Sabtu, 24 Oktober 2009

Makna Hakékat Sholat

يَأْتِى عَلىَ النَّاسِ زَمَنٌ يُصَلُّوْنَ وَلا َ يُصَلُّوْنَ (رَوَهُ أَحْمَدُ)
“Bakal datang hiji mangsa ka manusa, dimana maranéhna ngalaksanakeun sholat, tapi hakékatna maranéhna henteu sholat” (H.R. Ahmad)
Hadits di luhur, ngaisyaratkeun ka urang sadayana, yén bakal datang hiji mangsa ka manusa, loba nu sholat tapi sholatna teu ngabuahkeun hasil. Hartina, sholatnamah dilaksanakeun, ngan saba’da sholat teu aya pangaruh dina kahirupanana. Kabuktian, mun seug urang pirajeuneun niténan, boh niténan diri pribadi khususna, umumna ka nu lian, geuningan sering aya jalma (kaasup urang), sholatna rajin tapi akhlak ka sasama teu hadé. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi ngabohong, nipu, nganiaya, silih fitnah, teu akur jeung dulur, ogé teu hadé jeung tatangga jadi pakasaban. Sholatnamah dilaksanakeun, tapi dina kahirupanana jauh tina tetekon kahirupan nu geus dicontokeun ku Rosululloh Muhammad . Tegesna, pangaruh sholatna teu napak kana kahirupan. Malah nu leuwih parahmah, aya sawatara jalma nu ngaku islam, nu ngaku iman, kana Sholat téh nganggap bangbaluh lain pangabutuh, sholat dianggap pangbeubeurat, lain kawajiban nu tumuwuh tina kasadaran nu kuat, pikeun tumuwuhna rasa ta’at. Ku hal sakitu, loba diantara dulur urang malah teu nutup kamungkinan kaasup urang, kana sholat téh haroréam, ngalalaworakeun, malah wani ninggalkeun.
Padahal, mun seug urang neuleuman kana makna hakékat sholat, maka urang béh dieuna bakal kabita edia ngasaan amisna sholat, atuh béh dituna urang bakal embung leupas tina kanikmatan amisna sholat. Ngan terkadang urangmah jiga budak leutik, nu teu resep kana nginum obat, karék daék nginum obatna téh nalika dipaksa baé. Padahal, lamun budak apal yén obat téh bakal nyageurkeun panyakit tur loba manfaatna. Maka, pasti budak bakal resep kana éta obat. Tah, diaku jeung teu diaku, rumasa jeung teu rumasa, umumna anggapan jalma (kaasup urang), kitu kana sholat téh, da teu apal téa kana nikmatna jeung amisna sholat. Maka, kana sholat téh resep teu resep, mun dina ngalaksanakeunana ogé mung ukur bébas kana kawajiban wungkul, ulah henteu teuing. Nu antukna, sholat téh teu aya buahna, teu karasa amisna. Nganggap sholat ukur kawajiban, lain pangabutuh dina raraga ngajadikeun sholat téh hiji jalan/ edia Muwajahah (patepung)-na hiji hamba jeung Alloh 
Ari makna sholat miturut bahasa, mibanda harti ngad’oa. Sedengkeun Miturut istilah syar’i-mah, nyaéta salah sahiji tingkah ibadah nu dimimitian ku Takbir dipungkas ku Salam’, kitu miturut para Ulama Fiqih. Sedengkeun ari makna hakékat Sholat, nyaéta hiji tingkah ibadah jasmani (jasad) sareng ruhani (jiwa) hiji makhluk (hamba) nu mangrupakeun hiji média atawa jalan pikeun patepung (Muwajahah) ogé Munajat ka Kholik-na nyaéta Alloh , nu langsung tanpa cukang lantaran. Malihan saur Kanjeng Nabi , dina dawuhana-Na: “Sholat téh mangrupakeun mi’roj-na jalma nu iman (أَلصَّلَاةُ مِعْرَجُ الْمُؤْمِنِيْن ).
