Sabtu, 24 Oktober 2009

Prinsip Dasar Ngadidik Anak Supaya Sholeh

اِذَا مَاتَ ابْنُ آدَمَ اِنْقَطَعَ عَمَلُهُ اِلاَّ مِنْ ثَلاَثٍ : صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُوْلَهُ
“Nalika maot salah saurang turunan adam, maka pegat sagalana amal-amalanana. Iwal tilu perkara, nyaéta: Sodakoh jariah, Ilmu nu manfaat jeung anak nu soléh nu salawasna ngado’akeun ka manéhna”.
Anak mangrupakeun anugerah ti Alloh s.w.t. nu kacida luhung hargana pikeun para indung jeung bapa. Kajaba ti éta, anak téh mangrupakeun hiji amanah ti Alloh supaya diatik, dididik, diraksa, dijaga, ogé dibina tur nu paling pentingmah diarahkeun jalan kahirupannana supaya nincak dina jalan anu dipikaridho ku Alloh swt. Sabab, tos pada uninga yén satiap amanah tos pasti bakal diperedih ngeunaan pertanggung jaawabanana dipayuneun Alloh swt. Tah ayeuna timbul pertarosan, tos dugi kamana urang ayeuna salaku kolot dina ngadidik nu jadi anak téh ? Naha urang salaku kolotna geus nohonan kalayan apik hak-hak nu jadi anak atawa sabalikna ngantep kitu baé, rék kitu rék kieu sakarep nu jadi anak ?.
Satiap jalma miturut ajaran Islam, hakékatnamah tos mibanda bibit kaimanan sareng katauhidan, pikeun mangéranan Alloh swt. sahingga miturut istilah Al-Quran-mah disebut fitrah. Tegesna, dina diri satiap manusa aya kacenderungan pikeun ngayakinkeun ngeunaan ayana Alloh swt. Tur wungkul ibadah ka Manten-Na. Hal ieu téh luyu reujeung Dawuhan Alloh swt. Dina surat Ar-Rum ayat 30:
فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفاً فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ (ألروم : 30)
”Nya geura sanghareupkeun diri maranéh kalawan lempeng kana éta agama dadamelan Alloh anu Anjeuna ngayugakeun manusa téh saluyu jeung éta agama. Teu aya anu pahili dina pangyuga Alloh , éta agama téh agama nu lempeng, tapi kalolobaanana manusa téh henteu nyarahoeun”
Hal ieu dikuatkeun ku Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nu diriwayatkeun ku Abu Ya’la, Thabrani jeung Baihaqy, sarta aya lafadz nu diriwayatkan ku Imam Bukhari:
كُلُّ مَوْلُوْدٍ يُوْلَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ فَأَبَوَاهُ عَلَى يُهَوِّدَانِهِ أَوْيُنَصِّرَانِهِ أَوْيُمَجِّسَانِهِ فَإِنْ كَانَ مُسْلِمِيْنَ فَمُسْلِمٌ (عَنْ أَبُوْ يَعْلَى,رَوَاهُ طَبْرَانِى وَبَيْهَقِىْ وَاْلبُخَارِىْ)
“Satiap anak nu dilahirkeun téh dina kaayaan suci (kasucian agama nu luyu reujueng kafitrahanana), maka indung bapana nu ngajadikeun manéhna jadi Yahudi, atawa Nasrani atawa Majusi. Maka lamun ngajadikeun manéhna jalma muslim, maka manéhna jadi muslim”
Dua dalil Nakli nu munggaran bisa dicokot pamadegan, yén sacara kodrati manusa mibanda fitrah (kasucian) pikeun iman ka Alloh , tapi ku sabab faktor lingkungan ngajadikeun ayana panyimpangan ka arah nu lain. Cindekna, Islam ngaku aya dua hal pokok, yakni nu kahiji, yén sacara kondisi manusia tos dipaparin bekel ‘naluri’ pikeun ngagem agama tauhid (Agama Islam). Nu kadua, yén lingkungan téh mibanda pangaruh gedé kana naluri kafitrahan manusa.
Ampir sakabéh ahli jiwa sapamadegan, yén saéstuna naon nu geus jadi kahayang jeung kabutuhan manusa téh lain wungkul butuh kana sandang, pangan, jeung papan wungkul atawa kanikmatan–kanikmatan lainna. Dumasar hasil risét jeung observasi maranéhna nyokot kacindekan, yén dina diri manusa aya hiji kahayang jeung pangabutuh nu sifatna universal, tur kabutuhan ieu téh ngaleuwihan kana kabutuhan-kabutuhan umumna nu sifatna kodrati, nyatana kahayang jeung pangabutuh pikeun mikacinta jeung dipikacinta ku Pangéran, hal ieu nu disebut fitrah agama.
Dina masalah ngadidik anak supaya jadi anak nu soléh, agama Islam tos maparin bongbolongan atanapi jalan kaluar ka urang sadayana ku bentuk prinsip-prinsip dasar dina ngatik, ngadidik, ngarahkeun ogé ngabina pikeun manusia dina raraga ngawujudkeun hiji wangunan kulawarga nu sakinah pinuh ku rohmat sareng ridho Alloh swt. Nu salah sahijina, nyaéta ku mibanda anak nu soléh. Sabab, anak soléh téh minangka salah sahiji harepan malah mandar jadi hiji amal titinggal nu terus ngocor moal pegat di alam dunya, tug dugi ka urang sadayana dipundut ku nurahayu dipapag ajal ku nu maha kawasa, nya maot téa ngaranna.
Urang sadayana salaku indung jeung bapa, atawa nu bakal jadi indung jeung bapa tos pasti miharep dipaparin anak nu hadé akhlakna jeung soléh, tur bisa maparin bantuan nalika keur aya di alam dunya, ogé jaga di alam akhérat. Sakumaha dawuhan Rosulullah saw. :
اِذَا مَاتَ ابْنُ آدَمَ اِنْقَطَعَ عَمَلُهُ اِلاَّ مِنْ ثَلاَثٍ : صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُوْلَهُ
“Nalika maot saurang turunan adam, maka pegat sagalana amal-amalanana. Iwal tilu perkara, nyaéta: Sodakoh jariah, Ilmu nu manfaat jeung anak nu soléh nu salawasna ngado’akeun ka manéhna”.
Ku sabab kitu, mun seug urang aya hasrat bari miharep pikeun mibanda anak nu sholéh, maka sawadina urang maparin didikan jeung atikan nu sampurna ka maranéhna nu luyu reujeung kahoyong Nu Maha Kawasa Alloh swt.. sabab, prosés ngadidik anak supaya bener-bener jadi anak nu soléh geus jadi hiji tugas jeung tanggungjawab gedé pikeun satiap indung bapa. Utamana dina zaman kiwari nu geus kaasup dina zaman kamajuan, nu sarwa canggih, nu saeutik gedéna geus méré pangaruh kana modél kahirupan masyarakat kaasup kana kahirupan barudak. Ku kituna aya sababaraha hal nu kacida pentingna nu kudu jadi perhatian urang sadaya salaku indung jeung bapa ogé nu bakal jadi indung jeung bapa, pikeun ngawangun hiji tangtungan anak turunan urang sadayana jaradi insan nu soléh nu bisa méré manfaat pikeun agama, bangsa katut nagara.
Diantara hal-hal nu kacida pentingna dina raraga urang méré perhatian pikeun ngawangun anak turunan urang sadayana jadi anak nu soléh téh, nyaéta:
Nu kahiji: Salawasna tong petot-petot urang ngadu’a ka Alloh s.w.t. malah mandar dipaparin anak turunan anu sholeh. Harepan mibanda anak turunan nu soléh sawadina kalayan cara urang ngado’a ka Alloh s.w.t. sabab, hal ieu téh ngarupakeun hiji amalan nu dilaksanakeun ku para nabi jeung rasul, sakumaha dawuhan Alloh swt. dina surah Ali - Imran ayat 38:
… قَالَ رَبِّ هَبْ لِي مِن لَّدُنْكَ ذُرِّيَّةً طَيِّبَةً إِنَّكَ سَمِيعُ الدُّعَاء (أل عمران: 38)
“Ya Alloh Pangéran abdi sadaya ! mugi Gusti maparin turunan anu saé ka abdi langsung ti gusti. Sayaktosna Gusti Maha Ngadangu kana sagala do’a”
Ayat munggaran ngajelaskeun, ka urang sadayana yén para nabi jeung rasul kacida ngutamakéunana ngado’a ka Alloh swt. Supaya dipaparinan anak turunan nu hadé tur soléh. Hal ieu téh méré pelajaran ka urang sadayana supaya ulah petot-petot ngadu’a ka Alloh swt. malah mandar dipaparinan anak turunan nu soléh.
Nu kadua: Nancebkeun Akidah Islamiyah nu mangrupakeun prinsip dasar nu perlu dibere perhatian jeung kautamaan, sabab akidah islamiyah nu kuat, bakal ngajamin kabagjaan hirup manusa di dunya ogé di akhérat. Salian éta, barudak nu mibanda akidah islamiyah nu kuat moal gampang ngalakukeun hal-hal nu nyimpang tina ugeran agama ogé darigama. Béh dituna bakal ngalahirkeun insan nu salawasna mampu ngajaga kaimanan maranéhna sarta bakal ngajauhan perkara-perkara syirik nu bisa nyasarkeun ka maranéhna.
Nu katilu: Nancebkeun tuntutan syari’ah khususna tina masalah Ibadah nu sampurna. Hal ieu téh ngalambangkeun sifat kataatan ka Alloh . Salian éta, minangka tanda nyampurnakeun hubungan sareng Alloh s.w.t
Nu kaopat: Nerapkeun Akhlakul karimah, nu ngarupakeun lambang kaéndahan kapribadian saurang muslim sajati. Kalayan mibanda akhlakul karimah nyababkeun salah saurang dipikahormat ku masyarakat. Ku sabab kitu, Nabi Muhammmad s.a.w. diutus pikeun nyampurnakeun akhlak manusa.
Nu kalima : Méré rizki tina sumber nu halal, Satiap rizki nu halal lain wungkul mawa kaberkahan tapi bisa ngalahirkeun turunan nu pinter jeung séhat. Nu hal ieu téh ngadorong ka arah kahadéan di dunya tur meunang rahmat Alloh di akhérat.
Lima perkara ieu mangrupakeun prinsip dasar dina ngadidik pala putra urang supaya jadi anak nu soléh. Mudah-mudahan urang sadayana dipaparin ku Alloh swt. Anak turunan nu soléh. Amin ya Alloh ya robbal ‘Alamin.
Wallohu A’lam Bish-Showab

Tidak ada komentar: