Sabtu, 24 Oktober 2009
Washiyat Kanjeng Nabi saw. Ka Ibnu ‘Abbas ra.
عَنْ أَبِي اْلعَبَّاسِ عَبْدِاللهِ بْنِ عَبَّاسٍ قَالَ كُنْتُ خَلْفَ النَّبِيِّ يَوْماً فَقَالَ " يَا غُلاَمُ , إِنِّيْ أُعَلِّمُكَ كَلِمَاتٍ : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ , اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ , إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِاللهِ , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ , وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ , رُفِعَتُ اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ " رَوَاهُ التِّرْمِذِيُّ وَقَالَ : حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ وَفِيْ رِوَايَةِ غَيْرِ التِّرْمِذِيِّ : اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ أَمَامَكَ , تَعَرَّفْ إِلَى اللهِ فِي الرَّخَاءِ يَعْرِفْكَ فِي الشِّدَّةِ , وَاعْلَمْ أَنَّ مَا أَخْطَأَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُصِيْبَكَ وَمَا أَصَابَكَ لَمْ يَكُنْ لِيُخْطِئَكَ , وَاعْلَمْ أَنَّ النَّصْرَ مَعَ الصَّبْرِ , وَأَنَّ الْفَرْجَ مَعَ اْلكَرْبِ , وَأَنَّ مَعَ اْلعُسْرِ يُسْراً
“Ti Abil-Abbas, ‘Abdillah bin Abbas, Anjeunna nyarios: “Dina hiji mangsa kami aya di sapengkereun Kanjeng Nabi , Anjeunna Ngadawuh: "Yeuh anaking !, Kami rék ngajarkeun ka anjeun sababaraha kalimah: ‘Raksa ku anjeun Alloh, maka Alloh bakal ngaraksa anjeun. Raksa ku anjeun Alloh, maka anjeun bakal manggihan Alloh dihareupeun anjeun. Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh. Mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh’. ’ Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Ogé sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing’." (HR. Tirmidzi, anjeunna tos nyarios: Hadits ieu téh hasan tur shohéh).[Dina rédaksi lain salian ti riwayat Imam Tirmidzy: “Raksa ku anjeun Alloh, maka, pasti anjeun bakal manggihan Alloh di hareupeun anjeun, inget-inget ku anjeun Alloh di waktu anjeun keur bungah, pasti Alloh bakal inget ka anjeun dina waktu kaayaan anjeun keur susah. Kanyahokeun ku anjeun ! yén naon-naon nu teu ditetepkeun (ku Alloh) pikeun anjeun, maka hamo aya katetepan keur anjeun. Jeung naon-naon nu geus ditetepkeun (ku Alloh) ka anjeun, maka anjeun hamo bisa ngahindar tina katetepan éta. Jeung kanyahokeun ku anjeun ! satemenna dina kaunggulan dibarengan ku kasabaran, jeung saéstuna dina karerepet aya jalan kaluar, ogé dina kasulitan aya kagampangan”] [Tirmidzi no. 2516]
Hadits di luhur téh salian diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy, diriwayatkeun ogé ku Imam Ahmad (I/ 293,303), ku Imam Ath-Thabrany dina kitabna Al-Awsath (V/316), ogé dina Al-Kabir (XI/178) jeung ku Imam Al-Hakim (III/623 & 624), bisa ogé ditingal dina Kitab Shohihul-Jami’ (7957). Sedengkeun riwayat nu kadua dicandak ku Abdulloh Humaid dina Musnad-na no. 636.
Ibnu Abbas téh putra Abbas bin abdul mutholib bin Hisyam, paman Rosululloh . Ti alit kénéh anjeunna sasarengan sareng Rosululloh . Nalika Rosululloh pupus anjeunna teuacan manjing déwasa. Anjeunna kantos dido’akeun ku Kanjeng Nabi Muhammad , kalayan do’a-na: "Ya Alloh, paparin ka manéhna kapahaman kana élmu Agama nu kuat jeung ajarkeun ka manéhna ngeunaan ta'wil (nafsirkeun Al-Qur’an)". Anjeunna ogé kantos dua kali dido’akeun ku Rosululloh supaya dipaparinan Hikmah, sakumaha anjeunna (Ibnu Abbas .) nyarios dina hiji riwayat: “Rosululloh . Pernah ngado’akeun kami nepi ka dua kali supaya kami dipaparinan hikmah”. (H.R. At-Tirmidzy [3823] anjeunna nyarios: Hadits ieu téh kalebet Hasan Ghorib). Ngeunaan riwayat kahirupan ‘Abdullah bin ‘Abbas atanapi Ibnu Abbas , tos seueur nu ngariwayatkeun. Malihan aya hiji riwayat nu nyarioskeun, yén anjeunna kantos dua kali ningali Malaikat Jibril as. Nalika maparin wahyu ka Kanjeng Nabi . Imam Ibnu Ad-Daqiq Al-‘Id r.a. nyarios: ‘Anjeunna (Ibnu Abbas .) téh minangka lautan tinta élmuna umat kiwari”. Ibnu Abbas kalebet shohabat ogé ulama nu masagi ku pangarti nu beunghar ku pangabisa, sareng jembar ku panalar. Sahingga Rosululloh nganggap payus mun Ibnu Abbas alit nampi washiyat Anjeunna. Anapon washiyatna Kanjeng Nabi téh sakumaha nu kaunggel dina hadits di luhur, sanaos ieu washiyat dikhususkeun ka Ibnu Abbas , tapi umumnamah keuna ka urang sadayana.
Nu Kahiji, Kanjeng Nabi maparin washiyat ka Ibnu Abbas téh ku kalimat: اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh bakal ngaraksa anjeun). Hartina, urang téh diperedih sangkan taat ka Alloh kalayan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na.
Imam An-Nawawi r.a. ngauningakeun ngeunaan maksud kalimat اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ ( Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh bakal ngaraksa anjeun), maksudna nyaéta, jaga bari jeung prak pigawé sagala paréntah-paréntah Alloh , jeung jauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, maka pasti Alloh bakal ngajaga kahirupan urang boh di dunya ogé di akhérat. Sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat An-Nahl Ayat 97:
مَنْ عَمِلَ صَالِحاً مِّن ذَكَرٍ أَوْ أُنثَى وَهُوَ مُؤْمِنٌ فَلَنُحْيِيَنَّهُ حَيَاةً طَيِّبَةً وَلَنَجْزِيَنَّهُمْ أَجْرَهُم بِأَحْسَنِ مَا كَانُواْ يَعْمَلُونَ (ألنحل:97)
”Sing saha jalmana nu milampah amal sholéh ti kaum lalaki atawa awéwé, bari maranéhna dina kaayaan ariman (ka Kami), maka Kami bakal maparin kahirupan nu hadé ka maranéhna”. (An-Nahl : 97)
Sagala musibah nu karandapan ku manusa, satemenna nu jadi sabab utamanamah, nyaéta ku lampah manusa sorangan ku akibat ninggalkeun sagala paréntah Alloh . Teu ngajaga hak-hak Alloh . Sakumaha nu kacutat dina Al-Qur’an Surat Asy-Syura ayat 30:
وَمَا أَصَابَكُم مِّن مُّصِيبَةٍ فَبِمَا كَسَبَتْ أَيْدِيكُمْ وَيَعْفُو عَن كَثِيرٍ (ألشورى:30)
”Musibah naon baé nu karandapan ku maranéh, maka hal éta téh dilantarankeun ku pamolah leungeun-leungeun maranéh.” (Asy-Syura: 30).
Naon nu diuningakeun Imam An-Nawawi r.a.di luhur, luyu reujeung pamadegan Syekh Al-’Utsaimin r.a., nu ngajelaskeun, yén maksud kalimat Hadits : اِحْفَظِ اللهَ يَحْفَظْكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka Alloh bakal ngaraksa anjeun) téh, nyaéta ngajaga syareat Alloh ku cara ngalaksanakeun sagala paréntah Alloh jeung ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na. Mun seug urang geus kitu, maka Alloh bakal ngajaga urang boh dina masalah agama Alloh bakal maparin kakuatan ka urang dina ngagemna, kulawarga, harta ogé jiwa urang. Sabab, Alloh bakal ngabales ka jalma-jalma nu salawasna ngajaga hak-hak Alloh kalayan milampah amal sholéh.
Lebah dieu pisan, urang diperedih supaya ngajaga, ngariksa kana hak-hak Alloh , ku jalan ngalaksanakeun sagala paréntah-Na ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na, malah mandar urang meunang pangjaga, pangriksa ti Alloh .
Nu Kadua, اِحْفَظِ اللهَ تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (Raksa ku anjeun Alloh , maka anjeun bakal manggihan Alloh dihareupeun anjeun). Kalimat ”Jaga ku anjeun Alloh ” éta tos dijelaskeun di luhur, sedengkeun maksud kalimat: تَجِدْهُ تُجَاهَكَ (maka anjeun bakal manggihan Alloh dihareupeun anjeun) nyaéta, Alloh bakal maparin jalan kagampangan ka urang dina raraga urang ngedeukeutkeun diri ka Manten-Na, sabab Alloh nyalira ku anjeun bakal ngadeukeutan ka urang. Imam Ad-Daqiq Al-’id r.a. ngajelaskeun, yén urang téh kudu milampah amal sholéh ulah nepi ka Alloh manggihan urang nyulayaan Manten-Na. Mun seug urang geus bisa kitu, maka Alloh bakal maparin kagampangan ka urang nalika tepung jeung kasulitan.
Sakumaha nu karandapan ku tilu urang nu kapahung ku hujan, tuluy maranéhna ngiuhan asup ka hiji guha. Nu akhirna tiluanana ka sengker dijero guha éta ku sabab aya batu nu rugrug nutupan lawang guha. Tuluy salah saurang diantara nu tiluan nyarita méré usulan: “Inget-inget ku anjeun kana amal sholéh nu geus ku anjeun dipigawé, tuluy urang nyuhunkeun ka Alloh ku lantaran amal sholéh éta, mugia manten-Na maparin kasalamétan ka urang tiluan, dipalar Alloh ngabuka éta batu nu nutupan lawang kaluar ti ieu guha”. Sanggeus kitu, maranéhna nginget-nginget kana amal sholéh nu geus dipilampah, tuluy ngado’a ka Alloh bari dina ngado’ana maranéhna nyebut - nyebut éta amal sholéh ka payuneun Alloh dipalar ka bukana éta batu nu nutupan lawang guha. Teu sawatara lila, maka batu nu nutupan lawang guha téh dadak sakala muka kalayan izin Alloh , sahingga tilu urang nu ka sengker di jero guha tadi téh salamet bari bisa kaluar. Carita ieu téh kaunggel dina hadits nu diriwayatkeun ku Imam Bukhory (2215,2333) sareng Imam Muslim.
Nu Katilu, إِذَا سَأَلْتَ فَاسْأَلَ اللهَ وَإِذَا اسْتَعَنْتَ فَاسْتَعِنْ بِالله (Lamun seug anjeun aya pangabutuh, maka prak geura ménta ka Alloh . Jeung mun seug anjeun ménta tulung, maka prak geura ménta tulung ka Alloh ’.) Maksudna, nyaéta dimana urang boga pangabutuh, maka prak ménta ka Alloh . Ulah ménta ka salian Alloh . Sok sanajan pangabutuh urang kacumponan ku sasama nalika urang minangsaraya, hakékatna éta kabéh ti Alloh , ngan nu jadi wasilah/cukang lantarana makhluk. Kitu kénéh nalika urang butuh pitulung nalika urang hayang kacumponan pangabutuh urang, ogé nalika urang keuna ku karerepet, kasumpek kasusah reujueng kasulitan hirup, maka prak geura ménta tulung ka Alloh . Sabab ukur pitulung Alloh nu mampuh ngaleungitkeun sagala kasusah reujeung kasulitan nu karandapan ku urang. Sakumaha ikrar urang nalika urang maca Al-Qur’an Surat Al-Fatihah dina ayat nu ka-5:
إِيَّاكَ نَعْبُدُ وإِيَّاكَ نَسْتَعِينُ(ألفاتحة:5)
”Wungkul ka anjeun Gusti abdi ibadah, sareng wungkul ka anjeun Gusti abdi nyuhunkeun pitulung” (Al-Fatihah:5).
Jadi, sagala urusan, pasualan, kariripuh, kasusah reujeung kasulitan ogé miharep kabagjaan jeung sajabana, jalan nu hadé nu kudu dipilampah taya kajaba iwal ti kudu muntang tulung ka Alloh wungkul.
Nu Kaopat, , وَاعْلَمْ أَنَّ اْلأُمَّةَ لَوِ اجْتَمَعَتْ عَلىَ أَنْ يَنْفَعُوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَنْفَعُوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ لَكَ وَإِنِ اجْتَمَعُوْا عَلَى أَنْ يَضُرُّوْكَ بِشَيْءٍ لَمْ يَضُرُّوْكَ إِلاَّ بِشَيْءٍ قَدْ كَتَبَهُ اللهُ عَلَيْكَ (Kanyahokeun ku anjeun !, sakirana sakabéh umat ngumpul pikeun méré ka anjeun hiji kauntungan, maka hal éta hamo bisa dilakukeun salian tina naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun. Jeung sakirana maranéhna ngarumpul pikeun ngalakukeun kajahatan ka anjeun, maka hamo bisa dilakukeun iwal ti naon-naon nu geus ku Alloh ditetepkeun pikeun anjeun.) Maksudna, nyaéta mun seug sakabéh umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, pikeun maparin kauntungan atawa kamanfaatan ka urang, maka hal éta hamo bisa dilakukeun mun éta hal téh diluar katangtuan nu geus ditetepkeun ku Alloh . Tegesna, urang diperedih nguatkeun kapercayaan bari ngayakinkeun kana papastén (qodar) nu hadé atawa nu goréng éta aya dina kakawasaan Alloh . Urang kudu tetep mertahankeun kayakinan urang, yén sagala papastén atanapi katetepan éta sumpingna ti Alloh .
Sagala kamanfaatan nu karasa jeung katarima ku urang, sanajan éta datangna ti makhluk, tapi hakékatnamah éta kabéh ogé sumberna ti Alloh , makhlukmah ukur jadi cukang lantaran teu bisa ngadatangkeun kauntungan atawa kamanfaatan anging izin sareng kersa Alloh . Ku kituna, urang salamina kudu tetep pasrah bari tawakal ka Alloh kana sagala katangtuan nu sumpingna ti Alloh pikeun urang. Kitu kénéh dimana umat manusa reujeung makhluk séjénna ngumpul ti mimiti nu diciptakeun tug nepi ka nu terakhir, boga karep pikeun ngayakeun kajahatan, ngagunasika, nganiaya jeung kajahatan séjénna. Tapi lamun éta lain katangtuan Alloh , maka hamo bisa keuna ka urang. Sabalikna, mun seug éta hal aya izin sareng kersa ogé geus jadi katangtuan Alloh , yén urang kudu aya nu nganiaya atawa aya nu ngajahatan ka urang. Maka urang hamo bisa ngahindar, tegesna urang kudu narimakéun kalayan sabar, meureun éta téh geus jadi katetepan Alloh yén urang kudu ngarandapan hal éta. Mun seug urang iman, maka éta kaasup mushibah, kaasup cobaan pikeun ningkatna darajat kaimanan urang, tapi lamun éta kajadian tumiba ka jalma nu teu iman, maka éta kaasup pépéling bisa ogé disebut hukuman atawa siksaan.