Ari mi’raj téh, urang tos pada uninga, nyaéta hiji kajadian nu ahéng nu mangrupakeun lalampahan Kanjeng Nabi  ti wengi, ti langit dunya nepi ka Sidrotul Muntaha. Nu hal ieu téh minangka pangalaman spritual Rosululloh  nu luhung ajénna. Sabab, teu sadaya para Nabi sareng para Rosul kénging anugerah samodél kieu ti Alloh . Nyaéta patepung (Muwajahah)-na Rosululloh  sareng Alloh , nu akhirna nampi hiji paréntah kawajiban, nyaéta sholat lima waktu dina sapoé sapeuting. Tah dina kajadian ieu Rosululloh  kacida caketna sareng Alloh , malihan sapalih katerangan nyebutkeun, yén Rosululloh  téh papayun-payun ngobrol sareng Alloh  nu disimbolkeun ku ‘sidrotul muntaha’, nyaéta hiji tatangkalan nu dilimpudan ku cahaya nu kacida caangna, sahingga teu sambarang jalma bisa ningal anging kalayan izin Alloh . Dumasar kana hal éta, maka sholat téh bisa disebut jalan atawa média mi’roj (naék)-na hiji ruhani (jiwa) hamba pikeun patepung sareng Alloh .
Dina hal ieu pisan, sapalih Ulama ngajelaskeun, mun sholat urang hayang jadi Mi’roj. Maka, saba’dana urang nyampurnakeun susuci (wudhu), kalayan diniatan seja nyucikeun lahiriyah tina sagala kokotor, najis jeung sajabana nu némpél dina anggota badan urang kalayan sampurna, tur nyumponan syarat sareng rukunna kalayan Lillaahi Ta’ala. Nu satuluyna urang ngamimitian nyucikeun bathiniyah ku niat nu murni ikhlash karana Alloh , kalayan ngahadirkeun haté urang, seja sholat, seja patepung (muwajahah) sareng Alloh . Sabab, ku ngahadirkeun haté nu ikhlash karana Alloh , bakal jadi konci ka bukana panto hijab (hahalang) antara hiji hamba jeung Alloh .
Miturut sapalih katerangan disebutkeun, yén dina diri manusa téh aya hiji tempat nu mangrupakeun konci léngkahna manusa, nya haté (qolbu) téa. Haté téh bisa diisian ku dua rupa sifat, nyaéta sifat lahut (rasa ka-ilahi-an) jeung sifat nasut (rasa ka-manusa-an).
Ari sifat ‘Lahut’ asal tina kecap ‘Ilah’ hartina ‘Pangéran’, maka arti ‘Lahut,’ nyaéta ‘ka-pangéran-an/ka-ilahi-an’. Nu mawa ka manusa pikeun ngalakukeun hal-hal kahadéan, ngajak sadar jeung numuwuhkeun rasa karumasaan diri..
Sedengkeun sifat ‘Nasut’ asal tina kecap ‘Nas’ hartina ‘manusa’. Naon sabab manusa disebut ‘nas’, sabab manusa mibanda sifat ‘nisyan’ (poho). Tah terkadang Sifat Nasut ieu, nu sering mawa manusa pikeun ngagugu kana hawa nafsu, milampah hal-hal nu gaflah jeung salah, mawa kana watek ma’siyat. Nu tungtungna mawa rugi ka diri, cilaka kana jiwa raga, patepung jeung bebendon Alloh .
Tah, mun manusa bisa ngéléhkeun sifat nasut (rasa ka-manusa-an) ku sifat lahut (rasa ka-ilahi-an), maka Alloh  bakal bétah cicing dina haté manusa. Maksud bétah cicing didieu, lain hartina Alloh butuh tempat, mustahil Alloh butuh tempat. Tapi, nu dimaksud bétah cicing didieu téh, nyaéta mun seug manusa geus bisa ngaleungitkeun rasa angkuhna salaku manusa, rasa umaku mibanda sagala nu aya di diri manéhna, jeung rasa-rasa kamanusaan séjénna, maka bakal ngawujud hiji tangtungan manusa nu salilana ngajadikeun anggota badanna pikeun ngalaksanakeun kata’atan ka Alloh. Tegesna, sifat Ka-ilahian-an sumurup miraga sukma, ngahiji dina jiwa katut ragana. Lamun nyarita, tara nyarita nu carékeun Allloh, lamun ngaléngkah, léngkah nu dipikaridho ku Alloh , i’tikadna nu dipikaridho Alloh , mun ngagunakeun paningal geus pasti ningali sagala nu dipikaridho ku Alloh . Tegesna, taya hiji anggauta badan ogé nu tinggaleun, anging pikeun ngalaksanakeun perkara nu di pikaridho ku Alloh .
Tah, nalika urang sholat, salian ti nyumponan syarat sareng rukunna téh, urang diperedih, pikeun ngeusian haté urang ku sifat ‘lahut’ (rasa kailahian), sifat nu salilana pasrah sadrah bari sumerah, mulangkeun jiwa sareng raga kanu hakna nyatana Alloh  إِنَّا للهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ (saéstuna abdi sadaya milik Alloh, tur saéstuna ka manten-Na abdi sadaya mulang). لَاحَوْلَ وَلَا قُوّةَ إِلَّابِالله الْعَلِيِّ الْعَظِيْم.
Tuluy tancebkeun rasa ‘Ihsan’. Hartina, nancebkeun rasa yén urang téh ningali Alloh . Di hareupeun urang, urang téh keur ngadeuheus ka payuneun manten-Na, ngauningakeun kalemahan urang, kahinaan urang, ka teueucreugan urang, kalalaworaan urang kana sagala paréntah-Na, kamantangulan urang ka Manten-Na, ka teuwalakayaan urang, kafaqiran urang, jeung kamiskinan urang. Mun teu bisa kitu, tancebkeun dina rasa, yén urang téh keur ditalingakeun ku Alloh , yén salalawasna urang hamo bisa leupas tina kakawasaan Alloh . Jiwa, raga, ucapan, patékadan jeung lampah, kabéh ogé aya dina panalingaan Alloh . Ti mimiti kerenteging manah nepikeun ka prakna milampah Alloh  uninga. Tur salalawasna dua malaikat Alloh  marengan urang, nyatet, nga-dokuméntasi-keun sagala nu ku urang dipilampah boh nu hadé kitu kénéh nu goréng.
Sanggeus kitu, sifat ‘nasut’ (rasa kamanusaan) urang, urang écagkeun heula tumuwuhkeun rasa karumasaan diri, yén diri téh lemah, taya tangan pangawasa, taya daya sareng upaya, kabéh nu dipibanda taya hak pikeun miboga sadayana milik Alloh . Rasa angkuh, takabur éta sadayana hak milik Alloh teu pantes dipibanda ku urang salaku makhluk (nu diciptakeun). Urang kudu bisa ngaleupaskeun sagala rereged kadunyaan nu matak mawa cilaka diri, nu matak lali kana temah wadi ogé kana purwadaksi. Urang écagkeun heula samentara urang keur sholatmah, supaya sholat urang kaasup sholat nu manjing kana hakékat tur urang bisa Mi’roj pikeun Munajat bari Muwajahah (patepung) sareng Alloh , kalayan jiwa sareng raga nu suci beresih tina sagala rereged kamanusaan urang.
Ngan nu jadi pasualan, henteu bisa kitu baé urang ngalaksanakeun sakumaha nu diuningakeun di luhur, tapi insyaalloh saupamina ku sering ngayakeun Riyadhoh (latihan)-mah kalayan tuluy-tuluy, maka naon nu diuningakeun di luhur bisa dilaksanakeun. Mangga urang sami-sami latihan, bari ngado’a ka Alloh mugia dipaparin rasa istiqomah dina ngalaksanakeunana.
Kajaba ti éta, sholat ogé jadi ciri nu mandiri nu ngajadikeun bédana antara jalma Iman jeung jalma kafir. Sholat ogé minangka tihangna agama, tur amal nu paling awal ditanyakeun ku Alloh  ka manusa jaga di yaumil jaza’, sakumaha Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad  dina Hadits-na nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad, Abi Daud, jeung Ibn Majah nu sumberna ieu Hadits téh ti Tamim Ad-Dary .:
“Amal nu mimiti ditanya ku Alloh ka hiji hamba dina poé kiamat jaga, nyaéta amalan sholat. Mun seug sholatna si éta hamba ditarima, maka bakal ditarima sakabéh amalna, jeung (sabalikna) mun seug sholatna si éta hamba ditolak, maka bakal di tolak sakabéh amalna” .
Palebah dieu jelas, yén sholat téh minangka ukuran tina sakabéh amaliyahna manusa nu ngaku iman jeung nu ngaku Islam. Tegesna, mun sholatna geus hadé tur sampurna, manjing kana ditarimana ku Alloh , maka bakal ngawujud hiji pribadi nu unggul, hiji insan nu sampurna (insanul-kamil), mibanda akhlak nu mulia, tur dina kahirupanana pinuh ku katingtriman batin, henteu guligah, henteu sarakah, pinuh ku rasa amanah jeung mahabbah jauh tina ma’shiyat, anggang tina laku lampah gaflah jeung salah, ogé salalawasna kata’atan natrat, ngagurat, dina ucapan, i’tikad, lampah jeung paripolah.
Sabalikna, mun sholatna teu hadé, maka sholatna teu aya pangaruh kana kahirupanana. Laku lampah maksiyat tetep dipilampah, lalawora kana amanah, ka batur nyacampah, ka dulur teu akur, ka tatangga jeung sasama nganiaya, ngabohong, nipu, jeung sajabana. Mun geus kitu, maka manjing kana Dawuhan Alloh  dina surat Al-Ma’un ayat 4-6, nu lebah dieu pisan, urang kudu boga rasa kahariwang, rasa watir, rasa kasieun, boa-boa urang téh kaasup kana ukuran jalma nu sholat tapi cilaka, Na’udzu Billahi Min Dzalik:
فَوَيْلٌ لِّلْمُصَلِّينَ, الَّذِينَ هُمْ عَن صَلَاتِهِمْ سَاهُونَ, الَّذِينَ هُمْ يُرَاؤُونَ (ألماعون:4-5)
“Maka cilaka pikeun jalma nu sok Sholat, nyaéta jalma-jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, nya jalma-jalma nu riya (hayang kapuji)”.
Ayat di luhur, ngajelaskeun cilaka jalma nu sholat. Lain jalma nu teu sholat, tapi didieu jelas, yén jalma nu sholat bakal cilaka (komo nu teu sholat).
Nu kumaha jalma nu sholat, tapi cilaka téh ?.
Nyaéta jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna, yakni jalma nu sholatna teu didadasaran niat karana Alloh ., niat sholatna tos ngagiclek, ngagésér tina karana Alloh , kana hayang dipuji atawa pupujieun ku nu lian, nya sifat riya’ téa ngaranna. Salian éta, nya kaasup ogé jalma nu sholat lalawora téh, nyaéta jalma nu sholatna teu sadar, yén dirina téh keur ngadeuheus ka Alloh , sahingga pikiranana jeung haténa kumalayang liar, disibukkeun ku haliyah dunya nu ditinggalkeun saméméh sholat, teu aya saeutik ogé perasaan yén dirina téh keur ngadeuheus ka Alloh . Tah, nu kieu nu disebut jasmanina sholat, tapi jiwa jeung bathinna teu sholat. Tegesna, jalma nu sholat tapi hakékatna manéhna teu sholat, nya katelah سَاهُونَ [saahuun]. Tegesna, jalma nu mopohokeun tur ngalalaworakeun sholatna.
Mudah-mudahan urang sadayana kalebet jalmi nu sholat tapi teu cilaka, sholat nu bisa mi’roj, sholat nu ditampi ku Alloh , ogé sholat nu mawa parobahan ka diri pribadi dina raraga ibadah ka Alloh . Amin.
Wallohu A’lam Bish-Showaab

Tidak ada komentar: