu nyiptakeun aranjeuna taya lian Alloh swt. jadi didieu jelas, yén asal urang téh ti Alloh.
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُواْ رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُم مِّن نَّفْسٍ وَاحِدَةٍ وَخَلَقَ مِنْهَا زَوْجَهَا وَبَثَّ مِنْهُمَا رِجَالاً كَثِيراً وَنِسَاء..... ( النساء : 1)
" Yeuh manusa ! maranéh kudu taraqwa ka Alloh, anu geus nyiptakeun aranjeun kabéh tina jiwa sahiji (nyatana Nabi Adam a.s.) jeung ti manéhna Alloh nyiptakeun bojona (nyatana Siti Hawa’) jeung Alloh ngarundaykeun ti maranéhna duaan, pirang-pirang lalaki jeung pirang-pirang awewe…..".
Jadi, jelas yén asal manusa téh asalna ti Alloh, anu diawalan ku manusa nu awal diciptakeun nyatana Adam a.s. jeung manusa nu kadua nyatana babu Hawa’ sedengkeun urang ayeuna kaasup golongan manusa nu katilu, ku sabab urang teu langsung diciptakeun ku Alloh tapi ngalangkungan ibu jeung rama urang. Atuh disebut weh yén diri urang téh makhluk anu kakeunaan sabab jeung akibat sarta proses. Sababna urang hirup gumelar ka alam dunya, akibat ayana proses hubungan ibu sareng rama urang, anu mangrupakeun syaré'at gubragna urang ka alam dunya, hakékatnamah Alloh nu nyiptakeun, Alloh nu ngayugakeun. Salajengna urang balik kamana ? balik urang ka Alloh swt., katempat asal urang, da mimitina ti Alloh “َوإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْن ”jeung ka Alloh bakalna urang balik”. Sabab, Alloh swt parantos nyadiaan tempat nu teuaya tungtungna, nya akhérat téa ngaranna. Jeung dina ngambah ka alam akhérat téh, kudu ngambah hiji jalan nu jalan éta pasti bakal disorang ku makhluq nu hirup kumelendang di alam dunya, nya nu disebat maot téa.
Maot téh jalan, sing saha baé jalmana kumaha baé bentukna, pasti bakal ngaliwatan jalan éta, tur éta jalan téh mangrupakeun jalan pikeun tepung ka tempat, nu éta tempat téh bakal jadi tempat panganjrekkan urang nu salalawasna, abadi langgeng teu aya tungtungna. Tah dina raraga urang tatan-tatan nunggu giliran maot, kanjeng Nabi saw. parantos ngawanti-wanti ka urang sadayana ku dawuhan-nana “Aktsiruu min dzikri Haazimil-Ladzaat”. Lobakeun ku aranjeun sakabéh, nginget-nginget kana hal nu bakal ngahancurkeun kana kangeuhan-kangeunahan hirup, (nya maot téa ngaranna)”. Maksudna urang téh kudu inget yén kangeunah jeung kabétah éta bakal dipegatkeun ku maot, lamun urang salawasna nginget-nginget kana maot. Maka urang bakal malengoskeun diri, henteu kokomoan teuing kana haliyah duniawi, nu ngan saukur kasenengan anu semu, nipu tur palsu. Tur lamun urang geus kitu, tanwandé urang bakal ngancokeun diri, museurkeun sagala daya, jeung upaya pikeun ngahontal tujuan hirup pikeun ngudag-ngudag karidhoan Alloh swt. Ogé bakal tumuwuh rasa kasadaran yén dirina téh bakal balik ka Alloh swt. bari geus nyiapkeun bekel sapuratina, dina mayunan Mahkamah nu Maha Agung nalika masrahkeun laporan pertanggung-jawaban ngeunaan hal-ihwal tingkah jeung paripolah nu geus dilakukeun di alam dunya.
Waalloohu A’lam Bish-Showab

Makna Tahmidulloh

Teu aya deui kalimat nu saé diucapkeunana, malihan tiasa disebat dzikir, turta kénging pahala ti Alloh swt. nalika urang ngucapkeunana. Iwal ti kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه . (Sadaya puji éta kagungan Alloh swt). أل (Alif Lam) nu aya dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه miturut ahli bahasa atanapi ulama nahwu éta kalebet أَِلفٌ لاَمٌ لِلْجِنْسِ (Alif Lam Lil Jinsi) hartosna, nuduhkeun kana “jinis”. Maksudna, yén tiap pujian sacara rinci éta téh hak Alloh swt. Bisa ogé éta أل (Alif Lam) téh kaasup kana أَِلفٌ لاَمٌ إِسْتِغْرَاقٌ (Alif Lam Istighrok) hartosna, “Nu ngumpulkeun tur nu nyéépkeun sagala bentuk pujian”. Maksudna, yén sagala puji sacara global atanapi nu sagemblengna, éta sadayana hak Alloh swt. nu hamo bisa dipibanda ku hiji hamba. Ogé أل (Alif Lam) dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه bisa disebut أَِلفٌ لاَمٌ أَحْدِيَّةٌ (Alif Lam Ahdiyyah) anu nuduhkeun kana ayana “keterbatasan pujian”.
Alloh swt. tos uninga kana kalemahan hamba-hambana dina raraga muji syukur tur nyampurnakeun Tahmid atanapi pujian ka Manten-Na. Kusabab kitu, Alloh swt. ku Anjeun muji kana Dzat-Na, saméméh sakur makhluk muji ka Anjeunna. Tegesna kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh minangka mujina Alloh swt. ku Anjeun kana ka-agung-an Dzat-Na nyalira. Anapon kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه nu diucapkeun ku makhluk utamina manusa, éta ngandung arti, hiji ucapan nu mangrupakeun pujian ka Dzat nu dipuji nyatana Alloh swt. kalayan Sifat-Na Nu Tetep tur Nu Maha Sampurna. Tur éta téh minangka keterbatasan pujian makhluk utamana manusa, dina raraga muji ka Alloh swt. bari ngayakinkeun yén ngucapkeun أَلْحَمْدُلِلَّه téh ngarupakeun salah sahiji bentuk atanapi bagian integral tina syukur kana sakabéh nikmat anu nyumber tur ngamuara ti Manten-Na. Alloh ‘swt.. وَمَا بِكُمْ مِنْ نِّعْمَةٍ فَمِنَ الله. Jadi, syukur téh dilakukeun ku lisan, haté jeung perbuatan. Ngucapkeun kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه salah sahiji bentuk syukuran ngaliwatan lisan.
Mun seug pirajeuneun urang ngétang-ngétang kana ni’mat-ni’mat pamaparin ti Alloh swt., pasti moal kaétang. Sabab, nikmat Alloh swt. kacida seueurna. Tur ieu téh ngarupakeun tanda-tanda kakawasaan Manten-Na, وَإِنْ تَعُدُّوْا نِعْمَةَ اللهِ لاَ تُخْصُوْهَا. Tapi, sanés hartosna urang ulah ngétang-ngétang kana nikmat pamaparin ti Alloh swt. Wajib diétang. Naon sabab ?, sabab, lamun seueur ngétang-ngétang kana nikmat nu tos dipaparinkeun ku Alloh swt. béh dieuna bakal tumuwuh rasa rumasa, béh dituna bakal boga rasa tumarima, lamun geus tumuwuh rasa tumarima, maka bakal timbul kasadaran. Sadar kana naon ? Sadar, kana naon-naon anu dipimilik jeung naon nu dipibanda éta téh sadayana kagungan Alloh swt. Kadituna, geus pasti bakal ati-ati dina ngagunakeun jeung ngamanfaatkeun turta dina ngagunakeunana éta kanikmatan téh bakal saluyu reujeung nu maparin éta kanikmatan nyatana Alloh swt., Tah nu kitu, nu di sebut syukur.
Miturut Miftahudin Al-Mohammadi ibnul-Qushtoniyyah, dina kitabna “Risalatul-Fatihah” ngauningakeun, yén Kalimat حَمْدُ dina kalmat أَلْحَمْدُلِلَّه mibanda tilu harti. Nu kahiji, nyaéta: “Ats-Tsana’a Ma’at-Ta’dziim” hartosna “Pujian dibarengan ku ayana pang-agungan atanapi panghurmatan”. Tegesna, “Muji Alloh swt. bari ngagungkeun Manten-Na”. muji kana naon ? muji kana sagala nikmat nu tos dipaparinkeun ka sakumna makhluk nu aya di satungkebing langit satangkaraking jagat, terutama manusa. Ngagungkeun didieu, bisa dilaksanakeun ku cara urang ngagunakeun éta kanikmatan téh pikeun sarana atanapi alat dina raraga urang melak tangkal kaimanan supaya jadi buah kata’atan. Tegesna, ngalaksanakeun sagala kawajiban nu tos di-fardhu-keun ku Alloh swt. ditambih ngalaksankakeun kasunahan-kasunahan ti Rasul-Na Rosululloh Muhammad saw. tur ninggalkeun kana sagala hal nu dilarang ku Manten-Na. Ari tujuanna, supaya nikmat nu tos dipaparin téh jadi tambih saluyu reujeung jangji Alloh swt. “Mun seug maranéh kabéh syukur kana sagala nikmat ti Kami (saur Alloh) maka Kami bakal nambahan éta nikmat, tapi sabalikna mun seug Maranéh kabéh teu syukur tegesna kufur kana sagala nikmat ti Kami, maka Tanwandé Kami bakal nibanan siksa anu kacida peurihna.
لئن شَكَرْتُمْ لأََزِيْدَنَّكُمْ وَ لئن كَفْرتُمْ إِنَّّّّّّّ عَذَابِيْ لَشَدِيْد
Malihan dina Hadits Qudsy-mah alloh mertélakeun “Sing saha jalma anu teu shabar kana balai nu datang ti Kami, tur teu syukur kana nikmat-nikmat Kami, maka geura prak téangan pangéran salian ti Kami”.
Nu kadua, Kalimat حَمْدُ dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh mibanda harti, أَلثَّنَاءُ اْلكَامِلُ (Ats-Tsana’ul-Kaamil) hartosna “Pujian Nu sampurna”. Maksudna, puji nu sampurna anging hak Alloh swt.. ku sabab tadi téa, أل (Alif Lam) dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh bisa disebut ألف لام إستغراق (Alif Lam Istighrok) hartosna, nu nyéépkeun sagala bentuk pujian. Tegena, yén sagala pujian sacara global atanapi nu sagemblengna éta sadayana hak Alloh swt. Nu matak Rosul Akhiruz-Zaman dinamian ku nami Muhammad saw sabab, Muhammad téh,
“Jalma Kacida Pinuji” pinuji dina naon ? “Pinuji dina sagala tingkah sareng paripolah”.. hal ieu, ngandung maksud, yén Alloh swt. seja mintonkeun kasampurnaan Dzat-Na dina bentuk Sifat sareng ‘Af’al-Na ngalangkungan diri Rosululloh Muhammad saw. Sakumaha Dawuhana-Na dina Al-Qur’an surat Al-Qolam ayat 4: وَإِنَّّّكَ لَعَلَّى خُلُقٍ عَظِيْمٌ (Saéstuna di diri anjeun téh Muhammad kacangking Akhlak anu agung).
Nu katilu, Kalimat حَمْدُ dina kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه téh, mibanda arti:أَلثَّنَاءُ بِالْجَمِيْلِ (Ats-Tsana’a bil Jamil) hartosna “Muji kana kahadéan”. Muji, sami sareng henteu nyawad, henteu ngagogoréng, henteu inkar kana nikmat nu tos di paparinkeun ku Alloh swt.. sahingga henteu digunakeun éta kanikmatan téh kana ma'shiyat sareng kamunkaran. Kusabab sakitu, nyawad, atanapi ngagogoréng éta bakal ngarusak kana pujian, sedengkeun inkar atanapi kufur bakal ngarusak kana syukur.
Salajengna ل (Lam) dina kalimat لِلَّهِ nuduhkeun kana makna milik atapi لاَمٌ لِلْمِلْكِ (Lam Li-Milki). Ku kituna, pujian nu ditimbulkeun ku rasa syukur kana saniskara nikmat nu tos dipaparinkeun ku Alloh swt. nu dikedalkeun ngaliwatan lisan manusa ku kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه wungkul ditujukeun ka Alloh swt. Sabab miturut para Mufassir, yén kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه éta ka asup “Jumlah Khobariyah” atanapi “Kalimat Béja” nu ngandung makna أَلْحَمْدُلِلَّه “Amar” atanapi “Paréntah” pikeun muji ka Alloh swt.
Sakumaha sasauranna Imam Ibn Abbas أَلْحَمْدُللهِ كَلِمَةٌ تَدُلُّ عَلَى الشُّكْرِ (“Yén kalimat Al-Hamdulillah téh kalimat anu nuduhkeun kana Syukur”). Jadi, Tahmid atanapi ngalisankeun kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه kalebet kana Dzikir personal individual atanapi dzikir pribadi nu hukumna wajib diucapkeun ku satiap jalma nu ariman.
Anapon hakékat tina urang ngucapkeun kalimat Tahmid nyatana أَلْحَمْدُلِلَّه . téh, nyaéta sagala perbuatan atanapi tingkah sareng paripolah nu nuduhkeun kana pangagungan ka Alloh swt. minangka Dzat nu maparin kanikmatan. Kalayan dibuktikeun ku kayakinan haté, yén kasampurnaan sareng sagala nu aya nu dipibanda hasil tina usaha di alam dunya, éta hakékatnamah kabéh milik Alloh swt. dituluykeun ku lisan ku ngalisankeun Dzikir ku kalimat أَلْحَمْدُلِلَّه , kadituna, tuluy ngagunakeun sareng ngamanfaatkeun éta kanikmatan téh kalayan dibuktikeun ku aktifitas, atanapi amaliyah-amaliyah anggaota badan anu saluyu tur dipikaridho ku Manten-Na. Nyatana ngumpulkeun amal sholéh, ngalaksanakeun kata’atan ninggalkeun kama’shiyatan, nancebkeun tangkal syukur nuar tangkal kufur, ngalobakeun ibadah ninggalkeun kalakuan nu salah. Mun urang geus kagok migawé ma’shiyat gancang geura ganjel ku tobat. Nu kitu syukur mungguh syaré'at. Wallohu A’lam Bish-Showaab.
Mugia urang kalebet jalmi-jalmi nu salamina tiasa syukur kana sagala nikmat ti Alloh swt..Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.


Makna Jeung Kadudukan Amanah

إِنَّا عَرَضْنَا الْأَمَانَةَ عَلَى السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَالْجِبَالِ فَأَبَيْنَ أَن يَحْمِلْنَهَا وَأَشْفَقْنَ مِنْهَا وَحَمَلَهَا الْإِنسَانُ إِنَّهُ كَانَ ظَلُوماً جَهُولاً (ألأحزاب :72)
“Saéstuna Kami geus nawarkeun éta amanah ka langit jeung ka bumi katut ka gunung-gunung, tapi maranéhna embungeun/nolak naggungna jeung aringgiseun dina narimana, tapi éta amanat téh ditanggung ku manusa; saéstuna manusa téh kaayaanana darolim jeung bodo kacida”. )Al-Ahzab:72)
Imam Ibnu Katsir ngajelaskeun dina nafsirkeun ieu ayat, yén miturut ‘Aun bin Ma’mar Hasan Bashri, saréngséna ‘Aun maca ieu ayat, anjeunna nyarita: “Alloh swt. geus nawarkeun amanat ka tujuh lapis langit nu ditaretes ku hiasan bentang-bentang jeung planet-planet, ogé nawarkeun ka Malaikat nu manggul ‘Arsy Alloh: “Naha maranéh kabéh daék manggul ieu amanah kalayan narima sagala resiko jeung akibatna?”. Kabéh diantara malaikat nu manggul ‘Arasy jeung langit ngajawab: “Nun Gusti ! naon nu bakal katarima tina resiko sareng akibat, saupamina abdi nampi kana ieu amanah ?”. tuluy Alloh ngadawuh:
“Lamun manéh ngajaga kalayan hadé kana ieu amanah, maka kami bakal méré ganjaran nu hadé, tapi sabalikna lamun maranéh ngalalaworakeun kana ieu amanah, maka kami bakal méré siksa jeung hukuman”. Sanggeus dijelaskeun kitu antara langit jeung malaikat nolak taya nu sanggup narima éta amanah.
Tuluy Alloh swt. nawarkeun éta amanah téh ka tujuh lapis bumi anu tohaga nu di paseuk ku gunung-gunung sarta dilengkepan ku sagara jeung walungan nu aya dijerona. Alloh ngadawuh: “Naha manéh daék, hai bumi”?.
Bumi ngajawab: “Nun Gusti ! naon nu bakal katarima tina resiko sareng akibat, saupamina abdi nampi kana ieu amanah ?”. tuluy Alloh Ngadawuh: “Lamun manéh ngajaga kalayan hadé kana ieu amanah, maka kami bakal méré ganjaran nu hadé, tapi sabalikna lamun maranéh ngalalaworakeun kana ieu amanah, maka kami bakal méré siksa jeung hukuman”. sarua bumi ogé teu sanggupeun tegesna nolak pikeun manggul ieu amanah.
Tuluy ku Alloh ditawarkeun ieu amanah téh ka gunung-gunung, sami bari Ngadawuh: “Naha manéh daék, hai gunung manggul ieu amanah kalayan narima sagala resiko jeung akibatna?”. Tuluy gunung-gunung ngajawab: “Nun Gusti ! naon nu bakal katarima tina resiko sareng akibat, saupamina abdi nampi kana ieu amanah ?”. tuluy Alloh Ngadawuh: “Lamun manéh ngajaga kalayan hadé kana ieu amanah, maka kami bakal méré ganjaran nu hadé, tapi sabalikna lamun maranéh ngalalaworakeun kana ieu amanah, maka kami bakal méré siksa jeung hukuman”. Sarua gunung-gunung ogé teu sanggupeun tegesna nolak pikeun manggul ieu amanah. Nu akhirna Alloh swt nawarkeun ieu amanah téh ka Kanjeung Nabi Adam as. Sakumaha nu kaunggel dina hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Abusy-Syaikh nu sumberna ti Ibnu ‘Abbas ra.:
َياآدَمُ إِنِّيْ عَرَضْتَ اْلأَمَانَة َعَلىَ السَّمَاوَاتِ وَاْلأَرْضَ فَلَمْ تُطِقْهَا فَهَلْ أَنْتَ حَامِلُهَا بِمَا فِيْهَا ؟ قَالَ :وَمَالِيَ فِيْهَا ؟ قَالَ : إِنْ حَمِّلْتَهَاأُجِرْتَ وَإنْ ضَيَّعْتَهَا عَذَّبْتَ ,فَقَالَ : قَدْ حَمِّلْتَهَا بِمَا فِيْهَا فَلَمْ يَلْبَثْ فِى اْلجَنَّةِ إِلاَّ مَا بَيْنَ صَلاَةِ اْلأُوْلىَ وَاْلعَصْرِ حَتَّى أَخْرَجَهُ الشَّيْطَانُ مِنْهَا
“Wahai Adam ! saéstuna Kaula (Saur Alloh) geus nawarkeun ‘amanat’ ka langit jeung bumi, ngan maranéhna nolak henteu sanggupeun narimana. Naha anjeun sanggup nanggung ieu amanah kalayan narima sagala resiko akibatna” Nabi Adam ngawaler: “Nun Gusti ! naon nu bakal katarima tina resiko akibat saupamina abdi nampi kana ieu amanah ?” Alloh ngajealskeun: “Lamun anjeun adam sanggup narimana ieu amanah, maka anjeun bakal dibere ku kaula upah ganjaran nu hadé, tapi sabalikna lamun anjeun adam ngalalaworakeun ieu amanah sanggeus manéh sanggup narimana maka anjeun adam ku kaula bakal dibere siksaan tur kaasup hukumna dosa”. Nabi Adam as. Ngawaler: “Sae gusti saupami kitumah, abdi nampi tur sanggém naggung ieu amanah kalayan nampi sadaya resiko akibatna” Teu lila ti harita Nabi Adam as. Nalika masih aya disyurga antara waktu shubuh nepi ka ashar, lumangsung kajadian ngagodana Syétan ka Nabi Adam as. Jeung Siti Hawa’ sahingga duanana dikaluarkeun tina syurga”.
Dina leresan ieu ogé Imam Al-Hafidz Ibn Al-Jauzy, ngajelaskeun: “Satemenna Alloh swt. nalika réngsé nyiptakeun Adam tuluy niupkeun ka manéhna ruh, maka didatangkeun ka Adam ‘Amanah’ kalayan bentukna hiji batu anu kacida badagna. Tuluy Alloh nawarkeun éta amanah anu bentukna batu badag téa ka langit, bari méré paréntah: “Panggul ku anjeun !” tapi langit nolak bari nyarita: “Duh Gusti pangéran Abdi ! abdi teu kiat, teu sanggém manggulna”. Tuluy datang Adam as. Bari ngeundeuk-ngeundeuk tur ngagerak-gerakkeun éta batu, bari nyarita: “Mun seug Alloh ngersakeun, kami sanggup manggul ieu batu”. Tuluy ku adam as. Dicoba diangkat nepi ka lebah cangkeng tuluy di panggul dina tak-takna, barang geus ngarasa sanggup ngangkat éta batu tuluy adam seja ngecagkeun deui éta batu kana tempat asalna, teu jadi sabab Alloh ngadawuh: “Wahai Adam ! antepkeun éta batu téh tetep dina taktak anjeun, teng diecagkeun deui, antepkeun amanah ieu téh tetep aya dina taktak anjeun jeung anak incu turunan anjeun nepi ka poé kiamah, jeung kami (saur Alloh) bakal méré ganjaran nu hadé kanu netepkeun ieu amanah jeung kami bakal méré siksaan ka nu ngalaworakeunana”.
Ngeunaan amanah nu di tawarkeun ku Alloh ka Kanjeng Nabi Adam as. Ayana ikhtilaf diantara para ulama, tegesna timbul beda pamadegan dina nafsirkeunana, aya nu nyebutkeun yén amanah nu ditawarkeun ku Alloh téh bentukna hakiki. Sabab, hal éta téh teu mustahil dilakukeun ku Alloh swt. pikeun némbongkeun perkara nu ma’nawi atanapi nu teu kaasup akal, jadi bisa kahontal ku ‘akal kalayan kawasa Alloh swt., “Innalloha ‘Ala Kulli Syai’in Qodiir (Saéstuna Alloh Maha Kawasa kana sagala perkara). Aya ogé nu nyebutkeun yén tawaran Alloh swt ngeunaan amanah téh sifatna majazy hartosna kiasan wungkul, tapi najan bari majazy ogé hal ieu téh bisa direalisasikeun jeung mampuh kahontal ku akal. Kitu ceuk sapalih para ulama ngeunaan nafsirkeun amanah nu ku Alloh swt
Pon kitu kénéh, ngeunaan maksud jeung tujuan kecap ‘Al-Amanah’ ditawarkeunh nu munggaran, aya ikhtilaf/perbedaan diantara para Ulama. Aya nu nyebutkeun yén amanah téh ‘Syahadat-Tauhid’ nyatana ‘Laa Ilaaha Illalloh’. Aya ogé nu nyebutkeun yén amanah téh nyaéta ‘Huruf Hijaiyyah’, jeung aya ogé nu nyebutkeun amanah téh nyaéta ‘akal’ pikiran manusa nu ngabedakeun antara manusa jeung makhluq séjénna. Aya ogé nu nyebutkeun yén amanah téh, nyaéta agama, hal-hal nu difardhukeun, batesan-batesan nu tos jadi katangtuan Alloh swt, ta’at ka Alloh, shalat, puasa, kulawarga, jeung mandi janabat. Jeung rea-rea deui.
Imam Al-Asfihany leuwih nyaluyuan kana pamadegan, yén amanah téh ‘akal pikiran’. Sabab, kalayan akal éta, manusa bisa tur mampuh neuleuman bari ngarti kana harti eusining kalimat ‘Syahadat Tauhid’, lumakuna ka’adilan, tur bisa ngarti bari paham sarta ngajaga bari ngulik diajar kana eusining ‘Huruf Hijaiyah’. Salian ti éta ku akal pikiran pisan, manusa bisa ngagali potensi dirina dina raraga ngotektak kana élmu-élmu Alloh tur nganyahokeun bari ngulik pangarti ngeunaan naon baé nu sanggup dilakukeun ku manusa sorangan. Jeung ku akal pisan manusa jadi unggul ngaleuwihan makhluk-makhluk Alloh séjénna.
Didieu Imam Ibnu Katsir ngauningakeun ngeunaan amanah, nyaéta sakabéh pamadegan nu diuningakeun ku para ulama téh, teu aya nu pagedrug antara pamadegan hiji jeung pamadegan nu séjénna, kabéh ogé museur tur ngamuara kana hiji titik. Nyatana Ta’lif hartina tanggungan atanapi beban hukum, undang-undang jeung aturan sarta ngeunaan prak-prakna ngalaksanakeun éta kabéh. Tegesna, narima éta tanggungan atanapi beban hukum, undang-undang jeung aturan téh ku jalan ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh jeung ninggalkeun sagala nu dilarang ku Alloh swt. kalayan narima sagala resikona. Lamun dilaksanakeun éta paréntah luyu jeung katangtuan nu geus diguratkeun ku Alloh, maka bakal dipaparin ganjaran. Sabalikna, lamun ninggalkeun éta paréntah kalah ka ngalaksanakeun nu dilarang ku Alloh swt. maka bakal dipaparin hukuman tur ka asup kana lampah dosa. Dumasar kana hal éta, kacindekkan maksud jeung tujuan amanah téh, nyaéta tanggungan atawa beban hukum Alloh nu dipaparinkeun ka manusa pikeun dilakasanakeun tur di larapkeun dina ngisi kahirupannana di ieu alam dunya.
Dina Al-Qur’an kacutat aya sababaraha ayat nu eusina Alloh nyebutkeun masalah amanah, ogé dina sababaraha Hadits dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Tina ayat-ayat sareng Hadits Rosululloh saw. jelas pisan, yén amanat téh kacida beuratna dina naggungna. Sabab tisoledat weh saeutik tina maksud jeung tujuan éta amanah, maka bisa kaasup tigebrus kana khianat. Dina kahirupan sapopoé urang sadayana bisa ningali bari niténan, dumasar kana penjelasan-penejalasan nu munggaran ngeunaan amanah pikeun urang sadaya salaku manusa nau tos kagok borontok nyebat sanggup bari narima sagala resiko jeung akibatna. Sok padahal dina akhir ayat disebatkeun yén manusa téh kagolong nu kaayaanana darolim jeung bodo kacida, hartosna yén di sisi lain urang téh ngarasa bungah sabab diparcaya ku Alloh dina naggung ieu amanah, tapi di sisi lain urang kudu hariwang inggis ku bisi rempan ku kaayaan urang sadaya teu bisa ngalaksanakeun éta manah, anu resikon jeung akibatna lain pahala nu dipibanda tapi kalah ka siksa nu ditampa, Na’udzubillaahi min dzaalik. Kukituna Alloh swt ngawanti-wanti dina Dawuhanan dina surat Al-Anfal ayat 27:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ لاَ تَخُونُواْ اللّهَ وَالرَّسُولَ وَتَخُونُواْ أَمَانَاتِكُمْ وَأَنتُمْ تَعْلَمُونَ(ألأنفال:27)
“Hai jalma-jalma nu airman ! poma anjeun ulah ngalakukeun persulayaan (Khianat) ka Alloh jeung Rosul-Na jeung poma ulah ngakhianat kana amanat-amanat diantara maranéh, sok padahal maranéh geus nyaraho”.
Mun diringkes ngeunaan amanah, nu ditibankeun pikeun urang sadaya dina ngisi kahirupan di ieu alam dunya téh, diantarana baé nyaéta:1) Agama, tangtuna baé agama didieu agama Islam; 2) Élmu Pangawéruh, anu kaitanana sareng akal pikiran; 3) umur urang sadayana; 4) Rizki, anu kaitananana sareng kanikmatan-kanikmatan nu dipaparin ku Alloh swt., sareng 5) kulawarga.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet kana golongan jalma-jalma nu salamina bisa ngajaga, ngariksa, ogé ngamanfaatkeun amanah Alloh swt. dina raraga urang ngahontal Mardhotillah (karidhoan Alloh swt) Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin.
Walloohu A’lam.


Makna ‘Abdiyyah jeung Isti’anah

Dawuhan Alloh swt. dina Al-Qur’an Surat Adz-Dzariyat ayat 56, Manten-Na ngauningakeun ngeunaan tujuan manusa jeung jin diciptakeun. Yén diciptakeunna manusa jeung jin téh, taya kajaba wungkul keur ibadah. Cindekna, Lamun manusa tugasna wungkul pikeun ibadah, maka manusa disebut ‘abid nu hartosna bujang, ari bujang tugasna pikeun ngalaksanakeun naon nu diparéntah, ogé ninggalkeun sagala hal nu dilarang ku dunungan. Tah didieu, nu jadi dunungan manusa jeung jin téh, taya lian nyaéta sang Kholik, tegesna nu nyiptakeun. Saha ? Alloh Robbul Alamin.
Jadi, manusa téh abid, manusa téh bujang, tugas bujang nurut ka dunungan, saha nu jadi dunungan manusa ? Alloh swt. disebut wéh manusa téh mibanda sifat ‘Abdiyyah, hartosna boga sifat penghambaan. Sumujud, pasrah sumembah ti mimiti ucap, manah, lampah, léngkah sareng paripolah di sanggakeun ka nu jadi dunungan, nyatana Alloh swt. Tah éta posisi atanapi kadudukan sareng tugas hirup manusa di alam dunya téh, dina raraga ngeusian hirup sareng kahirupanana, supaya di isian tur di pinuhan waktu-waktuna ku jalan ibadah ka Alloh Robbul ‘Alamin.
Salajengna dina raraga nohonan tugas sareng kawajiban salaku abid. Alloh swt. ngagaduhan tujuan-tujuan nu tos diguratkeun, luyu jeung kafitrahan manusa. Ari fitrah manusa téh pan suci tur mulya, mulyana dimulyakeun ku Alloh وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِى آدَمَ ... (Bener-bener kami geus ngamulyakeun turunan anak adam ...). Timbul pertarosan.
Naon anu jadi ciri nu mandiri yén manusa téh mulya ?
Nu jadi sabab manusa téh mulya tur dimulyakeun ku Alloh swt. taya lian yén manusa téh di paparin ‘akal pikiran nu makhluk séjénmah teu bogaeun. Ku sabab kitu, Alloh maparin tugas ka manusa pikeun mulasara, miara ngamumulé, ngajaga, ngariksa ngadama-dama, béh dieuna, tur ngamanfaatkeun bari syukur béh dituna.
Naon nu kudu di pulasara, dipiara, dijaga diraksa, bari dimanfaatkeun téh ?. jawabanana: ‘Alam Dunya katut eusina’. Dumasar kana éta hal, maka Alloh swt. maparin gelar jeung tugas pikeun manusa. خَلِيْفَةُ فِى ْالأَرْضِ (Pamingpin di ieu alam dunya) Sakumaha dawuhan Alloh swt dina Al-Qur’an Surat Al-Baqarah Ayat 30:
وَإِذْقَالَ رَبُّكَ لِلْمَلآئِكَةِ إِنِّيْ جَاعِلٌ فِى اْلأَرْضِ خَِليْفَةَ....(ألبقرة:30)
"Jeung nalika Pangéran anjeun (Muhammad) ngadawuh ka para Malaikat: ‘Saéstuna kami arék ngajadikeun (ngangkat) khalifah (pamingpin) di bumi’ …"
Langkung atra pertélamah ngeunaan tugas manusa dijadikeun khalifah di alam dunya. Mangga titénan dina Qur’an Surat Yunus ayat 14 sareng Qur’an Surat Shaad ayat 26. Jadi, salian manusa diwajibkeun pikeun ibadah téh manusa ogé ngabogaan tugas nu séjén nyaéta jadi خَلِيْفَةُ فِى ْالأَرْضِ tegesna, jadi ‘pamingpin di alam dunya’.
Malihan ku Kanjeng Nabi Muhammad saw. Ditegeskeun:
كُلُّكُمْ رَاعٍ , وَكُلُّكُمْ مَسْئُوْلٌ عَنْ رَاعِيَتِهِ .....الحديث
“Satiap anjeun téh pamingpin, jeung bakal ditanya, bakal dipénta pertanggungjawaban ngeunaan naon nu dipimpinna…” (Al-Hadits).
Dina raraga nohonan tugas salaku khalifah, Alloh swt teu ngantep kitu baé, ngarah dina ngalaksanakeun tugasna teu sagawayah, teu sambarangan, maka didieu Alloh swt. maparin élmuna, maparin patokan- patokan, maparin aturan, nyatana Agama. Agama didieu, tangtuna baé agama Islam, Agama nu dipikaridho ku Alloh swt. ngalangkungan risalah nu diamanatkeun ka Rosululloh Muhammad saw. (ِانَّ الدِّيْنَ عِنْدَاللهِ اْلإِسْلاَم ).
Ari tujuan agama dilungsurkeun, taya kajaba supaya manusa dina ngalaksanakeun tugas sareng kawajiban téh teu sagawayah. Sabab wungkul ku agama nu bisa nyalsékeun sagala masalah nu lumangsung di alam dunya. Disebut wéh, yén agama téh mangrupakeun pituduh, kalayan di beungkeut tur di cutat sagalana dina eusining kitab-kitab Alloh diantawisna Al-Qur’an. Tah dina kitab suci Al-Qur’an ngandung mangpirang-pirang patokan kahirupan, turta upamana baé, mun Al-Qur’an nu ngandung mangpirang-pirang patokan kahirupan téh dilaksanakeun atawa diamalkeun sakumaha mistina, maka tanwandé bakal ngawujud dina diri abid téh, hiji wujud tangtungan anu sampurna, nya nu disebut Insan Kamil téa.
Kukituna didieu Jelas, yén manusa hirup kudu jadi ‘Abid’ tur gaduh kalungguhan salaku kholifah di ieu alam dunya. Ku sabab éta manusa boga sifat ‘Abdiyyah, bujang, nu tugasna kudu tumut turut ka sang dunungan nyatana Alloh swt. sareng ngamumulé, ngaraksa ngariksa tur ngamanfa’atkeun naon-naon nu aya di ieu alam dunya.
Salajengna dina ngalaksanakeun kafitrahan salaku ‘abid ogé salaku kholifah. Urang dituntut ku Alloh Robbul ‘Alamin. Supaya ngabuktikeun bakti diri, séba raga téh kudu sabener-benerna,. Ngeunaan ha lieu pisan urang sadayana diajarkeun ku Al-Qur’an Dawuhan Alloh swt. dina surat Al-Fatihah anu sering ku urang di baca, khususna dina sholat, aya kalimat ayat nu unggelna kieu: ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (Wungkul ka anjeun jisim abdi ibadah sumembah, sareng wungkul ka anjeun gusti jisim abdi nyuhunkeun pitulung).
Kecapاِيَّاكَ dina ieu ayat, sapalih ahli tafsir ngajelaskeun:
أَْلفَاتِحَةُ سِرُّاْلقُرْآن, وَسِرُّهَاهَذِهِ اْلكَلِمَةِ
“Yén Al-Fatihah téh minangka rusiahna Al-Qur’an, tur rusiahna aya dina kalimat ieu, (nyatana kecap ‘Iyyaka).
Dina ayat ieu, kecap اِيَّاكَ dibulak-balik dua kali, hal ieu nandakeun yén aya dua rusiah, mun dibuka maknana maka kacida jembar hartina. Tegesna, yén dina dua kecap ieu aya dua kecap nu nuturkeunana, nyaéta nu ka hiji اِيَّاكَ نَعْبُدُ (wungkul ka anjeun gusti jisim abdi ibadah sumembah), nu ngandung harti, yén urang téh nauhidkeun ka Alloh swt. umaku bari ngaberesihkeun bathiniyah sareng lahiriyah khusuna patékadan urang tina hal-hal kamusyrikan. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi bukti pernyataan, tina pangakuan urang kana kalimat tauhid ) لاَإِلَهَ إِلاَّاللهTaya deui Pangéran nu wajib di ibadahan anging Alloh)
Ari harti kecap َنعْبُدُ , nyaéta "Kami atanapi abdi-abdi sadaya sumembah ibadah", aya ogé nu ngahartoskeun “Kata’atan abdi-abdi sadaya". Sabab, harti ibadah miturut bahasa, nyaéta kata’atan jeung ngaréndahkeun diri (depe-depe handap asor atanapi tawadhu’). Sedengkeun Mungguh syara,’ yén ibadah téh satiap ucapan, patékadan reujeung tingkah paripolah nu dilakukan kalayan ngudag kasampurnaan rasa mahabbah atanapi rasa cinta, tawadhu (depe-depe handap asor), rasa sieun, nu ditungtungan pikeun miharep ridho Alloh swt. Kecap َنعْبُدُ ogé tiasa disebat kecap nu mangrupakeun netepkeunnana hiji hamba kana sifat Rububiyyah atanapi rasa pangakuan dina mangeran-an Alloh swt.
Pangna jadi sabab kecap َنعْبُدُ ditiheulakeun, ieu nuduhkeun kana harti jeung maksud, yén ayana sifat ‘Abdiyyah atanapi penghambaan nu ngawéngku kana sifat hamba nu sumembah, hamo lanca-linci, luncat mulang udar tina tali gadang, seja sumembah wungkul ka Alloh swt. salian éta, kecap َنعْبُدُ ngandung makna, yén ibadah téh mangrupakeun tujuan, nu jadi wasilah atanapi marga lantaran turunna pitulung Alloh swt. Ku sabab kitu, maka ibadah kagolong hal anu utama tur nu kudu diutamakéun. Tegesna, upamana hiji hamba nu ngakhususkeun, atanapi nu ngautamakéun kana ibadah, maka tanwandé Alloh bakal maparin pitulung, pangraksa jeung pangriksa ka si éta hamba.
Salajengna nu kadua, nyaéta kalimat: ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (Wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi nyuhunkeun pitulung). kalimat ieu ngarupakeun pangakuan, rasa karumasaan, yén taya daya sareng upaya ogé kakuatan, anging kalayan pitulung Alloh swt. Sarta kapasrahan total ka Alloh swt. kalayan nyuhunkeun pitulungna. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi bukti pernyataan kana pangakuan urang kana kalimat:
لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم
(Taya daya, upaya reujeung kakuatan anging kalayan izin Alloh Dzat Nu Maha Luhur tur Nu Maha Agung).
Tegesna, dina palebah dieu pisan si hamba munajat, yén wungkul ka Alloh nyuhunkeun pitulung pikeun ta’at, tur nyuhunkeun dipaparin pitulung pikeun nyalsékeun ogé nghabebenah sagala pasualan-pasualan nu aya patula-patalina reujeung duniawiyah pikeun ngahontal mardhotillah. Tegesna, dina ucapan ieu bakal ngalahirkeun sikep nu jauh tina ujub, riya jeung takabur dina ngajalankeun ibadah ka Alloh swt. sabab, sagala nu di lakukeun ku hiji hamba nu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. ieu kabéh téh anging kalayan ridho sareng inayah ilahiyyah tegesna pitulung ti Alloh swt. Dumasar kana katerangan ieu, maka ngandung harti, yén dina katerangan ieu kudu ayana sifat ‘Isti’anah atanapi kapasrahan total ka Alloh dina raraga nyuhunkeun pitulung, pangraksa, pangriksa reujeung panyalindungan ka Mantenna.
Jadi luyu rejeung katerangan nu munggaran diuningakeun, nuduhkeun, yén nalika hiji hamba maca dawuhan Alloh swt. Surat Al-fatihah palebah ayat nu ka-5 nyaeta : ِاَّياكَ نَعْبُدُ وَ ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ saolah-olah hiji hamba munajat ka Alloh swt ku caritaan:
“Duh Gusti nu Maha Suci, Dzat nu mibanda sifat-sifat kaagungan ogé kasampurnaan, nu mibanda pujian ogé nu hak dipuji, nu mibanda sifat Rohman sareng Rohim, tur pangawasa nu ngarajaan dina dintenan wawales ditibankeun ka abdi-abdi sadaya. Duh gusti pangéran Abdi nu sahiji, jisim abdi hamo badé sumembah kanu lian, anging wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi hamo neneda pitulung ka nu lian, anging wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi nyanggakeun sadaya-daya kata’atan, kakhusyu’an, nu ditujukeun wungkul ka anjeun Gusti, sabab, hamo aya nu bisa lumpat tina maksiyat sareng fitnah, iwal ti pangraksa anjeun gusti, tur hamo aya kakuatan pikeun ngalakukeun kata’atan sareng kakhusyu’an, anging kalayan taufik pitulung anjeun gusti, duh gusti tampi ieu ibadah jisim abdi, bukakeun pangraksa, bukakeun lawang pitulung anjeun gusti…”.
Mudah-mudahan urang sadaya kalebet golongan hamba-hamba Alloh swt. nu salamina ngutamakéun ibadah. Nyatana ‘abid nu ngaéstokeun sifat ‘abdiyyah-na pikeun ningkatkeun ‘ubudiyyah ka Alloh swt. tegesna para ahli ibadah. turta jadi jalma anu ngalaksanakeun ka-khalifahan-nana, luyu reujeung kahoyong nu maparin éta kalungguhan, nyatana Alloh swt.. Amin ya Alloh ya Robbal ‘Alamiin.
Wallohu A’lam.

Kautamaan Do’a

وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُواْ لِي وَلْيُؤْمِنُواْ بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ (ألبقرة:187)
"Jeung lamun hamba-hamba kami nanyakeun (ka Anjeun Muhammad) ngeunaan Kami, (maka pok caritekeun satemenna kami téh deukeut, pikeun ngaijabah kana sagala pamenta hamba kami nu ngado'a nalika manéhna ngado'a ka Kami. Maka geura prak menta ka Kami sarta kudu iman ka Kami, supaya maranéh kabéh meunang pituduh"
.( Al-Baqarah ayat 187)
Dina Al-Qur'an aya 203 ayat nu ngabéjakeun kecap du'a, nu hartina beda-beda, diluyukeun reujeung redaksi tujuan ayat nalika di wahyukeun ka Kanjeng Nabi Muhammad saw., aya nu artina ibadah, ngagero, menta, muji jeung sajabana. Sedengkeun du'a nu dimaksud didieu, nyaéta du'a nu mibanda harti, ngagero dina raraga menta hiji perkara nu kaitanana jeung perkara nu diarep-arep ti Alloh Nu Maha Agung tur Kawasa.
Dina kahirupan, manusa merlukeun hiji tincakan nu bisa mere rasa tingtrimna bathin. Atawa merlukeun hiji tali nu bakal jadi pupuntangan hirup. Nya tincakan jeung tali éta téh nyaéta do'a. Ngado'a ngarupakeun kabutuhan ruhaniyah nu kacida diperelukeun ku manusa dina sajeroning ngeusian kahirupan jeung nyanghareupan pasu'alan-pasu'alan kahirupan nu geus jeung nu keur disanghareupan, komo deui dimana ayana kasusah jeung musibah. Kukituna, sabagian ulama nyebutkeun, yén do'a téh mangrupakeun obat pikeun panyakit ruhaniah, misalna, panyakit kasieun, guligah rasa, rasa cangcaya, rasa watir, jeung sajabana ti éta.
Kaumuman manusa, ngado'a ka Alloh téh dilakukeun nalika nyanghareupan kasusah jeung kasulitan atawa nalika katibanan musibah wungkul. Tapi nalika kaayaan geus tenang, katingtriman bathin geus ngancink kacangking, tegesna di ijabah ku Alloh. Ulah-ulah kana ngado'a malah nu leuwih parahmah terkadang mopohokeun ka Alloh nu ngaijabah éta do'a. panyana manéhnamah yén sagala ni'mat, kahontal hiji harepan, jeung katedunanana hiji kahayang téh meunang usaha maranéhna sorangan, tanpa ayana campur leungeun Alloh swt. sok padahal, tanpa ayana inayah (pitulung) Alloh swt. tanwande maranéhna téh moal bakal bisa ngahontal naon-naon nu jadi harepan hirupna. Sikep samodél kitu téh kacida gorengpatutna. Sabab, manéhna ngagunakeun do'a téh minangka tempat panglumpatan pikeun neangan jalan kaluar wungkul tina salah sahiji kasusah nu keur karandapan, bari jeung kitu manéhna téh kaasup jalma nu nempatkeun do'a lain dina tempatna nu ngabogaan fungsi minangka salah sahiji bentuk ibadah nu kudu dipigawe kalayan tartib jeung istiqomah teu kaukur ku waktu jeung ku kaayaan.
Gambaran sikep jeung tabe'at manusa nu samodél kitu téh ku Alloh swt. dijalentrekeun ku Dawuhanana nu kaunggel din Al-Qur'anul Karim surat Fushilat ayat 51:
وَإِذَا أَنْعَمْنَا عَلَى الْإِنسَانِ أَعْرَضَ وَنَأى بِجَانِبِهِ وَإِذَا مَسَّهُ الشَّرُّ فَذُو دُعَاءً عَرِيضٍ(فصلت:51)
"Nalika Kami maparin kanikmatan ka Manusa, maka maranéhna ngabalieur sarta ngajauhkeun diri (tina iman), tapi saupamana kasusah tumiba ka maranéhna, maka manéhna menta (tegesna ngado'a) ka Kami taya kendatna".
Sikep jalma Mu'min, dina masalah ngado'a sakuduna dilakukeun nalika keur susah atawa keur bungah,Tegesna salalawasna ngajadikeun do'a téh minangka ibadah jeung senjata dina ngeusian kahirupan. Sakumaha dawuhan Rosululloh saw. Nu diriwayatkeun ku Imam Bukhary:
أَلدُّعَاءُ مُخُ اْلعِبَادَةِ (روَاهُ اْلبُخَارِيْ)
"Do'a téh minangka sungsumna ibadah".
Didieu tos jelas, yén do'a téh mangrupakeun inti poko-na ibadah ka Alloh swt. ku hal sakitu, maka ngado'a téh kudu diwungkulkeun atawa diarahkeun tujuannana pikeun menta ka Alloh swt. ulah ka salian Alloh swt. sakumaha ikrar urang nalika urang ngaos surat Al-Fatihah dina nalika urang sholat, boh di luar sholat ku kalimat ayat : ..... ِايَّاكَ نَسْتَعِيْنُ (....Wungkul ka anjeun gusti, jisim abdi nyuhunkeun pitulung). kalimat ieu ngarupakeun pangakuan, rasa karumasaan, yén taya daya sareng upaya ogé kakuatan anging kalayan pitulung Alloh swt. sarta kapasrahan total ka Alloh swt. kalayan nyuhunkeun pitulung sareng kamuarahan Manten-Na. Tur kalimat ieu téh mangrupakeun réalisasi atanapi pernyataan tina pangakuan لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم (Taya daya, upaya reujeung kakuatan anging kalayan izin Alloh Dzat Nu Maha Luhur tur Nu Maha Agung). Tegesna, dina palebah dieu pisan si hamba munajat, yén wungkul ka Alloh nyuhunkeun pitulung pikeun ta’at, tur nyuhunkeun dipaparin pitulung pikeun nyalsékeun ogé nghabebenah sagala pasualan-pasualan nu aya patula-patalina reujeung duniawiyah pikeun ngahontal mardhotillah. Tegesna, dina ucapan ieu bakal ngalahirkeun sikep nu jauh tina ujub riya jeung takabur dina ngajalankeun ibadah ka Alloh swt. sabab, sagala nu dilakukeun ku hiji hamba nu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. ieu kabéh téh anging kalayan ridho sareng inayah ilahiyyah tegesna pitulung ti Alloh swt. Dumasar kana katerangan ieu, maka ngandung harti yén dina katerangan ieu kudu ayana sifat ‘Isti’anah atanapi kapasrahan total ka Alloh dina raraga nyuhunkeun pitulung, pangraksa, pangriksa reujeung panyalindungan ka Mantenna.
Jadi, Sakumaha gagahna jeung kuatna hiji jalma, lubak-libuk loba harta bandana, sagala salieuk beh, diwuwuh ku pangkat jeung kalungguhan. Tapi pasti aya kalana meunang pasu'alan kahirupan nu teu bisa diungkulan ku dirina. Hal ieu nuduhkeun hiji bukti yén hakékat manusa téh kacida lemahna. Kabéh ogé aya watesanana. Sagala nu aya nu dipibanda kabéh ogé sifatna sementara, taya nu langgeng. Sabab, hakékat sagala nu aya ogé nu dipibanda ku manusa éta mangrupakeun milik Alloh swt. Dipaparin ka manusa minangka bentuk amanat nu bakal dipenta pertanggung awabanana ogé minangka kawelas-asihan mantenna. Memang, Alloh swt. nyitptakeun ieu alam dunya katut eusina keur kapentingan manusa Tapi sok sanajan kitu, manusa dituntut ikhtiyar atanapi usaha keur nyumponan kabutuhan jeung kapentingan hirup jeung kahirupanana. Ngan hasil jeung henteuna sagala ikhtiyar nu dilakukeun, éta kabéh di luar kakawasaan manusa. Manusamah ukur darma ikhtiyar, nu jadi katangtuan nu pasti aya dina kakawasaan Alloh swt. Kukituna dina raraga ieu pisan, manusa diperedih dina ngalakukeun ikhtiyar téh ulah kendat-kendat ngadu'a ka Alloh swt. Sangkan sagala ikhtiyarna tinekanan luyu jeung nu diharepkeun. Ulah sampe boga rasa pedah sagala aya, sagala mampu, sagala boga, ngarasa luhur kuta gede dunya, terus boga rasa adigung adiguna, tur boga rasa optimis atawa kapastian sagala bakal tinekanan, sahingga teu diimbangan ku ngadu'a ka Alloh. Tah pangrasa samodél kitu téh geus deukeut kana sifat kasombongan. Sedengkeun ka sombongan éta téh mangrupakeun sifat anu dibenduan Alloh swt. Sabab Alloh ngadawuh dina Hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Muslim jeung Imam Thobrony nu sumberna ti Sayyidina 'Ali Karomallohu wajhah:
أَلْعِزُّ إِزَارِيْ وَاْلكِبْرِيَاءُ رِدَائِيْ فَمَنْ نَازَعَنِيْ مِنْهُمَا شَيْئًا عَذَّبْتَهُ (رَوَاهُ مُسْلِمُ وَالطَّبْرَانِىْ)
"Kakuatan jeung kamulyaan éta baju kami, kaagungan jeng kakawasaan éta salendang kami. Maka sing sah jalmana nu bogha rasa nyaruaan kami (tegesna, boga rasa sombong) maka kami bakal nibankeun siksa ka manéhna"
Jalma-jalma anu ngarasa dirina dho'if atawa lemah pinuh ku rasa tawadhu' depe-depe handap asor boh dipayuneun Alloh swt ogé dipayuneun manusa. Éta dianggap jalma anu pinunjul. Sabab manéhna terus-terusan ngadeukeutkeun dirina ka Alloh swt. Ku ngajalankeun ibadah, boh anu wajib pon kitu kénéh anu sunah. Salah sahiji bentuk ibadah do'a anu utama nyaéta nalika urang ngalaksanakeun sholat. Sabab aya katerangan nu nyebutkeun sholat téh hartina do'a dumasar kana Dawuhan Alloh dina Al-Qur'anul karim surat At-Taubah ayat 103:
..... وَصَلِّ عَلَيْهِمْ إِنَّ صَلاَتَكَ سَكَنٌ لَّهُمْ وَاللّهُ سَمِيعٌ عَلِيمٌ (ألتوبة: 103)
"...... jeung prak geura do'akeun (Muhammad) maranéhna, sabab saéstuna doa anjeun (Muhammd) téh bakal jadi katingtriman pikeun maranéhna. Jeung saéstuna Alloh maha ngadangu tur maha uninga".
Ku sabab kitu pisan, jalma nu tara ngado'a ka Alloh swt. Ku Kanjeng Nabi saw. Dijelaskeun, manéhna téh kagolong jalma anu apes, jalma anu lemah, jauh tina kapunjulan dina kahirupan, najan di dun yana manéhna aya dina kaunggulan dina sagala widang kahirupan, tapi hakékatnamah dipayuneun Alloh manéhna kacida hinana. Sakumaha Dawuhan Rosululloh saw. Nalika para shahabat naros ka anjeunna:
يَانَبِيَ اللهِ فَأَيُّ النَّاسِ أَعْجَزُ ؟ قَالَ : مَنْ عَجَزَ عَنِ الدُّعَاءِ
"Wahai Nabiyalloh ! kinten-kinten saha jalmana diantara manusa nu pangapes-apesna ? Kanjeng Nabi ngawaler: jalma nu pangapes-apesnana (tegesna nu panglemah-lemahna) téh nyaéta jalma anu panglemahna ngadu'a ( tegesna tara ngado'a)".
Alloh moal ngaraos bendu upamana baé sakabéh hamba-hambana ngado'a. Malah Alloh bakal leuwih mikaasih ka sing saha baé jalmana nu ngalobakeun do'a. Malah ngado'a téh mangrupakeun paréntah ti mantenna. Sakumaha dawuhan Alloh swt dina Al-Qur'anul Karim Surat Al-Baqarah ayat 187:
وَإِذَا سَأَلَكَ عِبَادِي عَنِّي فَإِنِّي قَرِيبٌ أُجِيبُ دَعْوَةَ الدَّاعِ إِذَا دَعَانِ فَلْيَسْتَجِيبُواْ لِي وَلْيُؤْمِنُواْ بِي لَعَلَّهُمْ يَرْشُدُونَ (البقرة: 187)
"Jeung lamun hamba-hamba kami nanyakeun (ka Anjeun Muhammad) ngeunaan Kami, (maka pok caritekeun satemenna kami téh deukeut, pikeun ngaijabah kana sagala pamenta hamba kami nu ngado'a nalika manéhna ngado'a ka Kami. Maka geura prak menta ka Kami sarta kudu iman ka Kami, supaya maranéh kabéh meunang pituduh".
Mudah-mudahan urang sadayana teu kalebet golongan jalma-jalma nu paeh haténa tina sapuluh perkara nu jadi sabab kahalangna do'a nu disuhunkeun ku urang sadayana ka Alloh swt. Sakumaha nu kaunggel dina kitab 'Durrotun-Nasihin' nu nyutat hija bahasanana tina kitab 'Hayatul Qulub' karya Asyafiq Al-Balaky nu nyaritakeun: yén aya salah sahiji ulama tasawuf nu masyhur di nagri Bashrah nu namina Ibrahim bin Adham nu katelahna Aba Ishaq, anjeunna nuju lunta ngaliwatan pasar Bashrah, tuluy jalma-jalma di éta pasar ngariung nyakétan anjeunna, bari satuluyna jalma-jalma nu ngariung téh menta penjelasan ngeunaan naon sababna, pangna Alloh swt tacan ngaijabah baé do'a-do'a maranéhna.
Maka Ibrahim bin Adham ngawaler: "Naon sabab Alloh teu ngaijabah baé do'a maranéh kabéh, lain Alloh teu ngaijabah do'a maranéh, tapi aya hahalang dina diri maranéh kabéh sahingga do'a maranéh teu diijabah. Hahalang éta téh, nyaéta:مَاتَتْ قُلُوْبُكُمْ فِى عَشْرَةِ أَشْيَاءَ (Paehna haté manéh dina sapuluh perkara), nu éta sapuluh perkara téh, dianatarana baé:
أَلْأَوَّلُ عَرَفْتُمُ اللهَ فَلَمْ تُؤَدُّوْا حَقَّهُ (Nu kahiji: maranéh nyaho ka Alloh tur ngaku yén Alloh téh pangéran manéh nu sahiji. Tapi maranéh kabéh teu nyumponan hak-hak mantenna). Sabab Alloh swt ngadawuh dina Hadits Qudsy:
َلْستُ بَِناِظرِيْ فِى حَقِّ عَبْدِيْ حَتَّى َيْنظُرَ فِى حَقِّيْ (رواه ألطبرني)
“Kami moal nyumponan haq hamba kami samemeh maranéhna nyumponan hak-hak Kami). Anapon hak Alloh nyaéta: sagala bentuk paréntah nu kudu dilaksanakeun jeung larangan nu kudu dijauhan kua anjeun kabéh”
أَلثَّانِى: فَرَأْتُمْ كِتَابَ اللهِ وَلمَ ْتَعْمَلُوْا بِِهِِ (Nu kadua anjeun téh sering maca Al-Qur'an, tapi eusina dibaékeun atawa dipopohokeun, tegesna teu jadi pangéling-ngéling).
أَلثَّالِثُ: إِدَّعَيْتُمْ حُبَّ رَسُوْ لِ اللهِ وَتََرَكْتُمْ بِسُنَّتِهِ (Nu katilu anjeun akon-akon cinta ka Rosululloh saw., tapi sunah-sunahna ku anjeun ditinggalkeun).
أَلرََّابِعُ: أَدَّعَيْتُمْ عَدَاوَةَ الشَّيْطَانِ وَوَفَّقْتُمُوْهُ (Nu Kaopat anjeun umaku ngamusuh ka syétan, tapi dina kanyataanamah malah anjeun nyaluyuan tur migawe pagawean maranéhna).
أَلْخَامِسُ: أَحْبَبْتُمُ اْلجَنَّةَ وَلَمْ تَعْمَلُوْا لِأَجْلِهِ (Nu Kalima anjeun hayang asup ka syurga, tapi jalan anu nuju ka syurga ku anjeun teu dipilampah). أَلسَّادِسُ: كَرِهْتُمُ النَّارَ وَفَعَلْتُمْ مَعَاصِيَهُ (Nu Kagenep anjeun ngewa tur embung jadi ahli naraka, tapi jalan pagawean pinarakaeun malah dipilampah).
اَلسَّابِعُ: تُبْصِرُوْنَ اْلقَذَاتَ فِى عَيْن ِأَخِيْكَ وَنَسِيَ اْلجَذَعَ فِى عَيْنَيْكَ (Nu Katujuh anjeun sok teu sadar, arai kana kasalahan batur ditalungtik, saeutik baé batur salah anjeun ngucik-ngucik awas bari sidik, tapi kana dosa kasalahan sorangan anjeun teu diaku malah asana téh teu boga salah, salilana asa pangbenerna).
أَلثَّامِنُ : اَتَأْمُرُونَ النَّاسَ بِالْبِرِّ وَتَنْسَوْنَ أَنْفُسَكمُ ْوَأَنْتُمْ تَتْلُوْنَ اْلكِتَابَ أَفَلاَ تَعْقِلُوْنَ (Nu Kadalapan anjeun sok pirajeuneun nitah bener ka batur, tapi dirina anjeun sorangan kalakuan téh teu eucreug).
اَلتَّاسِعُ: تَأْمُرُوْنَ الزَّكَاةِ وَلَا تُؤَدُّوْنَهَا (Nu Kasalapan anjeun sok pirajeuneun ngajurung-ngajurung ka batur kudu ngaluarkeun zakat, kudu ngaluarkeun shodaqoh, tapi diri anjeun sorangan tara pernah zakat, tara pernah shodaqoh, meditna kabina-kabina), sareng .أَلْعَاشِرُ: تَتْبَعُوْنَ اْلجَنَازَةَ وَلَمْ تَتَّعِظُوْا بِهَا (Nu Kasapuluh anjeun sering nganteur-nganteur mayit ka ka makam pakuburan, tapi teu ngancik saeutik-eutik acan rasa éling yén anjeun ge bakal saperti kitu).
Mudah-mudahan urang sadayana salamina dipaparin istioqomah dina ngadu'a supaya naon anu ku urang disuhunkeun nu atos sareng nu nuju disuhunkeun sing enggal-enggal di ijabah ku Alloh swt. turta mugia urang sadayana sing kalebet golongan ahli ibadah. Amin Ya Alloh Ya Robbal 'Alamiin. Walloohu A’lam.
Waalloohu A’lam Bish-Showab


Kautamaan Sholat Jum’at

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا إِذَا نُودِي لِلصَّلَاةِ مِن يَوْمِ الْجُمُعَةِ فَاسْعَوْا إِلَى ذِكْرِ اللَّهِ وَذَرُوا الْبَيْعَ ذَلِكُمْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ (ألجمعة : 9)
"Yeuh jalma-jalma anu ariman ! Upama dicelukkan atawa digeroan pikeun sholat dina poé juma'ah, prak maranéh geura paheula-heula kana éling ka Alloh swt, sarta maranéh kudu ninggalkeun dagangan (pagawean); perkara kitu téh hadé pikeun maranéh upama maranéh nyaraho mah"(Al-Jumu’ah : 9)
Asbabun Nuzul (sabab-sabab lungsurna ieu ayat) téh nalika aya diantarana para shahabat nu masih ngalakukeun perdagangan dina mangsa Rosululloh saw. Nuju khutbah dina sholat jum'at. Sakumaha dawuhanana dina Haditsna anu sumpingna ti Jabir Ra. Diriwayatkeun ku Imam Muslim:
عَنْ جَابِرٍ , ان النبي  كاَنَ يَخْطُبُ قَائِماً , فَجَاءَتْ عَيْرٌ مِنَ الشَّامِ , فَانْفَتَلَ النَّاسَ إِلَيْهَا , حَتىَّ لَمْ يَبْقَى إِلاَّ اثْنَا عَشَرَ رَجُلاً (رواه مسلم)
"Saéstuna Nabi saw. Nuju khutbah bari ngadeg, nya datang kafilah (rombongan dagang) ti Syam sarta tuluy jalma-jalma nyalampeurkeun (kalebet sapalih shohabat nu nuju ngalaksanakeun sholat jum'at) nepi ka sesana tinggal dua belas urang"
Tah dumasar kana ieu katerangan, maka ayat nu munggaran téh mangrupakeun ayat anu jadi dasar hukum wajibna ngalaksanakeun sholat jum'at anu dilaksanakeun saminggu sakali dina dinten juma'ah. Sholat Juma'at téh hukumna Fardhu 'Ain (wajib 'ain) hartosna kawajiban nu ditetepkeun pikeun saban jalma anu ngaku dirina muslim sareng mu'min ti pihak lalaki wungkul anu tos dewasa atanapi 'Akil baligh, dina kaayaan merdeka (lain hamba sahaya) tur dina kaayaan séhat jeung muqimin (cicing ditempat padumukunna atawa lain dina perjalanan anu éta perjalanan téh ukuran jauhna sahingga kudu ngalakukeun shalat qashar jeung jama', tegesna miturut madzhab syafi'imah lalampahana téh jauhna kira-kira 80 km). Hal ieu téh dumasar kana hadits Rosululloh saw. Nu sumpingna ti Thoriq bin Syihab RA. Nu nguping ti Abu Musa Al-Asy'ari anu ditakhrij atanapi diriwayatkeun) ku Imam Abu Dawud jeung Imam Hakim (anu ieu hadits téh kalebet hadits Mursal Shohaby anu sah lamun dipake hujjah atawa dalil:
عَنْ طَارِقٍ بْنِ شِهَابٍ أَنَّ رَسُوْلَ اللهِ  قَالَ اَلْجُمْعَةُ حَقٌ وَاجِبٌ عَلىَ كُلِّ مُسْلِمٍ فِى جَمَاعَةٍ إِلاَّ أَرْبَعَةً ,مَمْلُوْكٌ, وَ إِمْرَأَةٌ , وَصَبِيٌّ ,وَ مَرِيْضٌ .(رَوَاهُ أَبُوْ دَاوُدَ, وَقَالَ : لَمْ يَسْمَعْ طَارِقٌ مِنَ النَّبِيِّ  . وَأَخْرَجَهُ اْلحَاكِمُ مِنْ رِوَايَةٍ طَارِقٍ اَلْمَذْكُوْرِ عَنْ أَبِِيْ مُوْسَى )
“Rosululloh saw. Ngadawuh: Sholat Juma'ah téh mangrupakeun hak kawajiban nu kudu dilaksanakeun ku kaum muslimin lalaki, kajaba opat golongan, kahiji hamba sahaya (budak belian/anu ayeunamah tos teu aya) kadua kaum muslimin ti pihak awewe, barudak anu acan akil baligh, jeung jalma anu gering )parna teu walakaya("
Jadi, anu wajib ngalaksanakeun sholat jum'atmah wungkul pikeun lalaki, ari kaum istrimah teu diwajibkeun tapi wajib pikeun maranéhna ngalaksanakeun sholat dzuhur. Anapon pelaksanaan sholat jum'at téh dilaksanakeun dina poé juma'ah dina waktu dzuhur anu dimimitian ku dua khutbah kalayan dilaksanakeun berjama'ah anu miturut Madzhab Imam Syafi'imah jumlah jama'ahna kudu aya 40 urang tur muqim (tegesna jalma anu padumukanna matuh didinya), tapi aya nu nyebatkeun sapalihna ulama ngeunaan jumlah anggota jama'ah téh taya katangtuan dina masalah jumlah, hartosna bade duaan bade tiluan atanapi langkung sholat juma'ah tiasa dilaksanakeun. Ngeunaan tempat ngalaksanakeun sholat jum'at, sakuduna diayakeun di sajeroning nagri, ditengah-tengah kota, lembur atawa kampung, nu rahayatna tos netep lain pendatang, sabab di zaman Rosululloh saw. Jeung para shahabat nu opat, sholat juma'at téh dilaksanakeun di tempat dimana rahayatna geus netep atanapi matuh. Kajaba éta, mun bisamah di hiji kampung, kota atawa desa téh cukup ku hiji Masjid anu tos ditangtukeun ku kesepakatan sarerea. Anging bisa ngadirikeun deui masjid lamun aya hal-hal anu matak mawa madhorot, saperti ku sabab teu muat jama'ahna loba teuing, atawa salembur tapi kahalangan ku walungan atawa jalan raya anu matak mawa madarat atanapi bahaya. Atawa ogé salembur atawa sa-kota anu memang masyarakatna hese dihijikeun (Idhtiroril Ijtima'iyyah) beda paham atawa aya hal-hal anu matak ngarusak kana persatuan jeung kaweuteuhan umat islam, tah miturut ulama kontemporer ayeuna bisa ngadirkeun deui masjid tibatan kajadian papaseaan antara umat islam. Kitu sapalih katangtuan miturut sapalih para ulama ahli fikih.
Salajengna ngeunaan rukun-rukun-na sholat jum'at, anu diantawisna nyaéta khutbah dua kali nu diselangan ku diuk diantara dua khutbah. Tah dina masalah ieu pisan, loba omeaneun nu kudu dibebenah, supaya sholat jum'at nu dilaksanakeun ku urang téh teu nganggur, henteu percuma, luyu jeung elmuna, sahingga bisa kapetik hasil jeung ka ala pahalana dina raraga urang ngalaksanakeun kawajiban ibadah ka Alloh swt, masalah nu kudu diomean téh nyaéta, ngeunaan sok aya diantarana nalika lumangsungna khotib keur khutbah aya diantawisna para jama'ah sholat jum'ah sok ngobrol atanapi ngalakukeun hal-hal anu ngarusak kana konsentrasi ngaregepkeun khutbahna Khotib. Hal ieu téh miturut sapalih ulama fikih haram dilakukeun, sabab lamun masih dilakukeun maka sholat jum'atna teuaya hasilna, tegesna sarua jeung teu ngalaksanakeun sholat jum'at, anu jadi dasar supaya ulah ngarobrol dina nalika khotib keur khutbah nyaéta Hadits Rosululloh saw. Anu sumpingna ti Abu Hurairoh ra. Anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Imam Muslim:
عن أبي هريرة أن النبي صلى الله عليه وسلم قال : فإذا قلت لصابك أنصت يوم الجمعة والإمام يخطب فقد لغوت
"Lamun maranéh nyarita ka batur manéh "Anshit" (cicing manéh repeh tong gandeng !) dina poé juma'ah nalika imam keur khutbah, maka maranéh geus ngalakukeun hal nganggur tegesna sholat jum'atna teu aya gunana"
Dipertegas deui ku hadits ti Ibnu 'Abbas ra. Nu ditakhrij ku Imam Ahmad nu mangrupakeun tafsir tina Hadits munggaran:
عن ابن عباس رضي الله عنه قال, قال رسول الله صلى الله عليه وسلم: من تكلم يوم الجمعة والإمام يخطب فهو كمثل الحمار يحمل أسفارا, والذي يقول له :أنصت, ليست له جمعه. (رواه أحمد بإسناد لا بأس به, وهو يفسر حديث أبي هريرة فى الصحيحين مرفوعا)
"Sing saha jalma nu ngomong dina poé jum'at bari imam keur khutbah, tah manéhna ibarat himar (kuda leutik nu hina) nu mamanggul kitab, kaasup jalma diantara maranéh nu ngomong ka baturn "cicing manéh repeh" tah éta téh kagolong jalma nu ngalaksanakeun sholat jum'at tapi teu kaala hasil pahana, tegesna sarua jeung teu ngalaksanakeun sholat jum'ah".
Dina hadits ieu dijelaskeun kalimat "ansit' anu nuduhkeun kana panyarek hartosna "cicing manéh repeh!", jeung "Man Takallama" sing saha nu ngomong dina nalika khotib keur khutbah, ngandung harti nyarek batur supaya repeh nalika khotib keur khutbah geus kaasup nganggur atanapi percuma sholat jum'atna teu boga nilai, komo-komo ngobrol. Tah dumasar kana hal ieu pisan mangga dina raraga urang nohonan salah sahiji kawajiban ti Alloh swt swt ieu, hayu urang bebenah ku jalan urang sampurnakeun syarat jeung rukunna, Supaya naon nu dilakukeun ku urang sadaya téh bisa kapetik hasil kaala pahalana tur ibadah urang sadayana ditampi ku Alloh swt swt. sabab dawuhan Rosululloh saw: من عمل عملا صالحا بغير علم فهو مردودة لا تقبل(Sing saha jalmana anu ngalakukeun hiji amalan sholeh kalayan tanpa maké elmu, maka éta amal téh di tolak tegesna teu ditarima).
Salajengna ngeunaan kasunahan-kasunahan sholat jum'at supaya urang meunang kautamaan téh, diantawisna baé, mandi adus samemeh urang angkat jum'atan, ngangge anggean nu hadé tur lamun bisa ngangge pakean warna bodas nu beresih tur suci tina najis, ngangge minyak wangi, motong kuku, jeung nyukur kumis, ngaos Qur;an atanapi dzikir atanapi nyeueurkeun ngaos sholawat ka Kanjeng Nabi nalika ngisi waktu samemeh imam datang jeung prungna khutbah. Hal ieu téh dumasar kana Hadits Nabi Muhammad saw. nu diriwayatkeun Imam Ibnu Hibban jeung Imam Hakim nu hartosna:
"Sing saha jalmana nu mandi dina poé juma'ah pikeun nohonan kawajiban sholat jum'at, jeung maké pakean nu sahadé-hadéna, bari maké minyak wangi lamun aya, tuluy ngadatangan tempat sholat jum'at (masjid) bari di dinya manéhna teu ngalengkahan jalma nu geus dariuk nu datang tiheula, tuluy manéhna sholat sunah (tahiyyatal masjid) sanggeus kitu manéhna cicing (teu ngobrol) nepi ka datangna imam tug nepi ka rengsena sholat jum'at, maka ha kitu téh bakal ngahapus dosana antara juma'ah harita jeung juma'ah nu geus katukang".
Ogé Hadits Rosululloh saw nu sumpingna ti Abi Hurairoh ra. Anu diriwayatkan ku Imam Muslim nu hartosna:
"Ti Abu Hurairoh ra, Saur anjeunna Rosululloh saw Ngadawuh: sing saha jalmana anu mandi tuluy indit juma'ahan, tuluy sholat sababaraha roka'at samampuna (anu miturut para ulama-mah dainatrana sholat tahiyatal masjid nalika mimiti datang asup ka masjid dilangsungkeun ku sholat sunah Intidhor (ngadagoan imam datang). Tuluy manéhna cicing nepi ka imam anggeus khutbahna, dituluykeun sholat bareng jeung imam (sholat jum'at) maka kalakuan kitu téh bakal turunna panghampura tina dosa-dosa manéhna antara juma'ah harita jeung juma'ah juma'ah séjénna (juma'ah katukang) malah dibere fadhilah kautamaan tilu poé"
Dua hadits nu munggaran ngauningakeun kaurang sadayana kana kasunahan jeung kautamaan poé jum'at pikeun umat kanjeng Nabi Muhammad saw. Anu mangrupakeun kifarat atanapi panebus dosa ti juma'ah ka juma'ah deui. Malihan disebatkeun di hiji katerangan yén juma'ah téh "Hijjul fuqoroo'a Wa Hijjul Masaakiin" (hajina pikeun jalma-jalma fakir jeung miskin). Dina kitab Zubdatul Wa'idiin dicarioskeun yén dina hiji Mangsa Nabi Musa as. Indit ka Gunung Baitul Maqdis, anjeuna nyaksian sagolongan manusa ti kaumna anu keur ngalakonan ibadah nu lilana geus tujuh puluh tahun, taruangna tina bungbuahan, pupucukan jeung beubeutian, ngaleueutna tina cai hujan, tegesna teu kacampuran hal-hal anu kotor, subhat komo bari haram, nalika Nabi Musa as. Nyaksian umatna gariat kana ibadah samodél kitu, maka anjeunna ngarasa puas jeung gumbira, barang keur kitu Alloh swt swt. maparin wahyu ka anjeunna: " Hei Musa pikeun umat Muhammad aya hiji poé anu mibanda ciri kaistiméwaan mandiri, lamun tah dilakukeun dina poé éta sholat dua roka'at maka nilai hargana bakal leuwih hadé tibatan ibadah modél kitu nu keur dilakukeun ku kaum anjeun",
Nabi Musa as. Naros ka Alloh swt swt: "Dinten naon éta téh Gusti ?" Alloh swt swt ngadawuh: "Éta téh poé juma'ah". Nguping khabar kitu maka Nabi Musa as. Boga harepan supaya poé éta téh dipaparinkeun ka anjeunna sareng umatna. Maka Alloh swt swt ngadawuh deui: "Pikeun anjeun mah Musa ku Kami di paparin poé sabtu, poé ahad pikeun Isya, poé senen pikeun Ibrohim, poé salasa pikeun Zakariya', poé Rebo pikeun Yahya, poé Kemis pikeun Adam sedengkeun poé juma'ahmah ditetepkeun ku Kami pikeun Muhammad jeung umatna".
Wallohu a’lam.

Ujian Alloh swt

أَحَسِبَ النَّاسُ أَن يُتْرَكُوا أَن يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ, وَلَقَدْ فَتَنَّا الَّذِينَ مِن قَبْلِهِمْ فَلَيَعْلَمَنَّ اللَّهُ الَّذِينَ صَدَقُوا وَلَيَعْلَمَنَّ الْكَاذِبِينَ (ألعنكبوت: 2-3)
"Naha manusa nyangka, yén maranéhna diarantep lamun geus nyarita: “Kami téh geus iman”, sedengkeun maranéhna henteu diuji deui? Jeung satemennna Kami geus mnguji ka jalma-jalma nu samemeh maranéhna, maka saéstuna Alloh apal ka saha jalma nu bener, jeung saha jalma-jalma nu barohong..
Ayat ieu ngajelaskeun ka urang sadayana, yén salah sahiji konsekuensi pernyataan iman urang sadayana, nyaéta urang kudu siap mayunan ujian nu dipaparin ku Alloh Subhannahu wa Ta'ala, ha lieu téh pikeu ngabuktikeun sajauh mana kaimanan urang sanggeus urang ngaku yén diri urang téh iman ka Alloh swt. Naha iman urang téh bener-bener number kana kayakinan haté, atawa ukur aku-akuan wungkul sahingga teu apal arah jeung tujuan, atawa iman urang téh ukur kajurung ku kapentingan, haying meunang kaunggulan tapi wegah ngarandapan ujian sakumaha nu digambarkeun ku Alloh Subhannahu wa Ta'ala dina Al-Qur’an surat Al-Ankabut ayat 10:
وَمِنَ النَّاسِ مَن يَقُولُ آمَنَّا بِاللَّهِ فَإِذَا أُوذِيَ فِي اللَّهِ جَعَلَ فِتْنَةَ النَّاسِ كَعَذَابِ اللَّهِ وَلَئِن جَاء نَصْرٌ مِّن رَّبِّكَ لَيَقُولُنَّ إِنَّا كُنَّا مَعَكُمْ أَوَلَيْسَ اللَّهُ بِأَعْلَمَ بِمَا فِي صُدُورِ الْعَالَمِينَ (ألعنكبوت: :10)
Jeung diantara manusa aya nu nyarita:: “Kami ariman ka Alloh ”, maka nalika manéhna ditadasa (sabab manéhna ariman) ka Alloh , manéhna nganggap fitnah manusa éta minangka azab Alloh . Jeung nalika datang pitulung ti pangéran anjeun, pasti maranéhna bakal nyarita: “Satemenna kami bareng jeung Anjeun. Naha manéh teu apal yén satemenna Alloh leuwih apal kana naon-naon nu aya dina dada-dada manusa”?
Lamun urang geus ngaku iman jeung miharep ngalap amisna buah kaimanan nu ku urang dipibanda, yakni Sawarga sakumaha nu dijanjikeun ku Alloh Subhannahu wa Ta'alaLamun urang geus ngaku iman jeung miharep ngalap amisna buah kaimanan nu ku urang dipibanda, yakni Sawarga sakumaha nu dijanjikeun ku Alloh Subhannahu wa Ta'ala :
إِنَّ الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ كَانَتْ لَهُمْ جَنَّاتُ الْفِرْدَوْسِ نُزُلاً(ألكهف:107)
“Saéstuna jalma-jalma nu airman bari ngalakukeun amal sholeh, maka pikeun maranéhna Sawarga Firdaus jadi padumukan. (Al-Kahfi 107).
Ku hal éta Maka hayu urang siap-siap pikeun mayunan ujian beurat nu bakal akan di paparin ku Alloh ka urang sadayana, jeung sing sabar dimana ujian datang. Alloh mapain sindiran ka urang sdayana nu haying asup Sawarga tanpa ngaliwatan ujian nu beurat.
أَمْ حَسِبْتُمْ أَن تَدْخُلُواْ الْجَنَّةَ وَلَمَّا يَأْتِكُم مَّثَلُ الَّذِينَ خَلَوْاْ مِن قَبْلِكُم مَّسَّتْهُمُ الْبَأْسَاء وَالضَّرَّاء وَزُلْزِلُواْ حَتَّى يَقُولَ الرَّسُولُ وَالَّذِينَ آمَنُواْ مَعَهُ مَتَى نَصْرُ اللّهِ أَلا إِنَّ نَصْرَ اللّهِ قَرِيبٌ
Naha maranéh nyangka bakal asup sawarga, sedengkeun tacan datang ka maranéh (cobaan) sakumaha halna jalma-jalma samemeh maranéh? Maranéhna ditibanan kasusah jeung kasangsaraan, sarta digunjlang-genjlongkeun (ku mangpirang-pirang cobaan) sahingga Rasul jeung jalma-jalma nu airman nyarita: “iraha atuh dongkapna pitulung Alloh ?” maka dijawab ku Alloh : “Sing inget ! saenyana pitulung Alloh téh deukeut”.. (Al-Baqarah 214).]
Rosululloh Shallallaahu alaihi wa salam maparin gambaran yén kacida beuratna perjuangan jalma-jalma baheula dina perjuangan maranéhna mempertahankeun kaimanan,
Mudah-mudahan urang kalebet golongan anu lulus tina ujian Alloh swt. Tur urang bisa salamet tina ujian nu geus ditetepkeun ku Alloh ka urang. Amin.
Wallohu A’lam.

Makna Dzikrulloh Ta’ala

الَّذِينَ آمَنُواْ وَتَطْمَئِنُّ قُلُوبُهُم بِذِكْرِ اللّهِ أَلاَ بِذِكْرِ اللّهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوبُ (ألرعد:28)
“Nyaéta jalma-jalma anu ariman jeung anu haténa ngarasa tengtrem lantaran éling ka Alloh. Sing inget ! ngan ku jalan éling ka Alloh haté (manusa) jadi tengtrem” (Q.S. Ar-Ro’du: 28).
Kecap ذِكْرٌ (Dzkrun) asalna tina kecap ذَكَرَ (Dzakaro) َيذْ كُرُ (Yadzkuru) ذِكْرًا (Dzikron) وَتِذْكَارًا (Wa Tidzkaron) nu mibanda arti “éling/inget”. Sedengkeun nu dimaksud dzikir didieu, nyaéta ucapan-ucapan nu ngandung tujuan pikeun ngagungkeun, nyucikeun sareng muji Alloh swt. kalayan ku mangpirang-pirang bentuk jeung cara nu tujuanna pikeun taqorrub (ngadeukeutkeun diri ka Alloh).
Dzikir téh mangrupakeun hiji pagawean nu kacutat dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh swt. kalayan kaunggel dina mangpirang-pirang ayat-Na. Dzikir téh mangrupakeun hiji jalan jeung konci hakékat pikeun jalma-jalma nu seja miluruh jalan karidhoan Alloh swt. tur dzikir téh bisa jadi wasilah/marga lantaran ningkatna darajat kawalian. Hal ieu téh luyu sareng Dawuhan Rosululloh saw.:
أَلاَ أُنَبِّئًكًمْ بِخَيْرِ أَعْمَالِكُمْ وَأَرْفَعُهَا فِيْ دَرَجَاتِكُمْ وَخَيْرٌلكُمْ مِنْ إِنْفَاقِ الذَّهَبِ وَالْوَرَقِ وَخَيْرٌلَكُمْ مِنْ أَنْ تُلْقُوْا عَدُوَّكُمْ فَتَضْرِبُوْاأَعْنَاقَهُمْ وَيَضْرِبُوْا أَعْنَاقَكُمْ ؟ قَالُوْا: بَلَى, قَالَ: ذِكْرُ الله ِ تَعَالَى. (ألحد يث)
“Naha aranjeun hayang (héh para sahahabat kami) diélingan ku Kami ngeunaan hiji amalan nu kacida hadéna, leuwih hadé tur suci dipayuneun Alloh, kacida luhur darajatna, tur leuwih hadé batan nga-infak-keun emas jeung pérak, ogé leuwih luhur tur mulya batan maténi tur dipaténi (syahid) ku musuh (di médan perang) ? . Maka para Shohabat ngawaler :’ Sumuhun, kantenan baé hoyong pisan’. Tuluy Rosululloh saw. Ngadawuh deui : ‘Amal éta téh nyaéta Dzikrulloh ta’ala (éling ka Alloh ta’ala)’ “. (Al-Hadits).
Salian ti éta dzkir téh mangrupakeun paréntah Alloh swt . sakumaha kaunggel dina dawuhanana Qur’an Surat Al-Ahzab ayat 41:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اذْكُرُوا اللَّهَ ذِكْراً كَثِيراً (ألأحزاب:41)
“Yeuh jalma-jalma anu ariman ! masing inget ka Alloh kalawan sing loba ingetna” (Q.S. Al-Ahzab: 41).
Ditingali tina bentuk jeung cara dzikir téh aya dua bagéan, nyaéta Dzikir ku haté jeung dzikir ku lisan. Tina dua bentuk jeung cara éta duanana ogé bisa dibagi dua deui, nyaéta nu kahiji dzikir dina harti inget/éling nalika geus kaeunteupan panyakit poho, jeung nu kadua, nyaéta dzikir da’im, hartina éling nu langgeng atawa kuat dina élingna/ingetna, tegesna salalawasna éling salirih dumadi sarengkak saparipolah ka Alloh swt.
Anapon Dzikir nu dilaksanakeun ku haté, nyaéta ku cara ngahadirkeun kana jiwa katut raga sahingga (mun bisa) nepi ka ngadarah daging salawasna kana sifat Rohman, sareng Rohim-Na Alloh swt. ogé kana ka-Maha Kawasa-an sareng ka-Maha Agung-an Manten-Na nu teu bisa leupas kabeungkeut dina rasa sareng perasaan, nu akhirna bakal numuwuhkeun rasa karumasaan diri dipayuneun Gusti Nu Maha Suci Alloh Robbul ‘Izzaty, yén diri téh lemah, hina, taya kakuatan, taya daya reujeung upaya anging sadayana kersaning Manten-Na.
Sedengkeun dzikir nu dilakukeun ku lisan, nyaéta dzikir ku bentuk ngalobakeun ucapan-ucapan nu kedal tina lisan ku ucapan kalimat thoyyibah, kayaning ngalobakeun nyebut Asma’ul Husna (Nami-nami Alloh), Tasbih (nyucikeun Alloh), Tahmid (Muji Alloh), Takbir (ngagungkeun Alloh), Tahlil (nunggalkeun Manten-Na) sareng sajabi ti éta. Tah dina hal dzkir lisanmah minangka hiji latihan diri pikeun ngabiasakeun lisan ngucapkeun kalimah-kalimah nu hadé bari miharep Rodho Alloh swt. Tur hal ieu hamo bisa dilakukeun lamun teu ngabiasakeun diri ngalakukeunana.
Dua dzikir nu munggaran diuningakeun, nyaéta dizikir haté jeung dzikir lisan kudu bisa saimbang. Hartina, antara lisan reujeung haté téh kudu aya kasapukan ulah pakia-pakia, sabab lamun geus bisa nyapukkeun atawa nyaimbangkeun antara dzikir haté jeung dzikir lisan, bakal ka asup kana ‘dzikrul a’dlo’a (ذِكْرُ اْلأَعْضَاءَ) dzikir anggauta badan. Tegesna, mun urang geus nyaimbangkeun antara dzikir haté jeung lisan, maka bakal ngawujud hiji tangtungan manusa nu salawasna miara, ngajaga, ngariksa awak sakujur tina ngalakukeun ma’shiyat ka Alloh swt., teu aya nu dipikaélingna kajaba éling ka Alloh, teu aya nafas nu kaluar-asup kajaba dibarengan ku kedalna lisan ucapan lafadz-lafadz Alloh, salawasna éling kana ka-Maha kawasaan sareng ka-Maha Agungan Alloh swt. tug dugi kaluarna nyawa tina raga.
Dzikir bakal ngabuahkeun hasil pikeun sing saha baé ogé nu salawasna nurut kana katangtuan-katangtuan dimana dzikir éta dilakukeun jeung nu utamanamh ngahadirkeun haté dimana lisan ngalaksanakeun dzikir, nu tujuanana sangkan karasa nikmatna dzikir. Sabab hamo bisa manggihan kanikmatan dzikir, mun haté teu hadir, hartina haté téh jadi poko utama dimana lisan ngalakukeun dzikir, mun haté masih disibukkeun ku haliyah dunya jeung kanikmatanana, maka dzikir nu dilakukeun hamo bisa karasa nikmatna. Jadi, ngahadirkeun haté dina dzikir téh minangka alat pikeun ngahontal kanikmatan dzikir, tegesna dimana dilaksanakeun dzikir ku lisan téh urang kudu ngaleburkeun diri teu aya deui nu nyantel na haté, nu nyangkaruk dina kolbu, nu nyampay dina manah, nu sumarambah kana bayah téh ukur Alloh Pangéran nu ngawasaan diri urang, pangéran nu ngusik sareng malikkeun urang, nu maparin rizki ka urang, nu ngalungsurkeun mangpirag-pirang kanikmatana nu kacida seueurna ka urang sadayana, tur jauhkeun perasaan-perasaan ngeunaan kadunyaan nu salawasna ngabalukarkeun urang lali kana temah wadi poho ka Alloh swt.
Anapon paedah atawa guna jeung manfaat dimana dzikir geus jadi pagawean biwir, dzikir jadi kabiasaan lisan téh nyaéta:
Nu Kahiji, dimana urang éling ka Alloh dina kaayaan kumaha baé, maka Alloh bakal émut ka urang. Hal ieu téh luyu sareng nu kaunggel dina hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Bazaar nu nyumber ieu Hadits téh sumpingna ti Ibnu Abbas ra.:
يَقُوْلُ الله َ تَعَالَى: يَاابْنَ أَدَمَ إِذَ ذَكَرْتَنِيْ خَالِيًا ذَكَرْتُكَ خَالِيَا, وَإِذَ ذَكَرْتَنِيْ فِى مَلَإٍ ذَكَرْتُكَ فِى مَلَإٍ خَيْرٍ مِنَ الَّذِيْنَ تَذْكُرُنِيْ فِيْهِم (رَوَهُ ألبَزَارعَنِ ابْنِ عَبَّاس)
“Alloh swt. Ngadawuh: “Yeuh Anak Adam ! dimana maranéh inget ka Kami dina tempat jeung kaayaan sepi, maka Kami bakal inget ka maranéh dina kaayaan samodél kitu (dina mangsa jeung kaayaan sepi). Jeung dimana maranéh inget ka Kami dina tempat jeung kaayaan rame, maka Kami ogé bakal inget ka maranéh dina kaayaan samodél kitu (dina tempat jeung kaayaan rame), malah leuwih hadé tina tempat dimana maranéh inget ka Kami”. (H.Q.R. Bazaar ti Ibnu Abbas ra.).
Nu kadua, dimana urang ngabiasakeun dzikir ka Alloh swt. Maka urang bakal dipaparin katingtriman bathin. Sakumaha nu kaunggel dina Dawuhan Alloh swt. Qur’an Surat Ar-Ro’du ayat 28:
الَّذِينَ آمَنُواْ وَتَطْمَئِنُّ قُلُوبُهُم بِذِكْرِ اللّهِ أَلاَ بِذِكْرِ اللّهِ تَطْمَئِنُّ الْقُلُوبُ (ألرعد:28)
“Nyaéta jalma-jalma anu ariman jeung anu haténa ngarasa tengtrem lantaran éling ka Alloh. Sing inget ! ngan ku jalan éling ka Alloh haté (manusa) jadi tengtrem” (Q.S. Ar-Ro’du: 28).
Nu katilu, dimana urang salawasna dzikir Ka Alloh, maka urang bakal tamabah deukeut ka Alloh, pon kitu kénéh Alloh bakal nyakétan ka urang luyu reujeung usaha urang dina nyakétan ka Alloh. Tegesna dimana urang ngusahakeun taqorrub ilalloh (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) sajeungkal, maka Alloh bakal nyakétan urang sahasta, mun seug urang ngusahakeun taqorrub ilalloh (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) sahasta, maka Alloh bakal nyakétan ka urang kalayan sadeupa, mun seug urang ngusahakeun taqorrub ilalloh (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) sadeupa, maka Alloh nyakeutan urang bari leumpang, mun seug urang ngusahakeun taqorrub ilalloh (ngadeukeutkeun diri ka Alloh) bari leumpang, maka Alloh nyakétan urang bari lumpat. Kitu saterusna. Sakedik nu disanggakeun seueur nu dipaparinkeun,. Hal ieu luyu reujeung Dawuhan Rosululloh dina Hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Asy-Syaikhoni, Imam Turmudzi nu nyumber ieu Hadits téh dumpingna ti Abi Hurairah ra. Nu hartosna éta hadits téh Nyaéta: “Panyangka/Dugaan Kami sarua reujeung panyangka/dugaan hamba-hamba Kami, jeung Kami bakal babarengan jeung manéhna dimana maranéhna inget ka Kami, maka lamun manéhna inget ka Kami dina dirina (haténa), maka Kami bakal inget dina diri (haté) Kami, dimana manéhna inget ka Kami dina mangsa jeung kaayaan rame, maka Kami bakal inget ka manéhna dina lingkungan rame deui nu leuwih hadé batan éta. Jeung dimana manéhna ngadeukeutan ka Kami sajeungkal, maka kami bakal ngadeukeutan ka manéhna sahasta, kitu deui mun manéhna ngadeukeutan ka kami sahasta, maka kami bakal ngadeukeutan ka manéhna sadeupa, ogé mun manéhna ngadeukeutan ka Kami sadeupa, maka kami bakal ngadeukeutan ka manéhna bari leumpang, mun seug manéhna ngadeukeutan ka Kami bari leumpang, maka kami ngadeukeutan ka Manéhna bari lumpat”.
Mangga cobian !, nalika urang aya dina kaayaan suci lahir, suci bathin di tempat nu suci bari sepi (saenamah dina wanci peuting) teu aya deu jalmi iwal ti urang sorangan, tuluy calik bari mayun ka kiblat, tuluy meureumkeun panon, tungkulkeun sirah minangka salah sahiji bentuk katawadhuan (ngaréndahkeun diri depe-depe handap asor) dipayuneun Alloh, tuluy urang ngawitan ngalafadzkeun ku lisan ucapan kalimat-kalimat toyyibah kalayan lirih-rintih bari ngahadirkeun haté, inget-inget kasalahan urang, kadorakaan urang, kamantangulan urang ka Alloh, kalemahan urang, kafaqiran urang, kamiskinan urang, ka teuwalakayaan urang, tuluy bathin urang ngajerit ka Alloh mugia Manten-Na maparin pangahampura, maparin pitulung sareng pituduh ogé pangraksa sareng pangriksa ka urang salamina tur utamakéun urang neneda ka Manten-Na mugia ngalungsurkeun rohmat sareng Ridho-Na. Insyaalloh mun ieu hal dicobian dilaksanakeun kalayan kontinu komo bari dijadwalkeunmah minangka kagiatan rutinitas ruhaniyah urang sadidinten, maka bakal kabuka cahaya-cahaya nu nyaangan haté tur ngabuka panto-panto hijab (hahalang) rusiah-rusiah kagaiban, ogé ngabuka hahalang jauhna urang Ka Alloh swt.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet kana golongan jalma-jalma nu salawasna dzikir ka Alloh swt dina kaayaan ku maha baé jeung dimana baé ayana, Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Wallohu A’lam Bish-Showaab.