Sabtu, 24 Oktober 2009

Gambaran Dunya (Mungguhing Alloh nu Nyiptakeun)

َأوْحىَ الله ُتَعَالَى إِلَى دَاوُدَ : يَادَاوُدُمَثَلُ الدُّنْيَا كَمَثَلِ جِيْفَةٍ اجْتَمَعَتْ عَلَيْهَا اْلكِلاَبُ يَجُرُّوْنَهَاأَفَتُحِبُّ أَنْ تَكُوْنَ كَلْبًافَتَجُرُّ مَعَهُمْ؟ يَادَاوُدُطَيِّبِ اْلكَلاَمَ وَلَيِّنِ الِّلبَاسَ وَالصِّيْتُ فِى النَّاسِ وَفِى اْلأَخِرَةِ لاَ يَجْتَمِعُ أَبَدًا (رَوَاهُ أَ لْمَدَنِى)
“Alloh swt. Ngawahyukeun Ka Kanjeng Nabi Dawud a.s. kalayan Dawuhana-Na: Héh Dawud ! perumpamaan dunya téh nyaéta ibarat bangké nu diriung ku anjing-anjing nu satuluyna éta bangké téh di séréd kaditu-kadieu. Naha anjeun resep jadi anjing, tuluy pipilueun nyényéréd éta bangké kaditu-kadieu ?. Héh Dawud ! sing hadé (lemah lembut) dina nyarita, sing sederhana dina maké pakéan. Kamasyhuran aran anjeun diantara manusa moal sarua salalawasna (reujeung nu dikumpulkeun) jaga di akhérat ” (Hadits Qudsy Riwayat Al-Madany).
Dawud nu dimaksud dina Hadits Qudsy di luhur nyaéta Nabi sareng utusan Alloh, ramana Nabi Sulaiman as. nu nyambung tuluy ka rundayan seuweu putuna nyaéta Kanjeng Nabi Ibrahim Al-Khalil a.s. anjeunna kalebet jalmi nu kacida getolna kana Ibadah sareng taqarrub (ngadeukeutkeun diri) ka Alloh swt. ku hal éta Nabi Muhammad saw. Ku anjeun kantos nyebat-nyebat nami Nabi Daud as. Kalayan dawuhan-dawuhana-na:
كَانَ أَعْبَدَاْلبَشَرِ (الحديث)
“Anjeunna (Dawud as.) manusa nu kacida getolna kana ibadah”
َأحَبُّ الصِّيَامِ إِلَى اللهِ صِيَامُ دَاوُدَ وَأَحَبُّ الصَّلاَةِ إِلَى اللهِ صَلاَةُ دَاوُدَ كَانَ نِصْفَ اللَّيْلِ وَيَقُوْمُ ثُلُثَهُ وَيَنَامُ سُدُسَهُ وَكَانَ يَصُوْمُ يَوْمًا وَيُفْطِرُ يَوْمًا وَلاَ يَفِرُّ إِذَا لَاقَى (رواه السيخان)
”Puasa nu paling dipikaresep ku Alloh nyaéta puasana Dawud, jeung sholat nu paling dipikaresep Alloh nyaéta sholatna Dawud. Anjeunna kulem sa- tengah-na wengi, tuluy nyaring ngalaksanakeun sholat wengi salami sa-pertilu-na, saparantos kitu Anjeunna kulem deui sa-pergenep-na. Anjeunna puasa sadinten tuluy buka sadinten (kitu dilakonan téh salami sapanjang taun) sareng anjeunna teu pernah mundur lamun tepung reujeung musuh” (H.R. Syaikhoni).
صُمْ صِيَامَ دَاوُدَ فَإِنَّهُ كَانَ أَعْبَدَ النَّاسِ(رواه السيخان)
Prak paruasa anjeun ! saperti puasana Daud, saéstuna Daud kalebet jalmi nu kacida getolna kana ibadah” (H.R. Syaikhoni)
كَانَ يَصُوْمُ نِصْفَ الدَّهْرِ (رواه السيخان)
“Anjeunna (Dawud as.) pernah puasa satengah taun” (H.R. Syaikhoni)
Nabi Dawud as. Nalika yuswa saratus taun masih kénéh jagjag belejag, kuat kana ibadah, ogé jihad fi sabilillah. Sakumaha nu digambarkeun ku Hadits Rosulullah saw. Nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad:
مَا اَكَلَ اَحَدٌ طَعَامًا قَطُّ خَيْرًا مِنْ أَنْ يَّأْكُلُ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ وَأَنَّ نَبِيَ الله ِدَاوُدَ كَانَ يَأْكُلُ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ (رَوَاهُ أَحْمَُد)
“Taya dahareun nu paling hadé nu didahar ku salah saurang diantara aranjeun kajaba éta dahareun téh tina hasil kasab leungeunna sorangan. Saéstuna Nabiyalloh Dawud as. tuang tina hasil kasab pananganna ku anjeun.”
Salian ti éta Kanjeng Nabi Dawud as. Mibanda suara emas nu halimpu matak dédéngé-eun. Hal ieu téh luyu reujeung katerangan Hadits Nabi saw. Nalika Rosululloh saw. Nguping qiro’at shohabat Abu Musa Al-Asy’ari ra., anjeunna ngaraos reueus, sahingga nalika patepung sareng Abu Musa Al-Asy’ari ra. Anjeunna ngadawuh:
لَقَدْ أُوْتِيْتَ مِزْمَارًا مِنْ مَزَاِميْرِ دَاوُدَ (الحديث)
“Bener-bener anjeun geus dipaparin suara suling tina sulingna kanjeng Nabi Dawud as.”
Aya hiji do’a diantara do’a-do’a-na Kanjeng Nabi Dawud as. :
أَللَّهُمَّ إِنِّيْ أَسْأَلُكَ حُبُّكَ وَحُبَّ مَنْ يُحِبُّكَ وَاْلعَمَلَ الَّذِيْ يُبَلِّغُنِيْ حُبَّكَ اَللَّهُمَّ اجْعَلْ حُبَّكَ أَحَبَّ إِلَيَّ مِنْ نَفْسِيْ وَ أَهْلِيْ وَمِنَ اْلمَاءِ ْالبَارِدِ (ألحديث)
“Ya Alloh saéstuna jisim abdi nyuhunkeun muga tiasa mikacinta Anjeun Gusti, ogé mikacinta jalma nu mikacinta Anjeun Gusti, sareng mugia tiasa midamel amalan nu tiasa ngadugikeun ka jisim abdi pikeun mikacinta Anjeun Gusti. Ya Alloh jantenkeun kacintaan abdi ka Anjeun Gusti ngalangkungan kacintaan abdi ka diri abdi pribadi, ka kulawarga jisim abdi (bojo sareng para putra jisim abdi) ogé kana cai nu tiis (dina nalika kaayaan hanaang di sagara keusik)”.
Dina Al-Qur’an ogé seueur ayat nu nyabit-nyabit sejarah kahirupanna Kanjeng Nabi Dawud as. diantawisna dina surat Shad ayat 26:
يَا دَاوُدَ إِنَّا جَعَلْنَاكَ خَلِيْفَةَ فِى اْلأَرْضِ فَاحْكُمْ بَيْنَ النَّاسِ بِاْلحَقِّ...(ص: ٢٦)
“Yeuh .... Dawud ! saéstuna kami ngajadikeun manéh kholifah di bumi ! nya prak geura méré putusan di antara manusa kalawan bener...”(Q.S. Shod: 26)
Ogé dina ayat 10 Qur’an Surat Saba’:
وَلَقَدْ آتَيْنَا دَاوُودَ مِنَّا فَضْلاً يَا جِبَالُ أَوِّبِي مَعَهُ وَالطَّيْرَ وَأَلَنَّا لَهُ الْحَدِيدَ (سباء: ١٠)
“Jeung saéstuna Kami geus maparin kurnia ka Dawud ti Kami:: ‘Yeuh gunung-gunung jeung manuk-manuk, pindo deui pujian téh bareng jeung manéhna, jeung Kami geus ngaleuleuskeunnn beusi pikeun manéhna (Dawud)”. (Q.S. Saba’:10).
Sareng dina Qur’an Surat Al-Isra’ ayat 55:
....وَآتَيْنَا دَاوُودَ زَبُوراً (ألإسراء: ٥٥)
“Jeung Kami geus maparin ka Dawud (kitab) Zabur” (Q.S. Al-Isra’:55).
Katerangan nu munggaran diluhur, mangrupakeun sajarah kahirupan Kanjeng Nabi Dawud as. nu kacutat dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh swt. Ogé dina Hadits Dawuhan Nabi saw.