Nu Kalima, اْلأَقْلاَمُ وَجَفَّتِ الصُّحُفُ رُفِعَتُ Sakabéh qolam (péna) geus diangkat jeung lambaran-lambaran kertas geus gararing). Maksudna nyaéta, teu aya katangtuan Alloh nu hamo bisa diganti-ganti, nalika takdir geus ditetepkeun ka urang sadaya. Tinggal urang salaku makhluk kudu bisa tumarimana, bari ulah aral subaha, ulah peunggas harepan tina rohmat Alloh . Kudu salalawasna urang nyalindung ka Alloh .
Saterusna dina eusining (matan) Hadits salian nu diriwayatkeun ku Imam At-Tirmidzy di luhur téh, ngauningakeun, yén urang kudu émut ka Alloh dina waktu urang keur luang atawa keur bungah, maka Alloh bakal émut ka urang nalika keur susah. Tur naon baé nu teu aya dina katangtuan Alloh , maka hamo nerap ka urang. Tapi lamun Alloh geus netepkeun hiji perkara ka urang, boh kahadéan atawa kagoréngan, maka urang hamo bisa ngahindar tina éta kabéh. Tegesna, ujian pasti datang, satiap jalma nu lahir pasti mawa garis kahirupanana (taqdir) masing-masing. Ogé urang kudu yakin, yén dina satiap kaunggulan dibarengan ku kasabaran, dina tiap kasusah téh pasti aya jalan kaluar, ogé dina satiap kasulitan pasti bakal dibarengan ku kagampangan, sakumaha nu kaunggel dina Al-Qur’an Surat Al-Insyirah ayat 5-6:
فَإِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً إِنَّ مَعَ الْعُسْرِ يُسْراً (ألإنشراح:5-6)
“Saenyana dina kasusah (rohani) téh aya kabungah, jeung saenyana dina kasusah (jasmani) téh aya kasenangan.” (Al-Insyiroh: 5-6).
Mudah-mudahan urang ka golong kana jalma-jalma nu bisa ngajaga kana hak-hak Alloh , sahingga urang ka golong jalma-jalma nu salawasna meunang pangjaga ogé pangriksa ti Manten-Na. Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamin.
Wallohu ‘Alam Bish-Shoawab.
Rohmat Alloh swt Langkung Jembar Batan Bendu-Na
عَنْ أَنَسٍ قَالَ سَمِعْتُ رَسُوْلَ الله يَقُوْلُ : قَالَ الله ُتَعَالىَ : يَا بْنَ اَدَمَ! إِنَّكَ مَا دَعَوْتَنِيْ وَرَجَوْتَنِيْ غَفَرْتُ لَكَ عَلىَ مَا كَانَ وَلاَ أُباَلِيْ , يَا بْنَ اَدَمَ !لَوْ بَلَغَتْ ذُنُوبًْكً عَنَانَ السَّمَاءِ ثُمَّ اسْتَغْفَرْتَنِيْ غَفَرْتُ لَكَ , يَا بْنَ اَدَمَ ! إِنَّكَ لَوْ أَتَيْتَنِيْ بِقُرَابِ اْلأَرْضِ خَطَايَا ثُمَّ لَقِيْتَنِيْ لاَ تُشْرِكُ بِيْ شَيْئًاً َلأتَيِْتُكَ بِقُرَابِهَا مَغْفِرَةً ( رَوَاهُ التِّرْمِذِيْ وَقَالَ حَدِيْثٌ حَسَنٌ صَحِيْحٌ)
“Diriwayatkeun ti Anas anjeunna nyarios: “Kami ngadéngé Rosululloh . Ngadawuh: Alloh Ngadawuh: “Yeuh anak adam ¡ satemenna salila maranéh ménta ka Kami jeung miharep ka Kami, maka Kami pasti maparin hampura ka maranéh kana sagala dosa nu geus dilakukeun ku maranéh jeung kami teu paduli (kana dosa naon nu geus dilakukeun). Héh anak adam ! sakirana dosa-dosa anjeun nembus ka méga, ngajul langit, tuluy maranéh ménta hampura ka Kami, maka Kami bakal maparin hampura ka maranéh. Héh anak adam ! sakirana maranéh datang ka Kami kalayan mawa dosa sapinuhna jagad, tuluy maranéh datang ka Kami bari dina kaayaan teu musyrik (midua) ka Kami, maka Kami bakal datang ka maranéh kalayan mawa hampura Kami sapinuhna jagad.” (H.R. At-Tirmidzi, anjeunna nyarios hadits ieu téh hasan bari shohéh).
Miturut Imam Ibnu Ad-Daqiq Al’id ra., yén Hadits di luhur téh minangka hiji kabar gumbira nu kacida agungna. Sabab ieu Hadits eusina minangka ka Maha Jembar-an Alloh dina raraga maparin hampura ka manusa tina sagala lampah-lampah dosa. Ogé mangrupakeun ka Maha Murah-an Alloh , ka Maha Heman Manten-Na sarta minangka hiji anugerah anu kacida agungna ti Alloh . Tur bisa disebut minangka kanikmatan tina mangpirang-pirang kanikmatan Alloh nu kacida seueurna nu hamo bisa diitung ku manusa nu narimana.
Geus jadi guratan nu Maha Kawasa yén hirup di dunya téh sarwa papasangan, aya hadé aya goréng, pon kitu kénéh dina ngisi kahirupan sapopoé ogé,
urang moal leupas tina pagawéan nu hadé jeung pagawéan nu goréng. Tinggal urang salaku lalakon dina kahirupan urang sorangan ayeuna, rék mana nu dipilih, naha lampah hadé atawa lampah goréng ?. Mun seug urang milih kana lampah nu hadé, maka geura prak pigawé sagala bentuk pagawéan boh lahir pon kitu kénéh bathin nu dipikaridho ku Alloh , kayaning taat kana sagala paréntah Alloh , ogé ngajauhan sagala nu dilarang ku Manten-Na nu hasilna bakal mawa ka urang kana jalan kasalamétan reujeung kabagjaan boh ayeuna di dunya ogé jaga di akhérat. Kitu kénéh sabalikna, mun seug urang milih lampah nu goréng maka geura prak pigawé sagala bentuk pagawéan nu matak nimbulkeun Alloh bendu tur ngakibatkeun dosa, kayaning ma’syiyat, teu taat kana paréntah Alloh , jeung ngalakukeun sagala perkara nu dilarang ku Manten-Na, nu pamustunganana urang bakal nandangan lara balangsak, ogé kacilakaan boh di dunya ogé jaga di akhérat.
Tah dimana urang tanpa sadar atawa keur sadar migawé lampah dosa, Alloh . maparin kabar gumbira ka urang saréréa ngalangkungan Hadits Nabi Muhammad ., yén Manten-Na hamo bendu ka hiji jalma dimana si éta jalma ménta dihampura saréngséna ngalakukeun dosa. Justru nu matak Alloh bendumah nyaéta ka jalma nu ngalakukeun dosa, tuluy tumuwuh perasaan yén manéhna geus ngalakukeun dosa gedé nu hamo dihampura ku Alloh , nu tungtungna manéhna peunggas harepan kana rohmat Alloh teu menta hampura. Tah sikep samodél kitu téh kacida dipikabenduna ku Alloh . Jadi, dimana jalma-jalma nu ngalakukeun dosa, boh nu leutik atawa nu gedé éta kabéh bakal dihampura ku Alloh . Salian ti dosa Musyrik (midua Manten-Na), dimana si éta jalma ménta hampura ka Alloh kalayan nyukupan kana saratna tobat ka Alloh .
Hal ieu téh luyu reujeung Dawuhan Alloh dina Hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Rofi’i nu sumberna ti Najih bin Muhammad bin Muntaji’ r.a., nu hartosna kieu:
“Kami hamo murka ka hiji jalma saperti murkana kami ka hiji jalma nu geus ngalakukeun ma’shiyat nu dianggap ku manéhna kaasup dosa gedé tuluy manéhna peunggas harepan tina ampunan Kami, sakirana kami ngagancangkeun hukuman kana sagala dosa nu dipilampah (ku manusa) tinangtu nu paling awal nu dihukum ku Kami nyaéta jalma nu peunggas harepan tina rahmat Kami, jeung sakirana kami acan maparin rohmat ka hamba-hamba kami, kajaba ku sabab sieunna maranéhna nangtung dihareupeun Kami, maka kami ngucapkeun syukur kana hal éta, turta Kami bakal ngajadikeun pahala maranéhna téh hiji kaayaan aman dimana manéhna nyanghareupan rasa kasieun”. (H.Q.R. Rofi’i ti Najih bin Muhammad bin muntaji’).
Dina Al-Qur’an kaunggel mangpirang-pirang paréntah pikeun ngagancangkeun kana tobat ulah ka di engké-engké. Sabab, urang teu apal kana pondok jeung panjangna umur urang, kumaha lamun seug urang téh. nunda-nunda kana tobat geletuk baé urang téh kapapag ajal bari urang keur lamokot ku dosa meureun kaasupna ogé su’ul khotimah (goréng panungtungan hirup). Na’udzu Billaahi Min Dzaalik
Tah kukituna, mangga gunakeun kasempétan luang hirup urang ayeuna lobakeun istighfar lobakeun ibadah ka Alloh , geura kukumpul amal sholeh ti ayeuna kénéh. Khususna pikeun para pamuda nu mangrupakeun generasi nu bakal neruskeun tapak lacak para karuhun bangsa, prak gunakeun kangoraan téh pikeun soson-soson ibadah, soson-soson nyiar élmu pangaweruh keur ngandelan kaimanan, Heurinan haté ku kayakinan, pinuhan akal ku pangaweruh kaagamaan, malah mandar hirup teu méngpar tina tetekon agama rejeung darigama, ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah niru-niru budaya nu teu aya di agama urang nu suci. Urang jaga kasucian agama Islam ku jalan urang laksanakeun ajaran-ajaran agama urang kalayan luyu reujeung conto ogé katangtuan-katangtuan nu dicandak ku Rosululloh .
Ogé pikeun nu geus tarunggang gunung, mangga gunakeun sésa-sésa kasempétan ieu pikeun ibadah ka Alloh , da hakékatnamah boh nu umurna ngora ogé nu geus kolot kabéh ogé keur antré (nunggu) giliran panggilan Nu Maha Suci kana mangsa datangna ajal, kana wanci-wanci diri keuna ku pati, kana waktu-waktu mundutna Nu Rahayu. Nya maot téa ngaranna. Tah, dimana urang rumasa lamokot ku dosa, geura prak tobat, lobakeun maca Istighfar (ménta dihampura) ka Alloh , sanduk-sanduk kana sagala laku ning lampah nirca nu geus dipilampah nu matak kaduhungna diri tur benduna Gusti Nu Maha Suci. Ulah peunggas harepan kana rohmat sareng ampunan Alloh , sabab Alloh parantos jangji dimana urang neneda ka Manten-Na kana Ampunan sareng Rohmat-Na, maka Manten-Na ngajangjian hamo ngorétkeun, Manten-Na hamo nunda-nunda kana maparin hampura. Manten-Na bakal langsung ngahampura kana sagala dosa nu ku urang dilakukeun, kajaba hiji dosa nu hamo dihampura ku Alloh nyatana dosa muyrik (midua ka Manten-Na). Sakumaha Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat Az-Zumar ayat 53:
قُلْ يَا عِبَادِيَ الَّذِينَ أَسْرَفُوا عَلَى أَنفُسِهِمْ لَا تَقْنَطُوا مِن رَّحْمَةِ اللَّهِ إِنَّ اللَّهَ يَغْفِرُ الذُّنُوبَ جَمِيعاً إِنَّهُ هُوَ الْغَفُورُ الرَّحِيمُ (ألزمر:53)
“Pok ucapkeun (ku anjeun Muhammad): “Yeuh Hamba-hamba Kami nu geus kaleuleuwihi tur ngarugikeun disi sorangan. Tong peunggas harepan tina rohmat Alloh. Saéstuna Alloh Maha Lautan Hampura kana sagala dosa, tur Manten-Na Maha Ngahampura tur Maha Héman”. (Al-Qur’an Surat Az-Zumar: 53).
Sareng Dawuhan Alloh dina Al-Qur’an Surat An-Nisa ayat 48:
إِنَّ اللّهَ لاَ يَغْفِرُ أَن يُشْرَكَ بِهِ وَيَغْفِرُ مَا دُونَ ذَلِكَ لِمَن يَشَاءُ وَمَن يُشْرِكْ بِاللّهِ فَقَدِ افْتَرَى إِثْماً عَظِيماً (ألنساء:48)
“Saéstuna Alloh hamo ngahampura kana dosa syirik (midua Alloh ). Sareng Manten-Na ngahampura dosa salian ti dosa syirik pikeun sing saha baé jalmana nu dikersakeun ku Manten-Na. Jeung sing saha jalmana nu syirik (midua Manten-Na) maka bener-bener manéhna geus ngalakukeun dosa nu kacida gedéna”. (An-Nisa : 48).
Kacindekanana, yén istighfar téh ”Tholabul Maghfiroh’ (ménta/miluruh hampura) nu jadi paréntah Alloh pikeun jalma nu geus milampah dosa. Malah hiji katerangan nu diuningakeun ku Abu Ayyub nalika anjeunna badé pupus, anjeunna nyarios ka shohabat-shohabat nu sanés,: “Sabenerna kami masih kénéh nyumputkeun ka maranéh kabéh (héh dulur-dulur kami) hiji perkara nu pernah kadéngé ku Kami ti Rosululloh , yén Rosululloh ngadawuh: ‘Lamun tah maranéh kabéh henteu migawé dosa, tinangtu Alloh bakal nyiptakeun makhluk séjén nu bakal migawé lampah dosa, tuluy Alloh maparin ampunan ka maranéhna’“. (Dicutat tina syarah Hadits Ar-Bai’n-Nawawiyah).
Dina masalah istighfar, para ulama ngabagi kana tilu tingkatan. Tingkatan kahiji, nyaéta istighfar-na para Nabi sareng Rosul ku bentuk rasa syukur aranjeunna Ka Alloh swt. Malihan dina kateranganmah teu pegat-pegat salamina Kanjeng Nabi Muhammad . Dina sadinten-sawengi ngaos istighfar saratus kali. Kungsi Siti ‘Aisyah ra. Tumaros ka Rosululloh : “Ya Rosululloh naha kunaon salira téh nyuhunkeun dihapunten tina sadaya dosa, kapan saliramah parantos aya jaminan ti Alloh bakal dihapunten tina sadaya ning dosa”. Maka Rosululloh Ngadawuh: “Naha teu pantes kami syukur kana ieu kabéh ? (Maksudna, sagala anugerah sareng kanikmatan nu tos dipaparin ku Alloh ka anjeunna).” Tingkatan kadua, nyaéta istighfar-na para ‘Auliya’a-Alloh” (para kakasih Alloh ) sareng para “Salafush-Sholihin” dina nalika ngarasa kurang sampurnana syukur atawa ibadah ka Alloh . Saterusna istighfar tingkatan katilu, nyaéta istighfar-na jalma-jalma nu geus milampah dosa kaasup urang sadayana.
Rosululloh . Kantos maparin paréntah ka Abu Bakar :
َألَّلهُمَّ إِنِّيْ ظَلَمْتُ نَفْسِيْ ظُلْمًا كَثِيْرًا وَلاَ يَغْفِرُ الذُّنُوْبَ إِلاَّ أَنْتَ فَاغْفِرْلِيْ مَغْفِرَةً مِنْ عِنْدِكَ وَارْحَمْنِيْ إِنَّكَ أَنْتَ اْلغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ (رَوَاهُ مُتَفَقٌ عَلَيْهِ)
.““Pok Ucapkeun: “Ya Alloh ! saéstua jisim abdi parantos dzolim ka diri pribadi, kalayan dzalim nu kacida seueurna (dina riwayat sanés: dzalim nu kacida ageungna), sedengkeun teu aya deui nu bakal ngahapunten tina samudayaning dosa-dosa jisim abdi anging Anjeun Gusti, ku kituna hapunten dosa-dosa jisim abdi kalayan anugerah ampunan disagédéngeun Anjeun Gusti, sareng mugia Anjeun Gusti mikawelas ogé mikahéman jisim abdi, saéstuna anjeun Gusti Maha Jembar Hampura sareng Maha Mikahéman (H.R. Mutafaqun Alaih).
Ogé Kanjeng Nabi ngadawuh, yén rajana Istighfar téh nyaéta:
أَلَّلهُمَّ أَنْتَ رَبِّيْ لَإِلَهَ إِلَّا أَنْتَ خَلَقْتَنِيْ وَ أَنَا عَبْدُكَ وَأَنَاعَلَى عَهْدِكَ وَوَعْدِكَ َااسْتَطَعْتُ أَعُوْذُبِكَ مِنْ شَرِّ مَاصَنَعْتُ أَبُوْءُلَكَ بِنِعْمَتِكَ عَلَيَّ وَأَبُوْءُ بِذَنْبيْ فَاغْفِرْلِيْ فَإِنَّهُ لَا يَغْفِرُالذُّنُوْبَ إِلَّا أَنْتَ (رَوَهُ الْبُخَارِى)
“Ya Alloh ! anjeun téh Pangéran abdi, teu aya deui nu wajib disembah anging Anjeun Gusti, Anjeun nu parantos nyiptakeun abdi, sedengkeun abdi téh hamba Anjeun Gusti, abdi netepan kana ikrar jisim abdi ka Anjeun Gusti sareng yakin kana jangji-jangji Anjeun Gusti (dina poé kiamat) samampu jisim abdi, abdi nyalindung ka Anjeun Gusti tina sagala kaawonan nu ku jisim abdi dipidamel, abdi rumaos tur nampi kana sagala kanikmatan nu parantos dipaparinkeun ku Anjeun Gusti sareng abdi rumaos kana sadaya dosa-dosa jisim abdi, saéstuna teu aya deui nu bakal ngahapunten kana dosa-dosa jisim abdi anging Anjeun Gusti” (H.R. Imam Bukhari nu sumberna ieu hadits téh sumpingna ti Syadad bin ‘Aus ).
Salian ti éta dina masalah urang tobat ka Alloh , sakurang-kurangna kudu aya tilu hal nu kudu jadi syarat jeung katangtuan éta tobat téh ditampi ku Alloh ogé bakal ngahasilkeun hiji perobahan kana diri jalma nu tobatna, diantarana nyaéta: Nu Kahiji, ayana niat nu bijil tina ati nu suci, beresih, pinuh ku kaikhlasan, reujeung tumuwuhna rasa karumasaan, rasa kasadaran pikeun tobat ka Alloh swt; Nu Kadua, ayana rasa kaduhung, nu ku rasa kaduhung éta téh sahingga bijilna ikrar: "ngagurat jagat, neukteuk leukeur, meulah jantung" moal migawé-migawé deui lampah dosa; Nu katilu Ngajauhkeun diri tina sagala lampah ma’shiyat reujeung sabab-musabab lampah nu ngakibatkeun dosa, jeung Nu Kaopat, nyaéta ngabéréskeun sagala haqul adami, hartina ngabéréskeun sagala dosa ka sasama, hartina urang kudu ménta hampura ka sasama nu kungsi ku urang dinyényeri, boh lahirna kitu kénéh bathinna. Mudah-mudahan urang kagolong kana golongan jalma-jalma nu teu peunggas harepan kana rohmat sareng ampunan Alloh . Amin Ya Alloh Ya Robbal ‘Alamiin. Wallohu A’lam Bish-showaab.
Obrolan Iblis La’natullohi ‘Alaih Sareng Rosululloh saw.
Alloh swt maparin paréntah ka salah saurang Malaikat-Na pikeun nepungan Iblis geusan nagadugikeun paréntah-Na sangkan Iblis nepungan Rasululloh saw pikeun ngabébérkeun sagala rusiahna, nyaéta naon baé nu dipikaresep jeung naon baé nu dipikangéwa ku Iblis. Nu hikmahna, pikeun ngaluhurkeun darajat Nabi Muhammad saw ogé pikeun jadi taméng peringétan ka sakumna umat manusa.
Gancang ning carita Malaikat téh tepung jeung Iblis tuluy nyarita ngadugikeun Paréntah Alloh swt nu ditujukeun ka Iblis téa: "Héh Iblis! Alloh Nu Maha Mulia tur Maha Agung maréntahkeun ka andika supaya andika datang ka Rasullulloh Muhamad saw. Tur andika kudu ngabébérkeun sagala rusiah andika ngeunaan naon baé nu dipakaresep ku andika, ogé naon baé nu dipikangéwa ku andika turta dimana Rasululloh Muhammad saw. Nanya ku sababaraha pasualan andika kudu ngajawab kalayan bener ulah aya nu disumput-sumput. Dimana andika ngabohong najan sa-kecap, tanwandé andika bakal dipotongkeun tulang-tulang anggota badan andika, dipegatkeun urat-urat awak andika tur bakal ditibanan siksa nu kacida nyerina".
Nalika Iblis narima kabar paréntah jeung ancaman nu didugikeun ku Malaikat ti Alloh swt. ka manéhna, maka iblis ngarasa sieun kacida. Nu satuluyna manéhna gura-giru ngalaksanakeun éta paréntah. Manéhna datang ka payuneun Rosululloh saw. Bari nyamar jadi aki-aki nu picek (matana buta sabeulah) tur boga janggot bodas 10 lambar nu panjangna siga buntut sapi. Tuluy Iblis uluk salam nepikeun ka 3 kali uluk salam, tapi Kanjeng Nabi Muhammad saw. Teu ngawaler éta salam. Nu antukna Iblis Alaihi Laknatulloh, nanya ka Rosululloh saw.:"Ya Rasululloh! Naha ku naon salira teu ngawaler salam jisim Abdi ? sanés salam téh kacida muliana mungguhing Alloh?"
Kanjeng Nabi Muhammad saw. Ngawaler bari bendu: "Héh ’Aduwwullah ( musuh Alloh) ! ka kami anjeun némbongkeun kahadéan, tong coba-coba wawanian nipu ka kami sakumaha manéh nipu barI ngagoda ka Kanjeng Nabi Adam as. Sahingga anjeunna kaluar ti sawarga, ogé ngahasut Qabil nepika maténi Habil, tuluy Nabi Ayyub as. Ku andika ditiupan racun nalika anjeunna nuju sujud sahingga Kanjeng Nabi Ayub as. Gering parna nu sakitu lilana, ogé Kanjeng Nabi Daud as nu kagoda ku pamajikanana Urya, tuluy deui Nabi Sulaiman as. Ninggalkeun karajaanana, ku sabab andika nyamar jadi garwana, ogé sababaraha Nabi jeung para pandita nu geus nanggung kasangsaraan ku akibat hasutan, tipuan jeung réka perdaya andika. Héh Iblis! Mémang bener salam éta kacida muliana mungguhing Alloh azza wajalla, ngan baé salam andika ku kami hamo dijawab, sabab Alloh geus ngaharamkeun. Kami apal yén anjeun téh Iblis, raja sagala iblis, syétan jeung jin nu keur nyamar diri. Naon maksud andika datang nepungan kami? "
Iblis ngajawab:"Ya Nabi Alloh ! Tong waka bendu ka jisim abdi,. Sabab salira téh Khatamul Anbiya, maka salira tiasa terang tur ningali ka jisim abdi. Anapon maksad kadongkapan jisim abdi téh teu aya sanés dipiwarang ku Alloh swt. Pikeun masihan uninga kana naon baé nu ku jisim abdi dipidamel dina ngagoda, nipu sareng sajabina ka umat salira. Ti kawitan zaman Kanjeng Nabi Adam as. Tug dugi ka akhir zaman. Sajaba ti éta ogé Ya Nabiyalloh ! satiap pasualan nu ku salira ditaroskeun ka jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngawaler moal aya nu disumput-sumput.". Satuluyna Iblis sumpah kalayan nyebat asmana Alloh bari tuluy nyarita: "Ya Rasululloh! Sakirana jisim abdi ngabohong sakecap ogé dina ngawaler sagala patarosan salira, maka bakal ancur lebur badan jisim abdi jadi lebu". Saparantos nguping kana sumpah Iblis kitu, Nabi saw. Tuluy imut mésem pinuh ku kabungahan bari ngagarentes dina manahna: ”Ieu kasempétan pikeun kami geusan ngayakeun siasat pikeun ngabongkar sagala hal nu dilakukeun ku manéhna supaya dipikanyaho ku para shahabat-shahabat kami nu aya di majlis ieu, ogé pikeun jadi tameng diri pikeun sakumna umat kami”.
Saterasna Kanjeng Nabi Muhamad saw. Ngawitan ngajukeun pasualan nu kahiji: "Héh Iblis! Saha nu jadi musuh panggedé-gedéna pikeun anjeun, jeung kumaha anggapan diri anjeun ka diri kami ?”. Jawab Iblis: "Ya Nabi Alloh ! Musuh jisim abdi nu pangedé-gedéna nya Salira pisan ku anjeun di antara sakabéh musuh-musuh jisim abdi nu aya di dunya ieu" Nguping kitu Rosululloh saw neuteup seukeut ka Iblis, sahingga katingal Iblis ngageter kasieunan. Tuluy iiblis nyambung deui caritaanana: "Ya Khatamul Anbiya! Ku sabab abdi kalebet bangsa ruhaniyah, maka jisim abdi dipasihan kaistiméwaan ku Alloh tiasa ngarobih diri jisim abdi sakahoyong abdi, abdi tiasa niru bentuk sakabéh makhluk Alloh ti mimiti manusa, sato ogé tutuwuhan kalayan ceplés warna sareng bentuk aslina, kajaba hiji makhluk Alloh nu teutiasa di tiru ku jisim abdi, nya salira ku anjeun pisan makhluk Alloh nu teutiasa ditiru téh, ku sabab dilarang ku Alloh. Upami jisim abdi nyoba-nyoba niru salira, maka jisim abdi bakal ancur lebur jadi lebu”
Pasualan nu kadua nu di¬ajengkeun ku Rosululloh saw. téh nyaéta: "Héh Iblis! Cara naon baé jeung bentukna nu dipigawé ku andika dina ngagoda umat manusa kaasup umat kami ?”
Iblis ngajawab: "Seueur gusti, sagala léngkah manusa anu tujuanna pikeun ibadah ka Alloh swt. sareng nurut tumut kana pidawuh manten-Na ogé pidawuh salira ku anjeun, sadayana ogé ku jisim abdi di kantégan, dihalangan supaya umat manusa teu tulus dina ngalaksanakeun éta kata’atan”.
”Misalna baé”, Ceuk Iblis neruskeun caritaanna: ”Jisim abdi ngagoda hiji istri nu parantos ngagaduhan carogé supados midamel lampah nirca, ngakhianat ka nu janten carogéna, tug dugi ka éta istri téh masrahkeun kahormatanana ka pameget ni lian. Nu akhirna ngahasilkeun rundayan turunan nu goréng akhlakna”. Salian ti éta jisim abdi ngagoda ka umat manusa supaya ngantunkeun sholat, nyeueurkeun tuang-leueut tina rizki nu haram, saupamina tuang-leueutna tina hasil nu halal maka digoda ku jisim abdi supaya kaleuleuwihi dina nuangna (isrof). Ogé jisim abdi ngagoda manusa supaya milampah kadorakaan nu matak Alloh bendu, kalayan nancebkeun hiji perasaan ka manusa ku godaan harta banda kayaning emas, pérak sareng permata, ingon-ingon, tatanén tina hasil kebon sareng sawah sareng sajabina, supaya maranéhna ngabalanjakeun éta harta banda téh kana jalan haram tur dina miluruhna ogé ku jalan nu haram. Teras ka para pamuda sareng pamudi para kaum rumaja generasina umat salira, ku jisim abdi digoda maranéhna dina masalah campur gaul antara maranéhna nu lain muhrim, palebah dinya jisim abdi ngagoda maranéhna supaya ngalakukeun zina, sareng perkara nu ngadeukeutan kana zina”.
”Salian ti éta kalebet godaan jisim abdi ogé diantarana seueurna manusa ngaleueut arak (Narkoba, jeung nu sanésna. réd.), supaya maranéhna leungit akalna, sahingga ngalakukeun hal-hal maksiat. Ogé kalebet bentuk godaan jisim abdi ngabohong, nipu, ngadzolim, silih pikaceuceub, musyrik (midua Alloh), dengki, hasud, ujub, riya, takabur, mumusuhan, teu akur, sareng sajabina. Dimana maranéhna sadar satutasna ngalakukeun kasalahan terus manéhna ngarencanakeun pikeun ngeureunan tegesna tobat, maka jisim abdi bakal ngagoda maranéhna ku cara supaya maranéhna téh nunda-nunda kana tobat, sanggeus kitu, ku jisim abdi digoda deui ku godaan nu leuwih rongkah, sahingga maranéhna ngalakukeun deui kamaksiyatan”. ”Cindekna ya Nabiyalloh,” Iblis mungkas caritaanana: ”Jisim abdi ngagoda ka umat manusa téh sakuat tanaga sagala cara bakal dilaksanakeun, nu tujuanna teu aya sanés, supaya manusa méngpar tina tetekon agama."
Saparantos nguping jawaban Iblis kitu, Kanjeng Nabi saw. Neraskeun kana pasualan nu katilu, semu nu keuheul Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh: "Héh Iblis ! Naha ku naon andika ngalakukeun éta kabéh ? Padahal, mun seug ku andika dipikir, naon nu dilakukeun ku andika téh éstu taya faédah jeung manfaatna, malah nu puguhmah kalah ka tambah-tambah laknat jeung bebendon Allohswt ka andika turta siksa nu kacida beuratna jaga di naraka minangka wawalesna ?. Héh laknatulloh ! Saha nu nyiptakeun andika? Saha nu manjangkeun umur andika ? saha nu méré panénjo ka andika ? Saha nu méré pengdéngé ka andika ? saha nu méré kakuatan ka andika, sahingga andika bisa jagjag, séhat tur kuat ?. saha nu méré éta sakabéh téh héh Iblis".
Iblis ngajawab: "Sadayana ogé anugerah paparin ti Allohswt Nu Maha Agung, ya Nabiyalloh !. Nanging, nu janten pasualan téh, nyaéta hawa nafsu sareng rasa takabur diri nu matak jisim abdi tigebrus kana lampah nu salamina lepat. Salira ogé langkung uninga, yén satemenna jisim abdi téh tos mangrébu-rébu taun lamina janten pamingpin para Malaikat, harkat sareng martabat ogé darajat kadudukan abdi disagédéngeun Allohswt. kacida nyongcolangna, ti langit ka hiji nepi ka kangit nu pangluhurna mungguhing Allohswt terus nérékél, ku hal éta pisan, saterasna jisim abdi tiasa nyicingan alam dunya ieu rada lami sasarengan reujeung para Malaikat. Tug dugi ka lumungsur Dawuhan Alloh swt, nu seja nyiptakeun saurang Khalifah di dunya ieu. Tah ku hal éta pisan jisim abdi téh baruntak teu nampi kana rencana Allohswt. Tapi, katetepan Allohswt hamo tiasa dirobih deui, nya diciptakeun hiji tangtungan lalaki, nyaéta Nabi Adam téa. Saparantos réngsé Nabi Adam diciptakeun, maka Alloh maréntahkeun ka sakumna Malaikat pikeun masihan sujud kahurmatan ka Nabi Adam, anging jisim abdi nu teu ngalaksanakeun. Nu akhirna Allohswt bendu ka jisim Abdi, tur ngalaknat jisim abdi tug dugi ka akhir zaman”.
Tuluy Iblis ngalanjutkeun deui caritaanana: ”Ya Nabiyalloh ! kusabab jisim abdi mugen teu ngalaksanakeun paréntah Allohswt pikeun maparin sujud kahurmatan ka Nabi Adam, dadak sasakala nu kawitna raray jisim abdi kasép ngalémpréng konéng téh, dadak sakala robih janten raray nu goréng patut nu jadi gambaran kana kalakuan jisim abdi nu resep kana midamel lampah jahat sareng maksiyat. Ku kajadian kitu jisim abdi téh mingkin nyeri haté baé, komo nalika Allohswt ngaistrénan Nabi Adam janten raja di sawarga bari maparin praméswari nu geulis kawanti-wanti éndahna malih warna, nyaéta Siti Hawa nu dipaparin ogé kalungguhan minangka pamingpin sakumna bidadari nu aya di sawarga. mingkin nambih deui kanyeri haté sareng dendem jisim abdi téh ka Nabi Adam, nu akhirna satékah polah jisim abdi ngalakukeun réka perdaya, supaya Nabi Adam sareng Siti Hawa dipikabendu ku Alloh swt. Nya ari terus-terusan teuingmah, usaha jisim abdi téh ngabuahkeun hasil ku cara nipu Siti Hawa supaya miwarang Nabi Adam tuang buah Khuldi, nu ngabalukarkeun duanana diusir ti lebet sawarga lumungsur ka alam dunya, bari lumungsur ka alam dunyana téh dipisahkeun mangtaun-taun, nu tuluyna ditepungkeun ku Alloh di Padang Arafah, saparantosna duanana patepung nu satuluyna ngarundaykeun turunan, nya borosot baé Nabi Adam sareng Siti Hawa téh ngagaduhan turunan nu munggaran, nyaéta lahirna dua putra sareng dua putri. Ku sabab jisim abdi masih kénéh teuacan puas kana kanyerian haté jisim abdi, nya turunan Nabi adam téh ku jisim abdi digoda deui ku hasutan-hasutan nu balukarna lumangsung kajantenan maténina Qabil ka dulurna Habil. Teu cukup sakitu, ti harita tug dugi ka akhir zaman, jisim abdi hamo lirén ngagoda ka turunan Nabi Adam kalebet umat salira”.
”Ya Nabiyalloh ! sateuacan salira babar ka alam dunya, jisim abdi sareng balad-balad kalayan gampil tiasa naék kalangit, pikeun maling déngé kana rusiah-rusiah kajadian nu bakal kaalaman ku manusa nu aya di lauhil mahfudz, nu saterasna jisim abdi lungsur deui ka alam dunya pikeun méré béja ka manusa kana rusiah-rusiah éta, bari béja éta ku jisim abdi dipéngkolkeun teu luyu reujeung béja nu aya di lauhilmahfudz nu tujuanana supaya manusa sasar tur nukang nonggong ka Alloh swt. Tapi, saprak salira babar ka alam dunya, jisim abdi teu tiasa deui naék ka langit sabab ku Allohswt dilarang. Mun seug jisim abdi maksa pikeun naék ka langit, maka para malaikat nu ngajaga satiap lawang langit bakal malédogan ka jisim abdi ku batu reujeung panah nu bahanna tina seuneu, tos seueur balad-balad jisim abdi nu perlaya ancur lebur jadi lebu ka beuleum, tisaprak harita jisim abdi nandangan ka susah dina ngayakeun hasutan sareng godaan ka manusa”.
Saparantos nguping kana caritaan Iblis samodél kitu Kanjeng Nabi saw, ngajengkeun deui pasualan nu kaopat kalina: "Hé Iblis! Naon nu dilakukeun ku andika dina ngamimitian ngagoda umat manusa ?
Iblis ngajawab: "Nu munggaran dipidamel ku jisim abdi dina ngagoda umat manusa kalebet umat salira téh, nyaéta dipéngkolkeunana i’tikad kaimanan-nana manusa kana kakufuran, ngawitan haté, kalakuan ogé ucapanana. Saupami teu tiasa ka goda baé, maka ku jisim abdi digoda supaya manusa horéam ngalakukeun ibadah, sahingga sakedik demi sakedik maranéhna tigebrus nurut tumut kana kahoyong jisim abdi”.
Kanjeng Nabi saw. dadawuh deui nu ka-5 kalina: "Héh Iblis! Kumaha karasana ku andika mun seug umat Kami ngalaksanakeun sholat bari khusyu’ karana Alloh swt ?”
Iblis ngajawab: "Ya Nabiyalloh ! nalika umat salira ngalaksanakeun sholat kalayan khusyu’ karana Alloh swt. Maka nu karaos ku jisim abdi, awak jisim abdi ngegeter, leuleus satulang sandi taya kakuatan, sapertos nu dipupul bayu, taya tangan pangawasa. Ku hal éta, maka jisim abdi ngerahkeun wadia balad jisim abdi pikeun ngagoda ka umat salira, kana sakabéh anggota badanna, supaya timbul kahoréam dina ngalaksanakeun sholat, was-was, hilap kana étangan rokaat, émut baé kana kasibukan dunya nu ditinggalkeunana, gura-giru dina ngalaksanakeun sholatna, jauh tina ka-thumaninah-an, anggang kana ka-khusyu’-an, kitu kénéh kana paningal matana supaya rurat-rérét ka kiwa sareng ka tengen, cepilna supaya ngupingkeun sora-sora nu matak rusakna rasa khusyu’. Salajengna nalika umat salira nuju sujud, maka balad jisim abdi calik dina pundukna supaya teu kiat lami dina sujudna, kitu kénéh nalika lungguh tasyahud/tahiyat ku jisim abdi digoda supaya teu kiat lami ogé, sahingga tumuwuh dina haté umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat téh hoyong énggal bérés sholatna. Tah, saupamina balad-balad jisim abdi teu hasil ngagoda umat salira nu nuju ngalaksanakeun sholat, maka jisim abdi bakal nibankeun hukuman ka balad jisim abdi, kalayan hukuman nu kacida abotna "
Teras Kanjeng Nabi saw ngajukeun deui pasualan nu ka-6: "Lamun umat kami maca Al-Quran karana Alloh swt, kumaha kaayaan andika?"
Iblis ngajawab: ”Duh abot karaosna ku jisim abdi ya Nabiyalloh ! Dimana umat salira ngaos ayat suci Al-Quran kalayan karana Alloh swt, maka jisim abdi karaosna sapertos kabeuleum, paregat kabéh urat-urat jisim abdi, nu satuluyna jisim abdi lumpat nebihan manéhna”.
Kanjeng Nabi saw nyusul tepus deui ku pasualan nu ka-7: "Terus kumaha karasana ku andika, dimana umat kami ngalaksanakeun ibadah haji karana Alloh swt ?".
Jawab Iblis: "Ancur waruga jisim abdi, marurag daging sareng tulang-tulang jisim abdi, ku sabab umat salira parantos nyampurnakeun rukun Islam".
Kanjeng Nabi saw nyusul deui ku pasualan nu ka-8: "Tuluy kumaha kaayaan andika, dimana umat kami ngalaksanakeun puasa di bulan Romadhon kalayan karana Alloh swt?"
Jawab Iblis: "Ya Rosululloh ! Ieu pisan musibah sareng bahaya nu kacida rongkahna pikeun jisim abdi sabalad-balad. Sabab, nalika lebet kana awal Romadhon, maka ngaburisat cahaya ’Arasy sareng Kursy Alloh swt, ma lihan para Malaikat mapag kalayan pinuh ku kasuka sareng kabungah. Atuh pikeun jalma-jalma nu ngajalankeun ibadah puasa dina bulan ieu, maka Alloh swt bakal maparin panghampura tina samudayaning dosa nu tos kalangkung kalayan digentoskeun ku wawales pahala nu kacida agung tur luhur ajén-na, malihan Alloh swt ngabéntenkeun pahalana sareng ibadah-ibadah nu sanésna. Salian ti éta, hamo dicatet dosa nu dilakukeun pikeun jalma-jalma nu puasa. Aya nu matak ngahancurkeun haté jisim abdi, nyaéta saeusi langit sareng bumi; yakni Malaikat, bulan, béntang sareng makhluk sanésna, sadayana siang kalayan wengi ngado’akeun supaya Allohswt maparin panghampura pikeun jalma nu puasa. Tur hiji kamuliaan pikeun jalma nu ngalaksanakeun puasa, nyaéta dimerdékakeun tina azab/siksa naraka. Malihan sadaya panto naraka ditutup, sareng dibuka kalayan salega-legana sadaya panto sawarga, sarta ditiupkeunna angin nu bijil ti handapeun Arasy nu namina angin Syirah nu kacida lemesna ka jero sawarga. Aya hal nu matak abdi teu walakaya, ya Nabiyalloh !, nyaéta dina sumpingna sasih Romadhon, kalayan paréntah Allohswt diutusna para Malaikat nu garanggas pikeun néwakkan jisim abdi sabalad-balad, nu satuluyna ngaborogod ogé dipasungna sampéan sareng panangan jisim abdi ku beusi panas bari diranté kalayan kacida kuatna, sahingga jisim abdi sabalad-balad teutiasa leupas. Saparantos kitu, jisim abdi sabalad-balad téh dibebeskeun ka lebet bumi nu pangjero-jerona. Teu kitu baé, jisim abdi sabalad-balad salami éta, ditibanan siksa ku Alloh swt tug dugi ka réngséna sasih Romadhon”.
Kanjeung Nabi saw. Ngadawuh deui nu ka-9 kalina: "Héh Iblis! Kumaha sikep andika ka para shahabat-sahahabat Kami?"
Jawab Iblis - "Ya Nabiyalloh ! para shahabat salira kalebet musuh jisim abdi ogé nu pangedé-gedéna. Taya daya sareng upaya Jisim abdi ngalawan aranjeunna sareng teuaya hiji ogé tipu daya jisim abdi sareng balad-balad nu keuna ka aranjeunna. Apan salira ku anjeun parantos dadawuh: "Sadaya sahahabat salira téh lir ibarat béntang di langit, dimana nurut tumut ka aranjeunna, maka bakal kénging pitiduh”.
”Sapertos Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. Sateuacan sasarengan sareng anjeun ya Rosululloh, jisim abdi teutiasa ngagoda anjeunna, komo saparantos sasarengan sareng anjeun, tegesna lebet Islam, jisim abdi teu tiasa pisan ngagoda anjeunna.. Anjeunna kacida percayana kana perkara nu hak nu sumpingna ti salira, sahingga anjeunna janten wazirul a'dham. Malihan salira ku anjeun parantos ngadawuh: ”Yén saupamina ditimbang antara saeusi dunya ieu sareng amal sholéh-na Sayidina Abu Bakar Ash-Shiddiq ra. maka bakal langkung abot kénéh amalna sayyidina Abu Bakar Ash-Shidiq ra”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mertua salira, ku ngadahupna salira ka putrina, nyatana Sayyidatina ’Aisyah ra. nu seueur apal kana Hadits-hadits salira”.
”Teras Sayidina Umar bin Khaththab ra. Jisim abdi kacida teu wantunna neuteup kana raray anjeunna. Ku sabab, anjeunna kacida luhung wawanénna nalika mayunan para musuh-musuh Alloh swt. sareng musuh salira. Ogé anjeunna kacida taat kana ngajalankeun hukum syaré’at Islam tur tara ponténg ka nu konéng tara cueut ka nu hideung, ngadék sacék-na, nilas sa-plas-na dina ngajalankeun hukum syaré’at Islam éta. Saupamina jisim abdi neuteup kana rarayna, maka ngageter satulang sandi jisim abdi bari pinuh ku rasa kasieun nu kacida. Hal ieu téh ku sabab, iman anjeunna kacida kuatna, teguh pengkuh nyepeng pamadegan. Ditambih deui ku dawuhan salira ku anjeun: "Saupamina aya Nabi saba’da salira, maka sayyidana Umar bin Khoththob kacida pantesna janten gegentos saparantos salira”.
”Ogé anjeunna mangrupakeun jalmi nu diarep-arep ku salira, nalika kapungkur salira ngado’a ka Alloh swt. supados dipaparin hidayah pikeun lebet Islam antawis dua Umar, nya nu ka pilih ku Alloh swt. téh sayyidina Umar bin Khoththob ra. sarta anjeunna kacida pinterna ngabéntenkeun mana jalmi nu kafir sareng mana jalmi islam, kukituna pan anjeunna nyandang gelar 'Al-Faruq'”.
”Kitu kénéh Saydina Usman bin Affan ra. Abdi teu tiasa nyakeutan komo kudu bari ngagoda ka anjeunna. Sabab, salamina lisan anjeunna baseuh ku aosan Al-Quran. Anjeunna janten pamingpin jalmi-jalmi nu sabar, pamingpin para syuhada, ogé anjeunna téh apan kalebet mantu salira ku anjeun tug dugi ka dua kali. Tur ku lantaran kata’atanana, seueur Malaikat sumping anjang sono pinuh ku rasa hurmat, ajrih ka anjeunna. Ditambih deui ku dawuhan salira: "sing saha jalmina nu nyerat kalimat Bismillahirrahmanirrahim dina kitab atanapi kertas-kertas ku mangsi beureum, maka bakal meunang pahala saperti pahalana Usman nu maot syahid"
”Komo deui ka Sayidina Ali bin Abi Thalib ra. jisim abdi kacida sieunna ku sabab keteuneungna, kagagahanana lébér ku wawanén nalika mayunan musuh Islam di médan jihad, anjeunna teu sieun ku pati, malah réla ridho ikhlas saupamina maot di médan jihad. Tapi sanajan gagah, lébér wawanén ogé, anjeunna tetep kacida sopan, alim pinuh ku rasa kadeudeuh, sikepna asak jeujeuhan, satiap léngkah pinuh ku perhitungan, tara gagabah, kacida apik tur wara’ (ati-ati) ogé kacida zuhudna. Saupamina jisim abdi sareng balad-balad wantun neuteup kana raray anjeunna, maka karaosna asa kaduruk, ancur kadua paningal jisim abdi, sabab anjeunna téh kacida kuatna kana ibadah sarta anjeunna golongan pamuda nu ti payun lebet ka Islam. sareng anjeunna tara tungkul ajrih dipayuneun arca-arca sesembahan kaum musyrikin, sahingga anjeunna nyandang gelar 'Ali Karamullahu Wajhahu' (Ali nu dimulyakeun rarayna ku Alloh swt.) ogé gelar 'Asadulloh’ (singa-na Alloh ) malihan salira ku anjeun ngadawuh: "Salira ku Anjeun minangka gudang élmu, sedengkeun sayyidina Ali minangka pantona”. Ditambih deui anjeunna téh apan janten mantu salira, ku ngadahup anjeunna sareng putri salira Sayyidatina Fatimah Az-Zahra.”
Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-10 kalina: "Kumaha carana andika ngalakukeun jeung ngayakeun tipu daya ka umat Kami, sahingga umat kami jadi méngpar tina sagala ajaran kami?"
Jawab Iblis - "Dina leresan ieu, ku jisim abdi umat salira téh dibagi janten tilu golongan. Nu Kahiji, nyaéta umat salira nu kagolong lir ibarat hujan ti langit nu ngahirupkeun sagala tutuwuhan, nya golongan ieu téh disebut ’Ulama nu salamina maparin naséhat sareng wasiyat ka manusa supados ta’at, ngalaksankeun sagala piwarang Alloh swt. sarta ngantunkeun sagala nu dilarang ku Manten-Na, sakumaha sasauran malaikat Jibrail a.s: "Ulama téh minangka oborna dunya sareng akhérat”. Tah ka golongan ieu jisim abdi ngagoda ku cara jisim abdi ngahasud maranéhna supados ayana pacéngkadan, ayana persulayaan dina paham, sanaos ku salira parantos diuningakeun yén persulayaan di antara umat salira téh minangka rohmat. Tah ku jisim abdi dipéngkolkeun supaya sanés rohmat nu karaos tapi laknat. Tumuwuhna rasa hasud, umaku asa pangbenerna henteu batur, sahingga ku hal ieu, hareupan jisim abdi méngkolna ogé mengparna patékadan maranéhna supaya méngparkeun ajaran salira kaluar tina ajaran asalna nu sumpingna ti salira”.
Nu kadua, golongan umat salira téh lir ibarat taneuh, nyaéta jalmi-jalmi nu shabar, nu syukur sareng ridho kana sagala karunia anugerah pamaparin Alloh. Salamina midamel amal soléh, ta’at, tawakal sareng milampah kahadéan. Tah, golongan ieu, jisim abdi ngagoda supaya ilang sifat qona’ah (rasa tumarima), sifat shabarna digentos janten aral, rasa syukurna janten kufur, ta’atna janten ma’shiyat”.
Nu katilu, golongan umat salira téh lir ibarat Fira’un; nu kacida harak sarakah kana dunya sarta ninggalkeun amaliyah akhérat. Tah kogolongan ieumah, jisim abdi kacida resep tur suka bungah karasana ka jisim abdi, sabab geus teu kedah digoda ku cara-cara nu hébat, da bahan pikeun ngagodana ogé tos nyampak aya dina dirina. Ku kituna jisim abdi kantun lebet kana badanna, tuluy ku jisim abdi diputerkeun haténa kana lautan doraka sareng jisim abdi mawa kana karep manéhna supaya maranéhna nurut kana sagala karep jisim abdi. Jadi, manéhna salilana guligah, marudah, kapégpéongan, kabongroy ku kaéndahan dunya nu hakékatna sarba nipu. Teu aya niat sakedik ogé dina dirina pikeun ngandelan ku élmu pangaweruh komo bari nyuprihna. Waktu-waktuna dipaké pikeun maksiyat tara pisan nyempetkeun waktu pikeun ngalakukeun ta’at ogé amal ibadah, teu aya niat seja ngaluarkeun shodakoh tina harta nu geus dipibandana. Lamun maranéhna dina kaayaan miskin maka ku jisim abdi digoda supados haroréam kana ibadah, nganaha-naha ka Alloh, aral subaha kana kaayaan manéhna, tur dimana manéhna aya dina kacukupan harta, maka ku jisim abdi digoda supados lali pikeun ngaluarkeun zakat, tebih kana tulung tinulungan ka sasama, anggang kana rasa kanyaah ka sasama, ceplés sapertos kaayaan Qorun nu dilelepkeun ka jero taneuh ku Alloh bareng sareng harta dunya nu dipikareueus sareng dipikameumeutna”.
”Teras upami sumping cocobi ti Alloh, maranéhna ku jisim abdi digoda supados teu sabar, ngarasula sareng sajabina. Nyacampah ka jalmi miskin, ngahina ka jalmi malarat, nganggap musuh ka jalmi nu taat ibadah, ogé ngabalanjakeun harta manéhna kana jalan ma’siyat, resep judi sareng zina ogé ngalaksanakeun kama’siyatan sanésna”
Saterasna Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-11 kalina: "Saha nu sarupa jeung andika diantara hamba-hamba kami, héh iblis?".
Jawab Iblis: "Nu sarupi sareng jisim abdi ti antara umat salira, nyaéta jalma nu ngalalaworakeun kana syaré’at ajaran salira sareng jalma nu ngahalangan tur mikangéwa ka jalma-jalma nu keur nyuprih élmu agama."
Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui pasualan nu ka-12: "Héh Iblis ! Saha diantara umat kami nu matak andika jadi suka jeung bungah?"
Jawab Iblis: "Nu matak abdi suka bungahmah, nyaéta nalika aya diantara umat salira nu milampah dosa, ngalakukeun sumpah palsu, jadi saksi palsu, sareng nu nyulayaan kana jangji"
Kanjeng Nabi saw. Ngadawuh nu ka-13 kalina: "Naon kalakuan anjeun nu kacida lemes tur rusiahna pikeun umat kami?”
Jawab Iblis: ”Nyaéta nalika salah saurang diantara umat salira nu lebet ka Jamban (WC) pikeun Kahampangan sareng miceun, bari lebet ka jamban (WC)-na téh teu dibarengan ku maca do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal ngabalurkeun kana awakna kotoran najis-na nu dikaluarkeun ku si éta jalma".
Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-14 kalina: "Nalika umat kami boga pangabutuh ka pamajikanana nu satuluyna ngayakeun hubungan badan, kumaha pamolah anjeun ka maranéhna ? "
Jawab Iblis: "Dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka jisim abdi bakal lumpat ngajauhan maranéhna, tegesna maranéhna aman tina gangguan jisim abdi. Tapi, dimana umat salira seja ngalaksanakeun hubungan badan, bari sateuacanna maranéhna teu maos do’a panyalindungan tina gangguan sareng godaan jisim abdi, maka abdi bakal mayunan carogéna si istri pikeun ngalakukeun hubungan badan sareng istrina. Saparantos kitu, maka bakal campur bibit turunan jisim abdi sareng bibit turunan ti si istri tadi, nu akhirna dimana jadi anak, maka anakna bakal resep milampah kamaksiyatan, doraka ka nu janten ibu ramana, ogé bakal nukang nonggong ka Alloh tur bakal migawe kana naon-naon nu dilarang ku Alloh. Kitu kénéh nalika umat salira taruang-leueut tanpa di awalan ku ngaos Bismillah, maka jisim abdi nu tipayun tuang-leueut nu bade ditaruang-leueut ku maranéhna, sahingga pangaruhna najan tuang saseueur-seueurna, hamo aya rasa wareg, tah didinya jisim abdi ngagoda supaya umat salira isrof (kaleuleuwihi)”.
Kanjeng Nabi saw. naros deui nu ka-15: "Naon carana supaya bisa nolak tipu daya andika, héh Iblis ?”
Jawab Iblis: "Nalika umat salira ngalakukeun dosa, maka manéhna kedah engal-enggal tobat ka Alloh, bari nangis pinuh ku rasa kaduhung kana naon-naon nu parantos dipilampah. Ogé nalika emosi / ambek kedah enggal-enggal susuci (wudhu) kalayan sampurna, maka ku hal kitu, bakal ngeureunan ogé mepes amarahna. Maka ku hal éta jisim abdi hamo bisa ngagoda ka manéhna”.
Saterasna Kanjeng Nabi saw. ngadawuh nu ka-16 kalina: "Saha jalmana diantara umat kami nu ku andika dipikaresep?"
Jawab Iblis: "Diantawis umat salira nu dipikaresep ku jisim abdi téh, nyaéta umat salira nu pemeget ogé istri nu tara nyukur atanapi nyabutan bulu kelek sareng bulu laranganana salami 40 dinten. Sabab ku teu dicukur sareng teu dicabutanana éta dua bulu nu aya di dua tempet téh dijantenkeun tempat nyayang pikeun gugulayunan jisim abdi sabalad-balad”.
Saparantos kitu Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-17 kalina: "Héh Iblis! Saha nu jadi dulur andika?"
Jawab Iblis: "Dulur jisim abdimah nyaéta jalma nu kulemna ngakuban, teras umat salira nu kulem tibra dina waktu shubuh dugi ka bijilna fajar. Ogé umat salira nu nalika tepung sareng waktos lohor, asar, maghrib sareng isya, maranéhna haroream kangge netepan sholat "
Teras Kanjeng Nabi saw. ngadawuh deui nu ka-18 kalina: "Lampah naon nu matak ngabinasakeun diri andika?"
Jawab Iblis: "Nu matak ngabinasakeun jisim abdimah, nyaéta lampahna umat salira nu seueur nyebat-nyebat asmana Alloh, sodakoh nu teu katerang ku nu sanés, nyeueurkeun tobat, nyeueurkeun tadarus Al-Quran sareng solat tengah wengi"
Kanjeng Nabi saw. Naros deui nu ka-19 kalina: "Héh Iblis! Naon nu nyababkeun ancurna panenjo mata andika?"
Jawab Iblis: "Nyaéta nalika aya jalma nu calik di lebet masjid bari diniatan I’tikaf di lebetna”
Saterasna Kanjeng Nabi saw. Mungkas kan obrolan anjeunna sareng Iblis la’natullohi ta’ala ku pasualan nu ka-20 kalina: "Naon deui nu nyababkeun ancurna panenjo mata andika? "
Jawab Iblis: "Nu matak paningal soca abdi janten ancur téh, diantarana nyaéta jalmi nu taat ka ibu ramana, ngupingkeun kana cariosan ibu ramana, ngajamin tuang-leueut ogé bahan sandang sareng pangan ogé papan ka ibu ramana salami ibu ramana masih jumeneng, kapan salira ku anjeun parantos ngadawuh: 'Sawarga téh aya dina dampal sampean ibu "
Al-Hamdulillah, rengse pedaran obrolan antawis Rosululloh saw. Sareng Iblis laknatullohi ta’ala ’alaih, mugia janten bebenteng diri tina sadaya reka perdaya Iblis. Amin ya Alloh robbal ’alamin.
Walloohu A’lam Bishowaab.
Nu Dipilih Alloh swt. Jadi Ahli Sawarga
يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمْ إِنَّ زَلْزَلَةَ السَّاعَةِ شَيْءٌ عَظِيمٌ. يَوْمَ تَرَوْنَهَا تَذْهَلُ كُلُّ مُرْضِعَةٍ عَمَّا أَرْضَعَتْ وَتَضَعُ كُلُّ ذَاتِ حَمْلٍ حَمْلَهَا وَتَرَى النَّاسَ سُكَارَى وَمَا هُم بِسُكَارَى وَلَكِنَّ عَذَابَ اللَّهِ شَدِيدٌ (ألحج:1-2)
“Yeuh Manusa ! Geura tarakwa maranéh ka pangéran maranéh, karana saéstuna lini kiamat téh kajadian anu kacida rongkahna. Dina poéan maranéh ningali éta kajadian téh, awéwé nu keur nyusuan lat poho ka budakna nu keur disusuan, jeung awéwé nu keur kakandungan jadi galugur kandunganana, jeung maranéh bakal ningali jalma-jalma marabok padahal maranéhna henteu mabok, lantaran siksaan Alloh téh kacida bangetna.” (Q.S.Al-Hajj: 1-2)
Jaga dina poé kiamat, Alloh swt. nyauran Nabi Adam as. Pikeun maparin informasi hiji perkara. Tuluy baé Kanjeng Nabi Adam as. Téh Gura-giru nohonan kana panyaur Alloh swt. sareng siap-siap pikeun ngalaksanakeun naon baé paréntah nu badé didugikeun ku Alloh ka anjeunna. Saparantos kanjeng Nabi Adam as. Aya dipayuneun Alloh swt. Tuluy Alloh Ngadawuh: ”Héh Adam ! Kumpulkeun kabéh anak turunan anjeun, tuluy pilihan ku anjeun maranéhna tina jumlah nu 1000 urang pilih ku manéh 999 urang pikeun jadi ahli naraka jeung sésakeun hiji pikeun jadi ahli sawarga” . saparantos nampi paréntah Alloh swt. Tuluy Kanjeng Nabi adam as. téh ngalaksanakeun bari imeut pinuh ku kata’atan.
Pedaran carita di luhur téh kacutat dina matan (eusi) hadits Qudsy nu diriwayatkeun ku Imam Ath-Thobrony, nu lengkepna Hadtis téh nyaéta:
يَقُوْل الله ُ تَعَالَى يَوْمَ الْقِيَامَةِ: يَاأَدَمُ قُمْ فَجَهِّزْ مِنْ ذُرِّيَّتِكَ تِسْعَمِائَةٍ وَتِسْعَةً وَتِسْعِيْنَ إِلَى النَّارِ وَوَحِدًا إِلَى الْجَنَّةِ. فَبَكَى وَبَكَى أَصْحَابُهُ فَقَالَ: إِرْفَعُْوا رُؤُوْسَكُمْ فَوَالَّذِى نَفْسِيْ بِيَدِهِ مَاأُمَّتِيْ فِى اْلأُمَمِ إِلَّا كَالشَّعْرَةِ الْبَيْضَاءِ فِى جِلْدِ الثَّوْرِ الْأَسْوَدِ (رَوَاهُ ألَطَّبْرَانِيْ)
”Alloh swt. Ngadawuh dina poé kiamat: ”Héh Adam ! kumpulkeun jeung siapkeun ti anak turunan anjeun 999 urang (pikeun ditempatkeun) dina naraka, jeung pilih saurang (ti antara maranéhna) pikeun ditempatkeun dina sawarga” (Nalika Rosulullaoh saw. Nampi ieu wahyu (hadits Qudsy) tuluy diidugikeun ka para shohabat, anjeunna nyegruk nangis, kitu ogé para shohabat sami pada narangis, teu lami anjeunna Ngadawuh: ’Angkat sirah anjeun wahai para shohabat kami ! demi Alloh nu jiwa kami aya dina kakawasaan Manten-Na, (dibandingkeun) jeung ummat-umat Nabi nu lian, ummat kami éstu lir ibarat salambar bulu bodas (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna hideung’ ”. (Hadits Qudsy Riwayat Imam Ath-Thobrony dina kitab Al-Kabir nu nyumber datangna ieu Hadits téh ti Abud-Darda r.a).
Kacindekanana tina eusining Hadits Qudsy di luhur, yén nu bakal jadi ahli sawarga téh geuningan kacida saeutikna. Mun di proséntase-keun-mah meureun 99 % bakal jadi ahli naraka 1 % deui sésana bakal jadi ahli sawarga (mudah-mudahan urang kalebet kanu 1 %. Amin).
Mémang mun seug urang pirajeuneun niténan kaayaan zaman kiwari, éstu matak pikahariwangeun, sabab ampir deukeut kana kaayaan, yén umat islam (kaasup urang) ayeuna geus kaeunteupan rasa wegah, rasa horéam malah leuwih parahnamah ninggalkeun léngkah kaislaman. Tegesna, ampir saparona umat islam téh geus teu sieun deui ku aranna ancaman-anacaman ti Alloh nu ngalangkungan bahasa agama nu kacutat dina Al-Qur’an dimana maranéhna ngarempak larangan Alloh jeung ninggalkeun paréntah Manten-Na. Nu parahna deui ayeuna geus nerekab ajaran-ajaran nu jiga Islam padahal lain, hartina syahadatnamah sami sapertos urang tapi dina tata cara laku ibadahna geus méngpar tina katangtuan-katangtuan agama islam nu dicandak ku Rosululloh Muhammad saw. Nu antukna jalma kafir mingkin pagiling gisik, nu kufur mingkin mahabu, nu doraka mingkin pabalatak, nu ma’shiyat mingkin kuat, nu ngalakukeun dosa asa kumawasa. Daék teu daék kitu kaayaan zaman kiwari. Urang salaku umat islam kudu boga rasa kahariwang, kudu aya rasa kawatir jeung karingrang.
Coba mun seug urang nyoréang kana mangsa katukang dina salami 23 taun Kanjeng Nabi Muhammad saw. toh pati jiwa raga, dugi ka mandi késang geutih, ngorbankeun harta, daya jeung upaya pikeun nyumiratkeun cahaya kaimanan jeung kaislaman. Sahingga, cahaya islam sumirat ka saban nagri nu aya di sakuliah dunya, ti mimiti tempat bijilna panon poé, dugi ka tempat surupna panon poé, tug dugi ka wanci kiwari. Hal ieu nuduhkeun bukti kana kasuksésan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Dina dakwahna.
Tapi ayeuna urang kantun raosna, apalna urang ka Islam téh teu kedah mayunan gurilapna seukeutna pedang, nyekelna urang kana iman katauhidan téh teu kedah mayunan seukeutna congo mata tombak jeung panah. Kantun kaikhlasan, karélaan reujeung kasadaran urang dina ngagemna. Tapi najan bari kitu, loba diantarana baraya urang, ogé teu nutup kamungkinan kaasup urang, terkadang tanpa sadar sangeunahna ngarusak, sangeunahna ngarurujad tatanan-tatanan kahirupan nu tos diwangun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw., laku lampah jahiliyah nu baheula ku Kanjeng Nabi saw. di rubah nepi ka musnah, ayeuna malah dipilampah, pangaruh kahirupan bébas nu matéarilistis nu sagala ngandelkeun kana matéri, lahir ginding tapi bathin busitin, kosong molongpong taya pisan rasa kaisin ka Nu Maha Suci, prinsip hirup hédonisme geus nerekab, asal ngeunah diri pribadi teu paduli ka sasama, maké pakéan nu témbong aorat malah aya diantarana nu ngahaja muka-muka aorat diantara kaum rumaja Islam putri nu geus kapangaruhan budaya-budaya barat nu matak pikawatireun geus jadi gaya kahirupan sapopoé ti mimiti urang kota nepi ka urang lembur geus ngabudaya,
Pangaruh alkohol nu saur kanjeng Nabi-mah "Ummul Khoba'its" bibitna rurujit, bapana kagoréngan, indungna kakufuran, diantarana obat-obat nu dilarang ku agama jeung darigama nu matak mawa mafsadat, kayaning narkotika jeung obat-obat adiktif liana geus jadi trend dikalangan kaum rumaja islam, malah aya diantarana kolot nu geus bau taneuh ogé milu ngokojoan dina ngonsumsina. Hal ieu téh nuduhkeun bukti, yén umat islam ayeuna geus jauh kana kaislamanana, ngaku Islam, ngaku iman, tapi kaislaman reujeung kaimanan teu napak dina kahirupan, malah jauh tina kaimanan reujeung kaislaman.
Dumasar kana hal éta pisan, urang kudu kacida iatna kudu ati-ati, sabab hal ieu téh ku musuh-musuh islam-mah dianggap hiji kaunggulan, ku jalan maranéhna ngawowoy umat Islam khususna nu aya di Indonesia umumna nu aya di sakuliah dunya, supaya poho kana purwadaksi, jadi ilang jati diri kaislamannana, jeung hiji nu jadi tujuan utamana maranéhna (para musuh islam) nyatana "Ancurna Islam" ku jalan nginjeum leungeun umat Islam sorangan. Cindekna palebah dieu urang kudu introspéksi diri, muhasabah diri, béh mana urang ngaku islam, béh mana ngaku umatna kanjeng Nabi Muhammad saw. ari laku lampah patoja’iyyah tegesna méngpar tina laku lampah nu geus dicontokeun ku Kanjeng Nabi Muhammad saw., tur masih kénéh lalawora kana paréntah sareng ajaran nu dicandak ku Manten-Na.
Urang kudu sadar yén musuh - musuh islam tanpa di sadari ku urang geus nanceubkeun siasatna, supaya umat islam téh ngéwa kana ajaran agamana sorangan nyatana Islam.
Kukituna, mangga dina danget ayeuna pisan hayu urang bebenah, hayu urang oméan diri urang ku jalan urang ngabébérés ibadah urang, urang sampurnakeun kaimanan urang, urang tingkatkeun katakwaan urang, urang jaga, urang riksa agama urang nyatana islam supaya islam tetep linuhung tur agung, sok sanaos islamnamah ti kawit disébarkeun ku Kanjeng Nabi saw. Tug dugi ka kiwari tetep agung tur linuhung, ngan kantun urangna salaku umatna nu boga tugas pikeun mempertahankeun kalinuhungan tur kaagungan éta. Dimana urang tos ngalakukeun hal-hal anu méngpar dina katangtuan, geuwat urang sadar, langsung tobat, "ngagurat jagat, neukteuk leukeur, meulah jantung" moal migawé-migawé deui hal samodél kitu. Atuh dimana urang rék ngalakukeun dosa, geuwat inget kana prinsip ulah ningali leutik jeung gedéna dosa, tapi tingali ka saha urang ngalakukeun dosa. Sabab, bebendon Alloh nyumput dina dosa nu dilakukeun ku urang sadayana.
Kukituna, urang kedah ati-ati dina raraga urang sadayana ngisi kahirupan di alam dunya ieu. Tur urang kudu inget kana dawuhan Rosululloh saw nu kaunggel dina Hadits Qudsy di luhur, yén geuningan nu bakal jadi ahli sawarga téh ukur saeutik. Sahingga kanjeng Nabi saw. Nalika ngadugikeun ieu Hadits ka para shohabatna anjeunna nyegruk nangis pinuh ku rasa kahariwang, anjeunna sieun umatna kalebet ka golongan nu 99 % jadi ahli naraka. Tapi didieu Rosululloh sw. Maparin iber nu matak bagja, yén umatna bakal loba nu meunang taufik sareng hidayah Alloh swt. Mémang mun ditingali tina jumlah, saeutik umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh, dibanding sareng umatna Nabi-nabi baheula, sahingga Kanjeng Nabi saw. Ngagambarkeun yén umatna téh lir ibarat salambar bulu bodas (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna hideung. Tapi najan bari kitu, urang kedah ngaraos reugreug, sabab dina Al-Qur’an parantos dijelaskeun, yén umatna Kanjeng Nabi Muhammad saw. téh kaasup kana golongan sahadé-hadéna Umat, nu mibanda tugas pikeun maréntahkeun kahadéan jeung nyegah kamunkaran. Kukituna, sawadina urang kudu bisa ngajaga sakuat tanaga kana kadudukan nu istiméwa ieu. Tur ngajaga kahormatan agama urang nyatana agama Islam.
Hadits Qudsy di luhur salian di riwayatkeun ku Imam Ath-Thobrony diriwayatkeun ogé ku Imam Bukhori dina Kitab ”Shohih-na” nu leuwih panjang lebar nu nyumber ti Shohabat Abu Sa’id Al-Khudry r.a. nu hartosna éta Hadits téh nyaéta:
“Rosululloh saw. Ngadawuh: Alloh swt. Ngadawuh dina poé kiayamat: “Héh Adam!“. Kanjeng Nabi Adam as. ngawaler: ”Abdi sadaya unjukan kana pidawuh gusti, duh pangéran abdi-abdi sadaya sareng demi kabagjaan nu parantos dipaparinkeun ku anjeun Gusti, ka abdi-abdi sadaya”. Tuluy Kanjeng Nabi Adam as. di sauran deui ku hiji sora: ”Saéstuna Alloh maréntahkeun ka Anjeun héh Adam ! pikeun misahkeun sarombongan anak incu turunan anjeun pikeun dikirim kana naraka”. Kanjeng Nabi Adam as. Naros: “Naon nu dimaksad sarombongan pikeun dikirim kana naraka téh ?”. Alloh ngajelaskeun ku dawuhanana: ”Pilih ku anjeun tina tiap-tiap 1000 urang, 999 urang’. Tah dina nalika dilaksanakeun paréntah éta, lumangsung mangpirang-pirang kajadian diantarana kajadian awéwé nu keur kakandungan jadi galugur kandunganana, barudak leutik ngadadak huisan (rubah jadi kolot) katingali jalma-jalma marabok padahal maranéhna henteu mabok, ieu téh gambaran siksaan Alloh nu kacida bangetna. Jalma-jalma (para shohabat) nu harita nguping kana ieu kabar kabéh ogé ngarasa sieun, tur parias beungeutna pinuh ku rasa kasieun nu kacida.
Tuluy Kanjeng Nabi saw. Neraskeun deui dawuhanan:“Dibawa tina Ya’juj jeung Ma’juj 999, jeung tina golongan anjeun saurang. Lamun aranjeun dibandingkeun jeung jalma-jalma nu loba éta (umat-umat nabi baheula), ibarat salembar bulu hiedung (nu aya) dina kulit sapi jalu nu buluna bodas. Saéstuna kami (K.N.Muhammad saw.) miharep supaya aranjeun nempatan ¼ jadi ahli sawarga”. Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir). Teras Kanjeng Nabi saw. Nyambungkeun deui dawuhannana: “Kula miharep Sapertiluna jadi ahli syurga”. Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir).Teras Kanjeng Nabi saw. Nyambungkeun deui dawuhannana: “Kula miharep Satengahna jadi ahli sawarga”. Tuluy kami (para shohabat) ngagungkeun Alloh (maca takbir) deui. (Hadits Qudsy Riwayat Al-Bukhari).
Mudah-mudahan urang sadayana kaasup kana golongan saparo tina dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nu bakal jadi ahli sawarga. Amin ya Alloh ya Robbal ‘Alamiin.
Wallohu A’lam Bish-Showab.
Mikawanoh Ibu Taimiyyah ra.
Ibnu Taymiyah, nami lengkepna nyaéta Taqiyyudin Ahmad bin Abdilhalim bin Taymiyyah. Anjeunna babar ti kulawarga nu dilimpudan ku kataqwaan ka Alloh swt. Ramana Syihabuddin bin Taymiyyah. Saurang Syéikh (Guru), hakim, khatib, 'alim nu pinuh ku rasa wara' (ati-ati dina tindak-tanduk,léngkah, ucap sareng manah). Éyangna Majduddin Abul Birkan Abdussalam bin Abdullah bin Taymiyyah Al-Harrani. Syéikhul Islam, Ulama fiqih, ahli hadits, tafsir, Ilmu Ushul sareng hafidz Al-Qur’an.
Ibnu Taymiyah babar di Harran, 10 Rabiul Awwal 661 H dina zaman nalika Baghdad ngarupakeun pusat kakawasaan jeung budaya Islam. Nalika yuswa genep taun, Ibnu Taymiyyah alit dicandak ku Ramana ka Damaskus. Di Damaskus anjeunna diajar ka guru-guru nu aya, anjeunna nyuprih mangpirang-pirang élmu pangaweruh kayaning: Al-Jabar (ayeunamah Matematika), khat, Nahwu, Ushul fiqih jeung sajabana ti éta. Dina yuswa nu anom kénéh anjeunna parantos ngalap élmu-élmu utama ti jalmi-jalmi nu utami. Ogé nu jadi kautamaan pikeun anjeunna dipaparin ku Alloh Ta'ala nyaéta ku mibanda kamampuhan gampil afal, sahingga dina yuswa anom kénéh anjeunna parantos afal Al-Qur'an. Kajaba éta, anjeunna ngimbangan kahanaanganana dina nyuprih élmu pangaweruh ku ngaberesihkeun haté, ku cara mikaresep ngahadiran kana majelis-majelis mudzakarah (dzikir).Dina yuswa tujuh belas taun karinékaan kana dunya élmu pangaweruh ngawitan katara. Sahingga dina yuswa 19 taun, anjeunna parantos tiasa maparin fatwa. Élmu nu jadi andelan Ibnu Taymiyyah nyaéta rijalul Hadits (ngeunaan rawi hadits) sareng Fununul Hadits (ngeunaan cabang-cabang hadits) boh anu lemah, cacat atawa nu shahih. Anjeunna nguasaan hadits nu aya dina Kutubus Sittah sareng Al-Musnad. Dina ngauningakeun atawa ngajeulaskeun ayat-ayat minangka hujjah kacida luar biasana, sahingga mampuh ngauningakeun kasalahan sareng kalemahan para mufassir. Tiap wengi anjeunna nganggit tafsir, fiqh, ilmu 'ushul bari maparin koméntar ka para filosof . dina sadinten sawengi anjeunna mampuh nganggit opat kurrosah (buku alit) nu eusina sadaya pamendak anjeunna dina widang syari'ah. Ibnul Wardi ngajelaskeun dina kitabna ”Tarikhul Ibnul Warid” yén anggitan ibnu Taymiyah téh seueurna lima ratus judul.
Al-Washiti ngauningakeun: "Demi Alloh, syéikh anjeun sakabéh (Ibnu Taymiyyah) mibanda kaagungan khuluqiyah, tangtangan pikeun jalma-jalma nu nyacampah hak Alloh jeung khormatan-Na." Dina sajarah kahirupan Syéikh Ibn Taymiyah, anjeunna sering turun gunung ka tengah-tengah masyarakat ngadegkeun amar ma'ruf sareng nahi munkar. Anjeunna teu nyandak sikap ’uzlah (ngasingkeun diri) ku ningali mahabuna kama'shiyatan sareng kamungkaran. Pantes saupami anjeunna nyandang gelar saurang Mujahid nu gagah sakumaha nu kacutat cariosanana: "Jihad kami dina hal ieu nyaéta saperti jihad Qazan, jabaliah, Jahmiyah, Ittihadiyah jeung séjén-séjénna. Perang dijalan Alloh mangrupakeun nikmat nu kacida agungna nu dikaruniakeun Alloh Ta'ala ka urang saréréa ogé sakabéh manusa. Ngan, kalolobaan manusa teu arapal kana kurnia Alloh nu agung éta.”
PAMADEGAN & JALAN PIKIRAN IBN TAYMIYAH
Pamadegan Ibnu Taymiyyah lain wungkul dina widang Syar'iyah, tapi ngeunaan wilayah politik reujeung pamarantéhan. Pamadegan anjeunna dina widang politik bisa dibaca tina kitabna kayaning: Minhaj as-Sunnah an-Nabawiyah fi naqdh Kalam as-Syi'ah wal Qadariyah (Jalan Sunnah Nabi tina panolakanana kana kayakinan Syi'ah jeung Qadariyah), As-Siyasah as-Syar'iyah (Sistem Politik Syari'ah), Kitab al-Ikhriyaratul 'Ilmiyah (Kitab aturan-aturan yuridis nu mandiri) jeung Al-Hisbah fil Islam (panalingaan kana kasusilaan masyarakat dina Islam). Salaku nu nganut aliran salaf, anjeunna wungkul percaya kana syari'at jeung aqidah sarta dalil-dalilna nu dituduhkeun ku nash-nash. Sabab, nash éta ngarupakeun wahyu nu nyoko tur ngamuara ti Alloh Ta'ala. Aliran ieu teu percaya kana ’métode logika rasional’ nu asing pikeun Islam, sabab métode samodél kieu teu aya dina zaman para sahabat ogé tabi'in. Boh dina masalah Ushuludin, fiqih, Akhlaq jeung sajaba ti éta, kabéhanana ogé dibalikkeun deui kana poko sumber hukum Islam nyaéta Al-Qur'an reujeung Al-Hadits nu mutawatir. Lamun hiji masalah teu kapanggih dina Qur’an jeung hadits, maka anjeunna nyarandé kana pamanggih para shahabat, sanajan anjeunna sering maparin dalil-dalilna dumasar kana cariosan para tabi'in reujeung atsar-atsar nu ku para tabi’in diriwayatkeun.
Dina Taun 705 H, kamampuan reujeung kaampuhan Ibnu Taymiyyah diuji. Para Qadhi ngarumpul bereng reujeung sultan di istana. Sanggeus ngaliwatan padungdengan sawala nu kacida rongkahna, akhirna jelas yén Ibnu Taymiyyah nyekel aqidah sunniyah salafiyah. Lain sakali anjeunna digebruskeun kana penjara dina taun 726 H. tug dugi kaping 20 Dzulqaidah taun 728 H. anjeunna pupus dina lebet penjara. Mugia Alloh salamina maparin Rohmat ka anjeunna. Amin Ya Alloh Ya Robbal ’Alamin
Gambaran Dunya (Mungguhing Alloh nu Nyiptakeun)
َأوْحىَ الله ُتَعَالَى إِلَى دَاوُدَ : يَادَاوُدُمَثَلُ الدُّنْيَا كَمَثَلِ جِيْفَةٍ اجْتَمَعَتْ عَلَيْهَا اْلكِلاَبُ يَجُرُّوْنَهَاأَفَتُحِبُّ أَنْ تَكُوْنَ كَلْبًافَتَجُرُّ مَعَهُمْ؟ يَادَاوُدُطَيِّبِ اْلكَلاَمَ وَلَيِّنِ الِّلبَاسَ وَالصِّيْتُ فِى النَّاسِ وَفِى اْلأَخِرَةِ لاَ يَجْتَمِعُ أَبَدًا (رَوَاهُ أَ لْمَدَنِى)
“Alloh swt. Ngawahyukeun Ka Kanjeng Nabi Dawud a.s. kalayan Dawuhana-Na: Héh Dawud ! perumpamaan dunya téh nyaéta ibarat bangké nu diriung ku anjing-anjing nu satuluyna éta bangké téh di séréd kaditu-kadieu. Naha anjeun resep jadi anjing, tuluy pipilueun nyényéréd éta bangké kaditu-kadieu ?. Héh Dawud ! sing hadé (lemah lembut) dina nyarita, sing sederhana dina maké pakéan. Kamasyhuran aran anjeun diantara manusa moal sarua salalawasna (reujeung nu dikumpulkeun) jaga di akhérat ” (Hadits Qudsy Riwayat Al-Madany).
Dawud nu dimaksud dina Hadits Qudsy di luhur nyaéta Nabi sareng utusan Alloh, ramana Nabi Sulaiman as. nu nyambung tuluy ka rundayan seuweu putuna nyaéta Kanjeng Nabi Ibrahim Al-Khalil a.s. anjeunna kalebet jalmi nu kacida getolna kana Ibadah sareng taqarrub (ngadeukeutkeun diri) ka Alloh swt. ku hal éta Nabi Muhammad saw. Ku anjeun kantos nyebat-nyebat nami Nabi Daud as. Kalayan dawuhan-dawuhana-na:
كَانَ أَعْبَدَاْلبَشَرِ (الحديث)
“Anjeunna (Dawud as.) manusa nu kacida getolna kana ibadah”
َأحَبُّ الصِّيَامِ إِلَى اللهِ صِيَامُ دَاوُدَ وَأَحَبُّ الصَّلاَةِ إِلَى اللهِ صَلاَةُ دَاوُدَ كَانَ نِصْفَ اللَّيْلِ وَيَقُوْمُ ثُلُثَهُ وَيَنَامُ سُدُسَهُ وَكَانَ يَصُوْمُ يَوْمًا وَيُفْطِرُ يَوْمًا وَلاَ يَفِرُّ إِذَا لَاقَى (رواه السيخان)
”Puasa nu paling dipikaresep ku Alloh nyaéta puasana Dawud, jeung sholat nu paling dipikaresep Alloh nyaéta sholatna Dawud. Anjeunna kulem sa- tengah-na wengi, tuluy nyaring ngalaksanakeun sholat wengi salami sa-pertilu-na, saparantos kitu Anjeunna kulem deui sa-pergenep-na. Anjeunna puasa sadinten tuluy buka sadinten (kitu dilakonan téh salami sapanjang taun) sareng anjeunna teu pernah mundur lamun tepung reujeung musuh” (H.R. Syaikhoni).
صُمْ صِيَامَ دَاوُدَ فَإِنَّهُ كَانَ أَعْبَدَ النَّاسِ(رواه السيخان)
Prak paruasa anjeun ! saperti puasana Daud, saéstuna Daud kalebet jalmi nu kacida getolna kana ibadah” (H.R. Syaikhoni)
كَانَ يَصُوْمُ نِصْفَ الدَّهْرِ (رواه السيخان)
“Anjeunna (Dawud as.) pernah puasa satengah taun” (H.R. Syaikhoni)
Nabi Dawud as. Nalika yuswa saratus taun masih kénéh jagjag belejag, kuat kana ibadah, ogé jihad fi sabilillah. Sakumaha nu digambarkeun ku Hadits Rosulullah saw. Nu diriwayatkeun ku Imam Ahmad:
مَا اَكَلَ اَحَدٌ طَعَامًا قَطُّ خَيْرًا مِنْ أَنْ يَّأْكُلُ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ وَأَنَّ نَبِيَ الله ِدَاوُدَ كَانَ يَأْكُلُ مِنْ عَمَلِ يَدِهِ (رَوَاهُ أَحْمَُد)
“Taya dahareun nu paling hadé nu didahar ku salah saurang diantara aranjeun kajaba éta dahareun téh tina hasil kasab leungeunna sorangan. Saéstuna Nabiyalloh Dawud as. tuang tina hasil kasab pananganna ku anjeun.”
Salian ti éta Kanjeng Nabi Dawud as. Mibanda suara emas nu halimpu matak dédéngé-eun. Hal ieu téh luyu reujeung katerangan Hadits Nabi saw. Nalika Rosululloh saw. Nguping qiro’at shohabat Abu Musa Al-Asy’ari ra., anjeunna ngaraos reueus, sahingga nalika patepung sareng Abu Musa Al-Asy’ari ra. Anjeunna ngadawuh:
لَقَدْ أُوْتِيْتَ مِزْمَارًا مِنْ مَزَاِميْرِ دَاوُدَ (الحديث)
“Bener-bener anjeun geus dipaparin suara suling tina sulingna kanjeng Nabi Dawud as.”
Aya hiji do’a diantara do’a-do’a-na Kanjeng Nabi Dawud as. :
أَللَّهُمَّ إِنِّيْ أَسْأَلُكَ حُبُّكَ وَحُبَّ مَنْ يُحِبُّكَ وَاْلعَمَلَ الَّذِيْ يُبَلِّغُنِيْ حُبَّكَ اَللَّهُمَّ اجْعَلْ حُبَّكَ أَحَبَّ إِلَيَّ مِنْ نَفْسِيْ وَ أَهْلِيْ وَمِنَ اْلمَاءِ ْالبَارِدِ (ألحديث)
“Ya Alloh saéstuna jisim abdi nyuhunkeun muga tiasa mikacinta Anjeun Gusti, ogé mikacinta jalma nu mikacinta Anjeun Gusti, sareng mugia tiasa midamel amalan nu tiasa ngadugikeun ka jisim abdi pikeun mikacinta Anjeun Gusti. Ya Alloh jantenkeun kacintaan abdi ka Anjeun Gusti ngalangkungan kacintaan abdi ka diri abdi pribadi, ka kulawarga jisim abdi (bojo sareng para putra jisim abdi) ogé kana cai nu tiis (dina nalika kaayaan hanaang di sagara keusik)”.
Dina Al-Qur’an ogé seueur ayat nu nyabit-nyabit sejarah kahirupanna Kanjeng Nabi Dawud as. diantawisna dina surat Shad ayat 26:
يَا دَاوُدَ إِنَّا جَعَلْنَاكَ خَلِيْفَةَ فِى اْلأَرْضِ فَاحْكُمْ بَيْنَ النَّاسِ بِاْلحَقِّ...(ص: ٢٦)
“Yeuh .... Dawud ! saéstuna kami ngajadikeun manéh kholifah di bumi ! nya prak geura méré putusan di antara manusa kalawan bener...”(Q.S. Shod: 26)
Ogé dina ayat 10 Qur’an Surat Saba’:
وَلَقَدْ آتَيْنَا دَاوُودَ مِنَّا فَضْلاً يَا جِبَالُ أَوِّبِي مَعَهُ وَالطَّيْرَ وَأَلَنَّا لَهُ الْحَدِيدَ (سباء: ١٠)
“Jeung saéstuna Kami geus maparin kurnia ka Dawud ti Kami:: ‘Yeuh gunung-gunung jeung manuk-manuk, pindo deui pujian téh bareng jeung manéhna, jeung Kami geus ngaleuleuskeunnn beusi pikeun manéhna (Dawud)”. (Q.S. Saba’:10).
Sareng dina Qur’an Surat Al-Isra’ ayat 55:
....وَآتَيْنَا دَاوُودَ زَبُوراً (ألإسراء: ٥٥)
“Jeung Kami geus maparin ka Dawud (kitab) Zabur” (Q.S. Al-Isra’:55).
Katerangan nu munggaran diluhur, mangrupakeun sajarah kahirupan Kanjeng Nabi Dawud as. nu kacutat dina Al-Qur’an Dawuhan Alloh swt. Ogé dina Hadits Dawuhan Nabi saw.
Salajengna urang ngabahas Hadits Qudsy di luhur nu eusina mangrupakeun wahyu Alloh swt. nu didugikeun ka Kanjeng Nabi Dawud as. ngalangkungan malaikat Jibril as. ngeunaan gambaran dunya nu pinuh ku hawa nafsu syahwat nu kacida hinana, sareng kanikmatan nu kacida nipuna. Kukituna kacida hinana nu nyalahgunakeun dunya atawa nyimpang tina garis nu geus ditangtukeun ku Alloh swt. Sahingga digambarkeun dina éta Hadits Qudsy, yén dunya téh ibarat bangké nu diriung ku anjing-anjing nu satuluyna éta bangké téh di séséréd kaditu-kadieu.
Kanjeng Nabi Dawud as. dipaparin paréntah ku Alloh swt. Supaya teu midamel kalakuan saperti nu digambarkeun dina hadits Qudsy éta, nyaéta lir ibarat anjing nu ngariung bangké bari nyényéréd éta bangké kaditu-kadieu. Nya bangké téh gambaran dunya nu serba nipu. Dunya nu samodél kitu nu salilana ngaganggu, ngagoda, bari ngadorong pikeun kumawasa bari dina pamustunganana teu ngahasilkeun buah sareng hasil nu nyugemakéun. Sabab salalawasna ngadorong pikeun ngalakukeun kama’shiyatan, sareng kaleuleuwihi dina ngumpulkeunana.
Ngeunaan dunya samodél kitu digambarkeun dina Al-Qur’an Surat Yunus ayat 24:
إِنَّمَا مَثَلُ الْحَيَاةِ الدُّنْيَا كَمَاء أَنزَلْنَاهُ مِنَ السَّمَاءِ فَاخْتَلَطَ بِهِ نَبَاتُ الأَرْضِ مِمَّا يَأْكُلُ النَّاسُ وَالأَنْعَامُ حَتَّىَ إِ ذَا أَخَذَتِ الأَرْضُ زُخْرُفَهَا وَازَّيَّنَتْ وَظَنَّ أَهْلُهَا أَنَّهُمْ قَادِرُونَ عَلَيْهَا أَتَاهَا أَمْرُنَا لَيْلاً أَوْ نَهَاراً فَجَعَلْنَاهَا حَصِيداً كَأَن لَّمْ تَغْنَ بِالأَمْسِ كَذَلِكَ نُفَصِّلُ الآيَاتِ لِقَوْمٍ يَتَفَكَّرُونَ (يونس: ٢٤)
“Saéstuna taya lian misil (perumpamaan/gambaran) kahirupan dunya téh lir ibarat cai (hujan) anu ku Kami diturunkeun ti langit, tuluy éta cai téh pacampur jeung tutuwuhan bumi ti antara barang anu sok didahar ku manusa jeung sasatoan, nepi ka upama bumi nembongkeun kaéndahan jeung sinangling ku papaésna, sarta disangka ku nu marelakna maranéhna rék mupu hasilna, ujug-ujug tumiba ka dinya hukuman Kami ti peuting atawa ti beurang, tuluy ku Kami (éta tutuwuhan) téh diludeskeun béak sapisan, nepi ka lir anu can kungsi aya tutuwuhan ti kamarina. Nya kitu Kami ngawincik ayat-ayat pikeun kaom anu malikir” (Q.S. Yunus: 24)
Jadi jelas, ayat nu munggaran maparin gambaran yén dunya katut eusina ukur samentara, subur numatak uruy tapi nalika geus nepi kana bates waktu nu geus ditangtukeun ku Alloh swt. maka dunya ieu bakal sirna ilang, rusak ku sifatna anu fana (kakeunaan ku rusak) hamo langgeng abadi.
Kukituna dina Hadits Qudsy di luhur Alloh maparin pituduh sareng jalan kaluar pikeun salamet dina tipu-dayana dunya, ku cara ngahias diri ku akhlak nu pinuji. Anapon diantawis akhlak pinuji téh nyaéta:
Nu kahiji, Hadé dina nyarita, hartina dina nyarita kudu méré manfaat ka sasama, ogé ku caritaan éta téh bisa ngahudang rasa pikeun silih pikaasih, silih pikanyaah, silih tutupan kana kakurangan masing-masing, henteu kasar garihal, sombong, ujub, jeung riya. Salilana ngucapkeun kalimat nu hadé kaasup ngalobakeun ngucapkeun kalimat toyyibah (tauhid/Laa Ilaaha Illalloh).
Kalimat tauhid téh lir ibarat hiji tangkal nu kacida suburna, akarna nanceb pageuh dina bumi sedengkeun dahanna ngajul nepi ka luhur langit, tur buahna subur satiap datangna usum (Q.S. Yunus ayat 24-25). Salian ti éta kaasup kalimat toyyibah téh nyaéta ngajak ka sasama pikeun ngalakukeun kahadéan, ngajak nyinglar laku lampah kamunkaran. Rosululloh saw. Ku anjeun ngadawuh ku dawuhanna:
إِتَّقُواالنَّارَ وَلَوْ بِشِقِّ تَمْرَةٍ فَمَنْ لَمْ يَجِدْ فَبِكلَِمَةٍ طَيِّبَةٍ (رواه أحمد)
“Jaga diri anjeun tina seuneu naraka, najan ku sakeureut korma. Lamun sakeureut korma éta teu boga, maka prak nyarita nu hadé (ku kalimat Toyibah).”(H.R. Ahmad).
Ogé dina hiji mangsa Kanjeng Nabi saw. Ditaros ku salah saurang shahabat: ”Carioskeun ka abdi ya Rosulullah hiji hal nu mastikeun abdi lebet kana sawarga !” Rosulullah s.a.w.
ngawaler ku Dawuhanana: ”Perkara nu mastikeun bakal ngasupkeun ka sawarga téh, nyaéta: 1) méré dahareun, 2) nyebarkeun salam jeung 3) nyarita nu hadé”. (Al-Hadits). Miturut riwayat nu lian: ”1) méré dahareun, 2) nyebarkeun salam, 3) nyarita nu hadé, jeung 4) ngalakonan sholat peuting nalika jalma-jalma keur talibra saré. Mun nu opat perkara ieu dilakukeun, tanwandé anjeun bakal asup ka sawarga kalayan salamet”.
Nu kadua, sederhana dina maké perhiasan/pakéan, teu perlu pakéan nu mahal hargana, sabab bakal nimbulkeun rasa riya, hayang ditingali éndah ku batur. Jeung sajaba éta
Dina hal ieu Ibnu Umar r.a. pernah ditanya ku hiji jalma: ”Anggéan nu mana nu hadé sareng anggéan naon nu pantes dianggéna ?” Anjeunna ngawaler: ”Nyaéta pakéan nu sakirana teu dihina ku jalma nu budi parangina goréng jeung teu dihina ku jalma nu budi parangina hadé”. Tuluy jalma éta nanya deui:”Janten nu kumaha atuh?” Anjeunna ngawaler deui:”nu sedeng baé, mahal teuing henteu murah teuing ogé henteu”.
Dina riwayat sanés kantos Rosululloh saw. Di taros ku shahabat Tsauban r.a.:”Ya Rosululloh naon nu disebat cekap dina kahirupan di dunya ieu pikeun jisim abdi ?’ Rosulullah saw. Ngawaler: ”Nyaéta Hiji perkara nu bisa matak waregna beuteung anjeun, nu bisa nutupan aurat, mibanda imah tempat geusan ngiuhan tina usum panas jeung tiris, ogé mibanda tutumpakan éta kaasup hadé/cukup dina kahirupan dunya”.
Nu katilu, henteu nyalahgunakeun kahirupan dunya, sahingga teu nyimpang tina garis nu geus ditetepkeun ku Alloh swt. Préstasi, kamasyhuran nu geus dipibanda hamo sarua reujeung pahala nu bakal katarima di akhérat jaga, bisa baé di dunya masyhur, punjul dina préstasi, tapi di akhérat hinana luar biasa. Lain pahala nu aya tapi bahla nu tumiba, Na’udzu billahimin dzalik. Lamun éta kamasyhuran, préstasi, reujeung kaunggulan dina kahirupan téh disalahgunakeun teu luyu reujeung nu maparin éta sakabéh nyatana Alloh swt.
Ku kituna kacida bagjana jalma-jalma nu mibanda kasuksésan, kamasyhuran, ogé pinujul dina préstasi boh di dunya ogé di akhérat. Ku jalan ngalaksankeun tilu anjuran paréntah nu ngalangkungan wahyu nu didugikeun ka Kanjeng Nabi Dawud as di luhur. Mugia urang sadayana kalebet kana golongan jalma-jalma nu suksés di dunya ogé suksés di akhérat. Amin ya Alloh ya Robbal’Alamin. Wallohu A’lam Bish-Showaab.
Prinsip Dasar Ngadidik Anak Supaya Sholeh
اِذَا مَاتَ ابْنُ آدَمَ اِنْقَطَعَ عَمَلُهُ اِلاَّ مِنْ ثَلاَثٍ : صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُوْلَهُ
“Nalika maot salah saurang turunan adam, maka pegat sagalana amal-amalanana. Iwal tilu perkara, nyaéta: Sodakoh jariah, Ilmu nu manfaat jeung anak nu soléh nu salawasna ngado’akeun ka manéhna”.
Anak mangrupakeun anugerah ti Alloh s.w.t. nu kacida luhung hargana pikeun para indung jeung bapa. Kajaba ti éta, anak téh mangrupakeun hiji amanah ti Alloh supaya diatik, dididik, diraksa, dijaga, ogé dibina tur nu paling pentingmah diarahkeun jalan kahirupannana supaya nincak dina jalan anu dipikaridho ku Alloh swt. Sabab, tos pada uninga yén satiap amanah tos pasti bakal diperedih ngeunaan pertanggung jaawabanana dipayuneun Alloh swt. Tah ayeuna timbul pertarosan, tos dugi kamana urang ayeuna salaku kolot dina ngadidik nu jadi anak téh ? Naha urang salaku kolotna geus nohonan kalayan apik hak-hak nu jadi anak atawa sabalikna ngantep kitu baé, rék kitu rék kieu sakarep nu jadi anak ?.
Satiap jalma miturut ajaran Islam, hakékatnamah tos mibanda bibit kaimanan sareng katauhidan, pikeun mangéranan Alloh swt. sahingga miturut istilah Al-Quran-mah disebut fitrah. Tegesna, dina diri satiap manusa aya kacenderungan pikeun ngayakinkeun ngeunaan ayana Alloh swt. Tur wungkul ibadah ka Manten-Na. Hal ieu téh luyu reujeung Dawuhan Alloh swt. Dina surat Ar-Rum ayat 30:
فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفاً فِطْرَتَ اللَّهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللَّهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ (ألروم : 30)
”Nya geura sanghareupkeun diri maranéh kalawan lempeng kana éta agama dadamelan Alloh anu Anjeuna ngayugakeun manusa téh saluyu jeung éta agama. Teu aya anu pahili dina pangyuga Alloh , éta agama téh agama nu lempeng, tapi kalolobaanana manusa téh henteu nyarahoeun”
Hal ieu dikuatkeun ku Dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad saw. Nu diriwayatkeun ku Abu Ya’la, Thabrani jeung Baihaqy, sarta aya lafadz nu diriwayatkan ku Imam Bukhari:
كُلُّ مَوْلُوْدٍ يُوْلَدُ عَلَى الْفِطْرَةِ فَأَبَوَاهُ عَلَى يُهَوِّدَانِهِ أَوْيُنَصِّرَانِهِ أَوْيُمَجِّسَانِهِ فَإِنْ كَانَ مُسْلِمِيْنَ فَمُسْلِمٌ (عَنْ أَبُوْ يَعْلَى,رَوَاهُ طَبْرَانِى وَبَيْهَقِىْ وَاْلبُخَارِىْ)
“Satiap anak nu dilahirkeun téh dina kaayaan suci (kasucian agama nu luyu reujueng kafitrahanana), maka indung bapana nu ngajadikeun manéhna jadi Yahudi, atawa Nasrani atawa Majusi. Maka lamun ngajadikeun manéhna jalma muslim, maka manéhna jadi muslim”
Dua dalil Nakli nu munggaran bisa dicokot pamadegan, yén sacara kodrati manusa mibanda fitrah (kasucian) pikeun iman ka Alloh , tapi ku sabab faktor lingkungan ngajadikeun ayana panyimpangan ka arah nu lain. Cindekna, Islam ngaku aya dua hal pokok, yakni nu kahiji, yén sacara kondisi manusia tos dipaparin bekel ‘naluri’ pikeun ngagem agama tauhid (Agama Islam). Nu kadua, yén lingkungan téh mibanda pangaruh gedé kana naluri kafitrahan manusa.
Ampir sakabéh ahli jiwa sapamadegan, yén saéstuna naon nu geus jadi kahayang jeung kabutuhan manusa téh lain wungkul butuh kana sandang, pangan, jeung papan wungkul atawa kanikmatan–kanikmatan lainna. Dumasar hasil risét jeung observasi maranéhna nyokot kacindekan, yén dina diri manusa aya hiji kahayang jeung pangabutuh nu sifatna universal, tur kabutuhan ieu téh ngaleuwihan kana kabutuhan-kabutuhan umumna nu sifatna kodrati, nyatana kahayang jeung pangabutuh pikeun mikacinta jeung dipikacinta ku Pangéran, hal ieu nu disebut fitrah agama.
Dina masalah ngadidik anak supaya jadi anak nu soléh, agama Islam tos maparin bongbolongan atanapi jalan kaluar ka urang sadayana ku bentuk prinsip-prinsip dasar dina ngatik, ngadidik, ngarahkeun ogé ngabina pikeun manusia dina raraga ngawujudkeun hiji wangunan kulawarga nu sakinah pinuh ku rohmat sareng ridho Alloh swt. Nu salah sahijina, nyaéta ku mibanda anak nu soléh. Sabab, anak soléh téh minangka salah sahiji harepan malah mandar jadi hiji amal titinggal nu terus ngocor moal pegat di alam dunya, tug dugi ka urang sadayana dipundut ku nurahayu dipapag ajal ku nu maha kawasa, nya maot téa ngaranna.
Urang sadayana salaku indung jeung bapa, atawa nu bakal jadi indung jeung bapa tos pasti miharep dipaparin anak nu hadé akhlakna jeung soléh, tur bisa maparin bantuan nalika keur aya di alam dunya, ogé jaga di alam akhérat. Sakumaha dawuhan Rosulullah saw. :
اِذَا مَاتَ ابْنُ آدَمَ اِنْقَطَعَ عَمَلُهُ اِلاَّ مِنْ ثَلاَثٍ : صَدَقَةٍ جَارِيَةٍ، أَوْ عِلْمٍ يُنْتَفَعُ بِهِ، أَوْ وَلَدٍ صَالِحٍ يَدْعُوْلَهُ
“Nalika maot saurang turunan adam, maka pegat sagalana amal-amalanana. Iwal tilu perkara, nyaéta: Sodakoh jariah, Ilmu nu manfaat jeung anak nu soléh nu salawasna ngado’akeun ka manéhna”.
Ku sabab kitu, mun seug urang aya hasrat bari miharep pikeun mibanda anak nu sholéh, maka sawadina urang maparin didikan jeung atikan nu sampurna ka maranéhna nu luyu reujeung kahoyong Nu Maha Kawasa Alloh swt.. sabab, prosés ngadidik anak supaya bener-bener jadi anak nu soléh geus jadi hiji tugas jeung tanggungjawab gedé pikeun satiap indung bapa. Utamana dina zaman kiwari nu geus kaasup dina zaman kamajuan, nu sarwa canggih, nu saeutik gedéna geus méré pangaruh kana modél kahirupan masyarakat kaasup kana kahirupan barudak. Ku kituna aya sababaraha hal nu kacida pentingna nu kudu jadi perhatian urang sadaya salaku indung jeung bapa ogé nu bakal jadi indung jeung bapa, pikeun ngawangun hiji tangtungan anak turunan urang sadayana jaradi insan nu soléh nu bisa méré manfaat pikeun agama, bangsa katut nagara.
Diantara hal-hal nu kacida pentingna dina raraga urang méré perhatian pikeun ngawangun anak turunan urang sadayana jadi anak nu soléh téh, nyaéta:
Nu kahiji: Salawasna tong petot-petot urang ngadu’a ka Alloh s.w.t. malah mandar dipaparin anak turunan anu sholeh. Harepan mibanda anak turunan nu soléh sawadina kalayan cara urang ngado’a ka Alloh s.w.t. sabab, hal ieu téh ngarupakeun hiji amalan nu dilaksanakeun ku para nabi jeung rasul, sakumaha dawuhan Alloh swt. dina surah Ali - Imran ayat 38:
… قَالَ رَبِّ هَبْ لِي مِن لَّدُنْكَ ذُرِّيَّةً طَيِّبَةً إِنَّكَ سَمِيعُ الدُّعَاء (أل عمران: 38)
“Ya Alloh Pangéran abdi sadaya ! mugi Gusti maparin turunan anu saé ka abdi langsung ti gusti. Sayaktosna Gusti Maha Ngadangu kana sagala do’a”
Ayat munggaran ngajelaskeun, ka urang sadayana yén para nabi jeung rasul kacida ngutamakéunana ngado’a ka Alloh swt. Supaya dipaparinan anak turunan nu hadé tur soléh. Hal ieu téh méré pelajaran ka urang sadayana supaya ulah petot-petot ngadu’a ka Alloh swt. malah mandar dipaparinan anak turunan nu soléh.
Nu kadua: Nancebkeun Akidah Islamiyah nu mangrupakeun prinsip dasar nu perlu dibere perhatian jeung kautamaan, sabab akidah islamiyah nu kuat, bakal ngajamin kabagjaan hirup manusa di dunya ogé di akhérat. Salian éta, barudak nu mibanda akidah islamiyah nu kuat moal gampang ngalakukeun hal-hal nu nyimpang tina ugeran agama ogé darigama. Béh dituna bakal ngalahirkeun insan nu salawasna mampu ngajaga kaimanan maranéhna sarta bakal ngajauhan perkara-perkara syirik nu bisa nyasarkeun ka maranéhna.
Nu katilu: Nancebkeun tuntutan syari’ah khususna tina masalah Ibadah nu sampurna. Hal ieu téh ngalambangkeun sifat kataatan ka Alloh . Salian éta, minangka tanda nyampurnakeun hubungan sareng Alloh s.w.t
Nu kaopat: Nerapkeun Akhlakul karimah, nu ngarupakeun lambang kaéndahan kapribadian saurang muslim sajati. Kalayan mibanda akhlakul karimah nyababkeun salah saurang dipikahormat ku masyarakat. Ku sabab kitu, Nabi Muhammmad s.a.w. diutus pikeun nyampurnakeun akhlak manusa.
Nu kalima : Méré rizki tina sumber nu halal, Satiap rizki nu halal lain wungkul mawa kaberkahan tapi bisa ngalahirkeun turunan nu pinter jeung séhat. Nu hal ieu téh ngadorong ka arah kahadéan di dunya tur meunang rahmat Alloh di akhérat.
Lima perkara ieu mangrupakeun prinsip dasar dina ngadidik pala putra urang supaya jadi anak nu soléh. Mudah-mudahan urang sadayana dipaparin ku Alloh swt. Anak turunan nu soléh. Amin ya Alloh ya robbal ‘Alamin.
Wallohu A’lam Bish-Showab
Langganan:
Postingan (Atom)