Salajengna urang ngabahas Hadits Qudsy di luhur nu eusina mangrupakeun wahyu Alloh swt. nu didugikeun ka Kanjeng Nabi Dawud as. ngalangkungan malaikat Jibril as. ngeunaan gambaran dunya nu pinuh ku hawa nafsu syahwat nu kacida hinana, sareng kanikmatan nu kacida nipuna. Kukituna kacida hinana nu nyalahgunakeun dunya atawa nyimpang tina garis nu geus ditangtukeun ku Alloh swt. Sahingga digambarkeun dina éta Hadits Qudsy, yén dunya téh ibarat bangké nu diriung ku anjing-anjing nu satuluyna éta bangké téh di séséréd kaditu-kadieu.
Kanjeng Nabi Dawud as. dipaparin paréntah ku Alloh swt. Supaya teu midamel kalakuan saperti nu digambarkeun dina hadits Qudsy éta, nyaéta lir ibarat anjing nu ngariung bangké bari nyényéréd éta bangké kaditu-kadieu. Nya bangké téh gambaran dunya nu serba nipu. Dunya nu samodél kitu nu salilana ngaganggu, ngagoda, bari ngadorong pikeun kumawasa bari dina pamustunganana teu ngahasilkeun buah sareng hasil nu nyugemakéun. Sabab salalawasna ngadorong pikeun ngalakukeun kama’shiyatan, sareng kaleuleuwihi dina ngumpulkeunana.
Ngeunaan dunya samodél kitu digambarkeun dina Al-Qur’an Surat Yunus ayat 24:
إِنَّمَا مَثَلُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا كَمَاء أَنزَلْنَاهُ مِنَ السَّمَاءِ فَاخْتَلَطَ بِهِ نَبَاتُ الأَرْضِ مِمَّا يَأْكُلُ النَّاسُ وَالأَنْعَامُ حَتَّىَ إِ ذَا أَخَذَتِ الأَرْضُ زُخْرُفَهَا وَازَّيَّنَتْ وَظَنَّ أَهْلُهَا أَنَّهُمْ قَادِرُونَ عَلَيْهَا أَتَاهَا أَمْرُنَا لَيْلاً أَوْ نَهَاراً فَجَعَلْنَاهَا حَصِيداً كَأَن لَّمْ تَغْنَ بِالأَمْسِ كَذَلِكَ نُفَصِّلُ الآيَاتِ لِقَوْمٍ يَتَفَكَّرُونَ (يونس: ٢٤)
“Saéstuna taya lian misil (perumpamaan/gambaran) kahirupan dunya téh lir ibarat cai (hujan) anu ku Kami diturunkeun ti langit, tuluy éta cai téh pacampur jeung tutuwuhan bumi ti antara barang anu sok didahar ku manusa jeung sasatoan, nepi ka upama bumi nembongkeun kaéndahan jeung sinangling ku papaésna, sarta disangka ku nu marelakna maranéhna rék mupu hasilna, ujug-ujug tumiba ka dinya hukuman Kami ti peuting atawa ti beurang, tuluy ku Kami (éta tutuwuhan) téh diludeskeun béak sapisan, nepi ka lir anu can kungsi aya tutuwuhan ti kamarina. Nya kitu Kami ngawincik ayat-ayat pikeun kaom anu malikir” (Q.S. Yunus: 24)
Jadi jelas, ayat nu munggaran maparin gambaran yén dunya katut eusina ukur samentara, subur numatak uruy tapi nalika geus nepi kana bates waktu nu geus ditangtukeun ku Alloh swt. maka dunya ieu bakal sirna ilang, rusak ku sifatna anu fana (kakeunaan ku rusak) hamo langgeng abadi.
Kukituna dina Hadits Qudsy di luhur Alloh maparin pituduh sareng jalan kaluar pikeun salamet dina tipu-dayana dunya, ku cara ngahias diri ku akhlak nu pinuji. Anapon diantawis akhlak pinuji téh nyaéta:
Nu kahiji, Hadé dina nyarita, hartina dina nyarita kudu méré manfaat ka sasama, ogé ku caritaan éta téh bisa ngahudang rasa pikeun silih pikaasih, silih pikanyaah, silih tutupan kana kakurangan masing-masing, henteu kasar garihal, sombong, ujub, jeung riya. Salilana ngucapkeun kalimat nu hadé kaasup ngalobakeun ngucapkeun kalimat toyyibah (tauhid/Laa Ilaaha Illalloh).
Kalimat tauhid téh lir ibarat hiji tangkal nu kacida suburna, akarna nanceb pageuh dina bumi sedengkeun dahanna ngajul nepi ka luhur langit, tur buahna subur satiap datangna usum (Q.S. Yunus ayat 24-25). Salian ti éta kaasup kalimat toyyibah téh nyaéta ngajak ka sasama pikeun ngalakukeun kahadéan, ngajak nyinglar laku lampah kamunkaran. Rosululloh saw. Ku anjeun ngadawuh ku dawuhanna:
إِتَّقُواالنَّارَ وَلَوْ بِشِقِّ تَمْرَةٍ فَمَنْ لَمْ يَجِدْ فَبِكلَِمَةٍ طَيِّبَةٍ (رواه أحمد)
“Jaga diri anjeun tina seuneu naraka, najan ku sakeureut korma. Lamun sakeureut korma éta teu boga, maka prak nyarita nu hadé (ku kalimat Toyibah).”(H.R. Ahmad).
Ogé dina hiji mangsa Kanjeng Nabi saw. Ditaros ku salah saurang shahabat: ”Carioskeun ka abdi ya Rosulullah hiji hal nu mastikeun abdi lebet kana sawarga !” Rosulullah s.a.w.
ngawaler ku Dawuhanana: ”Perkara nu mastikeun bakal ngasupkeun ka sawarga téh, nyaéta: 1) méré dahareun, 2) nyebarkeun salam jeung 3) nyarita nu hadé”. (Al-Hadits). Miturut riwayat nu lian: ”1) méré dahareun, 2) nyebarkeun salam, 3) nyarita nu hadé, jeung 4) ngalakonan sholat peuting nalika jalma-jalma keur talibra saré. Mun nu opat perkara ieu dilakukeun, tanwandé anjeun bakal asup ka sawarga kalayan salamet”.
Nu kadua, sederhana dina maké perhiasan/pakéan, teu perlu pakéan nu mahal hargana, sabab bakal nimbulkeun rasa riya, hayang ditingali éndah ku batur. Jeung sajaba éta
Dina hal ieu Ibnu Umar r.a. pernah ditanya ku hiji jalma: ”Anggéan nu mana nu hadé sareng anggéan naon nu pantes dianggéna ?” Anjeunna ngawaler: ”Nyaéta pakéan nu sakirana teu dihina ku jalma nu budi parangina goréng jeung teu dihina ku jalma nu budi parangina hadé”. Tuluy jalma éta nanya deui:”Janten nu kumaha atuh?” Anjeunna ngawaler deui:”nu sedeng baé, mahal teuing henteu murah teuing ogé henteu”.
Dina riwayat sanés kantos Rosululloh saw. Di taros ku shahabat Tsauban r.a.:”Ya Rosululloh naon nu disebat cekap dina kahirupan di dunya ieu pikeun jisim abdi ?’ Rosulullah saw. Ngawaler: ”Nyaéta Hiji perkara nu bisa matak waregna beuteung anjeun, nu bisa nutupan aurat, mibanda imah tempat geusan ngiuhan tina usum panas jeung tiris, ogé mibanda tutumpakan éta kaasup hadé/cukup dina kahirupan dunya”.
Nu katilu, henteu nyalahgunakeun kahirupan dunya, sahingga teu nyimpang tina garis nu geus ditetepkeun ku Alloh swt. Préstasi, kamasyhuran nu geus dipibanda hamo sarua reujeung pahala nu bakal katarima di akhérat jaga, bisa baé di dunya masyhur, punjul dina préstasi, tapi di akhérat hinana luar biasa. Lain pahala nu aya tapi bahla nu tumiba, Na’udzu billahimin dzalik. Lamun éta kamasyhuran, préstasi, reujeung kaunggulan dina kahirupan téh disalahgunakeun teu luyu reujeung nu maparin éta sakabéh nyatana Alloh swt.
Ku kituna kacida bagjana jalma-jalma nu mibanda kasuksésan, kamasyhuran, ogé pinujul dina préstasi boh di dunya ogé di akhérat. Ku jalan ngalaksankeun tilu anjuran paréntah nu ngalangkungan wahyu nu didugikeun ka Kanjeng Nabi Dawud as di luhur. Mugia urang sadayana kalebet kana golongan jalma-jalma nu suksés di dunya ogé suksés di akhérat. Amin ya Alloh ya Robbal’Alamin. Wallohu A’lam Bish-Showaab.

Tidak ada komentar: